• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si.

Rayat Sangsara Balukar Pangusaha jeung Jawara

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH.,MH., M.Si. [Potrét/Ilustasi: Dok.Mangle]

Karaharjaan nu dipiharep jauh tangeh. Nu puguh mah, beuki ripuh. Kayaan kitu téh balukar pulitik dikawasa pangusaha jeung jawara. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung  Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si., dosen Pasca Sarjana Universitas Islam Bandung (Unisba).  

***

Ukur  wasa ngusap dada! Kitu nu karasa ku Juniarso Ridwan nyaksian sabagian  masarakat nu hirupna masakat. “Loba kénéh nu hirupna ripuh, hésé nyumponan pangabutuh sapopoé, ” ceuk Juniarso Ridwan  basa ngobrol di bumi panganjrekanana, Jalan Tirtasari, Sarijadi, kota Bandung, Jawa Barat.

Kahirupan kawas kitu, kasaksén waktu inyana ngadongdon hiji lembur di tengah-tengah kota Bandung. Ngahaja dina keur lumampah téh nyimpang ka hiji imah, nu ukuranana gé ukur kira-kira opat ka lima méter, pipidingna triplék, pelurna geus barohak. Buranana, mun hujan téh bécék naker. Hareupeun imah, dina  buruan nu legana ukur sababaraha léngkah aya kandang meri, hayam, jeung domba.  Nilik kana kaayaan masarakat kitu, kagambar kasangsaraan masarakat téh nembrak naker, teu bisa disumput-sumput.

Kasangsaraan loba rambat-kamaléna. Balukarna, bakal manjang, lain ukur keur éta kulawarga, tapi deuih turunana. “Di lembur  nu padumukna loba nu kawas kitu, masarakat téh hésé menyat,” pokna.

 

Ketak Pangusaha jeung Jawara

Masarakat loba nu teu bisa majar kumaha. Tumamprak kana kaayaan.  Kituna téh, lain taya ketak, tapi kaayaan nu maksa.  Naon sababna?  Hadé-goréngna ajén kahirupan masarakat kacida gumantungna ka nu ngurus-ngatur rahayat, nyatana mah pamaréntah. Ngan, ketak pamaréntah gé teu tuna tina pangaruh pihak séjén. “Upama dicukcruk ka sunggapanana, bakal ébréh huluwotanana mah balukar paripolah pangusaha jeung jawara nu ngawasa méh sagala widang,” ceuk ieu dosén Fak. Hukum Unisba téh.

Ancrubna  jawara jeung pangusaha kana widang pulitik, ceuk  Yuni (kitu katelahna), teu leupas tina lalampahan sajarah bangsa. Nya,  tangtuna gé tumali jeung kahirupan pulitik mangsa ka tukang. Satutas réformasi, nu arancrub jeung ngawasa pulitik téh pangusaha jeung jawara.  Ti harita, kaayan kitu terus natrat nepi ka kiwari. “Partey pulitik gé teu tuna tina kakawasaan pangusaha jeung jawara téa,”  ceuk ieu Ketua Partai Amanat Nasional (PAN) Kota Bandung téh.

Ti mangsa ka mangsa pulitik jadi panglima. Partey pulitik  mangaruhan kahirupan masarakat.  Rek suka rek henteu, nu nangtukeun kitu kieuna pamarentahan gé partéy pulitik. Ngan, nya kitu, leuwih husus deui mah, nu mangaruhan ketak partéy pulitik gé nu baroga modal jeung  ‘jawara’ nu boga kakuatan maksakeun kahayang.

Kakuatan nu dua rupa golongan bieu, ogé kagambar dina waktuna pilihan umum, boh milih legislatif boh eksekutif. Rahayat loba nu milih lain lantaran kereteg haténa,  tapi kapaksa ku pangbibita atawa ku kasieun. “Nu kapilih ogé lantaran nu baroga modal atawa dipikasieun!” ceuk ieu Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan Kota Bandung téh.

Dina kaayaan pulitik kawas kitu, nu rugi mah tetep balaréa. Rahayat nu sabenerna  boga kakuatan nangtukeun pamingpin,  bisa jadi teu wasa ngamangpaatkeun hakna-hakna kalayan samistina. “Balukarna gé, rayat téh jadi loba nu milih ukur keur kapentingan saharitaeun, milih ku lantaran aya nu ‘ngagayar’ dibere duit!” ceuk ieu urang Bandung nu lahir taun 1955 téh.

Mémang, cenah, teu kabéh masarakat kitu. Da sabagian gé aya nu rasional, hartina boga pilihan nu luyu jeung itung-itungan pipikiran waras.  Nu kawas kitu, dina nangtukeun pilihan, bisa ogé golput atawa teu ngagunakeun hak pilihna.

Sabenerna, partéy pulitik téh kudu jadi alat minterkeun rahayat. Lantaran salah sahiji pancénna gé ngatik marakat sangkan engeuh kana pulitik. Hartina,  rayat daék ilu-biung ngurus ngatur nagara, ngaliwatan hak-hakna. Ngan,  pancén ngatik masarakat gé teu dilaksankeun. Alesanana, rupa-rupa, lian ti kawatesanan kamampuhan parapangurus partey, oge lantaran alesan taya waragad.

Kahirupan partéy,  idealna mah, dumasar kana partisipasi anggota, kaasup dina nyumponan waragadna. Ngan, ‘tiori’ kitu téh teu dilaksankeun. “Lantaran ayeuna mah partéy téh teu beda ti pausahaan,” pokna.

Dina kaayaan partey kawas kitu, teu sing anéh, upama ahirna, loba paripolah anggota partéy nu ngarugikeun balarea. “Paripolahna teu amanah, malah loba nu korupsi,” ceuk ieu Ketua RHS Law Firm nu alamatna di Bandung téh.

Ketak nu boga modal jeung nu boga kakuatan, ceuk  Juniarso, mémang teu weléh nyampak dina saban waktu jeung tempat. Ti mangsa ka mangsa, talajakna écés naker.  Di Jepang, misalna, aya Yakuza, aya Samurai, jeung sajabana, enas-enasna mah gambran ‘dalitna’ kakutan pangusaha jeung ‘jawara’. Maranéhna bisa mangaruhan pamarentahan! Kitu deui jawara, bisa laluasa asup kana saban kelompok masarakat, asup ka pangusaha, asup ka pamaréntahan,  jeung ka rahayat. “Di urang gé kitu!” ceuk Juniarso Ridwan.

Asupna kakuatan kawas kitu kana pamaréntahan, bisa jadi mamala. Lantaran, sagala rupana bisa méngpar tina sistem nu geus ditataharkeun.  Balukarna, kakawasaan gé disalahgunakeun demi kapentingan pribadi jeung golonganana.

Nyaritakeun kahirupan masarakat, mémang moal tuna tina kapamingpinan. Hartina, masarakat téh butuh pisan pamingpin nu bener-bener mampuh jadi salidunganeun masaraat dina rupa-rupa kaayaan. “Butuh pamingpin politisi nagarawan paripurna,” pokna semu neundeun harepan.

Ngan, naha aya nu adég-adégna kawas kitu?  Juniarso Ridwan  boga pamanggih,  dina danget ieu mah teu nyampak. Hartina, piliheun rahayat téh kakara saaya-aya, lantaran taya ‘bahan’ anu hade!

Dina pikiran Juniarso, nu boga karakter kitu, ngan bisa lahir tina godogan ‘kawah candradimuka’.  Medal tina kaayaan nu ngalantarankeun calon pamingpin mampuh nyumponan pangabutuh jamanna.

Paripolah jeung ketak pamingpin, mangaruhan kahirupan rahayat.  Hartina, ketak jeung paripolah masarakat gambaran hasil tina kapamingpinan. “Ayeuna, masarakat téh lir buntu laku, teu nyaho léngkah ka hareup,” ceuk ieu dosen nu mindeng nyajak téh.

Kiwari, ceuk Juniarso, tembong ketak jeung paripolah sabagian masarakat nu neangan tatapakan kalayan nyoréang mangsa ka tukang. Kawas nu tibelat ka nu geus kaliwat. “Balukarna, ngagugulung impian nu teu puguh udaganana, lantaran katalikung ku mitos, ” pokna.

      

Najan kumaha waé kaayaanana, tangtu wé kudu aya ubarna.  Kahirupan mangsa datang kudu leuwih hade batan saméméhna. Ku lantaran kitu, kudu aya tarékah jinek ngungkulanana. Kumaha carana? “Bisa jadi restorasi, bisa jadi revolusi,” pokna tandes naker.

Majuna Jepang, memang, sabada restorasi Meiji. Restorasi kabudayaan nu ahirna mah ngarobah tatanan kahirupan éta bangsa. Ngan, tangtu parobahan kitu gé kudu aya nu ngaluluguanana.

 

Salah Léngkah

Kahirupan tangtu wé boga tetengger. Di antarana téh budaya.  Atuh, urang Sunda gé kitu, boga budaya nu bsia jadi tatapakan kahirupan ti bihari nepi ka kiwari. Ngan, nu tumali jeung budaya gé, kaasup budaya Sunda, teu jinek adeg-adegna. “Lantaran salah léngkah, nu balukarna gé teu puguh udaganana,” pokna.

Padahal memang jinek, budaya Sunda téh, kudu jadi tatapan dina kahirupan. Kudu jadi tuturus hirup masarakatna.  Tapi, budaya teu jadi dadasar paripolah masarakatna! Kitu ceuk ieu teureuh Cikalintu, Bandung téh.

Upama Juniarso Ridwan nyaritakeun pamarentahan, pulitik jeung budaya, da memang nu ditatataan bieu téh, karandapan ku dirina.  Dr. Ir.  Juniarso Ridwan, SH.,MH., M.Si., katelah ogé ku balaréa mah budayawan. Biasa icikibung dina budaya, pangpangna mah sastra, kaasup ngarang carita jeung puisi.

Dina pamarentahan, kungsi jadi pajabat. Pangsiunna gé tina Kepala Dinas Tataruang dan Ciptakarya Kota Bandung. Hartina, kungsi milu ngalarapkeun kawijkan pamarentah nu tumali  jeung pancén gawéna.

Kiwari ieu Dosen Kebijakan Publik di Pascasarjana Unisba téh, icikibung di dunya pulitik,  jadi pingpinan Partai Amanat Nasional (PAN) Kota Bandung.

Dina ngalaksanakeun pancén gawéna, lian ti di kampus, biasa ogé ngalanglang palemburan,  ngadédéngékeun keteg haté balarea.  ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: