• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H.M. Din Syamsuddin, MA.

Nalingakeun Umat Nanjeurkeun Kamandirian

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Umat Islam kudu kuat élmuna, pengkuh budayana, hadé ahlakna [Potrét/Ilustasi: Ist]

Islam nu kuat, lantaran umatna nu kuat. Kakuatan umat kawas kitu, misti terus nyebar ka  mana-mana,  kudu  jadi rohmat keur sakumna manusa.  Kumaha ketak jeung kaayaan umat Islam kiwari? Prof. Dr. H.M. Din Syamsuddin, MA., pupuhu puseur Muhammadiyah, nepikeun paniténna ka Manglé.

***

Jenglengan umat Islam di dunya kaasup di Indonésia, payus jadi kareueus. Adumanis jumlah nu loba jeung  ajénna nu hadé, boga ‘kasempetan’ jadi pinunjul di ieu jagat. “Kapunjulan hiji bangsa dimana waé, tetep bakal gumantung kana kapunjulan ajén manusana. Indonésia, nu mayoritas padumukna  umat Islam, kudu jadi kakuatan ngawangun ieu bangsa,” ceuk Prof. Dr. H.M. Din Syamsuddin, MA, Ketua Pengurus Pusat Muhammadiyah.

Jumlah umat Islam di Indonésia, mémang payus pikareueuseun. Ka mana waé ngaléngkah, moal burung srug-srog pasanggrok jeung umat Islam. Kituna téh, Islam di ieu bangsa, lain wungkul aya, tapi deuih panglobana. Ngan, geus nepi kamana jatidiri umat Islam jadi rohmat di nagri urang? “Upama tilikanana dumasar kana kagiatan kaislaman mah, mantak reueus kacida. Mung upami Islam tos diaranggo cepengan hirup mah, dalah beuki tacan karuhan. Ieu nu jadi pasualan,” pokna basa ngobrol jeung dina salah sahiji acara di Bandung sawatara waktu ka tukang.

Nyaritakeun ajén umat Islam di ieu jagat, kaasup di Indonesia, keur Din Syamsuddin mémang widangna. Luyu jeung pamahamanana, Islam dimana waé ayana, kudu jadi rohmatal lilálamin. Islam ngajarkeun, Gusti Alloh nyiptakeun manusa nu béda-béda sélér, bangsa, teu aya deui sangkan umat silihpikawanoh jeung silihajénan. Ku kituna, ngagegedékeun béda paham nu ngabalukarkeun timbulna pancéngkadan, kacida patojaiyahna jeung ajaran agama.

Keur ieu cendekiawan nu kungsi jadi wawakil Muslim di forum  World Interfaith Week Harmony Markas Besar PBB, umat Islam kudu jadi rahmat keur sakumna manusa.

 

Nguatan Kamandirian

Di Indonésia nu mayoritas Islam, ceuk  ieu ketua  Indonesian Committee on Religions for Peace, geus waktuna nyebarkeun tatapakan kamandirian bangsa. Kituna téh luyu jeung cita-cita diadegkeunana ieu bangsa. “Mekarna bangsa, kuduna mah neueul kana cita-cita kamandirian bangsa. Ngan, kanyatanana mah, harepan kitu teh beuki jauh. Sumber daya alam  diranjah. Sumber daya manusa loba tigebrus kana pangaruh budaya deungeun,  nu balukarna, di antarana, kurang silihpikanyaah. Padahal, umat Islam kudu mampuh nyegah kamungkaran bangsa, kudu mampuh jadi suhada ‘ala Indonésia,” pokna tandes.

Kumaha cara ngungkulan pasualan kawas kitu? Ceuk ieu inohong Islam nu lahir tanggal 31 Agustus 1958 teh, bangbaluh umat Islam, mémang geus beurat teuing, loba gumantung ka bangsa séjén. Kituna téh matak ngabaluarkeun pasualan nu loba rambat kamaléna, di antarana nerekab kana sikep pangeusi ieu nagara nu lemah. “Bangsa jadi lemah pikir, lemah kahayang.  Upamana bangsa geus lemah, loba nu teu kataékkan, ahirna bakal meupeus keuyang. Mun aya kabutuh, taya deui panglumpatan iwal ti ménta tulung ka batur,” pokna tandes naker.

Hayang  ngawangkong jeung ieu tokoh Islam, mémang teu gampang. Malum, kagiatanana gé saabreg-abreg. Lian ti mingpin organisasi  Muhammadiyah, ogé mindeng  jadi narasumber saba mancanagara. Harita gé, Pa Din méré waktu wawancara dina lolongkrang kagiatan Tanwir Muhammadiyah 2012 di Hotel Horison Bandung.

Sual ngabebenah bangsa nu mayoritas umat Islam, ceuk  KH. Din Syamsuddin,  umat Islam kudu panghareupna. Organisasi Muhammadiyah gé kitu. Poko-poko pikiranana geus meujeuhna jadi kakuatan umat dina nanjeurkeun kamandirian bangsa. Lantaran ari ngabéla bangsa mah jelas geus jadi kawajiban, sakumaha nu diajarkeun ku agama.

Aya sababaraha poko pikiran umat Islam dina nanjeurkeun kamandirian bangsa. Kahiji, dina widang ékonomi, nu nepi kiwari, masih kénéh nangeuy gado. Kadua, dina widang politik. Islam nanjeurkeun bebeneran, ari  kiwari geus tumuwuh sikep ‘kompromistis’ nu ngabalukarkeun sikep korupsi, kolusi jeung nepostisme. Katilu, dina nanjeurkeun hukum. Ajaran Islam nu ngajarkeun kajujuran, kaadilan, geus teu dipaliré. Nu aya kalah resep ngumbar amarah. Kaopat, widang budaya nu beuki kadeseh! Padahal, ceuk Pa Din, budaya téh alat kamandirian bangsa. 

Robahna kahirupan di urang, ceuk ieu alumnus doktor University of California, Los Angeles, kaasup tanggung jawab umat Islam. “Organisasi kaagamaan, kalebet Muhammadiyah kudu tanggung jawab  kana kamekaran bangsa kiwari,” pokna. Hubunganana umat Islam jeung kamekaran bangsa, bisa ku sikep partisipatif, loyal, tapi ogé kritis.

 

Nguatan Jatidiri

Pasualan-pasualan kawas kitu, guru besar nu kungsi kapeto jadi Tokoh Muslim 1433 H di Malaysia, lantaran cara-cara nanjeurkeun bebeneran bangsa loba nu ditinggalkeun. Dadasar nagara Pancasila, saperti kaadilan, taat kana agama, musawarah mupakat, teu pati dipaké. Nu jéntré, sagala rupana bisa dirobah.

Parobahan-parobahan nu sakarep-karep, ceuk ieu Dewan Penasehat ICMI, kacida matak ngarugikeun kamekaran bangsa urang sorangan. “Urang jadi babari dilélécé ku pihak séjén. Balukarna jatidiri bangsa beuki lemah. Ku kituna, pangeusi nagri, pangpangna umat Islam kudu kuat élmuna, pengkuh budayana, hadé ahlakna. Insya Allah nanjeurna Islam, bakal nguatan kamandirian bangsa,” ceuk Prof. Dr. H.M. Din Syamsuddin, MA. gedé harepan.

Din Syamsuddin teureuh Sumbawa, Nusa Tenggara Barat. Ngan, da geus jadi tokoh nasional, nu ambahanana lain waé di jero nagara, tapi deuih ngalanglang buana. Di lemah cai ieu inohong Muslim téh remen ngalanglang Nusantara. Matak, teu anéh upama apal pisan kana pasipatan sélér-sélér bangsa di ieu nagri, kaasup apal pisan kana pasipatan urang  tatar Sunda.

Dumuk di Batawi, Din Syamsuddin gé remen lunta ka tatar Jawa Barat. Mun ka Bandung, sok ngahaja leuleumpangan nyalsé naker. “Panggih jeung pangaresep di Bandung mah,” pokna. Naon téa? “Aya saté nu matak deudeuieun,” pokna deui bari mésem. Matak, cenah, mun ka Bandung, najan jauh ka tempat nu dagang saté kameumeutna, sok ngahajakeun ka éta tempat. *** (Rudi/Ensa)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: