• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hariring nu Kungsi Nyanding

Kénging Asikin Hidayat
Kintun kana Facebook
Mangle
Hariring nu Kungsi Nyanding [Potrét/Ilustasi: ]

Haleuang jurukawih jeung gelik suling geus kapireng najan jarak anggang kénéh. Gamelan pamirigna ngoncrang bubuhan diteruskeun ku sound system anu hadé. Sangkaan moal nyalahan, pastina éta sora datang ti panggung hiburan anu disayagikeun ku pihak kulawarga pangantén awéwé. Pihak kulawarga Lia, calon pamajikan kuring, ngagugu kana paménta kuring sangkan hiburan panganténan téh degung atawa kacapian. Lain teu resep kana hiburan séjén, pamikir kuring, hiburan panganténan ku degung atawa kacapian leuwih luyu jeung leuwih hidmat. Lian ti éta, ngadegung jeung sarupaning seni karawitan séjénna geus jadi hobi kuring ti bubudak. Malah nuluykeun ka SLA ogé meredih asup ka SMKI. Emah jeung Apah sapuk nyakolakeun kuring ka SMKI Bandung. Tilu taun nyuprih élmuning seni karawitan, nambahan kandelna kacinta kuring kana seni Sunda. Teu munasabah lamun dina waktuna kawin, kuring meredih dipanghiburkeun ku degung.

Kuring nangtung panghareupna, diiringkeun ka aleutan sanak jeung baraya nu jajap. Di katuhueun kuring ngadeg Emah jeung Apah, diiringkeun ku dulur jeung baraya anu pada hayang nyaksian kuring diistrénan jadi raja sapoé. Lia, wanoja anu jero tilu taun jadi kabogoh, sekeudeung deui resmi jadi pamajikan. Hiji mangsa nu salila ieu diimpleng, sakeudeung deui jadi kanyataan. Tahapan siklus hirup saterusna bakal kalampah, muka lawang rumah tangga, nutup lawang lalagasan. Leuh, bet jadi ngadadak ratug ieu haté. Nangtung gé asa teu napak geuning, bari komo di sisi jalan ronghok nu lalajo. Rarasaan téh kabéh mata mencrong ka kuring.

Salah saurang panitia maparin kode sangkan kuring jeung nu ngiringkeun bagerak maju, lalaunan. Pastina lalaunan, da leumpang gancang mah ribed ku samping nu dipaké. Didangdanan baju takwa warna bodas, bari sirah dibendoan, cara panayagan. Barangpaké kawas kieu sabenerna keur kuring teu singna aneh, sering maké lamun keur manayagan. Mangsana meureun nu matak jadi asa béda téh, ieu mah lain rék nabeuh, tapi rék kawinan.

Hanjakal teu dipapag ku karesmen upacara adat. Ukur dikangkalungan manglé ku calon mitoha, ditembangan jemplang panganten ku jurukawih ti luhur panggung. Bet asa waas. Biasana ukur nyaksian, ayeuna ngarandapan sorangan. Bagja jeung bungah pagaliwota, dibarung ku teu percaya, yén pangalaman ieu antukna kasorang. Samar polah. Basa leumpang dituyun ku ibu jeung bapa calon mitoha gé teu wasa dangah, kalah tungkul wungkul kaéra.

Réngsé acara sérén-sumérén ti pihak kulawarga kuring ka pihak kulawarga calon pangantén awéwé, MC nguningakeun yén na'ib ti Kantor Urusan Agama can sumping. Aya waktu istirahat pikeun rombongan anu jajap jeung tatamu lianna, ngadagoan acara walimahan.

"Bari ngantosan waktos walimahan, urang sanggakeun heula ka rombongan kasenian ti Banjaran. Nyanggakeun!" ceuk MC.

Nu mangkatan lagu téh bonang. Ditema ku gendang, suling, jeung waditra sejenna. Najan teu disebutkeun lagu naon nu rék dihaleuangkeun, tina leotan sora suling kuring geus bisa neguh lagu anu bakal ditepikeun. Sajeroning tungkul, na jero haté kuring milu mairan wirahma. Ngong sora jurukawih ngahaleuang Hariring nu Kungsi Nyanding.

 

Purnama nu kungsi leungit

Ayeuna nganjang ka buruan deui

Anu kungsi kapiati

Kiwari urang ditepangkeun deui

 

Geus pasti lagu éta, ceuk haté, teu anéh. Lagu heubeul anu tetep manteng jeung kawasna moal laas ku mangsa. Lagu anu geus wanoh awor jeung rasa tur pangdéngé kuring. Dina unggal kasempetan manggung, aya nu ménta atawa henteu, kudu baé lagu ieu dihaleuangkeun. Mun sakalieun teu dihaleuangkeun téh sok asa aya nu leungit, asa teu lengkep. Ah, bet kawas nu apal kana karesep kuring nu ngawih téh. Lagu pangeusi lolongkrang waktu téh geuning lagu kameumeut. Naha ngahaja ieu lagu dihaleuangkeun keur kuring? Naha nu di luhur panggung aya nu apaleun ka kuring? Pamohalan, da ieu mah rombongan kasenian ti Banjaran. Asa teu aya nu apal, jeung can kungsi nabeuh bareng jeung urang Banjaran. Kabeneren meureun.

Tapi, ké heula! Éta sora jurukawih, asa kungsi wawuh. Warna sorana, senggolna, mamanisna, sagala rupana! Sora saha atuh nya?

Panasaran. Kuring nempo ka luhureun panggung. Seblak! Geuning nu saé soanten téh Tika, lanceuk kelas basa sakola di SMKI. Geuning salira, gerentes kuring, Teh Tika murid kameumeut Ibu Ida Rosida. Sajeroning ngahaleung panon Tika nojo ka kuring.

Nu nyéak dina jero dada jadi beuki motah. Nu jadi sabab lain pedah panggih jeung lanceuk kelas, tapi leuwih ti éta. Aya sabab nu ngabalukarkeun haté kuring asa gorowong. Tika nu ngabalukarkeun kuring basa nyuprih élmu di SMK1 pikeun sababaraha waktu kagegeringan. Gering nangtung. Méhméhan sakola garung. Lamun harita Emah jeung Apah teu maparin sumanget, sakola téh moal tamat.

"Mah...," kuring ngaharéwos ka Emah nu calik gigireun kuring.

"Kumaha, Pep?"

"Tika, Mah...," ceuk kuring.

"Tika? Tika mana? Di mana?"

"Itu di panggung. Juru kawih."

Paningal Emah ngalih ka panggung. Katara Emah semu nu nilik-nilik, da mani nyureng-nyureng baé. Basa paadu teuteup jeung soca Emah, Tika tungkul. Pura-pura mukaan buku lagu.

"Oh..., Tika kabogoh Apep kapungkur?"

"Sssst!" kuring ngagebah Emah. Asa tarik teuing tuda. Kuriak kadéngéeun ku batur.

Emah mah apaleun pisan ka Tika téh, sabab kungsi diajak ka Majaléngka. Harita, Emah panujueun pisan kuring bobogohan jeung Tika téh sanajan saluhureun ogé. Emah mah katajieun ku sorana. Alus cenah. Geus jadi. Emah gaduh sawangan, yén Tika hiji mangsa bakal jadi jurukawih anu moyan. Keur sakola kénéh sakitu hadéna, komo engké, cenah. Mokaha, meunangkeun Tika téh asa nyumponan harepan Emah, sabab Emah kungsi nyarios yén kuring kudu meunangkeun kabogoh téh nu bisa ngawih. Nu matak basa jeung Tika jadian, teu diengkékeun, langsung ditepangkeun ka Emah. Rék dibuktikeun, yén kuring bisa nyumponan kapalay Emah.

Diuk jadi teu puguh rasa. Hayang jung nangtung nepungan Tika. Asa hayang nanya : "Tika, damang? Dumuk di mana ayeuna? Tos nikah teu acan?" Nanging laku kahalangan ku kaayaan. Piraku kudu ngojéngkang nyampeurkeun Tika sedengkeun harita keur mangsana nungguan waktu dahup. Antukna ukur bisa ngalangeu, ngalenyepan lagu bari panon anteb neuteup nu keur ngahaleuangkeunanana.

Ujug-ujug baé Tika nu aya di luhureun panggung ngajanggelek jadi Tika genep taun ka tukang. Tika anu keur emok cabok di rohangan latihan vokal di SMKI. Bareng ngariung jeung siswa séjén, dina acara pangauban, nyaéta acara latihan vokal anu diayakeun saminggu sakali minangka acara ekstrakurikuler. Dina ieu acara pangauban, siswa diaping ku guru pikeun latihan swara sakaligus ngapalkeun lalaguan kayaning tembang jeung kawih. Liwat pangauban, siswa dipaparin kasempetan miwanoh lalaguan Sunda, boh ku cara ngahaleuang sorangan atawa ngabandungan sora batur. Aya kalana ka tempat pangauban sok disumpingkeung pakar seni swara, jurukawih atawa panembang anu geus moyan.

Jenengan nu emok cabok bari hadé sora téh cenah Tika, wanoja anu saterusna teu weléh nyérédétkeun rasa. Awalna pangangguran wawawuhan, lila-lila ngahajakeun miwanoh leuwih jero. Alesan utamana kataji ku kaparigelanana dina ngawih. Lamun seug manéhna ngahaleuang, ceuk rarasaan, pangalusna ti nu séjén. Teu matak jadi dosa sugan milu kataji ku Tika, ngalengkepan rasa kataji siswa lalaki sejenna anu boa leuwih ti heula kasengsrem ku kaleuwihan anu dipimilik ku manéhna.

Kasempetan pikeun deukeut jeung Tika kalakon basa guru pangaping méré kasempetan kuring ngacapian Tika. Reueus, ngacapian si 'Teteh' lanceuk kelas nu mibanda sora pangalusna. Kawasna Tika gé resepeun dikacapian ku kuring, da saterusna lamun pangauban sok ménta dipangkacapiankeun. Kasempetan deudeukeutan jadi leuwih mindeng.

Tungtungna jadi kabogoh. Teuing kumaha mimitina, da ieu leungeun ujug-ujug jadi sering silih cepengan. Ieu baham jadi sering ngajak ngobrol paduduaan. Ieu panon jadi sering silih teuteup. Ieu suku jadi sering leumpang paduduaan. Tika, mojang Banjaran nu saé soanten, sanajan tanpa nu ngistrénan, resmi jadi bébéné.

Teu dibuni-buni bobogohan téh, ka Emah di lembur ogé wakca. Dina telepon dijéntrékeun, yén kabogoh téh pinter ngawih. Namina Tika, urang Banjaran. Kapireng Emah semu nu bungah, saurna: "Tepangkenn atuh ka Emah," cenah.

"Insya Allah, engké nya Mah, ku Aa ditepangkeun. Apah moal nanaon kitu?"

"Moal sugan. Wawartos atuh ka Apah."

Enya, ka Apah mah kuring teu wani wakca. Watekna téh sieun jeung sungkan. Ka Apah mah nu diwakcakeun téh kudu hal-hal anu daria. Nu matak teu yakin yén Apah bakal narima lamun kuring wakca sual kabogoh, sabab kungsi Apah sasauran kieu : "Diajar sing bener. Apah teu méré lamun barudak keur sarakola kénéh bobogohan," cenah hiji mangsa. Kasauran éta dikedalkeun basa bareto sababaraha urang babaturan nganjang ka imah. Kabiasaan Apah, mun aya babaturan téh sok nimbrung mapatahan, maparin ceramah sual kawajiban jeung laku anu kudu dipigawé barudak ngora. Pentingkeun cenah sakola, sabab bobogohan dina mangsa sakola bisa jadi ngaganggu konsentrasi. Sanajan éta kasauran ditujukeun ka saréréa, nanging ku kuring karasa yén éta téh sabenerna keur kuring.

"Lamun aya nu nyebutkeun yén boga kabogoh, komo bari sasakola atawa sakelas, bakal numuwuhkeun sumanget, ceuk Apah mah bohong. Malah sabalikna, kalah nimbulkeun pangedulan. Hirup jadi loba ngalamun. Nu kapikiran tangtuna ukur kabogoh. Sieun kitu téa, sieun kieu téa. Mana sieun kabogoh direbut batur. Weu, paciweuh. Antukna sumanget diajar leungit, da nu aya dina uteuk ukur kabogoh. Mun kitu, kari nungguan gagal sakola. Pek!"

Abong nu keur sono bogoh, piwejang Apah teu jadi halangan pikir. Haté geus gilig rék mibogoh Tika lahir batin. Nekad nepungkeun Tika ka Emah jeung Apah. Bungah téh basa Emah narima Tika ku pangangken hadé. Basa gok jeung Tika, Apah teu maparin komentar nanaon, nanging katangen tina semuna bangun teu panuju.

Salila hahadéan jeung Tika, balik ka lembur jadi sungkan, sabab di Cijawura - lembur tempat kos - nimu kabetah nu lain dikieuna. Ongkoh kasibukan di sakola nambahan. Harita aya lanceuk kelas, Kang Hendar, meredih sangkan kuring jeung Tika ngadukung manéhna ujian leveling karawitan. Silih dukung dina mangsana ujian di SMKI mah geus biasa, boh dukungan vokal atawa tabeuh waditra. Harita kuring dipénta ngacapian, Tika diperedih ngadukung vokal.

Sanajan ukur ngadukung, tanggung jawab kuring kana suksésna lanceuk kelas anu ujian gedé kacida. Nu matak, indit latihan ceuk rarasaan mah pangsegutna. Komo da unggal latihan bareng jeung Tika. Boh indit atawa balik latihan teu weléh bareng. Hanas unggal balik latihan peuting kudu ngabaso, éta mah itung-itung pengorbanan sugan. Orokaya onaman, bekel kosan rada olok. Méh saminggu sakali ménta dikiriman duit ka Emah. Untungna loba alesan anu bisa ditepikeun, kanggo mésér buku, mésér diktat, atawa motokopi. Ka Emah jadi rada wani ngabohong. Keun baé, demi Tika.

"Tika, disampeur nya ké wengi," ceuk kuring hiji mangsa basa balik sakola.

"Tabuh dalapan nya," témbalna.

"Siap. Kadé ibak heula," kuring ngaheureuyan.

"Tangtos atuh."

Lamun geus jangji sampa kitu, waktu téh kawas nu ngendoran. Sok hayang geura jam dalapan peuting, nyampeur ka tempat kosna, tuluy indit bareng ka tempat latihan. Jeung anéhna ku henteu bosen sanajan amprok unggal poé, patepung unggal peuting. Éta atuda mun geus amprok téh mani pogot, piobroleun teu kendat-kendat. Endah. Nu kasawang kaéndahan téh moal reuntas, sabab jalan sorangeun éstu karasa mulus. Sawangan lana babarengan bakal terus kapimilik.

Tapi Gusti Nu Mahasuci maparin gurat nu lian, sawangan méngpar kabina-bina. Pasualan ujug-ujug baé datang. Teu pira, basa disampeur Tika geus suwung teu aya di kamar kosna. Ceuk nu ngawénéhan, Tika geus mangkat latihan. Kapaksa leumpang sorangan, bari haté mentegeg meueusan. Uteuk pabaliut ku pananya, naha jeung naha. Naha Tika ninggalkeun? Naha bet jalir jangji? Naha...

Kasampak Tika geus latihan ti heula, bareng jeung nu séjén. Basa ningali kuring jebul, Tika ngabalieur. Teu biasana Tika saperti kitu. Polah Tika jadi kumakarep. Kuring bingung, kudu kumaha peta. Salah naon ari kuring? Lebeng, panalék téh teu kajawab nepi ka tutasna latihan. Tika haré-haré. Malah manéhna balik bareng jeung Kang Hendar. Kuring ukur melong maranéhna balik duaan semu nu antaré.

Ti saprak harita Tika teu bisa dikontak. Disampeurkeun nyingkah, ditanya teu némbalan, diteuteup ngabalieur. Hanjakal teu boga batur curhat. Antukna kabingung dikemu ku sorangan.
"Pep, apal teu Tika jadian deui jeung Hendar?" ceuk Suharja, hiji poé basa balik latihan.

"Jadian deui?" kuring kerung.

"Enya, apan Tika téh unit kabogoh Hendar. Ayeuna balikan deui!"

Aya nu ngageduk tarik pisan dina dada. Beja nu katarima meupeuh mamaras angen. Kang Hendar! Lanceuk kelas anu keur didukung ujianana, horéng unit kabogoh Tika, ayeuna balik deui. Paingan. Paingan balik bareng. Paingan Tika teu maliré ka kuring.

Di tempat kos ngadadak teu betah. Unggal poé kumerenyeng hayang balik ka lembur. Geura hayang ngedalkeun kasumpeg jeung kabingung ka nu jadi indung. Hanjakal kahalangan kudu ngadukung heula ujian, lanceuk kelas sakaligus 'maru' kuring. Mun kongang, hayang ngabatalkeun dukungan. Bet kateuteuari ngadukung 'musuh'. Kuring asa peunggas pangharepan.

Réngsé ngadukung ujian kuring maksakeun balik sanajan mangsa peré jauh kénéh. Sajajalan balik, cimata teu sirikna murudul teu eureun-eureun. Baé disebut kawas lain lalaki ogé, da kanyeri mah teu karasa ku batur. Asa diteungteuinganan téh enyaan.

"Barak hayang pindah sakola?" Apah naros rada bedas.

"Teu betah cenah, Pah," ceuk Emah. Kapireng soantenna semu kuciwa.

"Nu matak sing ngadéngé kana papatah kolot. Kumaha ceuk Apah baréto? Ulah waka boga kabogoh!" cenah. Kuring ukur tungkul. Pikiran muter neang pijawabeun, nyieun alesan yén nu ngabakukarkeun hayang kaluar ti SMKI lain alatan kabogoh.

"Da sanés gara-gara éta," ceuk kuring.

"Tong mungkir. Emah tadi peuting ngadongéng."

Antukna kuring teu lemek.

"Kieu nya Pep. Lamun Apep milih kaluar atawa pindah ti SMKI salah kacida. Teu pira gé diputuskeun ku kabogoh, ulah teuing jadi bangbaluh. Anggur dijieun eunteung. Malah mah putusna jeung kabogoh kudu dimangpaatkeun pikeun ngagawéan atawa ngagarap hal-hal anu positip. Apep ayeuna boga waktu leuwih laluasa pikeun ngembangkeun kréativitas tibatan ngagugulung nyampeur jeung ngajak jalan-jalan kabogoh. Apan ceuk Apep sorangan sakola di SMK1 mah kudu rapékan, rajin latihan. Mun teu kitu katinggaleun. Itunganana leuwih hadé batan ngahambur-hambur waktu teu puguh. Ulin jeung kabogoh ukur méakkeun waktu. Sing inget, urusan jodo mah Pangeran anu nangtoskeun, teu kudu tatan-tatan néangan pijodoeun ti ayeuna. Sakola heula sing tamat, ulah sieun érépeun awéwé. Lamun Apep kamari kataji ku Tika lantaran alus sorana, ka hareup tangtu bakal leuwih loba nu sarupa kitu. Bisa jadi meunang nu leuwih geulis, bari jeung leuwih alus sorana. Mangkana sing tigin, teraskeun sakola. Apah teu méré lamun Apep pindah atawa kaluar ti SMK1!"

Sanajan haté jaheut kénéh, ngeureuyeuh sakola di SMK1. Kanyeri alatan diputuskeun ku Tika teu sakara-kara leungit. Tika nu sababaraha mangsa ngeusian catetan duriat, sirna ku sorangan. Lamun harita seug ngaberung napsu pindah ka sakola umum atawa ka SMK jurusan séjén, nyuprih élmu karawitan téh tangtu garung. Sabadana éta, sakumaha ceuk Apah, tanpa kabogoh kuring bisa leuwih laluasa ngembangkeun kreativitas. Saeutikna éta nu karasa mangpaatna nepi ka ayeuna.

"Lagu ieu disanggakeun kanggo calon panganten pameget anu nuju kabiruyungan bingah. Mugi rumah tangga anu badé dilakonanana sing langgeng apanjang-apunjung," ceuk Tika ti luhur panggung mangsa gelenyu lagu. Panon kuring neuteup Tika teu ngiceup-ngiceup. Kawas nu kasima. Nu paksérédét datang deui basa Tika ngahaleuangkeun refrain :

 

Ayeuna mangsa nu éndah Hayu

urang suka bungah Caang bulan opat

belas Narawangan haté bangblas

 

Ah, Tika, henteu bangblas geuning, gerentes kuring. Sora anjeun jadi leuwih alus jeung.. .tambah geulis. Jajantung ratug lain dikieuna. Naha atuh panggih deui téh dina mangsa keur kieu, mangsa kuring rék jatukrami. Naha lain ti kamari-kamari méméh kuring tepung jeung Lia? Aya pangjurung nu maksa kuring kudu nangtung nyampeurkeun Tika. Baé, teu paduli ayeuna kuring rék kawin! Jurungkunung kuring nangtung. Gilig rék dibalakakeun yén kuring masih kénéh neundeun duriat. Sora Tika nu bareto jadi pangirut napel deui dina rasa jeung pangreungeu. Sora Tika magnet nu ngabalukarkeun duriat masked. Euweuh salahna lamun rasa nu baheula peuray dihijikeun deui. Ayeuna mangsana! Ayeuna mangsana!

Basa rék jung pisan ngaléngkah, leungeun aya nu ngajawél.

"Apép badé ka mana?" ceuk Emah, "Pa Naib tos sumping...," cenah.

 

 

Parunggawul, Méi 2011

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Agus

Tada teuing panganten tagiwurna. Asa karandapan kukuring sorangan. Haturnuhun, sae pisan. Nyambung ka simkuring mah.

bambang ritnos

Leres pisan Pami pendak sareng tilas kabogoh nu tos lami pisan jeng urg tepatepang teh sok rajeun salting(alias salah tingkah)

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: