• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Embung Disebut Geulis

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Indung: ''Ku naon Iroh embung-embung teuing dititah ka warung?''
Iroh: ''Da sok disarebut geulis.''
Indung: ''Atoh wé disebut geulis mah maké embung sagala?''
Iroh: ''Ah da sok diémbohan!"
Indung: "Ditambahan kumaha?"
Iroh: "Geulis-geulis kucem, cenah!''
Indung: ''?!?!''
(Féndy Sy. Citrawarga, Bandung)

 

Béakkeun
Bapa: ''Ari dahar téh béakkeun sanguna, lebar heug béas keur mahal!''
Anak: ''Bapa gé!''
Bapa: ''Bapa mah sok dibéakkeun.''
Anak: ''Enya ari sangu mah, ari ngaroko geuning tara dibéakkeun sok disésakeun kuntungna.''
(Féndy Sy. Citrawarga, Bandung)

 

Usum Cai jeung Seuneu
- ''Usum hujan kabanjiran, usum halodo kahuruan nya euy?''
+ ''Enya, tah ari keur banjir jeung kahuruan usum naon?''
- ''Nya usum cai mudal jeung seuneu ngabebela.''
+ ''Heueuh, nya, pinter euy!''
(Féndy Sy. Citrawarga, Bandung)

 

Jajaka Tarangna
Abah: ''Awas Kabayan jangan ngalalanyah anak saya!''
Kabayan: ''Naha, Bah?''
Abah: ''Kata Abah jangan ya jangan, jangan ngabantah!''
Kabayan: ''Jangan marah-marah Bah! Wajar saja saya ngalalanyah anak Abah mah da saya jajaka anak Abah parawan!''
Abah: ''Wah, jajaka tarangna!''
(Féndy Sy. Citrawarga, Bandung)

Kamus Basa Sarwa ''A'' Bab Awak
Leungeun= panangan
siku= balad panangan
beuteung= padaharan
tonggong= alat nyandar
bujal= mata padaharan
cangkéng= panyangcang calana
punduk= baraya taktak
ramo= rayat panangan
kuku= tanggay
walikat= tatangga taktak
kélék= sayang bala
susu= palang dada.
(Féndy Sy. Citrawarga, Bandung)

 

Ku Tunggu Jandamu

Pagawéan iseng nu dipilampah ku jelema salawasna aya waé. Ti heula, waktu AC (air conditioner) munggaran dipaké dina mobil, ti mimiti sedan, beus umum nepi ka angkot. Supaya masarakat umum katarik numpak beus, kaca kabinna ditempelan stiker “FULL ACE”. Teu éléh géléng, nu teu maké AC, kacana ditempelan “FULL AC-alam”. Aya deui, dibarengan ku rasa humor, di gigireun bak pick-up atawa truck ditulisan “FULL Ampulan”.

Lain deui nu ditulis dina back truck jarak jauh, “Kutunggu Jandamu,” Ih, meni nékad kitu.

Ahir-ahir ieu, mun kuring liwat ka hiji jalan waktu “jalan kaki pagi” nu ditulis dina dua bak truck téh séwang-séwangan kieu, “Aki-aki tapi legeg,”. Tah, di nu hiji deui mah kieu, “Kolot tapi nyedot” Euleuh, kutan kitu…

Nu ieu mah geus rada lila, tapi tetep matak kataji. Waktu rék asup ka punclut, aya papan nu diterapkeun dina tangkal ditulisan, nu asalna “Awas Polisi Tidur” keur nyegah motor ngebut. Diantaran kecap “polisi” jeung “tidur”, aya nu nambahan ku kecap “sedang”. Terus di sisi jalan gedéna saencan asup ka aréa Punclut, dina dreum aya nu nulis “Cium-Bu-Leuit”. Teu wudu wé, nu nempo matak mesem.

(FS- Bandung)

 

Gaduh Putra

“Hoyong kagungan putra sabaraha hiji Akang téh?”

“Dalapan urang Nyi!”

“Geuning seueur-seueur teuing?”

“Tapi éta téh ti tilu istri!”

“sfr#@3ajf”

(Tonton Hidayat, Kp. Babakan Jati – Darmaga, Sumedang)

 

Bali

“Kumaha Din di Bali téh betah?”

“Bororaah betah, nu puguh mah barau jeung rarujit!”

“Har, piraku kota kelas dunya nu ka koncara kasakuliah dunya nepi ka kituna?”

“Bali mana? Da déwék mah bali nu ngajuru!”

(Tonton Hidayat, Kp. Babakan Jati – Darmaga, Sumedang)

 

Sapi jeung Hayam

“Naon bédana sapi jeung hayam?”

“Sapi mah sukuna opat, hayam mah sukuna dua!”

“Salah, ari hayam mah bisa nyieun panon sapi, ari sapi mah teu bisa nyieun panon hayam!”

(Tonton Hidayat, Kp. Babakan Jati – Darmaga, Sumedang)

 

Sieun

Basa nganjang ka imah bébénéna malem minggu.

Jajaka: “Néng Ucrit, hayu ka dieu ka aa, teu kenging nangis waé atuh!”

Néng Ucrit kalah pupurungkutan sieuneun.

Jajaka: “Kadieu yap, ke dipasihan permen!”

Néng Ucrit: “Alim ah, tétéh ogé kamari kalah digégélan!”

 

Motor Kridit

Adot: “Dun, saha nya nu rék meuli motor?”

Adun: “Nya saha nu rék ngajual motor kitu?”

Adot: “Ieu motor urang!”

Adun: “Har, apan anyar kénéh éta téh?”

Adot: “Enya karék genep bulan, butuh duit tuda!”

Adun: “Butuh duit keur naon?”

Adot: “Enya keur ngalunasan ieu motor!”

Adun: “Ari manéh siga nu linglung.”

(Rina Risnandar - Kawali – Ciamis)

 

Teori Darwin

Adun: “Nurutkeun teori darwin mah, cenah manusa téh asalna tina monyét!”

Sadut: “Paingan atuh manéh siga monyét?”

Adun: “Siaaa!!!”

(Rina Risnandar - Kawali – Ciamis)

 

Teu Kaharti

Di pangbuian, pada-pada napi keur aruplek nyaritakeun pangalaman séwang-séwangan.

“Teu kaharti ku déwék mah nasib manéh, maenya maok tambang tilu deupa bet kudu asup bui! Moal dipitenah mah?”

“Pedah ditungtungna aya dombaan!”

(Rina Risnandar - Kawali – Ciamis)

 

Di TV

Neni: “Eh, sareng si Akang? Meuni sombong teu naros-naros ka abdi téh!”

Presenter TV: “Ké, saha téa nya Ayi téh?”

Neni: “Leuh, piraku dugi ka hilap?”

Presenter TV: “Ké ké ké… kungsi tepang dimana kitu urang téh?”

Neni: “Ih, si Akang mah, kapan unggal wengi abdi sok ningal akang di TV!”

(Rina Risnandar - Kawali – Ciamis)

 

Tatarucingan

“Gajah depa beureum haténa?”

“Hawu!”

“Ari keur kompor gas kumaha tataucinganana?”

“Lah gampang. Tenggek héjo beureum nya gedé aduh alahna!”

“Atuh éta mah tabung gas lain kompor gas!”

“Aeh, heueuh nya!”

(Suratman – Cimangkok)

 

Régurator

“Maké regurator kompor hurung!”

“Aki gé baheula maké regurator hawu hurung!”

“Regurator kumaha éta téh?”

“Tina awi saruas bungbas!”

“Wah, éta mah songsong atuh Ki!”

(Suratman – Cimangkok)

 

Naon Bédana

“Naon bédana dapur ayeuna jeung dapur baheula?”

“Dapur baheula mah meledug da suluh baseuh!”

“Ari dapur ayeuna?”

“Dapur ayeuna ngabeledug da tabungna bocor!”

“Hah! Enya bener!”

(Suratman – Cimangkok)

 

Usul

“Hayang usul!”

“Usul kumaha?”

“Éta basa lemesna dapur téh pawon. Kumaha mun diganti! Pan pawon asalna tina kecap pahawuan, ari hawuna tos teu aya. Jadi kudu diganti ku kecap pakompiran-gas!”

“Enya engke urang tuliskeun dina kamus Mama Saca Dibrata!”

(Suratman – Cimangkok)

 

Geus teu Jaman

Aki: “Peupeujeuh Ujang, kahadé, lamun urang arék ngalakukeun naon rupa hal téh, kudu sing ati-ati! Ceuk paribahasana sing asak-asak nya ngejo bisi tutung tambagana!”

Incu (nembal): “Tapi da ayeuna mah tos teu jaman Ki!”

Aki: “Haaar? Nya kunaon?”

Incu: “Apanan ayeuna mah nyanguna ogé usumna dina mejikom!”

(Agus B. Irawan, Cisompet – Garut)

 

Pasaratanana

“Abdi téh tos lami ngajomblo, Abah! Maksad abdi ngadeuheus ka Abah, teu aya sanés hoyong dipangjiadkeun! Supados abdi téréh-téréh kénging pijodoheun!” ceuk hiji jajaka basa nepungan salasaurang Paranormal.

“Ukur kitu mah gampang atuh! Asal kacumponan wé sakabeh pasaratanana!” tembal Paranormal.

“Naon waé Abah, sarat-saratna téh?”

“Sadiakeun wé, kembang tujuh rupa, endog hayam kampung tujuh siki, menyan tujuh keupeulan, jeung nu utama mah uang mukana wé… tujuh juta!”

(Agus B. Irawan - Cisompét – Garut)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: