• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dedy Hernawan, SH. M.Hum.

Pacogrégan Lahan Hukum Barat Ngéléhkeun Adat

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Dedy Hernawan, SH., M.Hum. [Potrét/Ilustasi: Unay]

 

Remen kasaksén nu parebut lahan. Kituna téh prah di mana-mana. Balukarna, loba korban. Naon sababna? Kumaha ngungkulanana? Manglé ngolongan pamanggih Dedy Hernawan, SH., M.Hum.,  Dekan Fakultas Hukum Universitas Pasundan (Unpas) Bandung.***

 

Mun remen pacogrégan sual tanah, saha nu salah? Mun lahan adat robah nu boga, naon sababna? Upama patalekan-patalekan kitu ditepikeun ka nu weruh dina sual Hukum Pertanahan, saperti Dedy Hernawan, SH., M.Hum.,  tangtu wé jawabanana gé teu basajan. Pa Dekan Fakultas Hukum mah, nilikna gé dumasar kana kasajarahan. “Pasualan tanah kiwari, teu lesot tina balukar Walanda nu ngajajah bangsa urang mangsa bihari,” pokna tandes naker.

Baheula, méméh Walanda datang ka lemah cai urang, lahan téh jinek naker geus aya anu boga. Tanah dikawasa jeung  ditalingakeun ku pamingpin-pamingpin adat di saban lembur. Kituna téh, turun tumurun ti luluhurna keneh. “Tapi, saterusna, sanggeus nu ngajajah ngawasa bangsa pribumi, hukum tanah gé kudu nurut kana hukum Barat, saperti hukum Walanda,” pokna basa ngobrol di Kampus Unpas, Jalan Lengkong Besar, Bandung.

Ngobrol pabeubeurang, bada lohor. Teu sing nyalsé ngawangkong téh, da Pa Dekan téh teu weléh riweuh ku pancén gawéna. Jangji tepung gé, sababaraha kali bolay, lantaran pingpinan,  Pa Dekan FH Unpas téh riweuh naker,  saperti ngadosenan jeung ngalaksanakeun pancén séjénna nu tumali jeung jabatanana.

Lahan diurang, saterusna dikawas ku Walanda,  diatur, dina Agrarisch Wet (1870). Pamustunganana, lahan nu teu kaasup kana Hak Ulayat Masyarakat Hukum Adat dikawasa ku Walanda.

Tangtu wé, ahirna mah, lahan di tatar Sunda gé, loba nu jadi milik Walanda. Ku nu ngajajah dipaké keur rupa-rupa kaperluan nu nguntungkeun nagarana. Ti harita, tuan-tuan tanah pating pucunghul. Ti waktu ka waktu, lahan nu dikawasa ku tuan tanah téh mingkin ngalegaan. Mun asalna 25 rébu héktar (1870), saterusna mah undak, 435 rébu héktar (1901), 3,95 juta héktar (1929).

 

Leuweung Larangan

Hukum Walanda sual tanah, lumangsung ti taun 1870 nepi ka Indonesia merdéka, 1945. Ngan, robahna pamarentahan, kalungguhan lahan mah tetep jadi pasualan. Lahan nu dikawasa ku Walanada,  dipakéna téh rupa-rupa naker, teu jarang jadi milik pihak swasta.

Undang-undang Pokok Agraria (UUPA) No. 5 taun 1960,  teu langsung ngarengesekeun masalah lahan.  Komo deui lantaran loba rayahat nu teu engeuh kana pentingna  sual surat-surat lahan. Atuh, waktuna pamaretah netepkeun tanah kudu disertifikatkeun, tetep loba keneh lahan masarakat nu teu aya sartupikatna. “Kayaan kitu gé ahirna mah jadi masalah, lantaran bisa ngalantarankeun parebutna lahan,” ceuk Dekan Fakultas Hukum Unpas.

Tina teu jinekna kapamilikan, teu jarang lahan masarakat jeung lahan adat gé kasilih batur. Nu bogana, ngégél curuk lantaran teu boga bukti kapamilikan. “Lebah mutuskeun pacogrégan kawas kitu, ahirna mah kudu ka pangadilan. Tapi,  tangtuna ogé pangadilan mah mutuskeunana téh dumasar kana bukti kapamilikan tanah nu nyampak di masing-masing pihak,” pokna.

Ceuk catetan Konsorsium Pembaruan Agraria kurang leuwih 10,89 juta hektar lahan di ieu nagri jadi pacéngkadan. Kitu téh, saperti nu lumangsung ti taun 1970 – 2001.

Nu naratas ngadegna nagara,  sadar pisan, bumi katut kakayaan liana kudu dipaké keur kamamuran rahayat sakumna. Eta téh écés pisan dina Undang-undang Dasar 1945 Hartina, ceuk Dedy ngamangpaatkeun lahan oge kudu keur kapentingan warga nagara sakumna. “Tapi, dina sual lahan, tujuan kitu téh mindeng mengpar ti nu  samistina,” ceuk ieu urang Cimahi Bandung téh.

Kiwari, nu ngawasa lahan tetep lolobana mah nu baroga modal. Lahanna upluk-aplak, nu dimangpaatakeun keur kapentingan usaha atawa bisnisna. Ku lantaran kitu, mangpaatna lahan ge teu karasa ku masarakat sakumna.

Robahna Hukum Adat jadi Hukum Barat, loba rambat kamalena. Tetekon adat nu dipuhit turun-tumurun, dina ngamangpaatkeun lahan mah loba mangpaatna. Geura we, ceuk Dekan Unpas, meh di saban tempat aya leuweung larangan. Padika kitu téh, gede mangpatana keur kapentingan lingkungan jeung kamaslahatan balarea. Leuweung larangan jeung lahan-lahan adat, jadi sumber kahirupan masarakat sabudeureunana, lain keur pribadi atawa golongan. “Hartosna, karuhun téh, mikir dangka panjang,” pokna tandes naker.

Saha nu kudu memérés sual lahan? Nya, ceuk ieu Mahsiswa S-3 Fakultas Hukum Universitas Islam Bandung (Unisba)  mah tangtu wé pamarentah. Upama ayeuna geus aya UUPA, hartina sakumna kapamilikan lahan gé kudu ngindung kana éta undang-undang. Hartina, masarakat nu ngaku éta lahan téh milikna, kudu bener-bener jeung bukti sartupikatna. “Tah, dina ngurus tanah gé masarakat kudu babarieun,” pokna.

Upama ceuk undang-undang, bumi (tanah) keur kapentingan balaréa, hartina gé mangpatana lahan téh kudu keur kapentingan sakumna warga nagara. Pamarentah atawa nagara, teu miboga tanah, lantaran euweuh dina undang-undangna. Nu aya téh wewenang nagara ngawasa jeung ngamangpaatkeunana keur kapentingan masarakat sakumna!

 

Mémérés Akar Pasualan

Kiwari kasaksen, parobahan tempat téh kacida gancangna. Komo deui di kota-kota badag, saperti Bandung. Nu baheula lahan ngablag, ayeuna mah, geus hurin usik, padumukan heurin ku tangtungan wawangunan. Naha kamekaran pangwangunan luyu jeung rarancang? “Tangtos, ari rencana tata ruang sareng tata wilayah (RTRW) mah masing-masing daerah gé gaduh,” ceuk Dedy Hernawan, SH., M.Hum.

Ngan, upama larapna kawas nu patojaiyah jeung rarancang, oge teu tuna tina kalungguhan lahan, boh lahan masarakat, boh lahan nu dikawasa ku instansi pamarentah. Mun éta lahan milik masarakat, memang hakna rék dikumaha-kumaha ogé, kaasup rék dijual. Atuh, mun asalna lahan tatanén heug dijual ku nu bogana, ku pamilik anyar mah, can tangtu dipaké lahan tatanén saperti asalna, da bisa robah dijadikeun tempat wawangunan. Ahirna, tanah milik pribadi mah, bisa waé gampang robah pungsi,  saperti diimahan.  “Upama hak milikna, sasaha gé teu tiasa ngalarang, iwal ti aya aturan yén éta wilayah téh kalebet kana wewengkon nu geus puguh keur naon-naonna,” pokna. Ngan, lebah dinya ge hengker, lanataran teu jarang, lahan nu diajangkeun keur ‘anu’ prak-prakan dipakéna mah beda deui.

Kitu deui nu dipimilik ku instansi pamaréntah, bisa roba rupa jadi milik pihak séjén kalayan robah pungsi. “Intina rencana tata ruang sareng wilayah, tangtos kedah dilaksanakeun, pangpangna mah  ku pihak pamarentah nyalira,” pokna.

Nu kasaksén, memang loba nu ngan ukur wasa ngusap dada. Nu kuduna diantep sina jadi leuwung gé apan robah pungsi, jadi tempat keur wawangunan. Padahal, ceuk Dedi Hernawan, pamakean lahan téh kudu dumasar kana undang-undang tea,  dimangpaatkeun keur kapentingan  sakumna warga nagara.

Mun lahan diantep jadi leuwing larangan, nya éta nu disebut loba mangpaatna keur balarea téh. Hawa bersih, cai mayeng ayana, lantaran loba tatangkalan, nu akar-akarna bisa nyerep cai. Mun lahan digunakeun sakama-kama,  memang aya nu untung, saperti pangsuaha jeung nu ngamangpaatkeun éta lahan, tapi da ukur karasa mangpaatana ku sabagian golongan leutik. “Nu tétéla dina dangka panjang mah tetep ngarugikeun balaréa,” ceuk ieu bibit buit Ciumbuleuit Bandung téh.

Nilik kana kameaan wilayah kiwari, ceuk Dedi mah, butuh panalinga pamarentah anu daraia. “Butuh, pamarentah nu mampuh ngalaksnakeun aturan nu geus nyampak, kaasup nu tumali jeung tanah tea,” pokna.

 

Tibelat ka Lembur

Keur urang Bandung kawas Dedy, tatar Parahyangan téh panineungan. Puluhan taun ka tukang, saperti padataran kaler kota Bandung, asri naker. Di walungan, bisa kénéh kokojayan lantaran caina beresih. Atuh, hawa ogé seger lantaran loba kénéh tatangkalan.

Mun ulin, bisa aprak-aprakan ka sawah ka kebon. Bisa leuleumpangan dina galeng,  ngurek di sawah nu teu jauh di imah.

Kiwari, memang lain bihari. Pasawahan salain rupa, jadi toko, jadi gedong, jadi  kantor. Padumukna deuih, loba nu milih ngajual lahan, terus dimekarkeun di tempat séjén. “Ku lantaran kadéséh, padumuk asli gé seueur nu pindah,” pokna.

Upama Dedy imeut naker nalingakeun sual kamekaran lahan, da memang di dinya icikibungna. Aya di lingkungan Fakultas hukum, bet kataji ku Hukum Pertanahan. Pangna kitu, da memang lahan mah kabutuhan pokok manusa. Atuh, ngamangpaatkeunana gé mistina mah saperti nu kaunggel dina undang-undang téa, keur karaharajaan skauma.

Sanggeus ancrub kana dunya Hukum Pertanahan, pasualan lahan téh teu sing basajan. Lantaran, kalungguhan lahan diurang tina adat kasilih barat anu saterusna diatur dina UUPA, tétéla loba kénéh pasualan. Loba kénéh rambat-kamaléna, kaasup dina sual kapamilikan lahan. “Peryogi langkung nyadarakeun masrakat kana pentingna lahan kanggo kahirupan balaréa,” ceuk ieu teureuh Banudng nu lahir 1962 téh.

Upama kiwari Dedi kataji pisan ku Hukum Pertanahan, ketang mimitina mah, teu bener-bener hayang jadi ahli hukum. “Pedah we kataji ku basa Sunda,” ceuk ieu caroge Diah Indah Sayekti téh.

Kutan, naon hubunganana hukum jeung basa Sunda? Horeng, harita, satutas kalaluar ti SMA Negeri 2 Bandung, Dedy ulin ka kampus-kampus nu teu jauh ti padumukanana. Ngahaja neangan kampus keur tempatna nyiar élmu. Ngan, cenah, obrolan di kampus-kampus téh geuning maké basa Indoensia. Ari ceuk pikir Dedy harita, mun ubar-ubrol teu make basa Sunda téh asa legeg,  kawas nu ngajauhan duduluran jeung batur salembur.

Dina milihan kampus, memang kekeleyengan ka saban tempat, kaasup ahirna mah ngalanglang Kampus Universitas Pasundan nu tempatna di Lengkong Besar Bandung. Harita, jug cop wéh kana haté. Lain ku tempat jeung wangunan  kampus, tapi éta ku obrolan mahasiswana, bet ngaromongna ku basa Sunda. Sajongjongan Dedi ngabdungan nu nyarita kitu. Nya ahirna, milih kuliah téh di Kampus Unpas, milih Fakultas Hukum. Ahirna, ieu rama Hana Sabila Azka (15 taun)  sareng Hani Adila Faza (13 taun) téh tanjrih di éta kampus. “Sateuacanna lulus S-1 gé tos ditawisan janten asistén dosen, nya saterusna mah tetep renggenek di Unpas,” pokna nyoréang mangsa ka tukang.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: