• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Seni Sunda Makalangan di Amérika

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1353675717.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Kentrungna kendang, gelikna suling, dipasieup ku haleuang kawih Sunda, ilaharna mah  kasaksén di palemburan di tatar Sunda. Tapi, harita, dina hiji waktu, pintonan kawas kitu téh di nagri deungeun, nu  masarakatna teu ngaharib-harib kana budaya Sunda. “Kénging uleman, miang ka Amérika,” pokna muka wangkongan. Ngobrol téh basa tepung dina hiji acara pintonan di Bandung sawatara waktu ka tukang.

Wahyu Roche,  mintonkeun senina, lain ukur di lembur sorangan, tapi lampar ka jauhna. Remen pulang anting saba nagara, ka Australia, Eropa, jeung Amerika. “Ayeuna mah mung ukur tilu minggu, da biasana mah tilu sasih,” pokna.

Miang ka jauhna, lain lantung tambuh laku, lain lunta tanpa seja. Da, nyabana téh  ngajarkeun seni Sunda ka paramahasiswa nu boga karep hayang bisa kana kasenian ti urang.

Keur Wahyu nu ogé  karyawan Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Dispabud)  Jawa Barat, boga kasempetan kawas kitu téh  bungah. Lantaran, salaku seniman, dirina gé boga karep milu mekarkeun kasenian tradisi di mancanagara. Salian ti éta, minton di nagri  batur, luang jeung pangalamanana ogé beuki nambahan. “Margi seniman mah kedah  mampuh nyumponan pangabutuh balaréa, kaasup bangsa deungeun,” pokna.

 

Mekarkeun Seni

 

Pintonan seni Sunda di Amerika, beuki remen. Beuki dieu, seni Sunda téh beuki pada mikawanoh. “Kawitna mah, dianggap sami sareng kasenian Jawa,” pokna. Da, mémang ceuk ieu seniman téh, kasenian ti Nusantara nu leuwih heula jadi bahan ulikan mahasiswa di Amerika téh di antarana Bali jeung Jawa. “Kadieunakeun, nembé dipiwanoh, kasenian Sunda gaduh gaya mandiri, bénten ti Bali sareng Jawa,” pokna.

Kasadaran pihak luar kawas kitu, keur seniman Sunda mah, matak reueus. Lantaran, jadi pangjurung laku leuwih geusan neleban kasenianana. “Tangtos upami kasenian sanés tiasa éksis di batur, seni Sunda gé kedah tiasa kitu,” pokna.

Mangpaatna, deuih gedé kacida keur kamekaran seni di urang gé. Da, satutas ngadatangkeun seniman ti urang, bangsa asing gé bisa langsung datang ka tatar Jawa Barat. “Hartosna, seni Sunda gé satata sareng seni-seni sanésna nu payus janten bahan ulikan,” pokna.

Keur kapentingan kamekaran seni gé teu kurang-kurang. Lantaran, batur gé lian ti ngulik senina téh deuih tiorina. Satutas mikawanoh seni Sunda, saterusna mah ngarulik, nu ka dituna ngadaramel seratan tumali sareng seni Sunda,” pokna. Tah, ku cara kitu, ‘referensi’ tiori seni Sunda, saperti karawitan gé bisa nambahan.

Miangna Wahyu ka Amerika, dibarengan ku seniman séjénna, Ahmad Parmis, sarua ti Bandung. Ahmad, mah ngajarkeun jeung mintonkeun tari di dituna téh.  “Biasa dina ahir workshop dilajengkeun kana pintonanana,” ceuk Wahyu. Tah, dina waktu éta mah butuh nayaga sababarah urang. Ngan, da teu hésé, da  mahasiswa nu diajar kana karawitan jeung nari Sunda gé bisa langsung mintonkeun kasenianana. “Umumna,  batur mah upama diajar téh  daria naker,” pokna.

Miangna  ka Amerika,  bulan Maret (2012). Nu disabaanana,  Battes College, Maine Amerika Serikat.  Éta téh,  sakola seni.  Nya nu dialajarna gé mahasiswa di éta sakola.

Miangna ka dinya, nu ngaduakalian. Da, sawatara taun ka tukang gé kungsi ka dinya, kalayan waktuna rada lila,  tilu bulan. Nu diajarkeunanna gamelan, salendro, pelog, jeung degung.

Luntana ka Amerika, keur Wahyu Roche mah kawilang remen. Saméméhna gé kungsi ngalanglang éta nagara. Di antarana,  kungsi miang ka Pittburg University (2009), California University (2010), Virginia University (2011), jeung Battes College (2012).

Miangna ka Amerika,  meunang pangrojong ti pihak Disparbud Jawa Barat. Kitu téh payus kacida,  Wahyu téh staf bidang kesenian & perfilman Dinas Pariwisata dan Kebudayayan (Disparbud) Jawa Barat.

Upama Wahyu Roche kapeto bisa mintokeun pangabisana di lembur batur, mémang aya pantesna. Da,  ieu seniman téh  geus manukna dina kasenian Sunda mah. Lalampahan ‘nyenimana’ gé ti bubudak, ti keur SD kénéh. Atuh, satutas tamat  SMP neruskeun tolab élmuna di SMKI (SMK) ayeuna mah.

Getih senina ngocor ti kulawarga nu ogé palaku kasenian. Nya ku lantaran kitu, karep jeung kahayangan kana nyeniman gé tumuwuh kalayan subur dina dirina.

Kagitan kitu terus mayeng, lana manjangkeun carita. Hasil karyana, kasaksén ku balaréa.

Wahyu, seniman loba kabisa. Lian ti maher dina widang karawitan, ogé nyanggi lalaguan. Lagu-laguna boh dihaleuangkeun ku pribadi boh ku pihak séjén, loba nu geus asup ka dapur rékaman. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: