• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngaran Propinsi

Kénging H. Rully Indrawan
Kintun kana Facebook

Basa kang Adjie Efsa, ogé dialokan ku Kang Acil Bimbo,  ngogan dina hiji gempungan anu rék madungdengkeun perkara ngaganti ngaran propinsi Jawa Barat, kuring sisinarieun rada giak. Lima taun ieu geus rada teu purun ngilu gempungan perkara kasundaan téh, sok komo anu ngoganna aya pakuat-pakait jeung partéy pulitik mah. Sok teu bérés alang ujurna, asa ngabuntut bangkong. Duka kuring ogé keur katarajang panyakit “selebritism”  nu kiwari keur narajang warga urang kitu? Leuwih percaya kénéh ka sélébriti tinimbang ka ulama, kitu saur Pa Miftah Faridl ogé. Malah aya apanan, salah saurang patandang calon gupernur nu keukeuh hayang diwakilan ku selebiritis, sigana ngarasa kurang populér, sanajan geus masang baliho di unggal péngkolan ogé.

Pasulana ngaganti ngaran propinsi Jawa Barat, lain kakara ayeuna. Majar ti taun 1957, hasil kongrés Masarakat Sunda anu diaos ku Ajip Rosidi, béjana salah sahiji putusanana  ménta ngaran Jawa Barat diganti ku nu lewih nonjolkeun kasundaan. Pon kénéh kitu, Paguyuban Pasundan, dina taun 1999 pernah ngahudangkeun deui perkara éta. Sarua hasilna nyamos, loba karisi jeung karempan, pangpangna ari imeutan kuring mah, urang acan bisa nguniangkeun tékad jeung common sense balaréa. Alesan anu sipatna émosional, séntiméntil, atawa niatan nanggarkeun wawanén wungkul mah bakal nyanghareupan sikep sabalikna tipapada urang kénéh.

Keur sakuringeun, anu teu boga implengan pulitis jeung séntimén budaya, da rumasa bapa kuring  mah bibit buitna ti wétan sok sanajan lila ngajar di sakola Pasundan. Néwak sikep subordinate ti masarakat Sunda. Taun 80-an, di Bandung;  di kampus, di mall, ogé tempat umum lianna, kakacapangan mun nyebut jalma anyar pinanggih téh ku sesebutan “Mas jeung Mba” sok sanajan ayeuna tos rada ngurangan. Tapi aya deui anu rada anéh, kiwari tukang kadaharan (kuliner, basana) anu ayeuna keur mahabu di Bandung ogé kota lianna di Jabar. Sok sanajan katanggar urang Sunda, mun diajak ngobrol Sunda téh, éh balik deui maké basa malayu. Aya kahariwang pokal kitu téh, pédah teu ngarasa reueus maké basa indung. Leuwih jauhna deui, pajarkeun téh jadi urang Sunda mah ngarasa jadi kasta nomer dua.   

Sikep kurang percayana diri masarakat urang. Kagambar prototipe anu kungsi kadéngé waktu sempal guyon di Jakarta. Yén mun urang inget ka pangacara pasti urang Batak  cenah, mun ngobrol dagang pasti urang Padang, mun ngimeutan gaya pejabat pasti urang Jawa, mun perelu tukang pukul atawa tentara pasti urang Ambon atawa Flores, mun tukang maén bal pasti urang Irian. Mun ngobrol kasatiaan badega, tah ieu sok nganyerikeun haté, cenah urang Sunda. Beu, nepika kakituna, tapi teu bisa mangka pulia basa dikonfirmasi kana data yén ti urang pisan apanan panglobana ngirimkeun TKI/TKW téh. Da ngarep-ngarep jangji sajuta lapangan gawé téh asa teu puguh juntrunganana.

Can aya mémang hasil panalungtikan anu natrat, yén aya hubungan antara hal éta jeung ngaran propinsi. Tapi ceuk teori pemasaran Creating Brand Insistence  anu neueulkeun yén ngaran téh sawadina boga lima sarat (The Five Driver) nyaeta awareness, relevant differentation, value, accessiblity,  jeung emotional connection. Karasana, urang butuh wacana anyar perkara ngaran wewengkon masarakat Sunda. Dina pipikiran, pantes Jawa Barat sababaraha indikator penting kahirupan urang masih disahandapeun propinsi Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Perkara anu sipatna makro seperti pangangguran, kamiskinan, angka korupsi, jumlah pagawé migran. Angka Partisipasi Pendidikan. Atuh dina sisi mikrona penyerapan dana KUR, kondisi UMKM  masih dihandapeun dua propinsi tadi. Boa-boa hayang jadi propinsi termaju di Indonesia téh moal kahontal, sabab urang boga mental subordinate tadi.

Sok disambung-sambung. Basa masarakat Bali di usir ti Lampung. Masarakat Bali ngagorowok tarik pisan, yén rék kaluar ti NKRI upama konflik di Lampung teu bisa diréngsékeun bari teu ngarugikeun sélér Bali. Pon kitu deui,  urang Aceh wani rék misahkeun ti NKRI, sok sanajan jumlah pangeusina méh sarua jeung sakacamatan di urang. Teu kudu urang mah ngancam hayang misahkeun diri sagala. Ogé teu kudu ngarenghik kudu loba anggota kabinet ti urang Sunda sagala. Komo bari jeung menta affirmative policy supaya presiden 2019 ti sélér Sunda, bari jeung can karuhan aya dampak nanaon keur balaréa. Nu kudu jadi implengan para élit Sunda kiwari, kumaha nanjeurkeun harkat martabat Sunda malar masarakat pituin teu ngarasa tumamu di sarakanna sorangan, hirup bari hurip.

Ceuk R.W. van Bemmelen (1949) Sunda teh istilah nu geus dipaké heubeul pisan keur ngaran  hiji wewengkon anu aya di bagian barat laut wilayah India wetan, nepika dataran bagian tenggara nu ngaranna Sahul. Dataran Sunda dikurilingan ku Gunung Sunda (circum Sunda Mountain System)  panjang kira-kira 7.000 km. Kaasup wewengkon urang ayeuna. Sunda ku ahli ilmu bumi ti Yunani, Ptolemaeus geus kacatet dina bukuna taun 150 Masehi. Salian ti éta, karajaan Sunda mimiti ditaratas taun 670 M basa Tarumanagara dibagi jadi dua karajaan, nyaeta Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh,  Citarum jadi watesna. Kacindekanana, urang boga tuturus keur ngawangun karakter masarakat, anu bisa disimbolkeun ku ngaran wewengkon tangtuna ogé. Payus upama wewengkon ieu dingaranan “tempat urang sunda bumen-beumen”, atawa “Pa-Sundaa-an”, bisa disingket jadi Pasundan.

Tangtuna bakal aya kahariwang. Kumaha upama Cirebon menta misah, atawa tatar Galuh baheula hayang maké Propinsi Galuh? Perkara Cirebon mah saacana oge geus aya kahayang misah ti sababaraha élitna, malah sempet dijangjian apanan ku calon gupernur taun 2008 harita. Ah teu kudu hariwang, diajar ka Cina waé, waktu taun 1997, Hongkong leupas ti Inggris balik ka Cina. Harita pamaréntah Cina ngajamin kahirupan masarakat Hongkong.  Perkara tatar Galuh kiwari mah, sigana malah geus ngarasa leuwih nyunda, batan masarakat wewengkon karajaan Sunda heubeul (Banten, Jakarta, jeung Bogor). Jadi kahariwang éta teu perlu digedé-gedékeun, da ganti ngaran lain alatan ukur  primodialime tapi alatan “penguatan daya saing melalui brand” kitu ceuk ahli pamasaran mah. Saha nu dikuatan téh, nyaéta masarakat urang sakabéhna malar boga sumanget anyar.

Tina pangalaman katukang, kaasup pangalaman Hongkong,  masarakat mah bakal ngorojong kana saban parobahan. Asal aya jaminan bakal ngaronjatkeun kahirupan jeung karaharjaanana. Ku kituna, mangga bral kang Adji Esa Putra, Kang Acil Bimbo; maksad saé urang kawitan. Meungpeung masarakat masih kénéh aya nu dipercaya, nyaéta selebritis. Bari implik-implikna, ulah nepi ka  céda éta maksad hadé dijadikan alat pulitik para cagub anu kiwari keur ikhtiar ngadulang sora, komo calon nu  geus kabuktian ngan bisa nyieun jangji wungkul bari héngkér dina ngalaksanakeunana. Cag ah! *** 

*) Nu nyerat: Guru Besar Universitas Pasundan (Unpas) Bandung

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Ikhsan Santosa

Ngahaturkeun Nuhun ka Bapak H. Rully Indrawan anu parantos masihan pencerahan kana perkawis pasundaan. Kaleresan sim kuring oge alumni ti Universitas Pasundan janten asa aya batur ajang nyingkahkeun kamelang, wirehna ku kaayaan atanapi kondisi anu nyata di lapangan ngeunaan urang sunda.

Sim kuring ayeuna teh kuli di pabrik anu hartos na mikaula oge ka bangsa deungeun, da panginten ieu teh saheula anan mah jalan kanggo ngipayahan anak sareng pamajikan.

Dina acara atanapi aya pertemuan di antara parusahaan boh dina forum resmi atanapi teu resmi, sakapeung sim kuring sok rada celemeng lamun amprok sareng rekan ti perusahaan lain sok langsung naros timana kawitna. Kaparengan mah sok atoh lamun anu di taros teh sihoreng batur salembur atanapi batur sakota...boh kitu deui batur sadaerah sunda. Seueur pisan reaksina lamun eta jalmi anu tadina di taros aslina teh geuning urang sunda, tapi pas diajak ngobrol sunda angger maneh na make basa indonesia, ari sim kuring kacida micinta jeung banggana jadi urang sunda...sok angger nerus keun ngobrol make basa sunda. Tujuana ngarah manehna sadar lamun sim kuring ngajak ngamumule basa karuhun urang nyaeta basa sunda.

Aya kesan era, hina jeung teu ngota lamun ngobrol make basa sunda, atawa lamun teu ngajawab "monggo" lamun aya batur na pamitan rek ningalkeun riungan.

Lamun di itung itung..padahal...badog atanapi garong duit rahayat di nagara urang da paling saeutik urang sunda anu ngalakukeuna. Duka pedah teu pati aya sugan pajabat na ti urang sunda. Ku kajadian SKK MIGAS sim kuring kacida ngarasa sedih jeung kuciwa salaku urang sunda...., kakarek ge meletek aya urang sunda anu manggung...der langsung kajiret ku pagawean iblis.

Sim kuring memang teu acan tiasa masihan anu terbaik ajang lemah cai kuring ieu, tapi rasa cinta jeung banggana jadi urang sunda...dina hate jeung diri sim kuring moal laas jeung moal luntur dugika sim kuring pungkas kumelendang di alam dunya.

Mugi kapayuna urang sunda sing ngarasa bangga jadi urang sunda, atuh anu ngagaduhan emutan yen urang sunda teh gaduh kesan kampungan...sing enggal tiasa nalungtik deui naon rupi kandungan atanapi palsapah urang sunda dina ngalakonan hirup jeung kahirupan.

Sakali deui hatur nuhun ka Kang Acil sareng rengrengana...anu masih sumanget kanggo merjuangkeun harkat sareng martabat urang sunda, sim kuring ngiring ngadua...mugi sagala upaya urang sadayana aya dina rido nu Maha Kawasa Aamiin Ya Robbal alamiin...

Cag..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: