• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hirup Kumbuh, Nanjeurkeun Kasoléhan

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Kumelipna di alam lahir kumelendangna di alam dunya téh keur jalmi mah teu tiasa dipisahkeun tina hirup kumbuh sareng sasamana boh dina wengku kulawarga, tatangga, dulur,  baraya, réncang sapadamelan, masarakat, katut bangsa.
Kahartos kituna mah da puguh jalmi mah taya nu sampurna, di sagédéngeun kagungan kaonjoyan téh moal leupas tina kakirangan. Cindekna mah unggal jalmi bakal peryogi bantosan ti nu sanésna geusan nyumponan sagala rupi kaperyogianana.
Ku kituna, nu disebat hirup kumbuh sareng papada urang nu minangka buktos yén jalmi  mah kagolongkeun mahluk sosial  mangrupi kaperyogian mutlak nu kedah dilakonan.
Dina ngalakonan hirup kumbuh téa moal salamina répéh rapih, lungsur-langsar, nanging kedah aya baé pakétrokna. Malih upami teu gaduh cepengan hirup nu leres mah sok dugi ka mumusuhan,  silikakalakeun, dugi ka silipaténi. Babandinganana sapertos éntépan piring, sawaktos-waktos mah kedah baé pakétrok da bongan pacaraket téa.
Nya di dieu pungsi agama diperyogikeun téh. Maksad téh pami dina hirup kumbuh aya pacéngkadan, pakétrok téa, sanés hirup kumbuhna anu ditebihan da sidik moal tiasa, nanging kedah diayum ahlak jalmina.
Cindekna mah salaku muslim urang kedah satékah polah ngawangun hirup kumbuh kalayan répéh rapih, nyaéta aya dina kasoléhan téa luyu sareng papagon Islam anu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT sareng RosulNa. Sagala rupi ahlak awon anu matak ngabengkahkeun tali silaturahmi sareng papada urang, muslim, kedah ditebihan. Sawangsulna, tarékah kanggo ngawedelan silaturahmi kedah langkung dipageuhan.
Seueur dalil boh dina Al Quran atanapi hadis kanggo bahan cepengan urang sadayana malahmandar tiasa hirup kumbuh kalayan soléh boh nu sipatna nyegah timbulna pacéngkadan boh kanggo ngawedelan tali mimitran téa.
Kahartos da apan Nabi Muhammad saw. diutus ku Alloh ka alam dunya téh taya kajaba anging kanggo nyampurnakeun ahlak manusa. Saé atanapi awonna ahlak muslim baris katawis dina hirup kumbuh sadidintenna. Cindekna mah unggal muslim dipiharep mibanda ajén diri dina tetekon akhlaqulkarimah (ahlak nu mulya) kanggo papagon hirup kumbuh anu soléh. Upami lakuning hirup leupas tina akhlaqulkarimah, tos moal boa laku lampah jalmi  baris salah, sanés soléh.
Muslim nu mibanda ahlak mulya, tara gampil kapangaruhan ku wartos anu teu acan buktos atanapi écés bulé hideungna. Ku kituna, nalika nguping wartos anu ngageunjleungkeun, ngahurungkeun kariceuwan, tara ujug-ujug percanten, nanging agé-agé ngayakeun tabayyun, nyaéta maluruh leres henteuna éta wartos. Hal éta téh luyu sareng pangandika Alloh dina Al Quran nu hartosna:
''Hé jalma-jalma nu ariman, lamun datang ka aranjeun jalma pasék mawa béja, pariksa kalayan taliti sangkan anjeun henteu nibankeun hiji musibat ka hiji kaom tanpa mikanyaho kaayaanana anu nyababkeun anjeun hanjakal tina éta pagawéan.''(Surat Al Hujurot: 6)
Janten, kanggo kaom mumin mah teu gampil kapangaruhan ku hiji wartos anu teu acan jéntré bulé hideungna supados henteu nimbulkeun kahanjakalan isuk barining sumpagi.
Saur ki juru pantun mah:
 

''Boga lawon ti Ceu Maé,
batik mah kénging Ceu Méti.
Béja awon beja saé,
talungtik masing gumati.''

 

Tos janten sipat jalmi kedah baé aya pakétrok alatan bénten pamadegan sareng kaperyogian anu témahna durder paséa, malah silikakalakeun sagala. Tangtos wé kitu peta téh tojaiah sareng papagon akhlaqulkarimah. Hartosna, umat Islam mah teu pantes paraséa, marumusuhan, angot dugi ka pegat tali silaturahmi mah.
Ku kituna, satékah polah mumusuhan téh kedah ditebihan. Atuh upami téa mah aya dulur urang dugi ka ragot paséa, urang wajib nyapih kanggo ngaréngsékeunana ku cara anu saé, islah, daméy, teu  cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng. Tegesna mah dulur urang anu paraséa téh ulah dugi ka teras mumusuhan angot dugi ka pegat tali silaturahmi mah.
Ngeunaan hal ieu dijéntrékeun dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung lamun aya dua golongan ti antara jalma-jalma mumin marumusuhan, pék daméykeun antara duanana.''(Al Hujurot: 10)
''Satemenna jalma-jalma mumin téh sadulur, ku kituna daméykeun antara dua dulur anjeun jeung prak takwa ka Alloh sangkan anjeun meunang rohmat.'' (Al Hujurot: 10)
Réa pisan nu nyababkeun timbulna pacéngkadan, mumusuhan, malah dugi ka ragot silikakalakeun utamina mah nu matak nyigeung mamaras haté. Cara sisiwo anu kaleuleuwihi sapertos ngahina, nyacampah, rasa manéh leuwih mulya batan batur.
Boh Al Quran boh hadis teu kinten mahingna padamelan kitu téh. Geura mangga urang lenyepan salasawiosna:
''Hé jalma-jalma nu ariman, pacuan anjeun ngahina kaom séjén (ku sabab) bisa jadi maranéhna (anu dihina téa) leuwih alus batan aranjeun (anu ngahina).'' (QS Al Hujurot: 11)
''Jalma mumin lain tukang ngahina atawa nyacampah atawa goréng létah.'' (HR Turmudzi)
Jalmi anu sok ngahina atanapi nganggap nu séjén leuwih handap batan dirina, éta téh kalebet sifat kibir (sombong) anu biasana mah tara dipisadar. Hakékatna mah manéhna téh tos ngalaipkeun dirina sorangan. Numutkeun dawuhan Alloh satemenna kasombongan téh wungkul kagungan Anjeunna. Ku kituna kaom muslim mah diwagel pisan kitu peta téh (sombong). Alloh mépélingan:
''Jeung pacuan anjeun maléngoskeun beungeut anjeun ti papada jalma (alatan sombong) jeung pacuan anjeun leumpang di luhur bumi kalawan angkuh. Saéstuna Alloh henteu mikaresep jalma-jalma anu sombong tur ngabanggakeun diri.'' (Quran Surat Luqman: 18)
 

''Awi gombong ti Luragung,
ka sawah patutur-tutur.
Ulah sombong tur adigung,
ngarah hirup loba batur.''
 

Sikep sombong téh teu kinten bahayana. Sombong ku élmu, asa aing pangpinterna, teras ngahina batur nu dianggapna bodo. Sombong ku harta, asa aing pang beungharna teras nyacampah anu miskin. Sombong ku tahta, asa aing pangrajana tur nyacampah jalma leutik. Kitu sareng kitu baé jalmi sombong mah, tegesna resep nyeceléh nu sanés.
Resep nyeceléh atanapi nyawad batur téh disebat lumaza. Kantenan baé sikep kitu téh dipahing pisan kanggo muslim anu leres-leres iman mah. Mumin mah  sanés kedah silicawad, silihinakeun, nanging sawangsulna kedah silibantos, silideudeul, da apan jalmi mah teu aya nu sampurna, kedah baé aya kakirangan nu éta kakirangan téh baris kaungkulan  ku nu sanésna. Munasabah upami Rosululloh saw. mapandékeun mumin sareng mumin téh lir wawangunan anu silideudeul dugi ka gaduh kakiatan . Hadis nguningakeun nu hartosna:
''Jalma mumin ka mumin séjénna saperti wawangunan anu sabagéanana nguatkeun anu séjénna.''(HR Tirmidzi sareng Nasai ti Abi Musa)
Tina ieu hadis katangen yén papada mumin téh kedah silihargaan, silihurmat, ku ngajaga tali silaturahmi anu saé, kalebet ngajaga létah ulah sagawayah ngagentraan nu sanés ku sesebatan awon, sapertos si kafir, si murtad, si pasék, jlt. anu baris nganyerikeun manah.
Ngeunaan tanaabazu (silicalukan) dijéntrékeun dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung poma anjeun silicalukan ku jujuluk-jujuluk anu garoréng. Sagoréng-goréngna gentraan nyaéta (nyalukan) anu goréng saentasna iman. Jeung sing saha anu henteu tobat, maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.'' (Al Hujurot: 11)
Dina hadis ogé diterangkeun ngeunaan hal éta téh:
''Sing saha anu nyalukan salasaurang ku kecap hé kafir atawa musuh Alloh padahal naon anu diomongkeun téh henteu kitu, maka (éta omongan téh) bakal balik deui ka dirina.'' (HR Bukhori & Muslim).
Sajabi ti kitu, nu sok ngareksak hubungan papada jalmi téh ayana sangkaan awon, suudon téa. Urang Islam mah dicaram pisan awon sangka ka nu sanés angot awon sangka ka Alloh anu parantos ngalimpahkeun pirang-pirang karunia ka urang sadayana. Salaku muslim, sawadina urang ngagaduhan sikep sangkaan saé atanapi husnuzhon ka nu sanés, angot ka Alloh mah.
Alloh mépélingan kaom mumin sakumaha nu kaunggel dina Al Quran nu hartosna:
''Hé, jalma-jalma nu ariman, jauhan karéréaan tina goréng sangka, saéstuna sabagéan prasangka téh kaasup dosa.'' (Surat Al Hujurot: 12)
Dumasar kana ayat nembé, écés pisan yén kasakit batin nu mangrupi awon sangka téh kedah ditebihan. Margi, upami diantep ka dituna sok resep ngoréhan kalepatan batur atanapi midamel tajassasu. Boh dina Al Quran atanapi hadis ngoréh-ngoréh kalepatan anu sanés téh teu dikéngingkeun pisan.
''Jeung poma anjeun néangan kasalahan jalma séjén.'' (Al Hujurot: 12)
Upami téa mah wargi urang leres midamel aéb, urang Islam mah diharamkeun ngucah-ngacéh ka nu sanésna. Upami hal éta dipidamel, ancamanana kalintang abot nyaéta baris mupus amal-amal saé anu atos dipimilikna. Hadis nguningakeun nu hartosna:
''Aya genep perkara anu bisa mupus sagala amal kahadéan, nyaéta paciweuh néangan aéb dulurna, haté nu nyadas, cinta dunya, teu boga kaéra, panjang kahayang, jeung pagawéan dolim anu teu eureun-eureun (dipigawé).'' (Riwayat Dailami)
Kitu di antawisna kasakit-kasakit batin nu sok ngareksak hirup kumbuh urang téh. Mugia urang sadayana ditebihkeun tina sagala rupi amal awon sapertos kitu. Malah sawangsulna dipaparin kahirupan anu saé, soléh, sareng  merenah supados salamet di dunya rawuh ahérat. Hayu urang tebihan kaawonan, gentos ku kasaéan sareng  kasoléhan luyu sareng pituduh ti Alloh sareng Rosul-Na.
Pamungkas pedaran:

''Pasusubuh nguah lodéh,
di Ceu Titim ngadon ulin.
Hirup kumbuh anu soléh,
matak tingtrim lahir batin.'' ***
 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: