• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Pengkolan Giribig

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1353690450.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Mang Ano imut basa rentang-rentang nenjo Neng Sari jeung Neng Anih baralik deui bari semu rurusuhan. Leungeunna niungan buukna ku kantong nyieuhkeun cihujan ngaririncik tabuh dalapan peuting.

''Mang Ano, hayu ah kana beca bae,'' ceuk Neng Sari.

''Tapi hoyong muter ka jalan komplek, alim ngaliwat ka pengkolan Giribig!'' Neng Anih mairan.

''Ari tadi moal kana beca?'' Mang Ano jual mahal. Tuda enya tadi mah ditawaran erek moalna kana beca dua mojang adi lanceuk teh nyebut moalna ge bari teu ngareret-reret acan. Ari ayeuna, sasat maksa.

''Naha alim ka jalan makam pengkolan Giribig?''

 ''Iiiiy...embung dua kali komo opat kali!'' Neng Sari ngabirigidig.

 ''Aya...jur, jur, jur.....!'' tambah Neng Anih.

 ''Aya juru tulis?'' Mang Ano ngaheureuyan.

 ''Yey, Si Mang Ano mah. Pokona sabaraha ongkosna mun jalan muter ka komplek?'' tanya Neng Sari.

 ''Nya nikel Neng. Sakieu!''

 ''Sakieu sabaraha, sing puguh atuh ih!''

 ''Dua puluh!''                             

 ''Mani mahal-mahal teuing?''

 ''Ka nu sanes mah tilu puluh, bubuhan ka eneng we ieu mah tatangga sa-RW!'' cenah. Kituna teh Mang Ano cimekblek keneh bangun teu napsu rek narik teh sok padahal duit sakitu teh gede pangajina keur tukang beca jaman kiwari anu geus arang langka nu marake mah da kalindih ku ojeg jeung angkot. Ojeg oge lain di pasisian ayeuna mah di puseur dayeuh ge galituk.

''Lima welas nya?''

''Sakitu bae Neng!''

Eleh deet Neng Sari jeung Neng Anih ngalacat kana beca. Puguh bae Mang Ano atoh kacida sasatna baris meunang upah ngaboseh badag. Gorolong beca maju ka kulonkeun mapay jalan gede, henteu mengkol ka jalan makam nu aya pengkolan Giribig.

''Jurig gelo!'' ceuk Neng Anih sabada beca ngageuleuyeung.

''Heueuh!'' tembal lanceukna.

''Jurig naon atuh nya?''

''Teuing atuh!''

Mang Ano bati imut we ngadedengekeun nu ngabuih bab jurig pengkolan Giribig teh. Jero hatena mah seuri malah nganuhunkeun sagala ka sakadang jurig teh da cenah gara-gara jurig pengkolan Giribig, beubeunangan ngabecana mucekil. Kaharti da ti beurang mah apan neangan panumpang sagorolong ge hese beleke. Jelema taya nu nawar beca, kalis leumpang bae najan kudu nyorang makam gereng ge. Kaharti deuih da moal enya aya jurig liar ti beurang, manasina rampog jaman kiwari, taya usumna. Ti peuting aksi ti beurang ngagalaksak. Jurig mah taat pakem.

Isukna, Neng Sari jeung Neng Anih ngabuih bab papanggihan jurig lebah pengkolan Giribig nu ngaheureuyan maranehna tas balik nyoping kapeutingan. Cenah mani jentre aya nu nyikikik seuri ditungtungan ceurik ngadingdiut.

''Iiiyyy.....amit-amit jabang bayi teu hayang ngaliwat ka dinya deui!'' ceuk Neng Sari.

Antukna tul tel beja pabeja-beja, guyur salelembur ear sadesa di pengkolan Giribig aya jurig.

''Percaya teu kana omongan Neng Sari?'' ceuk Si Ojo ka Si Udin.

''Wah wadul!'' tembal Si Udin.

''Sia mah can ngasaan meureun nya? Tong sok suaban euy!'' Si Ojo ngarasa teu ngeunah teu dipercaya teh da manehna mah yakin pisan naon nu dicaritakeun ku Neng Sari teh bener.

Si Udin kakara yakin basa manehna balik peuting ngaliwat ka dinya. Enya we naon nu diomongkeun ku Neng Sari teh teu nyalahan. Masing lalaki ge sieun diheureuyan jurig mah. Teu hade teu balik ka imah mah, antukna manehna ge siga Neng Sari jeung Neng Anih, minangsaraya ka Mang Ano, tumpak beca.

''Cenah moal kana beca Udin?''

''Moal tadina mah teu boga duit, kaya kieu mah nya kapaksa we,'' ceuk Udin bari cle kana beca. Meredih muter ka jalan komplek. Ngan basa dijelaskeun ongkosna kudu nikel mah embungeun. Ka jalan makam we cenah sugan aya batur mah moal keueung teuing.

''Mun aya jurig deui urang lawan ku duaan nya?'' ceuk Udin menta tanjakan. Kituna teh kusiwel ngaluarkeun bungkus roko, ditololkeun sabatang laju disodorkeun ka Mang Ano. Nyombo ti dituna mah.

''Tenang Din, dibekok ku aing mah jurigna!'' ceuk Mang Ano bari metot roko.

Nyaan disuwuk udud mah beca teh ngadius da teu kungsi saparapat jam geus anjog ka pengkolan Giribig.

''Mang, Mang Ano, aw, aw, awaaaas....!'' Udin hariweusweus bangbaungeun urut tadi.

''Aya naon Din?'' Tanya Mang Ano kalahanan ngeureunkeun beca pas lebah pengkolan Giribig nu camewek.

''Jur, jur, jur...Mang!''

''Sok lawan aing wani mah jurig! Tong disebut Ano mun kudu taluk ku dedemit!'' ceuk Mang Ano bari nulak cangkeng, malah meureup sagala. Jempling.

''Nyaan Mang Ano mah sakti!'' ceuk Udin sanggeus beak makam.

Isukna, basa ditanya ku Si Ojo, Udin teu bisa ngabantah deui da memang enya kaalaman ku sorangan.

''Ceuk uing ge,'' Ojo asa meunang.

''Tapi ditangtang ku Si Mang Ano mah jurig teh kalah nyingkir euy!''

''Kitu-kitu ge Si Mang Ano mah ngelmu.''

Iber yen Mang Ano jalma sakti dumeh bisa meruhkeun jurig pengkolan Giribig jadi nerekab. Teu wudu becana payu, boh ti beurang angot ti peuting.

Nu baralik peuting tur kudu ngaliwat jalan makam ngarah tereh tepi ngarasa aman tumpak beca Mang Ano da memang tara aya nu ngaganggu. Tapi, lamun ngedeplik, kudu aya bae jurig nu ngaheureuyan. Di lebah pengkolan Giribig, najan geus dipasang lampu angger matak keueung. Tong boro ti peuting bari hujan, dalah ti beurang oge matak muringkak, geueuman da puguh rea kakayon.

Katelah pengkolan Giribig pedah baheulana saacan makam ngalegaan di sisi jalan teh Bah Uya sok nyieunan jeung ngajual giribig lebah dinya. Ngan sabada Bah Uya maot euweuh nu nuluykeun da puguh giribigna ge tilem marengan pasawahan nu kalindih pabrik jeung gedong sigrong. Ari ngaranna mah nelah tepi ka kiwari. Puguh lelewek kaasup kota najan di sisi, boh beurang boh peuting sok aya bae nu lalar liwat, anu hayang tumpak beca disadiaan najan ukur Mang Ano saurang deui nu aya teh. Ngan sanggeus gujrud aya jurig, nu ngaliwat peuting pangpangna urang Cikembang rada merod.

Genjlongna jelema padasieun ku jurig pengkolan Giribig tepi ka Ustad Deden. Malah sual Mang Ano anu cenah bisa meruhkeun jurig ge apaleun. Ukur nyenghel we pangersa ustad teh. Nu matak basa peuting-peuting kira tabuh salapan balik ceramah ditawaran beca ku Mang Ano, ustad teh gogodeg.

''Bade ngabeca Tad?''

''Moal Mang ah.'' Lain teu boga duit, lain teu karunya ka Mang Ano, baning panasaran we hayang ngabuktikeun bener henteuna di pengkolan Giribig sok aya jurig. Kalah kumaha oge akidah umat kudu dilelempeng.

Teu kungsi lila ustad geus anjog ka lelewek kuburan. Hiuk angin ngagelebug, lebah pengkolan pisan. Dak dumadak listrik pareum. Cikikik aya nu seuri...terus ceurik ngadingdiut. Kang ustad teu wudu ngarenjag, sajongjongan ngumpulkeun pangacian jeung museurkeun kayakinan kana taohid. Tos leler, gantawang sasauran.

''Sok ganggu aing!'' socana ngulincer ka lebah datangna sora. Ditangtang kitu, dak dumadak jempe.

''Lamun sia embung datang, aing nu rek datang!'' Na atuh teu kungsi lila kadenge aya nu ngageblug ragrag. Beretek sada aya nu lumpat ka jalan. Sidik jelema. Ustad Deden rikat ngudag. Tayohna si itu geumpeur terus tikedewet. Geblug labuh. Puguh we ustad teu hese ngudag. Kerewek leungeun si itu dicerek.

''Ampun Tad, ampun!''

''Saha maneh hah?''

''Abdi Ojo!''

''Eueuh...nanaonan ari maneh Sarjo?''

''Punten, punten, da itu piwarang, piwarang.....''

''Titah saha?''

''Mang Ano.''

Geus dumuk kitu mah poe isukna Ojo Sarjo jeung Mang Ano digiring ka kantor RW.

''Nanaonan kitu peta Mang Ano?'' RW langsung papariksa.

''Rumaos nun abdi lepat,'' tembal Mang Ano halon. Anu cenah weduk bisa meruhkeun jurig pengkolan Giribig teh anggur ngeluk badis bueuk meunang mabuk.

Kilang kitu Mang Ano padananggap, cenah kitu peta teh baning ku bingung dumeh usaha ngabecana beuki dieu teh beuki surem. Tong ti beurang nu puguh loba saengan kayaning angkot jeung ojeg, ti peuting ge jelema teh teu ngareret-reret acan kana beca teh tingaremplad we leumpang teu sieuneun kuburan.

''Kahoyong teh cik atuh ari wengi mah rejeki teh bagean abdi,'' pokna ngageuri.

''Meunang sabaraha peresen ilaing, Jo?'' giliran Sarjo nu didakwa.

''Saparapat ongkos beca, lumayan kanggo nambih-nambih ngelun haseup roko.'' Ojo tokblak. Ngeunaan oprasi demitna, ceuk Mang Ano dideudeul nyetel sora nu seuri jeung ceurik ngadingdiut tina taperecorder katut HP. Mun peuting-peuting aya nu nekad leumpang, teu tumpak beca Mang Ano, mang Ano gancang ngontak Si Ojo nu imahna teu jauh ti makam sangkan eksen.

''Rek ngajungjurigan mah engke we geus maot, Jo!'' saur Ustad Deden bari keom, laju mapagahan Mang Ano jeung Ojo Sarjo ulah kitu-kitu deui. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: