• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. H. Asep Salahudin, M.Ag.

Nalungtik Hasan Mustapa, Ngoréhan Islam dina Kasundaan

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. H. Asep Salahudin, M.Ag. [Potrét/Ilustasi: dok.Pribadi]

Dina diri Hasan Mustapa, Islam-Sunda lir gula jeung peueutna.  Naha ayeuna aya kénéh nu kawas kitu?  Dr. H. Asep Salahudin, M.Ag., panalungtik Hasan Mustapa bruk-brak ka Manglé.

 

Iraha mimiti nalungtik Hasan Mustapa? 

Nalungtik Hasan Mustapa, dariana mah ti sabada réngsé sakola S-1 ti UIN (IAIN) Yogyakarta.

 

Naon waé halangan-harunganana, pangpangna dina milarian sumber?

Nya éta pisan panginten salah sawios halangan harunganana nalungtik Hasan Mustapa. Dalah panginten sanés ukur Hasan Mustapa tapi sakumna literasi Sunda, da seuseueurna masih disimpen di pabukon Walanda. Jigana saé upami Pemda Jawa Barat boga perhatian pikeun nyukcruk sapuratina anu pakait jeung hazanah kasundaan tinimbang duit di awur-awur teu puguh. Mangga wé tingal sabaraha alokasi anggaran pikeun olahraga jeung pasilitas pisik séjénna mah, bandingkeun jeung anggaran pikeun ngoréhan bagbagan kasundaan. Jauh keneh pisan. Leuheung mun olahragana hadé prestasina, ieu mah apan moyodok jeung moyodok.

 

Upami ayeuna, aya kénéh juru dawah nu nyandak sumber tina seratan-seratan Hasan Mustapa kanggo kaperyogian da'wahna?

Ti kapungkur ogé dangding Hasan Mustapa mah aranglangka ditalungtik di pasantrén. Badé pasantrén, UIN atanapi IAIN, Perguruan Tinggi Islam Swasta kurikulumna lolobana mah teu wanoheun kana dinamika Islam lokal. Nu puguh mah jadi pewaris geneologi tradisi Arab, ngalanggengkeun nalar Islam abad pertengahan boh nu patali jeung tasawufna, fikihna, ilmu alatna, soropna, ilmu hadisna jeung lian ti éta. Mun fikihna ti kawit Safinah, Bajuri, Fathul Muin. Alatna, jurumiyah, Imrita, Mutamimah, terus Alfiyah jeung sajabana. Sok geura tanyakeun boh urang UIN-na boh urang pasantrénna apal teu kituh ka Hasan Mustapa? Ulah waka kana dangding jeung guguritana ka jalmina wé heula. Dijamin godeg, nya éta ogé aya hiji dua mah…Kasohor kénéh Aa Gym... Kitu deui, jigana téh leuwih pogot ngutip al-Gozali jeung Ronggowarsito tinimbang Hasan Mustapa … Paling apal ukur semet kana jalan PPH. Atuh lebah da’wah ogé, ayeuna mah  katawisna anu diperyogikeun téh sanés pengkajian tapi pengajian. Nu penting ramé, alus rétorikana, pinter ngabodorna, hadé tagogna, raksukanana modis cop jeung trend agama popular kiwari. Malih di jaman ayeuna mah ditambah hiji deui: pinter nyalahkeun batur, mariksa ajaran nu séjén lamun perlu dijurung ku karep ngeprak wadya balad ngajorag naon nu dianggap sasar. Jadi émut kana ti antawis seratan Hasan Mustapa. Saurna: Kiwari tacan arusum. Nepi kana pamaké kami. Heulaanan kuring mundur deui. Tacan téga ka barudak urang. Basana sérab pangilo Sapédah kula kitu. Matak risi nu sisip budi. Budi daya kula. Geus tepi ka kitu. Dongkap ka masyaallohna. Kajeun teuing hararemeng galih. Moal matak doraka.

 

Lembaga mana waé, nu masih kénéh nyandak sumber Hasan Mustapa?

Muhun. Boh di pasantrénna boh di lembaga akademikna aya, mung minoritas. Jiga di UIN misalna masih aya nu leukeun madungdengkeun teosofi Hasan Mustapa. Atawa nalungtik dijadikeun bahan tésis jeung skripsina. Bari kakara hiji dua éta ogé.

 

Upami ayeuna, bab naon nu sok diaranggo ku pasantrén atanapi lembaga éta?

Mun seug téa mah Hasan Mustapa dikutip, nya biasana nu patali jeung élmuning Islam kabatinanana (tasawuf), éta ogé biasana anu gampang dipahamna, patali sareng Islam Sunda.

 

Kumaha hubungan Islam-Sunda nu aya dina kamandang (boh suluk atanapi dangding) Hasan Mustapa?

Dina kamandang Hasan Mustapa, Islam-Sunda lir ibarat gula jeung peueutna, awi jeung haurna. Tangtuna nomenklatur Islam di dieu lain Islam sakumaha anu difantasikeun ku “Islam garis keras” tapi Islam anu luyu jeung khittahna, nyaéta Islam inklusif, rohmatan lil alamin, toléran. Nya bawiraos di dieu pisan Hasan Mustapa méré konstribusi anu kalintang gedé ajénna dina ngarumuskeun “Islam kultural” ieu. Mun Gus Dur kapungkur kakara semet ngawacanakeun Islam pribumi, Hasan Mustapa mah lain ukur tepi dinya tapi geus ngaléngkah jauh ku cara ngarumuskeun métodologi Islam Pribumi éta, tangtuna miang tina ulekan alam pikiran urang Sunda jeung kabudayaanana. Hasan Mustapa lain waé napsirkeun ayat al-Quran tapi ogé naratas jalan prak-prakan paradigma anu  digunakeunana. Ieu jigana anu jadi cukang lantaran misalna Hasan Mustapa leuwih kataji neuleuman silib tokoh Mundinglaya di Kusumah, Munding Jaladri, Sangkuriang, Sunan Ambu, Guriang, jeung sajabana tibatan Ashabul Kahfi, Firaun, Abu Lahab anu can karuhan namper dina pikiran urang Sunda. Mangga tingali dina ”Aji Wiwitan Petikan Quran Suci” nalika Hasan Mustapa nyurahan surat al-Baqoroh ayat hiji, ”Sanggeus jadi garis tulis, anu dina biwir carita Kur’an alam kadim, percékana Rasulullah, itu mah alam taya mangmang. Eusina Kur’an pituduh, jeung meper, pangatik ati, jadi basa pituduh ti nu Rahayu, pangemat Purbawisésa, pangéling ka wiwitan, pawit bibit bawaeun ka mancawarna, atawa bray pancaindra bijil pandeuri, nu sok disebut rukun iman, wa kutubihi nu disindiran ti lahir.”

 

Dalitna Islam-Sunda atanapi Sunda-Islam, naha  nyampak dina sagala dina sagala golongan?

Islam Sunda-Sunda Islam tos lami dipadungdengkeun. Jigana kiwari diskusi téh kudu geus mampuh ngaléngkahan nomenklatur éta. Islam jeung Sunda sarua dina rohangan sosial pada-pada ngajarkeun sikep moderat, égalitarian, hanteu asa aing uyah kidul. Kajaba Islam jeung Sunda anu geus dibajak ku “kapentingan”, lain deui caritana.

 

Kumaha kedahna ngalarapkeun Islam-Sunda, Sunda-Islam?

Islam jeung Sunda téh teu kudu diaduhareupkeun. Moal aya paédahna. Hantem petereng-tereng. Boh Islamna, boh Sundana, jeung agama lianna, nu puguh mah  kudu méré mangpaat anu nyata pikeun ngawujudkeun “keadaban publik” sangkan hirup panggih jeung huripna ceuk Prabu Siliwangi téa mah. Malah apan dina al-hikmah al-holidah mah atawa filsafat perennial, dina hiji titik mah sakumna agama jeung kaarifan lokal méh teu bisa dibédakeun. Di titik ieu urang bisa sauyunan, dialoh, bisa silih beungharkeun pangalaman agama jeung kebeungharan neuleuman batin jeung budaya masing-masing. Lain silih kakalakeun. Pangéranna mah éta-éta kénéh, nu béda téh cara ngarumuskeun konsep Pangeran éta. Da puguh konsép, perspektif,  ijtihad éta mah bawirasa refleksi jeung artikulasi tina kabudayaan.

 

Upama ayeuna, naha kedah aya lembaga pendidikan jeung kaislaman ngulik ‘metodologi’ Hasan Mustapa dina ngalarapkeu Islam-Sunda?

Nya kuduna mah aya perhatian ti lembaga-lembaga pendidikan jeung kaislaman. Lain ukur jadi perhatian personal, tapi jadi sistem, didiskusikeun kurikeuleumna. Komo apan kiwari keur usum pendidikan karakter. Keur kuring mah pendidikan karakter anu jelas mah kudu miang tina kasadaran religiositas jeung kasadaran kultural. Teologi kultural meureun. Hasan Mustapa cocog pikeun dijadikeun bahan kuliah pendidikan karakter keur urang Sunda. Séjén étnik, béda deui téologi kulturalna. Tibatan madungdengkeun karakter jeung budaya nasional anu can pati jelas juntrungana, mendingan anu geus puguh nyampak dina kaarfian lokal masing-masing étnik. Puguh jeung napak dina lelembutan urang.

 

Kira-kira nu cocok ku lembaga mana?

Boh MUI-na UIN-na UNPAD atawa UPI-na sadayana ogé cocog. Ngan ukur anu ngabédakeun téh engké lebah fokus-na. Nepi ka pamustungana jelas, kumaha di MUI, UIN jeung UPI-na téh. Teu jiga kiwari epistemologi pendidikan islamna beurat ka Arab, atuh umumna loyog ka Barat. Balukarna henteu napak dina adat pangadat masarakatna, jajauheun bisa ngajawab masalah kamanusaan jeung lingkungan sabudeureunana. Tos puguheun ormas samodel FPI, FUUI, jeung nu sajenis éta, da puguh huripna ogé ukur nyoréang ka jaman ka tukang, ngamumulé hirup mangsa lawas.

 

Ari suluk atawa dangding Hasan Mustapa, merenah kénéh dina dawah?

Ceuk kuring mah masih épéktip. Sasasih kapengker kantos diulem ku Universitas Kristen Duta Wacana pikeun cumarita sabudeureun Dinamika Islam dan Tarekat di payuneun para pendeta di Kaliwurang Yogyakarta. Sataun sakali maranéhna mah aya acara Siti (Studi Intensif Tentang Islam). Dina kamandang sim kuring, nya tarékat jeung dangding mistik Islam samodél Hasan Mustapa anu bisa diharepkeun jadi duta Islam anu bener, jadi wawakil Islam kosmopolit.

Pasualan kaharti jeung henteuna kana dangding éta, éta mah tugas urang urang pikeun nyurahanana. Jeung jigana dina bagbagan paélmuan mah teu kedah dipaksa sadayana kahartos. Tong bujeng-bujeng Hasan Mustapa anu ngantunkeun taun 30-an, dalah seratan Ibnu Arobi nu tos lami ngantunkeun seueur anu masih misterina.

 

Peran Hasan Mustapa dina ngarumuskeun “Islam kultural”ageung pisan,  kumaha peran pamaréntah kana ngamumulé ajaran Hasan Mustopa?

Bawiraos tong ngarepkeun teuing peran pamaréntah. Ti baheula mula ogé pamaréntah mah takdirna torék jeung bongé. Summun bukmun ‘umyun fa hum la yarjium…Ti batan “ngurus” Hasan Mustapa mendingan nyieunan baliho puguh udagan politikna jelas pibatieunana. Nya éta ogé seueur perhatosanana pangpangna anu dalit hubunganana jeung tradisi kasundaan anu sipatna publikatif, panggung jeung “ramé” kadituna nguber “proyék”. Asana lebah dieu mah maju kénéh Hindia Belanda dina ngamumulé, ngarawatan, maluruh jeung nalungtik warisan karuhun.

 

Kanggo langkung ngawanohkeun ajaran  Hasan Mustopa,  kedah kuamaha? Naha kedah aya parobahan bentuk promosi, naha dina bentuk buku, kartun, filem jeung sajabana?

Muhun. Sapagodos pisan. Mun urang sapuk réhna Hasan Mustapa téh filsuf jeung sufi Sunda anu nyongcolang, tangtuna kudu langkung diwanohkeun ka masarakat boh ngalangkungan média sosial, filem, buku jeung sajabana. Ti antawisna tos ditaratas ku Pa Ajip Rosidi.

 

Naha pihak kulawarga Hasan Mustapa tos aya  tarékah keur langkung ngawanohkeun ajaran  Hasan Mustapa dina wanda kaayeunakeun?

Kapungkur kantos pihak kulawargana nitipkeun tafsir Hasan Mustapa ka Abah Anom (KH Shohibul Wafa Tajul Arifin) puterana Abah Sepuh, ari Abah Sepuh téh sobat dalit Hasan Mustapa, mung bentén kiprah sosialna. Anu hiji ngokolakeun pasantrén jeung tarékat Qadiriyah Naqsyabandiyah, sedengkeun Hasan Mustapa mah nu ageman tarékatna Satariyah janten aristokrat santri. Maksad simkuring saha waé urang Sundana gaduh sametan sosial kanggo ngamromosikeunana. Sanés ieu mah penerbit jugala kaislaman jiga Mizan dumuk di Sunda dibareulian buku-bukuna ku masarakat Muslim Sunda, tapi éstuning teu kabitaeun pikeun nerbitkeun leuit keislaman Sunda. Punten sanés séntimen étnik, malah leuwih kabita nerbitkeun sabangsaning “Islam Jawa” tos puguheun “Islam Arab”. Nya husnudonna mah aranglangka naskahna jigana mah.

 

Atikan Pasantren 

Keur leutik, karesep Asep ngurek jeung ngecrik. Kituna téh, da di lemburna  aya walungeun jeung pasawahan.

Ti leuleutik diajar ngaji di Pasantrén Pulosari Limbangan Garut. Kituna téh calakan, dina mangsa rumaja gé katalar Jurumiah, sair Imrithi, Lamiyatul Afal sareng Alfiyyah sarebu pada. “Harita mah lumrahna santri téh nalalar nu kitu. Lain nalar al-Quran,” saurna.

Ajengan, nu jadi guruna, ceuk ieu Dekan Fakultas Syariah IAILM Suryalaya, ngajarkeun agama, matak babari nerapna. “Ngajarkeunana ilaharna pasantrén-pasantrén sanésna. Mung panginten di pasantrén harita, ngalogatna ku basa Sunda sanés nganggo basa Jawa sapertos di nu sanés,” pokna deui.

Asep neuleuman élmu agama diadumaniskeun ogé jeung élmu umumna. Atuh, sakolana gé, di Madrasah Ibtidaiyah terus ka Madrasah Tsanawiyah, teras ka Aliyah di Limbangan. Tos réngsé Aliyah nembé mencar masantrén, diantarana ka Darul Ulum Petir Ciamis, ka Riyadul Alfiyyah Wanaraja Garut, ogé di pasantrén Babussalam Cililin Bandung.

Keur Asep, neuleuman élmu mémang teu aya waregna. Beuki nambah élmu malah asa beuki kurangna. Pangna kitu, Asep ogé ber lunta ka nu jauh, kuliah ka IAIN Sunan Kali Jaga Yogyakarta. Nu jadi tinimbangana lunta ka Jawa, lantaran di Yogya mah kaasup murah biaya hirupna. Upama Asep nimbang-nimbang kana biaya nu mirah, da mémang ti keur nyiar élmu leuleutik geus kaitung prihatin kacida. “Ti kelas genep SD mula, sok ditingalkeun ku sepuh, atuh wayahna kedah ngirit-ngirit jeung tiasa mandiri. Atuh kuliah ka Jawa, lian ti ongkos hirupna mirah, ogé emut ka guru, cenah lamun palay janten ajengan kedah ngalaman mondok heula di Jawa,”saur Pa Asep, nu anyar-anyar ieu mulih panalungtikan di Malasyia.

Biasa neuleuman élmu agama jeung kasundaan, keur Asep mawa berkah. Kituna téh, méh ti baheulana gé teu weléh macaan novel-novel Sunda. “Kapungkur Kang Haji Usep Romli sering maparin novel-novel Sunda ka pasantren, kalebet Manglé nu salawasna ngamuat ajén-inajén kasundaan nu leuwih daria,” saur ieu penulis Suluk Sunda ”Purnama Alam”.

Saréngséna lulus ti UIN Yogyakarta, ieu paniten Islam-Sunda, neruskeun deui ka S-2 di UIN Bandung. Atuh teu semet dinya, ahirna ngaréngsékeun S-3-na ti UNPAD Bandung. Keur Asep, ngabdikeun élmu téh kawajiban. Ku kituna, Asep gé teu ngarasa ngorétkeun. Boh di organisasi kaagamaan boh di paguron luhur, geus loba kaludeungna, saperti dipercaya jadi pangurus di Lakpesdam PWNU (Pimpinan Wilayah Nahdatul Ulama) Jawa Barat, sekretaris di MUI Jawa Barat sareng sekretaris di DMI (Dewan Masjid Indonesia) Jawa Barat. Di paguron luhur, pernah jadi Wakil Rektor IAILM Suryalaya (2008-2012), jeung kiwari nyangking Dekan Fakultas Syariah IAILM Suryalaya. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

AYEP SUMARYAT

SATUAN AYEUNA SOK PIRAJEUNAN MACA ARTIKEL SADEREK DIKNgahaja ngenalkeun murangkalih kana sababaraha pandangan kasundaan,da.. akangmah geus kolot nGn kTji we kutulisan-tulisannasok ah..........mengpeung ngora keterukeun sagala pangarti,terutamimah kumaha carana generasi sunda ngorehan deui kasundaaannnanan. hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: