• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Éléji Aki Sanusi

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
Ilustrasi Carpon [Potrét/Ilustasi: Agus]

Janari.

Meujeuhna, saban wayah kitu Aki Sanusi tanghi. Gura-giru hudang, bari ngucapkeun du’a tas saré, “Alhamdulillahil ladzi ahyana ba’da ma’amatana wa ilaihin nusur. Muji sukur ka Gusti Alloh nu geus ngahirupkeun deui sabada dimaotkeun.”

Turun tina golodog dapur, muru tampian luhureun balong gigireun imahna, hég tanggah ka langit. Bari maca ayat Quran Surat Ali Imron ayat 190-191 nu disunahkeun ku Kangjeng Nabi Saw, “Inna fi kholqissamawati wal ardli, wahtilafil laili wan naha la ayatil li ulil albab. Alladzina yadkurunalloha qiyamaw waqu’udan li junubihim, wa yatafakkaruna fi kholqis samawati wal ardli, Robbana ma kholaqta hadza bathila, Subhanaka, faqina adzaban nar”. Satemenna dina kajadian langit jeung bumi sarta dina gunta-gantina peuting jeung beurang, yakin éta teh cicirén kakawasaan Alloh keur jalma nu daek mikir. Nyaéta jalma-jalma nu éling ka Alloh bari nangtung, bari diuk, jeung bari nyangkéré, sarta maranéhna sok nafakuran kana kajadian diyugakeunana langit jeung bumi, bari nyarita, “Nun Sembaheun abdi sadaya, Anjeun henteu midamel ieu sadayana tanpa guna. Maha Suci Anjeun, ya Alloh, pamugi Anjeun ngaraksa abdi sadaya tina siksa seuneu naraka.”

Sangeus réngsé susuci, mandi jeung wudu, cat deui ka imah. Rap kaos panjang. Dirangkep ku baju koko warna abu-abu. Samping hideung lalayu sekar.

alaunan ngageuingkeun pamajikanana. Bébéja rék ka masjid.

Ngetrik, mawa batré leutik, keur nyaangan titincakeun. Kundang iteuk beusi stainless paméré incuna ti Jakarta. Teu jauh, ti imahna ka masjid téh. Ukur kahalangan ku kebon saluwuk, nu tatangga.

Sepi pangeusi bumi. Mémang keur meumeujeuhna ngimpi. Komo ku nu saré kapeutingnakeun sabada kamerekaan lalajo tivi.

Cat kana umpak golodog masjid. Terus mukakeun panto nu tara dikonci.

Méméh bus, maca du’a, ”Allohummaftahli abwaba rohmatik” sanggeus maca solawat dua tilu balikan. Bari nutupkeun panto, nyetrékkeun saklar listrik.

Gap kana mik. Sora spiker muni tarik. Ngahudangkeun nu masih kénéh ngageubra. Ngabéjaan yén waktu mustajab geus tumiba.

”Alhamdulillahil ladzi ahyana ba’da ma amatana wa ilaihin nusur. Ya arhamar rohimin, irhamna.....”

Sora peura. Nyebar ka mana-mana. Mumbul ka luhur. Lir nurih lapis-lapis langit. Mancat ka awang-awang. Narutus ka uwung-uwung.

Munajat kebat tanpa hijab. Labas. Bangblas. Ka palataran Arasy.

Janari. Bumi satengahing sepi.

Ngoréjat nu keur ngajepat. Nangtung mangpengkeun simbut. Pahibut. Muru pancén masing-masing. Kana barang nu geus disadiakeun ti wayah isa kénéh.

Nu akeup nu jingjing. Gagancangan iang ka pasar. Bisi kabeurangan dadasar. Haténa kabeh lir galecok nyarita kalawan sarua : 

”Nuhun Aki  Uci geus haat ngageuingkeun saban janari. Méré jalan keur mucekil bati. Ngudag napakah nu tambah susah, lamun teu jalingeur lengkah.”

Kitu pantesna ceuk jalma-jalma urang lembur nu ngarasa bungah hudang teu kabeurangan. Teu kapiheulaan ku mabra fajar. Sabab kudu muru pasar. Ngagelar dagangan. Ngala kauntungan tamba kawaranan. Bati sautak-saeutik keur nyumponan kabutuh hirup sapopoé nu beuki dieu beuki karasa eungap kana dada. Beurat kana awak.

“Mun teu indit janari kieu, rek kumaha? Caang saeutik dibuburak ku kaamanan. Matak macét ka jalan, cenah. Ngahalangan liliwatan kandaraan,”cék Bi Omoh bari nyuhun wadah kangkung sabebedan. “Ongkoh deuih, mun teu tangginas, lahan panagogan sok aya nu ngandih. Atuh langganan gé sok parundung.”

“Komo saprak aya éta tah, toko swalayan. Bangsa markét-markét. Mangkaning bukana sapoé sapeuting campleng. Matak méakeun hancengan dagangansaaya-aya kieu, “Mang Ohan milu mairan. Tanggunganana mani menod bakat kabeungbeuratan bangsa sayuran rupa-rupa.

Karéréanana meunang balanja deui ti bandar sayur nu ngiriman ti kota, ampir tengah peuting. Jadi ti barang mémérés dagangan nepi ka iang  janari téh, Mang Ohan ukur bisa peureum sajam atawa dua jam. Rada salsé peureum deui samulangna ti pasar, pukul sapuluh. Henteu langka saré wayah kitu teh nobros lohor. Labas ka asar. Magrib cengar-cengir ngararasakeun kanyeri taktak jeung sakujur awak. Isa kudu geus tatahar mapag barang ti bandar.

Lain Mang Ohan baé nu ngutruk kana ayana toko-toko swalayan téh. Tapi ampir sakabéh padagang, boh di pasar nu baroga kios, boh nu saukur ngampar. Kaasup nu baroga toko di sakuliah kota kacamatan nepi ka padésaan jeung pilemburan.

Sabab nu balanja réa nu tamplok ka dinya. Kawas nu ngahanakeun. Teu kolot teu ngora. Ka pasar atawa toko biasa, tibang ngaliwat jeung ngarérét. Da haté geus maskét  ka supermarket.

“Genah, tariis, sareungit. Teu hareudang  bayeungyang kawas di pasar, sanajan pagegelek ogé. Komo mun ninggang di hujan, di jero pasar caleubrik, matak pegat sendal jeung leuncangeun.....”cek Bi Sanah, nu ngarasa atoh tur resep balanja di toko swalayan. Sanajan ukur meuli tarasi. “Heueuh, apan tarasi ge di dinya mah geus dibungkus rapih. Tinggal milih, hayang mérek naon?”

Sarua jeung Neng Ḗsti, nu sok dangdan niron-niron bentang sinetron. Balanja ka toko swalayan, geus teu beunang ditawar. Pajah téh, praktis, tur géngsi. Barang kari nyokotan sorangan. Teu kudu  rebut tawar. Kari mayar ka kasir. Rék ku duit kontan, rék ku kartu ATM atawa kartu krédit. Komo basa hiji waktu, teteleponan jeung kabogohna, pulsa béak sapisan. Kari ménta dipangeusiankeun teu kalawan teu kudu ingkah heula ka luar ti toko. Apan unggal toko swalayan nyayagian pulsa sistem éléktrik ti saban operator.

Bisa dipaké ngabébénjokeun budak deuih. Mun dibawa ka pasar, dedengékan ngadat. Kaluman kasedek-sedek. Nepi ka teterejelan tina aisan. Di bawa ka toko swalayan mah, anteng. Daek teterelengan. Sanajan sagala dicokot diasup-asupkeun kana karinjang wadah balanjaan.

Meuli korek api sasiki, peremén saésé, diladangan kalawan gancang.

Ngan protés ti para padagang nu tara diwaro téh. Pangurus toko swalaya, cukup ku nuduhkeun, ka ditu tanyakeun ka nu méré ijin. Tong demo ka dieu. Peun wé.

Nya gorowok Aki Uci tina pangeras suara, ku maranéhna tara dijieun ngarasula. Malah bungah nu aya. Digeuingkeun kalawan teu ngahaja-haja.

Tapibéda deui jeung rarasaan Aép Gobéd. Budak rumaja tukang nongkrong di jalan. Ruang -riung jeung ubrang-abring teu puguh, saban waktu. Numpak motor buar-biur. Boncéngan nepi ka tiluan opatan. Udud teu weleh melenyun. Ampir unggal peuting notor  alkohol oplosan. Mindeng leumpang dadaligdeugan. Muru imah padumukan seuseut nepi da mindeng ngagaleong. Nambru. Nangkuban. Malah kungsi nyungseb dina kolomberan. Ngaguher di dinya.

Lilir lilir kageuingkeun ku aweuhan sora Aki Uci.

Cengkat lalaunan, gudag-gideug. Rék nangtung, bru deui kana urut ngabebengkang tadi.

”Aing benci ka éta aki-aki......baru aja aing meureumkeun mata geus kudu hudang deui.....kurang ajar tuh orang tua!” Aép murang-maring. Uteukna can jejeg.Panonna rapet. Pangaruh alkohol oplosan mangbotol-botol tétéla hésé pukahna.

Tungtungna Aki Uci nu keur ngalanglaungkeun tarhim, jadi paneumbleuhan.

“Ya Arhamar rohimin irhamna......”

Kalimah tarhim nu pinuh pangharepan kana kucuran kanyaah kadeudeuh ti Gusti Alloh ka umatna, ku Aép Gobéd nu keur weureu arak, karasana matak ngaganggu kani’matan.

Bray fajar.

Masjid tacan aya eusian.

Aki Sanusi cunggelik kénéh nyorangan. Jongjon tadarus Quran.

Di kaanggangan hawar-hawar sora adan. Aki Sanusi cengkat. Ngilikan jadwal nu naplok deukeut paimbaran.

”Ih geuning geus waktu. Bis baé kabolosan!“ manéhna ngagerendeng.

Gancang muru tempat kohkol. Ditakol. Ngahaja kentrong alon, diancakeun. Tuluy kentrung trung-trung, jeung kurulung dilaun-laun.

Sora kohkol tangkal nangka nahun, ngoncrang kabina-bina.

Ti dinya nyokot panakol bedug. Ngahaja dilugdugdag lagam dulag. Dua tilu kali nitir. Sugan matak lilir nu keur ngadahdir.

Tapi taya nu datang deui geuningan.

Malah adan gé ngahaja diaplén-aplén. Itung-itung ngadagoan nu séjén. Tas adan, terus sunat qobla sunbuh. Awéh salam, kaburu kénéh menekung sajongjonan. Maca surat al Balad tilu balikan. Disambung wirid subhanallohul wa bihamdih, subhanallohul adzim astagfirullohal adzim saratus kali.

Taya baé nu datang deui geuningan.

Sanggeus Aki Sanusi lila ngadagoan, ngarep-ngarep nu maturan. Geus puguh lapur mah, geuwat komat. Sieun kaburu telat.

Salat nyorangan. Tas awéh salam ngadekul wiridan. Parat ka caang carancang tihang.

Jrut turun ngoéran sendal.

Lila Aki Sanusi ngahuleng di buruan. Nyarita ka diri sorangan. Sagala ku sorangan.

Pipikiranana kumalayang ka pasar nu geus gegek ti janari kénéh. Nu beuki pagegek maju ka isuk. Malah nepi ka beurang.

Ras ka Omoh nu segut nyuhun. Iang ka pasar sieun kapiheulaan subuh. Ras ka Ohan nu bedas mawa barang sanajan saré kurang pisan. Karék reup tengah peuting, janari geus sayagi indit deui. Kabéhanana ngarasa kasusah kahirupan beuki ngamomotan. Dagang di pasar tradisional ngarasa taak ku pasar swalayan.

“Piraku masjid ge kudu niru-niru swalayan. Nakol kohkol ku sorangan. Nakol bedug ku sorangan. Adan jeung komat sorangan. Nepi ka salat oge sorangan,” Aki Uci ngusap beungeut nu beueus ku cimata nu teu kanyahoaan ngurucudna.

Atina ngerik. Asa aya nu ngagerih tanding hinis.

Ras kana ihtiar taya sudana, basa sakabéh warga hayang boga masjid. Rupa-rupa tarékah dipilampah. Ti mimiti gotong-royong ngala batu jeung keusik, nepi ka réréongan iuran sakadugana jeung sabogana keur meuli semén.

Ninggang usum kampanye pamilihan umum, aya calon légilaslatip nawaran bantuan. Ditarima wé ku panitia téh. Duit dua tilu gepok nu mahi dipaké nyieun pondasi jeung ngadegkeun.

Karék rajeg tihang beton, basa  pamilihan lumangsung.

Ari hég calon anggota legilatip nu nyumbang ti heula, teu kapilih. Sorana ukur saeutik. Malah ti lembur Aki Uci meunang soranan saeutik pisan. Sihoréng aya calon séjén nu wani nimpahan duit leuwih gedé. Lain keur masjid. Tapi keur bangsa usung-ésang nu ayeuna katelahna tim   suksés.

Réa anggota panitia pangwangunan masjid anu biluk ka ditu. Narima duit keur masing-masing dirina sorangan.

Puguh waé calon nu éléh téh, murang-maréng. Ngan teu ménta dipulangkeun deui duit nu kungsi disumbangkeun ka masjid. Teu wanieun meureun kudu ngarubuhkeun tihang nu geus rajeg mah. Sanajan aya kabéjakeun calon séjén di wewengkon séjén, ngararad deui karpét nu geus disumbangkeun ka masjid, barang apal gagal kaajak ka Senayan.

Tapi ari uar-uar nyebut “masjid diror” mah kungsi kadéngé. Aki Uci tangka rambisak barang meunang béja masjid lembur dianggap masjid tempat kumpul kaom munafikin. Nepi ka sababaraha kali, Aki Uci maca surat at Taubah ayat 107, neuleuman harti masjid nu disupata ku Alloh jeung RosulNa.

“Jalma-jalma munapék téh ngadegkeun masjid pikeun nimbullkeun kamadorotan jeung kakupuran, sarta ngabogaan maksud ngabengkahkeun deui antara kaom mu’minin, jeung éta masjid rék dijieun pangintipan ku jalma anu geus ti baréto nangtang ka Alloh jeung ka RosulNa...”

Harita Aki Uci lila sumegruk dina pangsujudan salat tahajud. Ménta pangampura Alloh SWT tina sagala dosa nu patali jeung pangwangunan éta masjid, nu tétéla ku sawaréhna geus disalahgunakeun keur kapentingan pribadi. Ku calon anggota législatip keur néangan sora. Ku sawatara urang panitia keur ngandelan sakuna. Teu poho Aki Uci oge neneda, sangkan masjid nu tacan réngsé téh, mun ngajenggleng engké, jadi masjid nu bener-bener suci luar jerona. Suci dina waragad ngawangunna. Suci nu ngeusianana. Sing jadi masjid nu ma’mur tur jalma-jalma nu nu ngama’murkeunana kaasup kana golongan nu iman ka Alloh jeung Poe Ahir, ngadegkeun solat ngaluarkeun zakat, jeung teu sieun ku nanaon iwal ti ku Alloh.

“Lebetkeun abdi ka masjid sapertos kitu ya Alloh, sareng lebetkeun abdi ka golongan jalmi-jalmi nu sapertos kitu deuih,“ Aki Uci sababaraha kali maca ayat 18 surat at Taubah, ku sora pegat-pegat.

Teu burung tarékah pikeun nganggeuskeun masjid, laju deui sabada panitia diganti ku nu anyar. Nu boga ketak néangan waragad ku cara ngiderkeun proposal jeung megatan kendaraan di jalan raya. Teuing kumaha mimitina, rabeng urang lembur ka jalan raya. Mawa ayakan jeung sair. Narangtung di tengah jalan sanggeus dipasangan wates ku dreum dijajarkeun. Cék beja nu nepi ka Aki Uci, beubeunangan méntaan sumbangan di jalan téh, lumayan badag. Hasil sapoé-sapoéna, dibagi jeung nu megatan mawa sair atawa ayakan. Tina sapuluh rébu dibéré dua rébu dibagi réana nu milu megatan. Atuh mokaha. Komo basa poéan lebaran mah, ti tilu poé saméméh jeung saminggu sabada Idul Fitri, ungal poé rata-rata meunang sajuta. Supaya adil, ku panitia nu megatan digilir. Heuleut opat poe séwang. 

Teu burung ngabukti. Masjid  anggeus, nepi ka bérés pisan. Kabeneran aya acara milih bupati. Calon bupati teu asa-asa ngaréngsékeun masjid. Malah ngaresmikeun sagala ku upacara jeung ngamimitian salat berjamaah di dinya.

Kabeneran deuih, kapilih. Atuh proposal masjid, nu lila ngeumbreuk, diguar deui. Diajukeun deui. Teu hésé disatujuan. Lumayan keur ngalengkepan bubutuh masjid séjénna. Kayaning pasang listrik, meuli spiker, jeung rupa-rupa deui.

“Tapi angger wé gegedéna mah asup ka perorangan panitia,“ hiliwir gosip kungsi nepi ka ceuli Aki Uci.

Ngan sanggeus enya-enya réngsé, ka mana jalma salembur ? Nu baréto riab ka jalan, méntaan sumbangan keur masjid, asa tara katingal nincak buruan-buruanana acan.

Lohor kosong. Asar coréngcang. Alesan keur dipagawéan kénéh. Magrib saeutik. Isa coréngcang. Geus puguh subuh, aya sahulu ge untung. Kungsi Aki Uci ngangluh ka Ajengan Ahur nu dipercaya ngokolotan eta masjid sanajan sapopoé ngimaman di masjid pasantrén. Ngungkab kahanjelu, ningal masjid ngan kosong baé.
“Ah da di mamana, Ki, sanés di urang baé. Mun masjid pinuh mah, meureun urang téh geus bisa ngéléhkeun Zionis Yahudi nu ayeuna ngeukeuweuk Masjidil Aqso,”

Jawaban Ajengan Ahur teu matak sugema. Malah kawas nu nyalénggorkeun masalah tina kanyataan kana impian nu mumbul ka alak paul. TapiAki Uci teubisa kukumaha. Apal kana pangadatan Ajengan Ahur anu memang resep ngabahas perkara-perkara nu sabenerna teu perlu keur urang lembur. Moal poho kana kekecapan Cep Zaki, mahasiswa universitas Islam nu kungsi nganjang ka Aki Uci sabada ngabandungan ceramah Ajengan Ahur dina majelis ta’lim ibu-ibu di pasantrénna.

“Saé pidato ajengan teh. Mung idealis-utopis. Henteu praktis-realistis.“ cék Cép Zak nu harita keur ngayakeun panalungtikan keur bahan skripsina. Ningal Aki Uci ngahuleng, Cép Zaki surti, yen istilah idealis-utopis atawa praktis-realistis, moal kahartieun ku kolot kampung.

“Maksadna, ceramah Ajengan Ahur téh ukur nyarioskeun ganjaran sawarga sareng siksa naraka. Tapi teu dilengkepan ku cara kumaha sangkan umat bisa ngagontal sawarga sakaligus nyingkahan naraka. Ukur nguatan iman wungkul, teu dibarung ku ningkatkeun amal soléh. Tah ngawujudkeun amal soléh dina kahirupan sapopoé nu disebat praktis-realistis téh, Ki. Kumaha carana sangkan umat Islam tiasa seueur amal soléh bari imanna kiat......”

Ceuk pamikir Aki Uci, urusan iman jeung amal soléh mah, éta bagean nu palalinter Ajengan Ahur, katut Cep Zaki sabatur-batur . Keur sasoranganeun Aki Uci mah, ukur hayang masjid aya jamaahan. Masjid meunang hésé capé boborot késang, ulah tiiseun  jiga kuburan.

Malah kungsi ampir sabulan campleng, tara aya pisan nu salat subuh ka masjid, ku Aki Uci ditatanyakeun ka barudak pamuda. Jawabanana sangeunahna pisan.

“Wajar wé Ki, pan ayeuna usum maen bal piala dunia, nu maenna ti mimiti tengah peuting nepi ka isuk-isuk. Pas subuh téh keur raraména pisan.”

Jawaban nu matak ngerik. Lir sabait eleji nyisit ati Aki Uci.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (5)

Bunyamin

Hatur nuhun kanggo bapak haji Usep Romli sae carpon, diantos nu sanesna

miftah

panokohan sareng tema carpon na naon nya

mg. alloy

emh, nuhun pa haji.. ku beuneur eta lalakon. manawi tujuhtaunna sim kuring kantos neda widi, wireh carpon-carpon pa haji usep romli, sok diaos mindo dina r.r.i jambi saban wengi saptu.. kantos maoskeun bentang pasantren (novelet) .. mugia karidoan ku pa haji usep.. nuhun ..

ajat sudrajat

Subhanallah.... meni asa keuna pisan kana mamaras.... memang kanyataan saperti kitu di masjid lembur simkuring di Ciamis kidul.... baheula mah masjid teh jadi tempat "hiburan" keur umat... dan can aya tipi... Di masjid tempat kuring ngumbara di Tangerang Alhamdulillah langkung ma'mur sareng jama'ah solat langkung rempeg... kawantu ngawitan seueur nu pangsiun he he. Hatur nuhun Kang Usep, karya-karya salira munel ku hikmah, mugia Allah maparin kasehatan sareng kamulyaan di dunya rawuh di aherat. Aamiin.

Abu Zaky

Hatur nuhun Kang Haji Usep Romli...panggeuing kanggo sadayana.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: