• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyingraykeun Pangrobéda Hirup

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Alhamdulillah, nitis tulis ciri wanci datang mangsa nu sampurna, kiwari urang sadayana parantos cunduk kana étangan taun 1434 Hijriah, saparantosna nété hambalan taun 1433 Hijriah anu moal kasungsi deui. Metik hikmah tina tungtunan hijrah nu utamina mah nyatana ngarobih paripolah awon kanu saé malah mandar ajén diri urang tetep aya dina panyalindungan Alloh SWT. Dina emprona, seueur pangrobéda hirup anu ngahalangan. Nya sawadina satékah polah urang kedah jihad, bajoang, sangkan pirang-pirang pangrobéda hirup téh tiasa kaungkulan. 

Islam maparin wejangan sangkan umatna mibanda ajén diri nu maslahat boh keur dirina boh keur balaréa, boh keur kahirupan dunya sumawonna ahérat. Islam teu miharep umat atawa kaomna kuuleun, taya gadag, nepi ka jadi bangbaluh anu lian.

Geusan ngudag éta harepan, Islam --ngalangkungan pituduh Alloh sareng RosulNa-- maparin cecekelan anu upami dilaksanakeun kalayan leres-leres baris kapetik hasilna kaala buahna. Di sagédéngeun éta, kedah apal kana pangrobéda anu tiasa ngahalangan kana tinekananana udagan urang.

Aya sababaraha hal anu sok janten pangrobéda nalika urang ngahontal udagan mibanda ajén diri nu leres-leres Islami, di antawisna baé.

 

1. Ngarasa hirup ditakdirkeun goréng.

Lamun dina diri urang tos nyampak sikep goréng sangka atanapi ngarasa hirup téh tos ditakdirkeun goréng, sisit kadal baé, moal bagja, moal suksés dina ngudag pangharepan, nya tangtos bakal mareuman ketak urang kanggo ihtiar atanapi ngarobih nasib. Nu padahal mah Alloh parantos ngadawuh yén Mantenna moal ngarobih nasib hiji kaom lamun éta kaom, bangsa, jalmi teu daék ngarobih dirina. Hartosna, sikep geus ditakdirkeun goréng téh awon kacida margi baris nutup rohmat Alloh SWT. Anjeunna ngadawuh nu hartosna:

''Pok caritakeun: Hé, hamba-hamba Kami anu ngaleuwihan wates ka diri manéh sorangan, poma manéh peunggas pangharepan tina rohmat Alloh. Saéstuna Alloh ngahampura dosa-dosa sakabéhna. Saéstuna Anjeunna Anu Maha Pangampura sareng Maha Piwelas.'' (Quran Surat Az Zumar: 53)

Ieu ayat kalayan jéntré mépélingan yén kanggo muslim mah teu kénging peunggas pangharepan nalika bajoang miharep kamaslahatan atanapi ajén diri. Margi, upami can nanaon parantos peunggas pangharepan atuh tangtos moal kénging pahala alias sagala rupi téh baris kateug.

Geusan panceg dina tetekon rohmat Alloh kalayan tapis nyingraykeun pangrobéda hirup nu mangrupi sikep peunggas pangharepan, salamina urang kedah panceg dina ageman kaimanan sareng katakwaan dina hartos anu samistina, nyaéta takwa anu dibuktikeun ku amal padamelan nu luyu sareng pituduh Alloh katut RosulNa. Tumali sareng hal éta, Alloh ngandika dina Al Quran nu hartosna:

''Jeung rohmat Kami ngalimpudan sagala hal. Maka, baris ditetepkeun rohmat Kami pikeun jalma-jalma anu takwa, anu ngaluarkeun zakat jeung jalma-jalma anu ariman kana ayat-ayat Kami.''(Surat Al A'rof: 156)

Saur ki juru pantun:

''Ka Ciladeg jeung Kang Inan,

tigurawil lebah désa.

Cepeng deleg kayakinan,

ulah gampil putus asa.''

 

2. Kaleuleuwihi

Kaduana, sikep goréng nu sok ngotoran ajén diri téh nyaéta kaleuleuwihi, ngaleuwihan wates wangen anu tos ditangtoskeun ku Alloh sareng RosulNa. Saur basa agama mah isrof téa. Sagala rupi ogé ari kasebatna kaleuleuwihi mah tangtos baé bakal aya mamalana.

Anapon anu sok mangaruhan manusa kana sikep kaleuleuwihi téh taya kajaba anging hawa napsu téa. Rasa manéh mokahaan, hayang punjul ti batur, hayang pangsagalarupana, antukna tigebrus kana jurang tunggul dirarud catang dirumpak. Sangkan urang salamet tina pangrobéda sapertos kitu, mangga urang amalkeun pituduh Alloh nu kaunggel dina Al Quran di handap ieu nu hartosna:

''Hé Anak Adam, prak paké pakéan nu éndah unggal rék asup ka masjid, dahar jeung nginum, jeung poma kaleuleuwihi. Saéstuna Alloh teu misuka jalma-jalma anu sok kaleuleuwihi.''(Surat Al A'rof: 31)

Kitu pangwawadi Gusti ka urang sadayana yén nalika urang baranganggo sok sanaos ka masjid teu kénging kaleuleuwihi. Nya kitu deui barangtuang sareng leueut kedah luyu sareng palanggeran supados salamet da apan parantos aya katangtosanana. Upamina baé, tuangeun sareng leueuteun kanggo kaom muslim mah tos diwatesanan ku hukum nyatana kedah nuang sareng ngaleueut anu dihalalkeun baé, ari anu diharamkeun mah kedah ditebihan. Upami barang anu diharamkeun masih kénéh dikeureuyeuh, éta hartosna kaleuleuwihi téa nu témahna baris cilaka boh di dunya boh di ahérat jaga. Mugi urang mah tiasa nyingraykeun paripolah kaleuleuwihi sapertos kitu.

 

3. Migawé nu teu mangpaat

Kalan-kalan urang sok tigebrus kana pagawéan mubadir alatan migawé hal anu taya mangpaatna keur ngipuk ajén diri. Dugi ka waktos téh nyérélék teu karaos digunakeun kanggo hal-hal awon siga ngabako nu taya pupurieunana, malah antukna mah ngomongkeun batur, namimah, jeung sajabana.

Jalma iman anu leres-leres miharep kabagjaan dunya rawuh ahérat kedah nebihan padamelan sapertos kitu téh. Upami urang salaku mumin mampuh ngajaga diri tina hal-hal anu taya mangpaatna kanggo ajén kaimanan sareng kaislaman, tawisna urang kagolongkeun ka hamba Alloh anu kenging sinugrah kaom muflih (anu bagja, anu untung) sakumaha pidawuh Mantenna dina Al Quran anu pihartoseunana kirang langkung:

''Saéstuna geus untung jalma-jalma anu ariman mah. Nyaéta jalma-jalma anu husu nalika solatna. Jeung jalma-jalma anu ngajauhkeun diri tina pagawéan jeung omongan anu taya guna.''(Surat Al Mu'minun: 1-3).

Kitu pidawuh Alloh minangka pangwawadi ka sakumna kaom mumin malah mandar nebihan hal-hal anu taya gunana. Nya kitu deui dina hadis, Rosululloh saw. maparin pangwawadi ka urang sadayana.

''Sahabat Mughiroh bin Syu'bah r.a. nyarios: Simkuring kantos nguping Rosululloh saw. sasauran: 'Alloh kacida benduna mun téa mah maranéh migawé tilu perkara: nyarita nu lain-lain, ngamomoré harta, jeung loba tatanya'.'' (HR Bukhori)

 

4. Pidunya

Kahirupan urang di alam dunya moal lana lamun teu kacumponan kabutuh matéri siga tuangeun sareng leueuteun. Da apan awak nu mangrupa matéri téh kudu dihirupan ku matéri deui. Ngan, teu cukup ku matéri wungkul. Ku kituna, dina nyumponan kabutuh matéri téh ulah kaleuleuwihi ku cara ngapilainkeun bekel ahérat. Cindekna mah ulah pidunya teuing, nyatana paripolah anu samata-mata ngan nyumponan kabutuh kahirupan dunya bari ngamomorékeun bekel ahérat.

Cindekna mah kaom muslim anu leres-leres iman mah teu saé ngukur ajén  inajén diri téh ukur ku harta banda, kahirupan dunya, nanging kedah aya kasaimbangan sakumaha pidawuh Alloh dina Al Quran yén jalma iman mah nalika suhud milari bekel ahérat téh ogé ulah lali bekel hirup di dunya. Ieu tawis ayana kasaimbangan. Anapon jejer papagon hirup urang malah mandar aya dina kasaimbangan téh nyatana kedah nyepeng deleg kana papagon katakwaan sakumaha pidawuh Alloh dina Al Quran nu hartosna:

''Hé Anak Adam, saestuna Kami geus nurunkeun pikeun maraneh pakéan pikeun nutupan orat manéh jeung pakéan éndah keur perhiasan. Jeung pakéan takwa anu kacida alus mah.'' (Surat Al A'rof ayat 26)

Tina ieu ayat tiasa dibantun kacindekan yén sanajan jalma bur beureum bur hideung, réa harta bandana, moal jamuga upami henteu dilengkepan ku pakéan takwa. Janten, ngarah teu pidunya, ajén diri urang salamina kedah dilengkepan ku katakwaan.

''Nyoo béas nu si ua,

ka pasar mamawa koja.

Anggo teras acuk takwa,

malah mandar hirup bagja.

 

5. Teu weléh ngangluh

Teu weléh ngangluh, ngarasa teu sugema, goréng sangka, ngarasa baris gagal jeung gagal dina ngudag kamaslahatan, mangrupi pangrobéda hirup anu mindeng kaalaman nu antukna hirup téh sok gampang kabawa ku sakaba-kaba, gagaléongan teu panceg ngamudi diri.

Kanggo muslim mah paripolah kitu téh éstu kedah ditebihan. Salamina, muslim kedah gaduh sangkaan saé ka Alloh atanapi saur basa ayeuna mah kedah optimistis teu kénging pesimistis. Naon margina? Margi, Alloh baris ngiring kana naon-naon anu disangkakeun ku jalmi sakumaha hadis nguningakeun.

''Abu Huraéroh r.a. sasauran, ngadawuh Rosululloh saw.: Alloh parantos ngadawuh: Kami salawasna ngilu kana prasangka hamba Kami jeung Kami salawasna ngukuntit manéhna salila manéhna inget ka Kami. Demi Alloh, saestuna Alloh leuwih atoh narima tobat hambaNa ngaleuwihan kasugemaan hiji jalma anu manggihan deui barangna anu leungit di leuweung geledegan. Jeung singsaha anu ngadeukeutan Kami sajeungkal, maka Kami ngadeukeutan  manéhanana sahasta. Jeung singsaha anu ngadeukeutan Kami sahasta, maka Kami ngadeukeutan manéhna sadeupa. Jeung lamun manéhna datang ka Kami bari leumpang, maka Kami datang ka manéhanana bari lumpat.'' (HR Bukhori jeung Muslim)

Jadi, tinimbang loba ngangluh teu puguh mah mending langkung ngaraketkeun diri (taqorrub) ka Alloh geusan miharep pitulung sareng karidoanaNa.

 

6. Sirik pidik

Sirik pidik jail kaniaya, paripolah goréng lampah anu sawadina ditebihan ku urang sadayana. Margi, kajabi diwagel ku agama, ogé sikep modél kitu téh sanés nguntungkeun, malih nu saleresna mah ngarugelkeun. Da atuh, najan tujuanana keur kasugemaan diri geusan nutupan kakuciwaan, enas-enasna mah ukur némbongkeun kahéngkéran jiwa.

Ku kituna, sirik pidik, panasbaran ku milik batur téh kedah ditebihan. Dina hadis kauninga nu hartosna:

''Ibnu Umar sasauran, ngadawuh Nabi saw. : Teu meunang hiji jalma sirik pidik kanu séjén anging dina dua hal: hiji jalma anu dibéré élmu Al Quran terus manéhna ngamalkeun sabagé padoman ibadahna beurang peuting. Jeung jalma anu dibéré ku Alloh beunghar harta, terus manéhna ngabalanjakeun hartana beurang jeung peuting pikeun amal kahadéan.''(Riwayat Bukhori sareng Muslim).

Jadi, numutkeun hadis di luhur, mun téa mah rék sirik ka jalma pinter lain samata-mata pinterna atawa gelarna nu ngabéréndél, tapi ku juhud jeung waro-na, ku amal soléhna. Sirik pidik ku jalma beunghar, ulah ku hartana samata-mata, nanging ku amal soléhna ngalangkungan hartana.

 

7. Héngkér silaturahmi

Silaturahmi, mangrupi amal penting keur ngipuk ajén diri sangkan aya dina kabagjaan. Malah mah nya ku silaturahmi rejeki urang baris ngagulidag. Ku kituna, urang ulah ngamomorékeun ajén silaturahmi sakumaha pidawuh Nabi saw: ''Ti Abu Huraéroh anjeunna sasauran, tos ngadawuh Rosululloh saw.: sing saha anu hayang dijembarkeun rejekina jeung dipanjangkeun umurna, maka prak silaturahmi.''(HR Bukhori).

Ku kituna sakali deui, dina ngeusi taun énggal 1434 Hijriah nu ayeuna ku urang parantos kasorang, hayu urang soson-soson nyingraykeun sagala rupi pangrobéda hirup di antawisna nu parantos dipedar di luhur malah mandar ajén diri urang salamina ngaronjat. Da apan hakékat hijrah téh nu utamina mah ngarobih paripolah awon kana saé, ti nu haram ka nu halal, tina poék kanu caang, tina masiat kana maslahat.

Panutup catur, mangga urang lenyepan pépéling ki juru pantun:

''Citajin anu Ceu Rahmi,

caina urut ngisikan.

Sing rajin silaturahmi,

ngarah rijki ngarekahan.'' ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: