• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, Drs., SH., MS.,

Nu Marilih Ulah Salah Pilih

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Asep Kartiwa [Potrét/Ilustasi: rudi]

Héabna pilihan gupernur Jawa Barat karasa di mana-mana. Partéy-partéy pulitik gé geus nangtukeun ‘jagona’, abénkeuneun dina pilihan Kepala Daerah Propinsi Jawa Barat. Ngan, kumaha mun salah pilih?

Aweuhan pilihan gupernur Jawa Barat, walatra ka saban tempat. Teu di kampung teu di kota, pada-pada ngadurényomkeun éta pilihan. Kitu téa mah teu sing anéh, lantaran pamingpin téh kabutuh balaréa. “Jawa Barat, butuh pamingpin nu minangka leader ogé minijer,” ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, Drs., SH., MS., Dekan Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung.

 

Pamingpin minangka ‘leader’ mah boga visi katut misi, ogé mampuh ngahijikeun rupa-rupa udagan demi kamaslahatan balaréa. Ari nu disebut minijer, mampuh ngalaksanakeun pancén nu diembanna kalayan hadé tur irit waragad. Hartina, pamingpin nu boga dua kamampuhan kitu, nu kiwari dipikabutuh ku Jawa Barat.

Nilik kamampuhan calon, bisa tina visi jeung misina waktu kompanye, kaasup dina ‘debat publik’. Kagiatan nu kawas kitu ogé kudu jadi sarana atikan pulitik keur masarakat. “Ulah ukur ngabibita jeung ngabobodo. Tapi, kudu mampuh méré gambaran, naon waé nu bakal disorang jeung kumaha prak-prakan ngalaksanakeunana,” pokna basa ngobrol rinéh di kampus Pascasarjana Unpad Dago Bandung.

Husus keur pamingpin Jawa Barat, Prof. Asep Kartiwa mah percaya, lian ti nu mampuh ngokolakeun kakawasaanana téh ogé kudu nu apal kana budaya masarakatna. “Jawa Barat bénten sareng Jakarta!” pokna.

Pentingna kapamingpinan Jawa Barat, tumali jeung poténsi nu nyampak di ieu daérah. Padumukna gé apan sakitu lobana. Ceuk catetan Komisi Pemilihan Umum Daerah (KPUD) Jawa Barat, kurang-leuwih 47 juta jiwa, kalayan jumlah nu boga hak pilihna leuwih ti 35 juta urang. Atuh, gupernur Jawa Barat mah, mun dibandingkeun jeung nagri deungeun, sarua jeung mingpin nagara. Upama dibandingkeun jeung Malaysia, loba kénéh urang Jawa Barat, lantaran padumuk éta nagara mah ukur kurang leuwih 30 juta jiwa. Lian ti kitu, poténsi Jawa Barat gé apan kacida lobana, boh sumber daya manusa ogé sumber daya alamna. “Matak, pantes mun Jawa Barat gé bisa jadi barométer propinsi-propinsi séjénna,” ceuk ieu Dekan Fisip Unpad tandes.

 

Mingkin Beurat

Satutas réformasi, ceuk  Prof. Asep, kapamingpinan téh mingkin beurat. Pameredih ka pamingpin mingkin loba. Tapi, kanyataan kitu, teu matak ‘ngaleutikan’ haté nu boga karep mingpin. Buktina, loba nu hayang jadi pamingpin.

Nilik ka dinya, ceuk ieu pakar Ilmu Politik téh nandeskeun deui, samistina pameredih masarakat kiwari kudu mampuh jadi pangjurung munculna adeg-adeg pamingpin nu hadé tur kuat. Adumanis tangtangan jeung kabutuh masarakat, sawadina ngalantarankeun nu kapilih jadi pamingpin téh nu panghadéna ti antara anu aya.

 

Jul-jolna calon pamingpin keur Jawa Barat, mémang, luyu jeung hak ogé kawajiban warga nagara. Sasaha gé, bisa milih jeung dipilih, asal nyumponan pasaratan. Ngan, katangtuan kitu ogé kudu dibarengan ku tanggung jawab masing-masing pribadi warga nagara. Hartina, mun jadi  nu dipilih, kudu bener-bener mampuh ngalaksanakeun pancénna. Ngukur ka kujur! Ngukur kana kamampuhan pribadi! Kitu, ceuk ieu dosen Pascasarjana Unpad mah. Atuh, nu baroga hak pilih, kudu milih kalayan pinuh ku balitungan demi kamaslahatan kahirupan balaréa. “Ulah kumaha raména, ulah lantaran sohorna. Kedah sadar, sorana bakal nangtoskeun kahirupan lima taun ka hareup,” pokna.

Dina aweuhan pilihan gupernur, sora-sora gambaran kahayang balaréa, ngoncrang di mana-mana. Di antarana, loba nu mikacangcam pamingpin ngora, nu masih kénéh loba kahayang gedé kaludeung. Ngan, ceuk pangarang buku Sistem Administrasi Pemerintahan Daerah, bisa moderat, siger tengah! Adumanis kolot-ngora atawa ngora-kolot, bisa jadi jalan tengah. Kasumangetan kaum ngora, bisa dibarengan ku kawijaksananaan kaum kolot. Gambaran kitu, keur kapentingan mingpin mah kacida hadéna, lantaran mutuskeun hiji pasualan keur balaréa, teu meunang kaliru, komo ahirna salah mah! “Tilu pasipatan pamingpin nu dibutuhkeun mangsa kiwari, perencana, pelayan, sareng pembina,” pokna bari nambahkeun, pamingpin nu hadé téh nu mampuh jadi ‘tempat nyiar élmu’ generasi sapandeurieunana.

Néangan Kamaslahatan

Pilihan langsung, mémang gambaran lumangsungna démokrasi dina nangtukeun pamingpin. Ngan tangtu wé, hasilna mah can tangtu idéal, atawa nu panghadéna.

Pangna kitu, lantaran partéy nu ngasongkeun piliheun, bisa leuwih mentingkeun kapentingan partéyna. Komo deui, dina pilihan pamingpin kawas ayeuna, pilihan gupernur bisa ogé keur kapentingan pilihan anggota législatif, atawa sabalikna. Hartina, aya kapentingan séjén satukangeun éta pilihan.

Geusan ngabebenah pilihan pamingpin, ceuk Prof. Asep Kartiwa bakal leuwih maslahat upama éta pilihan téh mareng. Contona, pilihan gupernur bisa sakalian jeung pilihan kepala daerah. Cara kitu, pilihan téh lian ti ngirit waragad, ogé bakal nyegah ‘silihmangpaatkeun’ keur kapentingan masing-masing. Pilihan umum nu leuwih ‘basajan’ bisa dilakukeun, kari kumaha undang-undangna! *** (Tim Manglé)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: