• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kaolahan Ayeuna jeung Baheula

Kénging Mang Lintrik
Kintun kana Facebook

“Geus waktuna popolah atawa olah, Lo.”

“Nyieun kaolahan keur lebaran, Mang?”

“Enya.”

“Na rada panjang kénéh waktuna gé, Mang. Leuwih ti saminggu deui ka lebaran téh.”

“Ih, ari popolah mah kudu ti anggalna, bisi kabereg kéh, Lo.”

“Ayeuna mah jaman sagala gancang, sagala instan. Sagala bisa didadak.”

“Ah?”

“Rék nyieun kuéh atawa nyieun bolu, kari meuli bahanna ka pasar atawa ka toko, tuluy diolah.”

“Euh.”

“Atawa mun kabereg-bereg teuing mah meuli nu geus jadi gé réa, Mang.”

“Emh.”

“Praktis jaman ayeuna mah, Mang.”

“Teu kudu ripuh kawas jaman baheula, Lo.”

“Ripuh kumaha, Mang?”

“Kudu sagala ti anggalna. Ti mimiti nyiapkeun bahan nepi ka prakna popolah.”

“Euleuh.”

“Nyieun opak misalna. Kudu nutu heula béas ketan. Kudu nyiapkeun keusik keur nyangrayna, atawa nyiapkeun areng lamun rék digarang. Kapan keusik keur nyangray mah kudu diberesihan heula nepi ka beresih pisan, geus beresih tuluy dipoé. Kaolahanana ogé méméh diasakan kudu dipoé heula nepi ka garing, lantaran lamun teu garing moal beukah diasakanana.”

“Beu. Nyaan banggana téh.”

“Takta gé.”

“Tapi teu jadi bulukan dililakeun, Mang?”

“Moal, Lo. Asal bener wé moéna. Opak, kolontong, ranginang, jeung lian-lianna bisa tahan nepi ka mulan-malén.”

“Henteu maké pengawét, Mang?”

“Tara muké punguwat-pangwaét, cukup ku ngandelkeun bungbu jeung alam wé. Ngandelkeun panasna panonpoé.”

“Tara maké pembeukah?”

“Tara. Hayang beukah mah moéna wé sing garing, nyangrayna atwa ngagarangna sing bener.”

“Ari pewarna?”

“Tara deuih.”

“Ari ngawarnaanana?”

“Cukup ku maké pewarna alami nu aya dina bungba-bungbu. Misalna baé, lamun hayang nyieun ranginang beureum, warnana cukup maké tarasi. Lamun hayang nyieun ranginang hideung jeung bodas mah puguh, da geus aya ketan hideung jeung ketan bodas.”

“Oh.”

“Lamun kaolahan hayang katingali ambucuy kari digaley wé ku gula kawung, modél kolontong atawa keremes.”

“Enya. Bébas tina bahan kimia ari kitu mah, Mang.”

“Bener, Lo. Malah baheula mah nyieun kupat ogé lamun hayang pepel atawa peungkeur téh cukup ku dicampuran apu saeutik, tara maké pijer cara ayeuna.”

“Jadi tétéla ari kitu mah, Mang.”

“Tétéla kumaha ari Alo?”

“Kaolahan baheula atawa kaolahan tradisional bisa dicindekkeun leuwih séhat tinimbang kaolahan jaman ayeuna.”

“Nu jadi alesanana?”

“Lantaran kaolahan baheula mah ti mimiti bahan nepi ka prosés nyieunna éstuning alami, teu maké bahan-bahan kimia anu jadi matak kana awak.”

“Heueuh.”

“Ari kitu mah indungna budak rék sina mimiti olah ti ayeuna.”

“Nyieun naon?”

“Ranginang, gendar, opak, jeung sajabana. Sakabisa manéhna wé.”

“Moal nyieun kuéh?”

“Nya nyieun, saeutik mah. Tamba tong disebut tinggaleun jaman teuing wé.”

“Emh.”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Deden

karikaturna mani pikaseurian.....awahing ku lucu pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: