• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Orasi Ilmiah Doktor Honoris Causa Tjetje Hidayat Padmadinata

Kénging Tjetje Hidayat Padmadinata
Kintun kana Facebook
Mangle
Tjetje Hidayat Padmadinata [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

 

Orasi Ilmiah Nalika Nampi Anugerah Doktor Honoris Causa

Widang Élmu Politik

ti Universitas Pasundan. Bandung, 1 Desember 2012

 

 

Tapak Lacak Genep Puluh Tujuh Taun Republik Indonesia

 

Motto: Unggal Tangtangan Kudu Disanghareupan ku Asak Jeujeuhan

 

 

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh, 

Sampurasun.

Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi nu dipihormat:

Bapa Réktor Universitas Pasundan Bandung,

Sénat Guru Besar miwah Para Guru Besar Universitas Pasundan,

Para Dékan, Wakil Dékan, Ketua Program Studi di Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu      

Politik , Universitas Pasundan.

Tim Promotor (Prof. Dr. H. Rusadi Kantaprawira, Ketua Tim Promotor. Prof. H. 

Sudardja Adiwikarta, M.A., Ph.D., dan Prof.Dr. Hj. Ummu Salamah, M.Si., anggota

Tim Promotor ).

 

Panitia Persiapan jeung Calagara ieu acara nu teu kinten ageung komarana,

Kum hadirin wal hadirot nu dipihormat.

            Kalayan mayunkeun ngadeuheuskeun puji sukur ka Hadirot Alloh SWT, dina ieu kasempetan anu teu kinten ageung komarana, sim kuring neda widi seja ngahaturkeun karumaosan, séwu nuhun sareng rasa hormat anu tan wangenan ka civitas academica Universitas Pasundan anu parantos maparin pangangken sareng anugerah gelar Doctor Honoris Causa dina Widang Politik ka sim kuring. Séwu nuhun ka FISIP Unpas anu parantos kersa ngusulkeun, ogé teu kirang-kirang nuhun ka Tim Promotor.

            Sasim kuringeun nu (baheula) mindeng ngarasa dicurangan batur kalayan mindeng diarah-arah, ieu anugerah téh éstu matak beukah irung  rasa kénging pamuji, bingah amarwata suta. Nuhun ka Unpas anu parantos merenahkeun, nimbang taraju sarta maparin anugerah gelar Doctor Honoris Causa anu teu kinten ageung komara akademisna.

            Mudah-mudahan ieu gelar ti Unpas téh, ogé mangrupa jororojoy karidoan tina ati sanubari masarakat. Naha maké mudah-mudahan? Kumargi, salami limapuluh tujuh taun tina umur sim kuring anu tujuh puluh tujuh taun, pangalaman hirup sim kuring teu bisa disebat ayem tengtrem. Hirup kuring éstu tibabaranting dina vivere pericoloso jeung via dolorosa. 

            Sim kuring ngahaja milih judul orasi “Tapak Lacak Politik Genep Puluh Tujuh Tun Republik Indonesia”, téh sangkan masarakat Indonesia teu pareumeun obor, sarta ngabiasakeun cara mikir jeung baranggawé dina wengkuan prosés produk bihari – kiwari – jeung baring supagi. Masarakat sina maca sajarah yén bangsa urang lain bangsa anu ngagegedékeun neuteuli jeung dendam.

            Saréngséna acara di Balé Oto Iskandar Di Nata dinten ieu, 1 Desember 2012, sim kuring pribadi bakal loba ditagih pikeun ngaronjatkeun commitment diri pikeun kamajuan Unpas, masarakat, jeung Bangsa Indonesia. Insya Alloh sim kuring baris tetep sarta terus ngamalkeun élmu amaliah jeung amal ilmiah keur kahirupan manusa, sanajan bari rumasa loba kénéh kurangna jeung sarwa tuna.

            Salajengna sim kuring seja ngahaturkeun materi poko ieu orasi dina raraga nampi anugerah gelar Doctor Honoris Causa ti Universitas Pasundan.

           

I.    Indonesia (Nusantara) mangrupa wewengkon anu nyesa tina lalakon Benua Atlantis dina jaman prasejarah anu musnah lantaran kakerem cai rébuan taun kalangkung (cat: kudu dibuktikeun kénéh). Saampar jeung Indonesia (Logan 1850: Indos-Nesos) aya Austronesia, Melanesia jeung Polinesia anu      pasambung-sambung ti Madagaskar nepi ka  Pasifik. Disebut  Nusantara téh lantaran mangrupa Nusa (Nesos) nu diwangun ku rébuan pulo gedé leutik (Greater Sunda Islands – Lesser Sunda Islands) nu pernahna diantara Benua Australia jeung Benua Asia. Legana wewengkon Indonesia (Nusantra) kira-kira sarua jeung legana wewengkon Amerika Serikat (USA) atawa Eropa ti London – Moskow. Bédana, di ditu mah lelegana daratan ari di dieu lelegana lautan. Jeung nu bédana deui, di Eropa aya kurang leuwih tilu puluh tujuh nagara merdéka, di Amerika aya lima puluh nagara merdéka. Sedengkeun di Indonesia ngan aya hiji-hijina nagara kesatuan. Nya béda pisan. Hakékat Indonesia (Nusantara) mah rébuan pulo, ratusan sélér bangsa, ratusan budaya dina karakterna masing-masing. Dina literatur Barat, Indonesia (Nusantara) disebut Multi-Ethnic Nations jeung Multi Islands Country. Saméméh zaman Hindia Belanda, bangsa budaya Indonesia (Nusantara) diwangun ku sawatara sistem pamaréntahan monarki (Kerajaan, Kesultanan), sistem hukum adat (nu henteu tinulis), jeung welasan pulo gedé jeung leutik nu dipisahkeun ku laut. Sabada éléh jeung éléh dina opat ratus taun ngalawan kolonialisme – imperialisme asing, ahirna Bangsa Indonesia bisa merdéka ngan dina perjuangan 37 taun (1908 -1945). Dimimitian ku Budhi Utomo (1908) jeung Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928, nepi kia jadi bangsa – nagara 17 Agustus 1945. Proklamasi Kamerdékaan nétélakeun yén Republik Indonesia nganut sistem Republik sabagé sistem pamaréntahan, UUD 1945 sabagé konstitusi tinulis, jeung kesatuan (Unitary) sabagé wangun nagara. Dina itungan detik sajarah, ti saprak Proklamasi Kamerdékaan 17 Agustus 1945, pamaréntahan monarki dirobah jadi républik, hukum dasara adat nu teu tinulis jadi hukum dasar tinulis, jeung rébuan pulo gedé leutik jadi hiji beungkeutan nagara kesatuan. Kawarganagaraan bumi putra saharita dirobah tina Kawula Nagara jadi Warga Nagara. Dina perang kamerdékaan 1945, parobahan anu radikal-drastik téh mangrupa hiji kapastian jeung absolut sacara politik jeung sajarah. Tapi lebah hal mingpin jeung ngokolakeun nagara Republik Indonesia pasca dijajah asing, parobahan nu revolusioner téh lain tanpa masalah. Dina hal ngeusian kamerdékaan keur sakumna ra’yat Indonesia anu rupa-rupa karakter, nyampak rupa-rupa masalah dina ngaadilma’murkeun Bangsa Indonesia anu merdéka. Cara “trial and error” ogé dicoba, tapi masalah latén ngeunaan nasionalisme teu bisa tuntas saharita. Satemenna, sistem politik nu mana nu pangluyuna pikan Bangsa Indsonésia anu nyatana Bhinéka Tunggal Ika budayana ? Parobahan kultural henteu sagampang parobahan formal.

 

II.   EUFORIA, kemerdékaan nasional terus lumangsung nepi ka taun lima puluhan. Ku kituna nya digunakeun UUD 1950, sistem ultra multi partéy, sistem demokrasi liberal (free fight liberalism) siatem kabinét parleméntér jeung nu séjénna. Henteu stabilna sistem politik harita dipungkas ku Dekrit Presiden 5 Juli 1959, UUD 1945 dihirupkeun deui sarta Konstituanteu (nu tugasna nyusun Undang-Undang Dasar) dibubarkeun. Ti harita Indonesia mimiti ngambah Éra Orde Lama: nas-a-kom, démokrasi terpimpin jeung jargon-jargon politik séjénna. Politik Luar Negeri tetep Bebas Aktif (sanajan dina prungna mah hésé), bébas henteu ponténg ka blok ideologi mana baé sarta aktif dina ngawangun kahirupan satata jeung tata-dunia anyar. Orde Lama dipungkas nepi ka ayana gerakan G30S/PKI 1965.

 

III.  Parobahan tina bangsa dijajah kana bangsa merdéka mah mangrupa hasil revolusi, ari parobahan ti Orde lama ka Orde Baru mah beunang démonstrasi (parlemen jalanan – ekstra oparlementer). Power Play antara tilu kakuatan utama nyaéta Bung Karno (BK) – Partéy Komunis Indonesia (PKI) _ Tentara Nasional Indonesia (TNI) dina tahuna 1966, anu meunang téh TNI-AD nu dirojong ku mitra strategis kaum intelektual kota. Peran politisi partai diganti ku kaum Teknokrat (ekonomi keuangan), sarta  politik dicangking ku kaum militer. Di zaman Orde Baru 1966-1998 ku cara kapamimpinan kaum militer jeung mitra strategis  kaum intelektual kota teh bebenah pikeun ngalaksanakeun Pancasila/UUD 1945 secara “murni dan konsekuen”, nyederhanakeun format kapartaian jadi tilu partey: PPP-Golkar-PDI. Nu matak hanjakal, séntralisasi politik ngan aya di panggung tunggal Jakarta, Ibukota Negara. Ngadegkeun BP7,  tapi éksés Pancasila seseringna ngan ukur jadi slogan anu kaleuleuwihi (over-sloganised). Nu pangkontra-produktifna mah, Pancasila dituduh jadi ideologi penguasa.

Peran kaum militer di lahan-lahan non-militer nu henteu ditolak di Indonesia, sanés hasil tina mimitran jeung kaum Intelektual Kota, tapi mangrupa hasil warisan citra para pajuang kamerdekaan 1945 – 1948 (pejuang kamerdekaan) sarta jauhna ti éta ti jaman sajarah baheula, yén kaum ksatria lain kaun anu nindes jeung ngagencét ra’yat.

Bari nyalindung kana Panca Sila / UUD 1945, kaamanan (stability first), pangwangunan, ngabarukeun, program (non ideologi) jsb, jadi pusat orientasi politik Orde Baru.

Lain waé korupsi (Lord action: “Power tends to corrupt, absolute power corrupts absolutely), biasana nu geus kawasa hésé turun deui (sawan kuya), teu bisa turun tina korsi kakawasaan. Diibaratkeun numpakaan maung, najan geus capé embung turun da sieun dikerekeb. Nu kawasa téh ponténgna kana hirup korup, konservatif, jeung medit.

Di zaman Orde Baru, teuayana kabébasan ngabalukarkeun cul celna paming-pin-tokoh politik sipil anu miboga karakter (integritas). Hanjakal nu kieu téh ngan ukur bawaan sifat watak individu unggul, sifat ngabdi jeung babakti skadar way of life. “Tina régang kai nu rungkad bakal hirup deui kongkoak nu bakal ngarandakah nu bakal jadi iuh-iuh keur rahayat”. Kitu tah ceuk Cipinang 1965. 

Popularitas pamingpin (pejabat) téh aya watesna. Ngawasa leuwih 20 taun munasabah mun ngahudangkeun arus balik anu ahirna bakal ngagalura jadi ngalawan. Dimana manggih kasempetan, éta kakutana téh bakal némbongkeun kakuatan rohaka nu bakal ngarobah kaayaan. Di zaman Orde Baru nu diwewegan ku ayana Menteri Luar Negeri nu harébat (Adam Malik, Mochtar Kusumaatmadja, Ali Alatas) politik luar negeri Bébas Aktif diteruskeun kalayan hasilna hadé pisan keur Indonesia.

Orde Baru tijungkel dina taun 1998 ku demontrasi deui baé. Jigana geus nincak kana ugana keur Indonesia mah, parobahan politik jeung pamaréntahan salawasna abnormal (Super-normal?). Ti dijajah ka merdéka, revolusi, ti Orde Lama ka Orde Baru démonstrasi, ti Orde Baru ka Orde Réformasi démonstrasi deu baé nu bedas téh.

 

IV.  Réformasi 1998 di Indonésia bisa disebut reformasi tanpa konsépsi! Utamana di Jakarta nu jadi Ibu Kota Nagara Republik Indonesia, tingpucunghul nu rék ngilu lalayaran di laut politik Indonesia, padahal maranéhna téh karék ngilu bajuang waktu ngalawan Orde Baru. Bari nyalindung kana Reformasi, maranéhna kawas kuda leupas ti gedogan, sagala rupa nu ngaharib-harib Orde Baru dirumpak dirungkadkeun (iwal KKN). Sanajan sakumaha ruksakna, tétéla ngaganti pamingpin téh lain barang gampang. Komo mun rumusna cukup ku ngaganti nu saurang ku saurang deui. Dina kacauna  situasi transisi, biasana sok maké formula nu saurang téh diganti babarengan (kolektif). Di zaman Réformasi tétéla partéy téh can siap keur ngahasilekun pamingpin di Républik Indonésia. Robahna kapamingpina ti kaum militer ka kapamingpinan kaum partéy nga ukur robahna ti kakawasaan golongan ka oligarki partéy politik. Elite réformasi kungsi ngaamandemén UUD 1945 nepi ka opat kali maké sistem addendum, keur dicoba diluyukuen jeung parobahan zaman. Akibatna anu teu bisa disingkahan nyaéta renungna partey politik nepi ka jadi puluhan jeung angger teu anggeus jeung teu jelasna sistem kabinét presidential numutkeun UUD 1945 jeung prakték kabinét parleméntér sapopoéna. Politik luar negeri Bébas-Aktif, beuki sulit di zaman negara adidaya tunggal (USA the Super Power) jeung désa global (global village) sarta  nagara-nagara nu tanpa wates (borderless states). Nepi ka kiwari can aya kakuatan anu mampuh ngungkulan krisis total kanagarawanan: eksekutuf, legislatif, yudikatif, jeung oligarki partai-partai politik. Nu pangkuatna jaman kiwari mah pers, media massa elektronik jeung citak. Pertanyaan kardinalna nyaéta: naha bisa aya kajadian parobahan anu leuwih hadé anu réformatorik, konstitusional, jeung démokratik dina  situasi silih curiga jeung teu percaya. Hanjakal pisan jalma-jalma  anu balener henteu ngilu icikibung dina politik, malah merenahkeun manéh di luareun struktur kakawasaan jeung partéy.

 

V.   Kacindekann dasar tina Tapak Lacak Genep Puluh Tujuh Taun Republik Indonesi, diantarana :

1)  Dina hirup nganagara jeung ngabangsa (nation state) RI 17 Agustus 1945, dasar nagara ulah dirobah-robah deui.

2)  Manajemen (tata-kelola) pamarentahan nasional– lokal, sistem otonomi daérah (lain negara federal) geus merenah tinggal ngoméan sautak-saeutik.

3)  Kualitas kanagarawanan Angkatan 1928, teu aya tandingna, teu aya nu ngaluhuran: jujur (bersih), palinter, ngabdi babakti, daék korban demi Indonesia (Nusantara);

4)  Demi persatuan nasional Indonesia (Nusantara) nu bener-bener adil, sistem panggung tunggal Jakarta kudu gancang dirobah jadi sistem multi-panggung ibukota-ibukota provinsi;

5)  Kudu ngalaksanakeun musyawarah nasional ngeunaan kapartaian, nepi ka ngan tinggal dua partey (“Partai Indonesia” dan “Partai Nusantara”) nu bakal luyu jeung  sistem kabinet presidensial  dina UUD 1945.

 

HARGA DIRI, kahormatan, jeung martabat Republik Indonesia 17 Agustus 1945 kudu terus ngélébét. Bari miharep Rohmah, Barrokah, jeung Hidayah ti Allah SWT urang teu épés méér terus bajuang jeung ihtiar. Mugi kauninga ku sadayana ari ihtiar téh hukumna wajib. Ora et Labora, ulah pegat ngadu’a jeung teu bosen ihtiar.

 

Wassalam…

 

Tjetje Hidayat Padmadinata

 

Bandung 1 Desember 2012

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: