• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mochamad Zakaria, S.IP., M.Si.

Pamingpin Kudu Lébér Wawanén

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Mochamad Zakaria, S.IP., M.Si. [Potrét/Ilustasi: Ensa]

Pamingpin boga kakawasaan. Kari ngalarapkeun luyu jeung kapentingan masarakat. Ngan, nu pangpentingna, lian ti moralna hadé, boga élmu, ogé gedé kawani. Kitu, ceuk Mochamad Zakaria, S.IP., M.Si.,  paniten pulitik nu dumuk di Bandung. 

Nyaritakeun  kapamingpinan, Mochamad Zakaria mah teu weléh ngabandingkeun kapamingpinan ti mangsa ka mangsa. Implenganana, sakapeung ngacacang ka jauhna, ngimeutan  rupa-rupa  kajadian mangsa ka tukang. “Ketak pamingpin teu jarang ngalantarankeun parobahan anu rohaka,” pokna muka wangkongan. Ngobrol téh peuting-peuting bada isa di salah sahiji kafé di Metro, Jalan Sukarno-Hatta Bandung.

Ngobrol  wanci kitu, da ieu dosen di sababaraha paguron luhur téh, teu weléh riweuh ku pagawéanana. Waktu, jangji tepung tabuh tujuh gé, kakara bisa ngobrol tabuh dalapan leuwih.

Jejer wangkongan jeung nu icikibung dina dunya pulitik, teu jauh tina pasualan nu biasa jadi jejer kuliah Pa Dosen, nyaritakeun kapamingpinan kiwari nu teu wleh jadi panitenan  balarea. “Putusan pamingpin, mangaruhan  balaréa,” pokna. Malah, cenah, aweuhanana téh, lain ukur sabudeureun wewengkon nu dipingpinna,  tapi deuih bisa nembus wates-wates bangsa séjénna.

Kajadian-kajadian rongkah di mana waé, nu cukang lantaranana manusa,  ceuk Moch. Zakaria, tara tuna tina ‘kaludeung’ pamingpinna dina ngagunakeun kakawasaan jeung wéwénangna. Contona, cenah, waktu  Hirosima jeung Nagasaki dibom ku Amerika dina perang dunya kadua, putusan kitu téh, lantaran kateuneung presiden Amerika mangsa harita.

Pangaruhna, lain ukur keur sanagaraeun tapi deuih keur bangsa-bangsa séjénna. Ketak pamingpin kitu, ceuk Zakaria mah, payus ditulad jeung diconto ku para pamingpin  mangsa kiwari luyu jeung pancén masing-masing. “Palajaran nu payus dipetik, putusan pamingpin nu tandés tur pinuh balitungan, kacida dibutuhkeunana ku balaréa,” pokna.

Nyaritakeun kapamingpinan, obrolan gé ngalégot kana sual kapamingpinan di Jawa Barat. Jul-jolna calon pamingpin, ceuk ieu dosen teureuh Bandung téh,  hadé kacida. Ngan, saterusna, masing-masing pihak nu boga kakuatan  ngasongkeun pipamingpineun kudu bener-bener  tanggung jawab ka balaréa. “Hartosna nu diasongkeun téh kudu nu panghadéna,” pokna.

Ciri umumna nu dipikabutuh ku masarakat mah, nu boga kamampuhan. “Cindekna mah, berprestasi lah!” pokna tandes naker.

Tangu wé, ceuk ieu dosen ilmu pulitik téh, nu disebut, boga prestasi,  nu mampuh ngalaksanakeun pancen gawéna dina widang nu keur dipilampahna. Ti dinya bisa kanyahoan kamampuhanana dina ngalaksanakeun pancén gawéna dina waktu jadi pamingpin.

Upama kamampuhan jadi pasaratan, mémang aya ukuranana anu jinek. Nu kawas kitu mah ebreh dina ‘rekam jejakna’ atawa ‘trak record’-na. Lian ti eta, deuih nu leuwih penting, ceuk Zaka (kitu katelahna), pamingpin teh boga ajen moral nu hade, boga elmu nu cukup, oge gede kawani.

Lebah nyebutkeun gede kawani, Mochamad Zakaria, bangun neueulkeun pisan kana pentingna leber wawanén téh. Lantaran, mémang, cenah, pasaratan séjén najan nyampak, upama taya kawani ngalarapkeunana,  kakawasaan téh moal gedé mangpaatna keur masarakat. “Pamingpin dibarengan ku wewenangna, kari ngamangpaatkeunana,” ceuk ieu Dekan Fakultas Ilumu Sosial dan Ilmu Politik Universitas Al-Ghifari téh.

 

Ecés Ngukurna

Kamajuan hiji bangsa jinek ukuranana. Ceuk Zaka mah bisa dibadingkeun jeung nagri-nagri séjén nu saentragan dina mangsana nyorang alam kamerdékaan. Lian ti éta, bisa ngukur kaayaan bihari jeung kiwari. Tumali jeung Jawa Barat, misalna, ka tukang-tukang mah apan sohor naker ieu wewengkon téh jadi gudangna paré di  Indonesia. Pangna kitu, lantaran tina tatanén téa bisa ngahasilkeun paré nu mangpaatna lain ukur keur tatar Jawa Barat, tapi deui  keur daérah séjénna.

Kumaha ari kiwari? Kari ngabandungana wé, da keur nyumponan pangabutuh gé kiwari mah lolobana nguyang ka batur,  ngimpor ti nagri deungeun. Padahal, widang tatanén téh kudu jadi kokojo kahirupan masarakat,” pokna.

Nilik ka dinya, sawadina ngimeutan deui léngkah-léngkah ketak pihak-pihak nu nyekel kakawasaan. “Upama kaayaan saperti kieu, sarwa ngandelkeun hasil ti luar, hartina  pamingpin téh teu mampuh ngokolakeun potensi nu nyampak di masarakat,” pokna tandes naker.

Nyaritakeun pamingpin, Zaka gé percaya, loba conto tuladeun. Lian ti  écés, pamingpin téh boga élmu, ogé hadé moralna téa. Tah, hadéna paripolah, bisa jadi modal utama geusan ngaraharjakeun masarakat. “Ukuran suksésna kapamingpinan, di antarana, tiasa kaukur tina karaharjaan wargana,” ceuk ieu  Mahasiswa S-3  Pasca Sarjana  Universitas Padjadjaran (Unpad) téh.

Pentingan moral pamingpin, jadi ukuran suksés-henteuna éta kapamingpinan. Lantaran pamingpin nu moralna hadé,   bakal leuwih mentingkeun kawajiban batan hak-hakna. Malah, bisa  jadi leuwih mentingkeun rahayatna batan kapentingan  pribadi jeung golonganana.

Zaka percaya, pamingpin kudu bedas  ‘tanagana’  geusan ngalaksanakeun kawajibanana. Boga kakuatan nu punjul batan balaréa geusan ngamajukeun bangsa/daérah nu dipingpinna.  “Mistina mah, nu tampil jadi pamingpin téh nu ngarora,” ceuk ieu dosen nu lahir taun 1969 téh.

Pilihanana, nya nu gedé kénéh impiana jeung lébér wawanénna. Zakaria mah, percaya, nu boga pasipatan kawas kitu,  umumna mah  kaum muda. Malah, inyana gé nyotokeun, pamingpin-pamingpin di dunya  nu mampuh ngarobah  kaayaan, rata-rata nu umurna ngarora kénéh.

Kumaha di urang? Lahirna kaum ngora jadi pamingpin, teu leupas tina sistem pulitik nu dianut kiwari. Da, dina mangsa calon pamingpin diasongkeun ku partéy, tangtu wé, pihak partéy nu nangtukeun. Najan enya rahayat nu milih, ahirna mah lir jual dedet! Nu milih, teu bébas milih da piliheunana geus ditangtukeun ku pihak séjén, ku partéy pulitik!***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: