• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook
#
Boga jangji ti anggalna yen poe eta rek datang nepungan manehna, anu rek di...
#
Ngumbara ka jauhna saperti ka nagri deungeun, teu poho ka tempat...
#
Para tokoh Jawa Barat dina acara silaturahim Mangle, ngumpul di Bandung....
#
TINA ngaran ogé apan geus sidik aya kecap “Bandung”, dina...
#
Ngajak balaréa, ningkatkeun ajén bangsa. Carana, rupa-rupa,...
SNManglé Édisi 2536

Pogot ku Album Anyar

Sanggeus albumna ‘Enjing Deui’ génjlong di masarakat tur pada mikalandep mikameumeut, kiwari juru kawih Rita Tila ngagarap deui album kawih panganyarna dina wanda pop. Lagu-laguna masih kénéh ngandelkeun lagu-lagu ti Daséntra (daya seni tradisi Sunda) sanggian Ubun Kubarsah jeung Gun Gunawi. “Wow, pokona lagu-lagu dina album nu ieu mah dahsyat... • Terasanana
SNManglé Édisi 2535

Panineungan Puasa
di Mancanagara

Taun 1985/1986 harita keur boga pancén jadi dosén tamu di University Brunei Darussalam (UBD) salila sataun. Dina jero mancén tugas téh nambahan pangalaman ngalaksanakeun ibadah puasa di mancanagara di lembur batur jauh jeung kulawarga. Tapi sanajan jauh jeung kulawarga suasana sarua waé jeung di lembur sorangan sabab loba warga Indonésia anu ngumbara di... • Terasanana
SNManglé Édisi 2528

Aweuhan Tatar Pantura
Nguatan Tatapakan Sunda

Gupernur jeung para pajabat séjénna téh bras-brus ka walungan.  Diturutan ku wargana. Kitu nu kasaksén sawatara waktu ka tukang di Pagadén, Subang Jawa Barat. Ngan, naon maksudna?  Teu  jéjérégéd, Gupernur Jawa Barat jeung para pajabat daérah séjénna, bras-brus ka walungan. Bebelesekan,... • Terasanana
SNManglé Édisi 2525

Sunda di Kuwait
Jadi Jawara Maén Bal

Loba urang Sunda nu ngalumbara di mancanagara, teu weléh natratkeun kanyaah ka sasama. Kituna téh, lian ti ngadeukeutkeun tatali kawargian ogé  ngamumulé budaya Sunda. Hartina, sanajan anggang tempatna, kadeudeuh ka lembur banjar pamidangan lembur tatar Sunda mah, teu weléh deukeut. Nu kawas kitu téh,  saperti wargi-wargi Sunda di... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

Catetan Marengan
Para Istri Presiden

Diungkabkeun ku .Hj. Romlah Rustandi Martakusuma katompernakeun Januari 2015  di bumina   jalan   Sariningsih Sarijadi Bandung. Saur Bu Romlah ngawalan  carios; ”  Poé Senen tanggal 7 April  1955, peresis 50 taun nu geus kaliwat, Presiden Sukarno, presiden RI anu munggaran  disarengan ku Mentri Luar Negri Sunaryo   sumping ka... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

Soekarno & KAA

Sanggeus 60 taun, rada dienyakeun sigana mah miéling Konférénsi Asia Afrika taun ieu téh. Lumangsungna di Jakarta jeung di Bandung. Di Jakarta konférénsina di Bandung mah mulangkeun panineunganana. Nu matak Bandung gé dibebenah, babakuna mah di sabudeureun Gedung Merdéka. Nya di dinya, 60 taun ka tukang, para pamingpin ti nagara-nagara... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

Panggupay Jabar
ka Wisatawan Mancanagara

Galibna tempat nu kajojo, bakal loba mangpaatna. Apan, nu jadi pangjugjugan mah, hartina loba pupurieunana. Kitu deui Kota Bandung, tempat lumangsungna ka-60 Konferensi Asia-Afrika (KAA), tangtu loba nu migandrung. Jadi pangirutan, ieu kota Tatar Sunda téh.  Lobana nu daratang, loba piuntungeun, asal bisa ngamangpaatkeunana. Da, nu daratang téh loba kabutuhna. Panganna,... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

Batu Pancawarna Edong
Keur Konperensi Asia Afrika

Walikota Bandung Ridwan Kamil nyadiakeun batu akik keur 109 tamu Konferensi Asia-Afrika ke-60 di Bandung. Batu akik jenis Baturaja warna biru nu alesanana sangkan luyu jeung warna has kasebelasan Persib Bandung. Batu akik jenis chalcedony ieu teh asalna ti kota Baturaja, Kabupaten Ogan Komering Ulu (OKU), Sumatera Selatan. Desain watang batu akik ieu dijieun mangrupa tumpukan segi tilu di... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

KAA Nguatan Rasa Gedé Haté

Cacak kakara sapuluh taun merdéka, lemah cai téh ngoréjat némbongkeun ketak. Leudeung makalangan. Wani ngeprak balad, ngajakan nagri deungeun tandang babarengan bajuang ngahontal hirup jeung huripna. Jangelek wéh, Konferensi Asia-Afrika (KAA) taun 1955. Ketak ieu bangsa nu ditembongkeun di Bandung kawas kitu, nambahan komara. Teu anéh, mun ahirna, mah... • Terasanana
Manglé Édisi 2524

Jelema nu Musrik
Sétan nu Surak

Kiwari di urang keur ubyag nu daragang batu ali dina rupa-rupa wanda jeung kelir. Di Bandung upamana, méh di unggal tempat nu dianggap merenah keur ngampar aya nu dagang. Nya kitu nu adu rega gé teu kurang-kurang. Ditilik tina jihat kasab, tangtu baé matak ngagumbirakeun sabab rahayat nu ngaligeuh jadi boga pacabakan. Ngandung harti kahirupan ékonomi nu salila ieu... • Terasanana
SNManglé Édisi 2524

Napsirkeun KAA
Napakkeun Kakuatan Bangsa

Waktu harita, genep puluh taun ka tukang, Konferensi Asia Afrika (KAA) matak geunjleung. Kagét!  Indonésia nu ngokojoanana, ludeung jadi kakuatan nu mangaruhan nagara-nagara di Asia Afrika. Kumaha ketak Indonesia ayeuna? *** Upama nyukcruk galur niténan lalampahan ieu bangsa, genep puluh taun ka tukang (1955), jinek. Harita, bangsa urang kakara merdéka sapuluh... • Terasanana
SNManglé Édisi 2524

Napak Tilas KAA
Manggungkeun Dangiang Bandung

Sumanget Bandung, peurah Dasa Sila Bandung, parat ka satungkebing jagat! Kitu téh, genep puluh taun ka tukang, waktu kamerdekaan Indonesia kakara léléngkah halu. Kumaha ayeuna?  Dina implengan Ruslan Abdulgani, Sékjén KAA 1955, sumanget Bandung téh teu kungsi pareum. Malah, remen ngabebela deui dina mangsa mangsa ieu bangsa nyanghareupan... • Terasanana
Ahad, 12 April 2015

Bolay Balukar FB

Raray Mamah Dedeh meni marahmay, basa Rangga nyanggupan waragad operasi masang cingcin dina jantung anu kurang leuwih 30 jutaan. Eta pangawak awewe bayuhyuh nu geus manjing umur 50-an teh ngagalentoran pamuda piminantueunana. Wita mah angger tungkul. Kareret ku Rangga panon eta mojang teh meni ngeyemeng. Jigana Wita bungah  campur nalangsa dumeh indungna anu geus taunan didiagnosa jantung... • Terasanana
Kemis, 09 April 2015

Sariak Layung

Layung di gunung  iber pasini patepung lawung Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung harendong meuhpeuy harideung Kumalangkang ronghéam nu kapitineung Ronghéap nu kapitineung dulur... Surya surup layung hibar na tanjakan sawangan diumbar Geus ngolébat ieung samar-samar hariring asihna kapireung ngalawas angin tiis ti mumunggang katitipan haréwos... • Terasanana
Manglé Édisi 2419

Sekar Merdika

Pelesir ka Kota Subang, Kota Ganas anu éndah sarta asri, gotong singa nu kamashur, dogér kontrak toléat, seni luhung warisan parakaruhun, kamonésan urang Subang, ciri bukti jati diri.   Subang beunghar ku budaya, boga tilu alam anu jadi ciri, pagunungan palih kidul, di tengah padataran, palih kalér basisir tepung jeung... • Terasanana