• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Opak & Kolontong Bojongkunci

Teu Kapangaruhan ku Naékna Harga Gula

Kénging Nunk jeung Dédé
Kintun kana Facebook
Mangle
Pangrajin opak jeung kolontong Bojongkunci,
Ayi Suganda keur mungkusan kolontong.
[Potrét/Ilustasi: Nunk]

Saban mapag bulan puasa réa masarakat nu rumahuh alatan naraékna hahargaan, kaasup gula kawung. Papadaning kitu, kahirupan pangrajin kolontong jeung opak Bojongkunci, Kacamatan Pameungpeuk, Kabupatén Bandung mah teu kapangaruhan ku naékna harga gula kawung nu kacida dibutuhkeunana pikeun nyieun kolontong jeung opak. Malah dina  waktu bulan puasa sarta nyangharepan lebaran saperti kiwari, éta kaolahan asli urang Sunda téh keur meujeuhna maréma, loba pesenan.

Hanjakalna, henteu sakabéh pangrajin opak jeung kolontong tahan ku naékna hahargaan saperti ayeuna, pangpangna pangrajin anu modalna leutik sarta teu boga hubungan anu langsung jeung bandar gula kawung, ketan, jeung bahan-bahan lianna pikeun nyieun opak jeung kolontong.

“Kanggo abdi mah undakna harga gula kawung sareng béas ketan téh teu aya pangaruhna kana usaha abdi. Malih dina bulan puasa sareng mayunan boboran sapertos ayeuna, nu paresen tos seueur pisan,” ceuk salah saurang pangrajin opak jeung kolontong Bojongkunci, Ayi, waktu ditepungan ku Manglé, sababaraha waktu nu kaliwat di padumukanana, Kampung Sukamanah Désa Bojongkunci, Kécamatan Pameungpeuk, Kabupatén Bandung.

Kiwari, harga gula kawung di pasar-pasar ngajaul, tina Rp 12.000 jadi Rp 17.000 tina sakilona. Béas ketan ogé milu nérékél, nu tadina ukur Rp 8000/ kg kiwari undak jadi Rp 10.000/kg. Tapi ceuk Ayi, naékna éta harga bahan baku opak jeung kolontong téh teu mangaruhan kana usaha nu keur dikokolakeunnana. Sabab, saméméhna ieu lalaki nu dilahirkeun taun 1956 téh, geus pesen langsung ka pangrajin gula kawung, jeung patani béas ketan di Ciséwu, Garut.

“Abdi mah tosa masihan panjer boh ka pangrajin gula beureum boh ka patani béas ketan. Ku cara kitu, salian ti hargana mirah téh, ogé dikintun langsung ka dieu. Janten upami peryogi, nya kantun nelpon waé. Kanggo mayunan boboran ayeuna ogé abdi tos dikinton tilu ton béas ketan sareng gula kawung,” pokna. 

Ieu pangrajin opak jeung kolontong nu boga tujuh urang anak téh ngajéntrékeun, nyieun opak jeung kolontong biasan sok diréaan pikeun ngaladangan pesenan ti pabrik-pabrik nu diancokeun keur  pakét lebaran, oge pesenan nu biasa ti sababaraha toko boh nu di Bandung boh luar kota Bandung. Pikeun ka toko-toko, ceuk Ayi, biasana sok dicokot ku Si Engko unggal Jumaah.

“Dilebetkeun ka toko mana-manana mah abdi teu patos terang. Sareng deuih Si Engko nyuhunkeunna anu teu dilabelan, meureun badé dilabelan ku manéhna sorangan,” Ayi némbohan.

Ayi ogé nétélakeun, lamun keur waktuna réa nu pesen biasana nu meuli ka tokona di Bojongkunci tara kaladangan. Antukna toko téh sok ditutup alatan karunya, sabab kolontog jeung opak geus béak ku pesen ti heula. 

Sok sanajan harga bahan baku remen naék-turun, harga kolontong jeung opak Bojongkunci mah kawilang stabil. Kiwari, harga  dina sakilo kolontong jeung opak Rp 36.000, ti para pangrajinna. Lamun geus aya di toko, biasana undak antata Rp 40.000 nepi ka Rp 50.000 sakilona.

Dian sapoé, ceuk Ayi nu mimiti neuleuman usaha nyieunan kolontong jeung opak ti taun 1980-an, pikeun opak bisa méakkeun 30 kg béas ketan jeung 7 kg  gula kawung. Tapi, lamun pikeun kolontong mah tina 30 kg béas ketan téh bisa méakeun gula nepi ka 10 kg.  Lantaran adonan kolontong mah digulaanana dua kali, waktu keur diadonan jeung sanggeus disangray, saméméh dipoé.  Ieu kulinér ha Bojongkunci téh, kaasup kadaharan anu séhat. Sabab salian ti teu maké bahan kimia, ogé teu digoréng ku minyak, tapi disangray ku keusik anu geus meunang ngaberesihan.

Bahan baku keur kolontong jeung opak, salian ti béas ketan jeung gula kawung, ogé sok maké uyah sangkan nambah rasa, teu hambar.  Ngagaringkeunana lamun keur halodo cukup ku dipoé wungkul, tapi lamun usum ngijih mah boh opak boh kolontong digaringkeunnana ku cara dioven.

Nu ngabédakeun opak Bojongkunci jeun opak daérah séjénna, nyaéta dina cara ngasakanana. Opak Bojongkunci ngasakkeunana disangray dina keusik, jadi hasilna bersih jeung rangu. Ari opak ti daérah séjénna ngasakanana digarang dina luhureun ruhak seuneu.

 

Taya Pangaruh Kana karaharjaan Warga Séjén

Opak jeung kolontong di Bojongkunci geus aya kurang leuwih ti 1950-an, nu mimitina nyieun ceuk Ayi jeung Ujang Koswara (biasa disebut Éyang) mah nyaéta Nini Enés. Harita éta kadaharan téh dijieun ukur keur opieun kulawaga, lain keur jualeun.

Kabéhdieunakeun, éta kaolahan téh mimiti didagangkeun. Malah Éyang nu taun 80-an kamashur si raja opak, jadi langganan saurang jénderal ti Jakarta.  Tapi sababaraha taun katompérnakeun pamor opak Bojongkunci terus nyirorot. Malah jumlah pangrajin nu awalna ratusan, kiwari kari tilu parapatna deui.

Kaayaan saperti, Kasie Kesra Désa Bojongkunci, Haris Gunawan, balukar tina kurangna modal jeung pemasaran hasil produksi. Salian ti kitu, ayana pausahaan opak jeung kolontong di Bojongkunci teu mangaruhan kana tingkat karaharjaan masarakat sabudeureunana, malah teu mampu ngungkulan pasualan réana warga nu ngaligeuh di éta désa.

“Rata-rata mangrupi home industri. Janten usaha opak sareng kolontong téh seuseueurna dikokolakeun ku kulawargana kénéh, teu ngaggo padamel ti luar,” pokna.

Tapi ceuk Haris, saluyu jeung harepan ti pamaréntah Kabupatén Bandung, rencanana Bojongkunci rék dijadikeun deui séntral opak jeung kolontong. Malah kahareup mah, salian rék nyieun kelompok para pangrajin ogé rék ngabentuk koperasi, nu tujuanana salian keur mantuan permodalan téh ogé cara masarkeunana.

Hanjakalna, ceuk Ayi, harepan pamarentah pikeun ngabentuk kelompok jeung koperasi pangrajin opak-kolontong Bojongkunci téh sigana moal tinekanan. Sabab, para pamgrajin nu aya di ieu désa hésé ngahiji, aing-aingan. Malah alatan kawatesan sual SDM-na loba pangrajin nu nyieun opak atawa kolontong téh basajan pisan, kurang merhatikeun dina kualitas jeung kemasanan.

Ayi laju ngémbohan, bahan baku pikeun nyieun opak jeung kolontong teu bisa sambarangan. Béas ketanna kudu jenis Gulampo nu ayana ukur di Ciséwu. Mémang di Kabupatén Bandung ogé loba béas ketan, tapi lamun jenisna IR atawa salian ti Gulampo mah moal alus hasilna.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: