• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mun Seug Kawas Umar bin Khattab

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
Mun seug kawas Umar bin Khattab [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Satengahing pabaliut jeung paburantakna kahirupan politik jeung pamaréntahan kiwari, boh doméstik boh mancanagara, teu salah lamun ngeunteung ka Umar bin Khattab (lahir taun 41 saméméh Hijrah).  Anjeunna salah saurang pamingpin jalma-jalma iman (Amirul Mukminin), sabada Abu Bakar as Shiddiq, atawa saméméh Utsman bin Affan jeung Ali bin Abi Thalib. Éta opat pamingpin nu neruskeun hanca kapamingpinan Kangjeng Nabi Muhammad Saw téh, disebut “Khulafaur Rasyidiin” (pangatur jalma-jalma nu meunang pituduh). Dina itungan taréh Maséhi, Umar jumeneng ti taun 580 nepi ka 645 M. Nyangking kalungguhan khalifah salila 10 taun (635-645).

Umar kamashur ku kaadilan katut kawijaksanaanana dina ngajalankeun pamaréntahan. Tara cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng, dina nanjeurkeun hukum. Tara méré lawang pikeun lumangsungna korupsi, kolusi jeung nepotismé. Pamajikan, anak, katut dulur jeung baraya, papada meunang tindakan keras kamun dianggap nyimpang tina hukum nu berlaku.

Salian ti kitu, titén tulatén dina merhatikeun fakir miskin. Keur miara fakir miskin, Umar ngadegkeun “Baitul Ma’al” (Imah Harta), mangrupa lembaga tempat ngumpulkeun jeung ngurus zakat, sadaqah, jariyah, jeung sajabana. Larsupna barang atawa duit ka “Baitul Mal” dicatet jeung dipariksa kalawan gemet. Nepi ka teu aya lolongkrang saeutik ogé pikeun digadabah ku kacurangan ku saha baé ogé.  Sangkan nu ditujul ku “Baitul Mal” merenah, Umar boga kabiasaan nguriling peuting-peuting. Nalungtik langsung kaayaan kamanan katut karaharjaan rahayat nu saéstuna.

Salah sahiji kisah panalungtikan Umar nu kamashur, nyaéta manggihan awéwé kolot mirun seuneu diriung ku barudak raéng careurik. Teu kuat nahan lapar. Éta awéwé satékah polah ngupahan, sangkan barudak sabar nungguan kaolahan asak. Bari teu eureun-eureun ngocék pariuk nu caina ngagogoplak. 

Barang disidik-sidik ku Umar, sihoréng pariuk téh ukur eusi cai jeung batu karikil.

“Nanaonan anjeun kitu polah? Nipu barudak ku cara ngagodog batu? “Umar negor sanggeus nyampeurkeun.

“Ah, ngabébénjokeun wé, sangkan gancang sararé. Geus sararé mah, tuh geuning jempé sanajan beuteungna kukurubukan lapar, “jawab éta awéwé. Teu engeuheun yén nu datang téh Khalifah Umar.

“Geus sabaraha poé teu boga dahareun?” Umar naros deui.

“Tilu poé jeung ayeuna,” éta awéwé terus terang.

“Naha teu meunang bantuan ti “Baitul Mal” ?”

“Saha nu badé mantuan awéwé kolot tur miskin modél kieu. Eusi “Baitul Mal” mah apan diancokeun ka jalma-jalma nu deuheus ka Khalifah wungkul.”

Umar ngaranjug. Reuwas jeung éra. Horéng aya kénéh jalma katélér-télér. Horéng hasil “Baitul Mal” tacan walatra karasa ku saréréa.

Harita kénéh anjeunna gasik angkat. Dituturkeun ku sobatna, Ashim. Ngagidig ka “Baitul Mal”. Ka nu jaga, ménta tarigu sakarung, minyak, bumbu sapuratina, jeung rupa-rupa bahan kadaharan séjénna. Regeyeng dipanggul. Nepi ka rarampayakan bakat ku beurat. Ashim nu seja mantuan, dicaram.

“Cicing, tong pipilueun. Ieu urusan Umar pribadi jeung umatna, nu kudu dipertanggungjawabkeun di hareupeun Mahkamah Alloh SWT. Mun jaga kuring keur dihukuman, anjeun moal bisa mantuan nanaon sanajan ayeuna milu mantuan,” jawab Umar tandes.

Geus nepi ka nu dijugjug, dekul digawé. Nyieun adonan roti. Ngahurungkeun deui seuneu nu geus ngetét. Adonan dibeuleum. Bahan-bahan séjén diolah. Geus asak, barudak digeuingkeun. Sor-sor dibagi hancengan. Atuh peuting jempling nu tadi pinuh ku renghik sedih, ayeuna jadi hégar ku kabungah. Umar ngalahun budak pangleutikna. Ngahuapan pinuh asih jeung deudeuh.

Ngarasa seubeuh jeung sugema, barudak tinggolédag deui nuluykeun hanca saré tadi. Ka awéwé kolot téa, Umar sasahat sangkan isuk datang ka “Baitul Mal” pikeun meunang bagéan nu saéstuna.  

Ngaraharjakeun rahayat jadi skala prioritas dina pamaréntahan Umar bin Khattab. Neruskeun tapak lacak Kangjeng Nabi Saw nu mikanyaah fakir-miskin, nu diteruskeun ku Khalifah Abu Bakar ash Shiddiq. Umar boga kawajiban ngajaga éta kabiasaan. Nepi ka ngémbarkeun ka sakumna rahayat :  “Wallohi, laumata sya’tun fi sawadil Iraqi dli’atan lahiftulloha an yas’alani anha”. Demi Allah, lamun aya wé hiji embé paéh kalawan percumah di Irak, tinangtu kuring ngadégdég lantaran sieun dipénta pertanggungjawaban ku Alloh. 

Puseur pamaréntahan harita aya di Madinah, rébuan kilométer ti Irak. Tapi Umar teu hayang aya mahluk hirup – sanajan saukur embé – paéh kalawan alesan teu jelas. Sabab salaku pamingpin, tangtu baris dipénta pertanggujawaban di Mahkamah Yaumul Akhir.

Umar ogé gedé jasana dina mekarkeun syiar Islam ka wewengkon anyar. Dina mangsa pamaréntahan Umar, karajaan Romawi Wetan (Bizantium) jeung Karajaan Persia, taluk kana kakawasaan umat Islam. Kitu deui Mesir jeung Palestina. Nurutkeun Dr. Mustafa Mahmud, dina bukuna “Abqariyah Umar bin Khatab” (1980), kapamingpinan Umar bin Khattab, nyongcolang pisan dina sagala widang. Sanajan umat Islam ngalaman beurat beunghar ku ayana wewengkon anyar nu taluk kana kakawasaan Islam, tapi henteu nimbulkeun pangaruh kana méntal spritual umat Islam nu kukuh pengkuh nyekel ugeran ad-Dienul Islam.  

Hiji waktu istri Umar meunang kiriman cepuk dieusi ranggeuyan mutiara ti praméswari Kaisar Rumawi. Barang kanyahoan ku Umar, éta cepuk gancang dirampas. Eusina diburulukeun. Disérénkeun ka “Baitul Mal”.

“Masing inget,“ saur Umar ka istrina. ”Praméswari Kaisar Rumawi ngirim mutiara sacepuk, lantaran anjeun pamajikan Umar bin Khattab, Amirul Mukminin. Lamun anjeun lain pamajikan Umar nu kabeneran nyangking kalungguhan khalifah, cadu teuing praméswari Rumawi barang kirim, samodél kitu.”

Sarua jeung nu kaalaman ku Abdullah, putra Umar. Manéhna meuli hiji onta begang, harga 4 dirham. Pék diasupkeun ka tempat miara onta milik nagara. Sababaraha bulan ti harita, onta jadi lintuh pisan. Geus aya nu wani ngaduitan 20 dirham.

“Alus yeuh onta milik anak kuring, “Umar muji bari nepakan onta, waktu ngaroris ka dinya.

“Leres, Amirul Mukminin. Pangaosna gé tos nikel lima kali tina kawit paméséran 4 dirham,”jawab hiji patugas.

“Sok jual 20 dirham. Nu 4 dirham bikeun ka Abdullah, minangka pulang modal. Nu 16 dirham deui asupkeun ka “Baitul Mal”.

“Naha bet kitu, Amirul Mukminin,“ Abdullah nu kabeneran datang, protés.

“Anjeun mawa onta begang harga 4 dirham ka dieu. Tangtu wé papada hayang ngurus, lantaran status anjeun anak khalifah. Saha nu teu hayang nyugemakeun ka anak khalifah, nu baris dianggap nyugemakeun khalifah? Papada hayang meunang kredit point tina jasa ngangon jeung miara onta bogana anak khalifah. Mun anjeun hayang jujur, piara ku sorangan. Tong néwo-néwo ngagunakeun fasilitas rayat jeung nagara.”

Salah sahiji tindakan Umar bin Khattab nu monuméntal, dicatet ku mangsi emas dina lambaran sajarah Islam, nyaéta ngahukum putrana pituin, Abdurahman. Sakaligus ngahukum jeung mecat Amar bin Ash tina kalungguhan gupernur Mesir, lantaran sailon jeung Abdurahman, ngamaénkeun hukum. Harita di Mesir, Abdurahman mabok inuman keras. Nurutkeun hukum, manéhna kudu dirangket 25 kali hareupeun umum, jeung buukna didugulan. Tapi Amar bin Ash nu apal yén Abdurahman putra Khalifah Umar, ngadon ngajak Abdurahman ka dapur gupernuran. Di dinya, Abdurahman digundulan. Tapi teu dirangkét. Éta kajadian aya nu ngalaporkeun ka Umar. Amar bin Ash jeung Abdurahman dijagragkeun ka Madinah. Di hareupeun majelis, Umar nibankeun hukuman ka Abdurahman, dirangket 50 kali hareupeun umum, jeung diusir sataun ti Madinah. Amar bin Ash ogé dirangkét 50 kali jeung dipecat tina gubernur Mesir. Padahal Amar bin Ash téh salah saurang pahlawan Islam nu hasil ngabedah Mesir. 

Tina petikan-petikan di luhur, tétéla dua rébu taun ka tukang --  nu disebut jaman kuno -- geus aya pamingpin teuneung tur adil. Naha ari di jaman “modéren” kiwari, bet hésé néangan pamingpin samodél kitu? Tapi mugi-mugi Alloh SWT maparin pituduh ka urang sadayana, Muslimin Muslimat, Mu’minin Mu’minat, sangkan tinemu sareng  karunia anugrah Alloh SWT dina sagala widang kahirupan. Mugia di antara anak incu urang aya nu kaparengkeun kénging pasipatan sohabat Umar bin Khattab, sareng sadayana sohabat Nabi Saw nu janten conto tuladeun urang sadaya dina nempuh perjalanan di dunya ayeuna sareng di ahérat jaga. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ajat sudrajat

Subhanalloh.... sae pisan Kang Usep ieu sajarah di guar deui... kanggo picontoeun sareng pieunteungeun urang sadayana...... kuring pribadi ngarasa dosa, sanajan kakara pantar ketua erte...... jauh pisan tina model kapamingpinan Halipah Umar, anu nyaah tur toweksa ka rahayatna. Mudah-mudahan Alloh SWT maparin pituduh sareng ngahampura kana sagala kakurangan sim kuring. Jazakumullohu khoiron katsiron. Salam di Tangerang

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: