• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Urang Sunda di Australia Tibelat ka Tatar Sunda

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Pasunda Sydney [Potrét/Ilustasi: Dok. Dadang Kahmad]

Lunta jauh, ka lembur mah moal poho. Atuh, dina waktuna paamprok jeung nu salembur, teu sing anéh mun saterusna hayang ngumpul. Nu kawas kitu, kaalaman ku urang Sunda nu matuh di Sydney, Autralia. Ngan, naon waé mangpaatna keur Jawa Barat? ***

 

Dumuk di mancanagara, ka sarakan mah teu weléh tibelat. Nineung kana kaayaan lembur, sono ka dulur-dulur. Ngan, ku lantaran anggang, kapisahkeun ku jarak rébuan kilo méter, teu sing gampang nganteur katineung téh. Antukna, jorojoy aya kahayang, ngariung jeung dulur-dulur salembur, baraya sapangcikan rasa.

Mémang ilahar, samangsa-mangsa ngumpul jeung batur nu asalna sanagara, rarasaan téh tepung jeung dulur. Dina kaayaan patepung lawung paamprok jonghok, brasna obrolan gé kana kaayaan lembur. Tah, nu kawas kitu ogé kaalaman ku urang Sunda nu dumuk di Sydney Australia. “Nya ngarempel wé dina paguyuban urang Sunda nu namina Pasundan Sydney,” ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., salahsaurang panaratas nu ngadegkeun éta pakumpulan.

Pasundan Sydney nu ogé katelah Indonesian Sundanese Community of Australia (ISCA), miang tina rasa duduluran. Saperti sélér séjénna nu dumuk di éta nagri, apan masing-masing ngabogaan pakumpulan. Atuh, lian ti pakumpulan nu asalna ti sanagara, ogé ti nu sasélér, saperti urang Sunda, Jawa, Padang, jeung sajabana. Paguyuban-paguyuban kawas kitu, tandaning tibelat ka lembur.

 

Ciri Sabumi

Ceuk paribasa, ciri sabumi, cara sadésa. Urang Sunda gé ngarasa, boga ciri mandiri. Matak, waktu aya ‘gegedén’ ti Jawa Barat nganjang ka Australia, harita ngarasa aya nu kurang dina pangbagéa téh. Malum, nu didatangan warga Jawa barat, urang Sunda, sémahna urang Sunda, tapi pangbagéa harita mah, teu sing nyirikeun Sunda. “Pantes mah atuh aya pintonan kasenian Sunda nu boga ciri mandiri,” kitu ceuk salah saurang nu dumuk di Australia harita.

Enya, waktu gupernur Jawa Barat mangsa harita nganjang ka Sydney (2005) di dinya téh, tacan aya pakumpulan urang Sunda. Atuh, pangbagéa ka sémah téh saaya-aya. Mun, sélér séjén mah kasémahan ku gegedénna téh sok dibagéakeun ku rupa-rupa kasenian daérah, harita mah teu kitu, tiiseun wé. “Kadieunakeun mah upami ngayakeun acara ge sok mintonkeun kasenian Sunda,” ceuk Prof. H. Dadang Kahmad nu oge Guru Besar UIN Sunan Gunung Djati, Bandung téh.

Réngsé acara, loba nu ngarasa butuh ku pakumpulan. Nya harita, Dadang Kahmad gé keur aya di dinya. Ku lantaran, loba nu ngumaha, ieu urang Bandung teh ngajak sawatara urang Sunda ngobrol nu daria, ngeunaan kahayang ngadegkeun pakumpulan urang Sunda. Pantes kituna teh, da nu asalna ti Jawa Barat teh teu saeutik, payus upama ngagabung dina paguyuban.

Ally Zakaria, teureuh Buahabatu Bandung, kacida ngabagéakeunana kana karep dulur-dulur ti Sunda kawas kitu téh. Ahirna, teu loba carita, ngadeg wé pakumpulan Pasundan Sydney kalayan pupuhuna, Ally Zakaria. Tangtu wé, éta paguyuban téh meunang pangrojong ti balaréa.

Éta pakumpulan, lana manjangkeun lalakon. Ngadegna 12 November 2005. Ti harita mayeng nepi ka kiwari. Ari tujuanana, tangtu wé rupa-rupa, saperti ngaraketkeun tali mimitran sakumna urang Sunda ogé jeung dulur sanagara ti sélér séjén.

Kagiatanana, ogé rupa-rupa, di antarana mah, milu ngawanohkeun adat-istiadat Sunda, kaasup kasenian jeung budaya Sunda. Atuh, kagiatan séjénna, saperti ceramah kaagamaan (Islam), da apan di mana waé gé urang Sunda mah lolobana muslim.

Tangtu deuih, lain ukur kitu, da éta pakumpulan gé bisa ngayakeun rupa-rupa kagiatan nu luyu jeung karesep masing-masing. Biasa milih, rék miluan kana maénbal, volley, tennis meja, atawa piknik! Dina ruang-riung jeung dulur sasélér, lian silihtukeur pangalaman, ogé bisa jadi pangbeberah dina mangsa tibelat ka sarakan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: