• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Nganti Bargas

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1353690809.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Reg mobil eureun. Kabéh panumpang kaasup kuring langsung tarurun. Mawa perlengkapan séwang-séwangan nu geus disiapkeun ti imah.

“Isuk jam sabaraha dijemput?”

“Biasa. Magrib geus aya di dieu nya! Méh sholat Magrib heula.” Ceuk Anwar ka tukang angkot.

“Sip.”

Geleser mobil maju ninggalkeun kuring sabatur-batur.

Geus jadi pangaresep kuring kana nguseup. Uculan sabaraha ge teu paduli. Asal karesep kasalurkeun. Nguseup. Nu ceuk batur, ceuk indung kuring, kateuteuari. Pangedulan. Tapi da keresep, teu karasa ku sasaha. Nya angger wé dilakonan. Siga ayeuna kuring jeung babaturan geus aya di hiji tempat. Jatiluhur.

“Tah di dieu cigana merenah, Mang.” Kuring ngomong tarik ka tukang bargas.

“Naha lain biasana mah rada béh ditu?”

“Hayang meunang nu mucekil ah, biasana cenah lebah dieu mah sok rada alus. Loba nu nyanggut.”

“Lamun dék mulang mah SMS we nya?” ceuk nu boga bargas bari malikeun bargasna. Ninggalkeun kuring jeung batur-batur.

***

Peuting baganti beurang. Panonpoé mimiti manceran. Beuki dieu beuki lingsir ngulon. Luak lieuk kana korang, molongpong kénéh. Lauk gedé  nu diajam bakal minuhan korang teu ngabukti.  Paling banter mujaer leutik atawa betok, kitu jeung kitu matak kesel.

“War, naon di dinya eupanna meuni alus beubeunanganna?” kuring ngagorowok.

“Sarua wé jeung di dinya eupan pélét jeung lukut.”

“Ah, naha nya béda milik. Di dinya alus waé euy. Boga asihan nya?” Kuring seuri.

“Asihan ti mana rajin sholat wé!” manéhna nyenghél.

“Ah siah. Nyindiran ka urang tara sholat. Engké geus meunang lauk kajajadén. Rék rajin Sholatna,” kuring seuri.

Sssr... sora angin handaruan teu puguh-puguh nebak kana puhu ceuli kuring. Jempling. Kuring reuwas kabawakeun ku omongan sorangan. Rumasa geus ngomong padu engab. Ayeuna beut asa béda karasana. Keueung. Geueuman.

“Kamana, Sép?” Anwar ngagorowok basa kuring turun tina rakit. Jeujeur, korang, samping nu tadi peuting dipake ngurilingan rakit dibawa.

“Rék pindah ka darat sugan beubeunangan,” cekéng ngagorowok. Teu disebutkeun yén kuring neundeun kakeueung. Bisi geruh.

Geus aya di darat, tunga tengo. Néangan tempat nu bisa dijadikeun lapak. Hayang rada tumaninah. Teu kagiridig teuing ku batur. Ambéh lauk teu sieunan. Kuring seuri sorangan waktu ningali tempat nu rada anggang. Kahalangan ku hiji rungkun. “Tah, di dinya sigana bakal beubeunangan,” kuring ngagerendeng. Laju ngabebanah kabéh alat-alat nu geus dibawa. Sanajan rada anggang tempatna. Tapi kuring bisa nyidikeun ka babaturan anu aya di sebrangeun kuring. Da lapak anyar ayana rada béh luhur, bisa ningalikeun babaturan sanajan teu pati écés. Teuing ari manéhna, teuing sidikeun teuing heunteu ka lapak kuring. Duméh rada nenggang jeung katingker ku rungkun. Ngan sigana mah katingali, ceuk haté kuring. Pan aya cirina. Samping téa. Ku kuring ngahaja ditingkerkeun kana rungkun. Lian ti keur ciri, ogé keur ngahalangan awak méh teu tiris teuing.

Wanci maju ka soré waktu kuring karék bérés ngabebenah lapak ‘tempat nyiruruk kuring saheulaanan’. Mimita mah kuring nyicingan rakit. Sajajar jeung Anwar. Tapi ning  teu beubeunangan. Keuheul kabina-bina. Kabita ku Anwar nu tiap clom, lauk langsung ngagiriwil.

Rarat rérét kanu lain. Anteng, nguseup. Anwar, Robi katingali beubeunangana nambahan. Ari korang kuring. Molongpong kénéh.

Enya wé ari geus pindah mah. Beubeunangan. Unggal clom lauk langsung ngagiriwil kana jeujeur. Padahal eupan sarua siga nu tadi. Pélét bari jeung dicampuran lukut saeutik. Beuki betah wé dina lapak. Karék dua jam geus beubeunangan. Teu karasa. Nguseup nu ceuk batur mah pangedulan méakeun waktu teu ngabukti. Enya kitu pangedulan? Pan angger wé beubeunangan. Bisa ngahasilkeun duit, lamun dijual téh. Pangedulan sotéh lamun ngan saukur cicing di enggon teu barang gawé. Gawé ngan saukur hardolin. Dahar-modol-ulin. Ari ceuk kuring mah lain pangedulan tapi hobby anu bisa mawa kauntungan anu teu  disangka-sangka.

Siga poéan ayeuna. Korang  geus pinuh. Beuki anteng di ieu lapak. Biasana mah kuring ceuk sasaha ge sok ngareog ‘si tukang pipindahan’. Moal ayeuna mah, moal pipindahan deui lapak. Geus wé di dieu. Keun maranéhna sina apaleun engke mun rék balik. Beubeunangan kuring mucekil. Maranéhna gé teu percayaeun waktu kuring nga sms ngabéjakeun beubeunangan. Majar téh cenah teu percaya, 2 jam korang langsung pinuh. Ah, ngahina pisan  ka kuring. Ké diborolokeun eusi  korang. Karék héran. Kuring seuri sorangan.

Jarum pondok dina pigeulang leungeun kuring geus nunjukkeun angka opat. Nu panjangna angka genep. Satengah jam deui tukang bargas bakal ngajemput. Da kitu biasana. Jam lima geus ngajemput. Kudu leuwih hangkeut. Hayang meunang lauk nu gedé. Lauk panggedéna nu aya di Jatiluhur, kuring ngagerendeng dina haté.

Ransel disarandekeun kana tangkal. Terus kuring nyarandé. Nikmat. Betah. Nyawang babaturan nu  beubeunangana  kaéléhkeun ku kuring. Kuring seuri leutik ngarérét kana korang nu pinuh ku lauk. Teu karasa jeujeur ngerenyed. Ditarik hésé. Lakadalah meunang lauk gedé. Ceuk kuring bari ugil-ugilan kana jeujeur.  Barang bréh. Enya wé lauk gedé. Ngan bentukna rada anéh. Teuing lauk naon da kuring gé karék manggihan. Bentuk sirahna persis buhaya, palebah calangap beut katangen huntuna rangeteng pikagilaeun. Kuring ugil-ugilan ngalaan éta lauk tina jeujeur. Bari jeung hésé gé teu burung leupas tina ruruhit. Lung wé ku kuring dialungkeun deui. Sieun. Sanajan enya gedé, teu hayang ngarawatan eta lauk ahéng kana korang.

Gebeg kuring ngagebeg. Waktu ningali jam dina leungeun geus nunjukeun jam 8 peuting. Biasana bargas teu disms gé sok datang sorangan. Jeung anéh titatadi teu ngadéngé HP disada. Rét kana sinyal HP. Pinuh. Kamarana mangkluk téh, teu méré kabar pisan ka kuring. Sigana kabéh kajongjonan, gerendeng haté. Terus ngasms ka babaturan, sangkan bargas geura datang. Teu aya nu ngabales. Ditelepon kitu deui, euweuh nu nyambung hiji-hiji acan. Patromak nu ngabagug digigireun dihurungkeun. Dikersakeun teu daék hurung. Antukna ngahuleng ngaraga meneng. Simpé. Jempling. Kakeueung teu puguh-puguh ningker. Huntu buhaya nu tadi kacerek ku jeujeur kuring némbongan waé. Selengseng kaambeu bau kentang. Teu pupuguh deuih teuing ti mana asalna, asa deukeut kadéngé sora gamelan. Atra. 

Rét ka lapak babaturan nu aya di peuntaseun. Beuki ngagebeg. Naha nu hurung teh beut lilin.  Lieuk ka kénca ka katuhu pinuh ku lilin. Pan kuring jeung babaturan mah, maraké patromak. Hp nu digigiwing dipareuman. Bari babacaaan sabisa-bisa. Terus dihurungkeun deui. Barang bréh. SMS ngaburudul. Kitu deui panggilan tidak terjawab ngantay.

“Dimana manéh?”

“Kamana waé tatadi ditéangan?”

“Pindah ka mana lapakna?”

Kuring langsung nelepon ka babaturan.

“Geuwat jemput kuring ayeuna.”

“Di mana?”

“Di nu tadi, nu aya ciri samping ningker  rungkun,” kuring mareuman HP bari nyusutan késang nu ngagarajag.

Teu lila bargas nu dianti datang. Datang jeung Jeung hiji aki-aki tengah tuwuh,

“Sok enggal Cép, ka dieu?” éta aki-aki nuyun kuring kana bargas.

Kuring nurut. Teu loba omong. “Tos wé tong dicandak.” Ceuk éta aki-aki ka Anwar nu rék mawa korang beubeunangan kuring. Bargas langsung maju ninggalkeun tempat nu dijadikeun  lapak ku kuring. Kuring ngalieuk ka lapak kuring. Gebeg. Katingali sodong gedé. Di hareupeun sodong narangtung wujud mahluk.  Badis buhaya. Buhaya badag, nu huntuna rangéténg. Rét kabeulah katuhu.  Buhaya gedé tadi, nu  beunang ku kuring. Atra lebah sungutna ngucur getih. Getih nu kakait ku ruruhit tina jeujeur kuring. Narangtung ajeg. Panonna anteb. Manco ka lebah kuring. Cécépét rubakna tinggarupay, sungutna calangap nembongkeun huntu nu rangéténg. Matak kukurayeun. Ngajajar siga gulang-gulang nu siap sadia nyalametkeun pamingpin maranéhna.  Astagfirulloh geuning kuring nguseup di luhureun sodong.

“Untung Encép tiasa katulungan,” ceuk éta aki-aki basa kuring jeung sabatur-batur geus aya di darat. Manéhna marancahan  kuring. Méré inuman cai herang. “Tos ayeuna mah tong diemutan. Beubeunangan lauk anu seueur dina  korang kedah diiklaskeun. Da éta mah lain lauk samanéa. Mun Encep teu katulungan, bakal ngahuni nagara manéhna. Maranéhna keukeuh néangan batur keur pangeusi nagarana, sangkan beuki euyeub. Alhamdulillah nyawa Encep Masih salamet. Tah lebah dinya pisan, minggu kamari aya nu nguseup  nepi ka ayeuna leungit, teu bisa balik deui.”

“Alhamdulillah nuhun Gusti.”

“Hiji deui. Di mana waé,  ulah poho kana sholat 5 waktu.” Éta aki-aki mungkas obrolan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: