• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ulama Wani Ngélingan Umaro

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Saha jaman kiwari nu wani ngélingan pamingpin? Ngélingan lamun pamingpin salah sangkan mulang kana bener? Atawa ngélingan pamingpin keur bener, sangkan ulah méngpar kana salah?

Bawirasa teu aya. Jalma-jalma nu sakuduna tandang makalangan mancén tugas

“amar ma’ruf nahyi munkar” (ngajak kana kahadéan, nyegah tina kamungkaran), geus teu aya deui. Dina ayana, maké cara-cara nu teu dipikaresep, boh ku nu diélingan, boh ku balaréa. Saperti ngabeledugkeun bom, démo atawa laku lampah kasar séjénna. Padahal, sakumaha kaunggel dina Q.s. Anhl : 125, mépélingan saha baé ogé, kudu dumasar kana “hikmah” (wijaksana), “mau’idotul hasanah” (pituah nu merenah),  “jadilhum billati hiya ahsan” (papaduan ku cara nu hadé).

Nu aya ayeuna, paling ukur disebut “silaturahmi” dina harti nu geus disungkeret. Nyaéta tepung lawung bari ngan saukur wawangkong atawa wawawuhan. Henteu ngandung aspék “amar ma’ruf nahyi munkar” deui. Atawa “ngadeuheus”, ngalaporkeun hiji atawa dua kagiatan nu rék atawa geus dipilampah. Biasana nu dideuheusan téh, gegedén atawa pamingpin nu sakuduna meunang pépéling rutin.

Balukarna, timbul karenggangan antara subyék jeung obyék pépéling. Malah tungtungnya mah aya salah sahiji pihak kabeungbeuratan ku “kahadéan” ti pihak séjén. Upamana baé hiji pihak meunang bekel waragad keur kongrés, muktamar, jsb. Ari pihak séjén ngarasa geus nedunan kawajiban barangbéré. Teu perlu deui hal-hal séjén saluareun éta.

Pikeun nyukcruk conto-conto, kumaha sabenerna nerapkeun kawajiban “amar ma’ruf nahyi munkar” ka para pamingpin (nu mayoritas kakeunaan tuduhan milampah salah, kayaning korupsi, jsb), kapaksa kudu ngungkab dokumén-dokumén heubeul. Kitab atawa buku ti abad-abad béh mana, dina mangsa réa jalma teuneung ludeung ngungkab ajén inajen haq sok sanajan pahang (muron), ka jalma-jalma nu sakuduna lempeng bener tapi aya tanda-tanda nyéléwéng. Atawa jalma nu geus kabuktian lempeng-bener bisi kausap sétan nyimpang di luar kasadaran.

Upamana baé dina abad 2 Hijrah (kl.th.754 M) – dua rebu taun katukang – aya ulama jujur tur teuneung. Nyaéta Abu Amar al Auza’i. Sababaraha kali diogan ku Khalifah Al Mansur al Abbasi (754-775), sangkan datang ka karatonna di Bagdad, teu weléh nolak. Tapi hiji waktu – teu diondang teu naon – ngurunyung sorangan.]

“Naha ari teu diondang, anjeun datang ?”Khalifah naros.

“Mun diondang terus nedunan, bisi kuring dianggap butuh ku pangondang raja. Tangtu nu diomongkeun ku kuring, kudu saluyu jeung kahayang nu ngondang. Ari datang sorangan mah bébas nyaritakeun naon baé. Kaasup caritaan nu nembag kana pamadegan atawa kalakuan raja, “jawab Al Uza’i.

“Insya Alloh kuring bakal narima naon waé nu dipedar ku anjeun, “Khalifah jangji.

“Narima téh ngandung harti daék ngaregepkeun, ngahartikeun, jeung ngamalkeun. Sanggup ?”

“Insya Alloh sanggup.”

Barang keur kitu, hiji pacalang karajaan, nyentak ka Al Auza’i.

“Naha anjeun wani culangung ka khalifah Amirul Mukminin nu ku sakabéh pangeusi karajaan dihormat-hormat ?”

“Cicing anjeun, Al Auza’i malik nyentak. “Kuring taya urusan jeung Haman !”

Haman teh ngaran panaséhat Fir’aun, nu ngangsonan Fir’aun sangkan ngamusuhan Nabi Musa As.   

Khalifah al Mansur ngudupruk. Ngarangkul al Auza’i bari nyarita dareuda :

“Ajengan, anjeun nganggap pangawal kuring Haman. Atuh kuring ku anjeun disaruakeun jeung Fir’aun.”

“Lamun kalakuan anjeun adigung adiguna, rasa aing pangkawasana. Nepi ka hayang dipunjung dipuja ku sakumna rahayat. Ngalus-ngalus karaton bari rahayat tetep walurat masakat kokoro nyoso malarat rosa. Ngalajur napsu ngumbar angkara. Éta kalakuan Fir’aun anu disupata ku Alloh SWT.”

“Mugi kuring dijaukeun tina laku kitu, “Al Mansur sumegruk.

“Henteu cukup ku miharep jeung ngomong. Tapi kudu bari prak. Jalma nu ukur ngomong bari teu migawé naon diomongkeunana, baris meunang bebendon rohaka ti Alloh. Anjeunna ngadawuh : “Kaburo maktan indallohi an taqulu ma la taf’alun” (Q.s.Ash Shaf : 3). Sakur pamingpin, lamun meunang naséhat berharga, hég dilenyepan terus diamalkeun, baris meunang anugrah karunia Alloh. Sabalikna, lamun ngabaékeun, bakal jadi mamala dina Poé Kiamat engké. Dosana beuki numpuk, bari Alloh beuki ceuceub ka manéhna. Kitu dawuhan Kanghjeng Nabi Muhammad Saw.

Khalifah Al Mansyur beuki sumegruk. Al Auza’I neruskeun :

“Hé, al Mansur, Kangjeng Nabi Saw ngadawuh deui. Yén sakur pamingpin nu sok ngabohongan jeung nipu rahayat, moal meunang paidin asup ka sawarga. Jeung sing sakur pamingpin nu ngajauhkeun diri tina kaadilan, sarua jeung ngajauhkeun diri ti Alloh Nu Maha Adil. Kitu deui lamun nyingkahan kanyataan, ngabuni-buni fakta nu aya,sarua jeung nangtang ka Alloh Nu Maha Nyata tur Maha Uninga. Moal aya nu bisa ngabela anjeun di hareupeun Mahkamah Alloh, iwal ti amal soléh anjeun sorangan. Naha atuh anjeun, he Manshur, henteu ngalobakeun amal soléh nu baris nulungan  anjeun ? Malah anjeun ngadon ngaloba-lobakeun pasukan, pakacar, harta banda jeung kaagulan-kaagulan materi duniawi, nu engké baris ngajongklokkeun anjeun dina Poé Balitungan ?”

Bérés cacarita, al Auza’i ngaléos. Khalifah al Manshur gancang muru.

“Naha anjeun rurusuhan mulang? Apan pagawé kuring keur nyayagikeun bawaeun anjeun, minangka pamulang tarima ti kuring nu geus meunang papatan sakitu hébatna ?”

“Teu perlu. Honor ti anjeun taya jerena dibandingkeun jeung karunia Alloh nu geus ditarima ku kuring. Nyaéta kawani cumarita di hareupeun pamingpin, jeung kaihlasan haté katut kacerdasan uteuk nu nyababkeun kuring apal kana ajaran-ajaran Alloh katut RosulNa,”Al Auza’i ngageuweungkeun leungeun Khalifah. Gancang ka luar ti rohangan karaton.

Keur ukuran kiwari, tangtu kalakuan Al Auza’i mahiwal pisan. Dalah keur ukuran harita ogé, henteu dianggap pantes ku kalangan ulama “su-u”. Ulama dunya nu ukur “ngajualan” dalil jeung fatwa ka nu keur kumawasa. Dalil jeung fatwa nu diluyukeun kana kapentingan éta para pangawasa enggoning nyieun perilaku nu méngpar tina tetekon Quran katut Sunnah Rasulullah. Al Auza’i, kaasup katégori ulama “akhérat”. Nu geus teu mentingkeun haliyah dunya. Ulama nu wungkul ibadah jeung berjoang lillahi ta’ala.

Aya kitu  kiwari ulama samodél al Auza’i ?

Atawa aya nu wani kawas Fudhoil bin Iyad, nu sajaman jeung Khalifah Harun Ar Rosyid (786-809), sakumaha kaunggel dina kitab “Tadzkirotul Aulia” susunan Fariduddin Attar (abad 13).

Kacaritakeun hiji peuting, Khalifah ngarasa kareunang bayeungyang. Saré teu reup. Anggur gulinggasahan. Nya manggil Abu Mansyur, panaséhat kadeuheus.

“Saha kira-kira ulama nu pantes dipentaan pamanggih wanci kieu. Keur mépés haté rungsing, “saur Khalifah.

“Kumaha mun Fudhoil bin Iyad. Ulama kasohor waro, zuhud, tukang nyaring peuting. Ahli ibadahm ahli amal soléh. Mung nyariosna ceplak pahang,”jawab Abu Mansyur.

“Keun baé. Nu kitu malah nu dipikahayang ku kula téh, “Khalifah laju ngajak ka panganjrekan  Fudhoil bin Iyad, nu pernahna di sesela gang kota Bagdad, nu heureut rupek.

Barang anjog, Abu Mansyur ngetrok panto. Uluk salam tarik. Dijawab ti jero bari nanya :

“Saha wayah kieu kumelendang ka lebah dieu ?”

“Kuring Abu Mansyur, jajap Khalifah Rosyid seja nepangan pangersa salira.”

“Naha dan kuring mah euweuh urusan jeung Khalifah. Teu béda ti khalifah nu teu boga urusan jeung kuring,katut sakumna rahayat. Manéhna mah senang-senang di karaton, rahayat mah balangsak di mana-mana.”

“Anjeunna palay ngadangu naséhat ti anjeun, hé Fudhoil,”Abu Mansyur semu humalengis.

“Naséhat mah réa. Ngan hésé dilaksanakeunana. Komo ku pantar khalifah nu ripuh ngurus haliyah dunya,“ Fudhail beuki heuras.

Tapi sanggeus dilelemu, teu burung daék narima. Ngan maké sarat : embung paténjo beungeut. Cukup sasalaman baé, bari kitu ogé khalifah cukup ngasongkeun leungeun tina liang panto. Teu kudu asup ka jero.

Barang dampal  leungeun khalifah, antel sasalaman, jeung dampal leungeun Fudhail, géréwék Fudhail :

“Ya Alloh, lebar temen lamun ieu dampal leungeun sakieu lemesna, jadi suluh naraka akibat amal-amalanana salila hirup nu mentingkeun diri sorangan, kulawarga, katut kroni-kroni wungkul……”

Khalifah ngaleketey. Merebey cisoca. Mun teu geuwat disangkéh ku Abu Mansyur, boa ngudupruk di dinya.

Isukna, Fudhai aya nu nanya, naon sababna embung patémbong beungeut jeung Khalifah?

Jawabna :

 “Bisi kahusyuan kuring ibadah ka Alloh, kaganggu ku persépsi tina téténjoan. Mun kuring resep, saha nu nyaho haté léah. Condong mikeresep jeung miharep naon-naon ti khalifah, balukar katalian ku resep. Sedengkeun  kuring apan unggal waktu ngadu’a “Robbana la tuzigh qulubana ba’da idhadaitana…..Ya Alloh, mugi Anjeun henteu ngagoyangkeun haté abdi sabada kenging pituduh…..(Q.s.al Maidah : 8). Nu matak kajeun teu jonghok sakalian.”***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ajat sudrajat

Subhanalloh.... kacida beuratna geuning amar ma'ruf nahi mun'kar teh... anu ngageuingkeun kudu teuneung ludeng, ihlas jeung manehna geus ngamalkeun kana naon hal nu rek ditepikeun... atuh anu narima kudu ihlas jeung sabar dina ngamalkeunana, sabab kacida hesena jaman kiwari kudu miheulakeun kapentingan batur (baca rahayat) jeung mandeurikeun kapentingan sorangan jeung kulawarga. Mudah-mudahan Alloh maparin rahmat sareng pituduh ka urang sadayana, ka para pamingpin oge ka para ulamana. Aamiin. Jazakumulloh Kang Haji Usep. Salam ti Tangerang.

khoirudin

sae pisan abdi satuju pisan

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: