• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Maman Haeruman Karmana, Ir.,M.Sc.;

Patani Ngégél Curuk, Balukar Kapitalis Katalanjuran

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Lahan tatanen beuki ngaheureutan [Potrét/Ilustasi: rudi]

Nu jadi andelan can jadi kaagulan. Kawas tatanén, can jadi lahan usaha nu ngaraharjakeun patani. Malah, kekecapan ‘patani kari daki’, masih kénéh jadi cap kamiskinan nu hésé dipupusna.

Beuki dieu, pangpangna di tatar Jawa Barat, lahan tatanén beuki ngaheureutan. Loba lahan nu geus robah wanda jadi tempat wawangunan. Balukarna, hasil tatanén pangpangna béas mingkin ngurangan.

Béas, mémang kabutuh sapopoé. Komo deui, da mayoritas padumuk Nusantara mah ngandelkeun béas minangka kabutuh poko. Hartina, keur nyumponan pangan téh, teu gampang dipersabenan. Pilihan ngungkulanana, nguyang ka nagri deungeun!

Cara nyumponan pangan ngaliwatan impor, tangtu bakal leungiteun kamandirian. Malah, nagri kawas Indonesia, nu padumukna leuwih ti dua ratus juta, heug panganna ngandelkeun impor, tangtu éta bangsa téh hésé menyat!

Nilik ka dinya, lir keuna kana paribasa, beurit paéh di gudang paré! Patani di urang gé kawas kitu, seuseut menyat padahal dumuk di lahan subur. Upama patani henteu mukti, di mana salahna? “Saleresna alam di urang mah sakitu suburna. Ayeuna mah gumantung geus nepi ka mana urang mampuh ngokolakeunana,” ceuk Prof. Dr. Maman Haeruman Karmana, Ir.,M.Sc.; Guru Besar Pertanian Universitas Padjadjaran, Bandung. Maksud Prof. Maman mah, mémang diaku cara-cara tatanén di urang kiwari can tuhu kana cara-cara nu nyampak, nu bukti bisa ngamuktikeun patani. Kitu téh, lantaran ka dieunakeun mah cara-cara ngolah lahan tatanén téh kaganggu ku cara-cara nu jolna ti bangsa deungeun sareng aya kalemahan struktural. “Utamina dina ngokolakeun lahan, di urang seueur kalemahan struktural, nyaéta beuki heureutna lahan sareng kiatna sistem waris, nu ngabalukarkeun pakaya masing-masing henteu ngahiji deui,” pokna basa ngobrol di bumi panganjrekanana di Jalan Apel Rancakendal Bandung.

Ngolah lahan keur tatanén, ceuk alumni doktor ti Ag-Econ State University of Ghent, Belgium téh, sawadina ngingetkeun mangsa ka hareup. Lahan tatanén kudu langgeng. Lain ukur langgeng ayana, tapi deuih langgeng kasuburanana. “Pangpangna, lahan teu kénging ngaheureutan. Sapertos di Jepang sareng Taiwan, upami aya peralihan lahan, umpanana karana waris, apan pamaréntahna sakitu ngaturna. Tah, sual waris di urang ogé, upama lahanna tos heureut mah, pangpangna ti MUI kedah wantun ngarumuskeun, teu kénging direcah deui,” pokna tandes.

Kumaha ari cara patani ngolah tatanén?

Baheula, patani wanoh pisan kana cara tatanén. Ti mimiti nangtukeun waktuna prakprakan ngolah lahan,  milih binih, cara ngolah lahan, nepi ka ngagemukna, éstu luyu jeung nu samistina. Cindekna, ceuk basa kiwari mah ‘ramah lingkungan’ téa. Paripolah patani kawas kitu, cicirén apal dina profésina. Patani engeuh kacida kana pentingna taneuh (bumi) cai, hawa, jeung iklim. Ku cara kitu, patani téh bisa ngahontal hasil tatanén saperti nu dipiharep.

Pentingna tatanén, ceuk ieu ahli pertanian, lain lantaran ukur keur nyukupan pangan, tapi deuih keur kapentingan séjén. Gagalna widang tatanén, lain ukur tumali jeung ruksakna alam, tapi deui jeung pasualan séjénna. “Kuatna pangan ogé baris ngarojong kana stabilitas kaamanan,” ceuk ieu teureuh Pangalengan, Bandung téh.

Kiwari, ceuk ieu staf ahli dewan Ketahanan Pangan Pemprov. Jabar ogé, ngungkulan pasualan pangan butuh tarékah jinek. Tangtu wé, deuih butuh pangrojong sakumna pihak. “Pangpangna mah kedah aya robahan cara mikir sakumna pihak nu tumali sareng kamandirian patani. Maksud Prof. Maman mah, patani kudu ngarasa gedé haté jeung wani. Anapon pihak séjén, kudu boga karep milu ngaronjatkeun ajén patani; jeung masarakat gé kudu ngaharegaan kana profesi patani! Kitu ceuk ieu Guru Besar Pertanian Unpad téh.

 

Kamandirian Patani

Ka mana waé lumampah, ari kangaranan di tatar Sunda kénéh mah tangtu moal burung bruh-bréh pasawahan. Lain ukur di lahan datar, lain ukur di pagunungan, sawah nyampak di saban tempat. Nilik ka kana kaayaan kitu, Prof. Maman mah gedé haté, tatanén masih kénéh boga lolongkrang geusan ngarojong karaharjaan. “Mung kedah ngarobah paradigma atanapi anggapan, ogé paripolah patani,” pokna tandes. Maksudna, patani kudu ngarasa yakin, usahana ngolah lahan, baris tinemu jeung karaharjaan. Paribasa, patani ukur kari daki’ kudu dileungitkeun. Kitu ceuk Prof.Dr. Maman Haeruman Karmana, Ir.,M.Sc.

Kitu deui pihak-pihak séjénna, kaasup pamaréntah, kudu nalingakeun kahirupan patani. “Cindekna,  pihak séjén kudu sieun upama teu mampuh ngaraharjakeun patani,” pokna tandes naker.

Prof. Maman kacida miharepna aya panalinga kana nasib patani, da mémang apal pisan kana kahirupan patani nu kiwari ukur ngégél curuk. Ngungkulanana, ngaliwatan kalembagaan koperasi patani. Pangpangna dina léngkah jeung cara ngurus éta lembaga nu masih salah udagan. “Nu kedahna ngalayanan kabutuhan anggota, tapi buktina seueur kénéh nu kalah ngamangpaatkeun anggota. Upama kitu, kauntungan patani bakal beuki ngurangan. Kedahna mah, modél koperasi mung saukur ngalayanan, ulah néangan untung ti anggotana!” pokna tandes.

Conto-conto kalemahan di urang mémang kitu buktina. Cek Prof. Maman, kalemahan nu aya di tingkat masarakat, mémang diaku balukar pangaruh kawijakan nu luhurna ogé. Henteu di tingkat pamaréntah waé deuih, tapi ogé di tingkat swasta. Pangpangna, parapangusaha di urang, hayang énténg meunang untung. Balukarna cara-cara nu teu hadé, beuki narajang ka widang-widang séjénna, kaasup kana sual pertanian.

Di antara cara kapitalis nu néangan kauntungan, cek Prof. Maman, mémang unggal nagara béda udagan. Upama di Amerika waé, suburna budaya kapitalis mémang bisa positip, lantaran jadi tumuwuh budaya ‘bersaing’. Tapi upama di urang mah, sabalikna.  “Di urang mah, sanés untung tina budaya bersaing, tapi nu aya kapitalis katalanjuran. Balukarna ieu panyakit narajang kana lembaga-lembaga séjénna, nu ahirna dimana-mana jadi daék korupsi!,” ceuk ieu paniten widang ékonomi Internasional.

Icikibung dina dunya tatanén, mawa dirina ka jauhna. Remen ilu-biung dina rupa-rupa kagiatan geusan ngaraharjakeun masarakat. Elmuna, kapaké ku saban pihak, kaasup nu tumali jeung kapentingan kawijakan. Di antarana, Dr. Maman Haeruman téh kungsi nalungtik parapatani nu melak paré dina urut lahan gambut. Kitu téh, sawatara taun ka tukang, saacana pamaréntah muka lahan gambut sajuta héktar di Kalimantan. Kacindekan hasil panalungtikan Maman saparakanca, lahan gambut teu nguntungkeun patani.  “Tapi, nya kitu, geuning pamaréntah téh kalah muka lahan gambut keur tatanén melak paré,” pokna semu hanjakal.

Upama Prof. Maman kacida engeuhna ka patani jeung kana sual tatanén, mémang di dinya icikibungna. Ti rumaja kénéh geus kataji ku sual tatanén. Matak, sanggeus lulus sarjana ti jurusan Sosial Ekonomi UNPAD, neruskeun deui kuliah master di North Dakota State University, Fargo USA. Teu cukup neuleuman ekonomi di USA, ieu nu lahir di Bandung 14 September 1943 téh, neruskeun deui tolab élmu ka State University of Ghent, Belgium nepi ka nyangking doktor.

Upama lahan alam dikokolakeunana ku cara hadé, tangtu masarakat gé bakal mukti. Ku kituna, dina panalinga Prof. Maman, mangsa kiwari kacida pereluna upaya ngabebenah deui widang ékonomi, keur kamandirian masarakat.

Rupa-rupa kahengkeran ékonomi, kaasup dina tatanén, henteu gampang ngungkulanana. Pangpangna patani, pamaréntah atawa pangusaha, kedah sapamadegan, henteu masing-masing béda udagan.

Ku kituna, nurutkeun guru besar nu pernah ogé nalungtik masalah kamekaran teknologi & produksi pertanian mangsa éra globalisasi, kahiji perlu ayana kajujuran. Boh ti patanina, ti pamaréntahna ogé ti parapangusahana. “Kajujuran dina widang ékonomi kacida pentingna. Upama dikawitan ku jujur, daria, naon waé pasualan tiasa sasarengan dina cara ngungkulanana.” Kadua, nurutkeun Prof. Maman, ningkatkeun deui kasadaran pentingna pendidikan. Katilu, kudu tumuwuhna kaadilan. Lantaran ku cara adil, masarakat bakal tumbuh kapercayaan, nu ahirna babari digiringna kana sumanget ningkatkeun karaharjaan. Kaopat, ningkatkeun kasoléhan nu dasarna tina agama. “Dadasar agama penting kacida keur ngandelan nyaah ka lingkungan,” pokna pinuh ku pangharepan. *** (Rudi)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: