• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Milih Pamingpin Ngukur Jangji Pigubernureun

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Ti kenca ka katuhu, Adi Sasono, Wans Ibrahim, Nurdin Halid [Potrét/Ilustasi: rudi]

Kari milih! Tapi, ulah salah pilih. Ceuk basa kolot mah, kudu asa-asak ngéjo, bisi tutung tambagana. Kudu asak-asak nénjo bisi kaduhung jagana!

***

Gederna pilihan pamingpin, jadi paniténan balaréa. Masing-masing pribadi boga harepan kana ketak jeung léngkah pamingpinna. Kitu deui dina nyanghareupan pilihan gupernur Jawa Barat, sakumna warga boga harepan, mangsa datang leuwih hadé.

Pilihan pamingpin anyar, teu weléh jadi harepan. Najan, satutas jeneng, teu jarang nu kuciwa. Ku lantaran kitu, teu sing anéh, upama loba nu cangcaya kana munculna pamingpin harepan masarakat. “Ngan, da pilihan pamingpin mah teu bisa disingkahan. Nu penting, bisa milih nu panghadéna tina calon-calon pamingpin nu nyampak,” ceuk H. Wans Ibrahim, Ketua Dekopinwil Jawa Barat.

Piliheun rayat jinek, kari milih dina waktuna. Tapi, pilihan nu sakedét nétra, bisa mahala-mahayu. Kitu deui milih gupenur, bisa loba rambat kamaléna. Mun salah milih, karaharjaan nu diangen-angen, bisa jadi beuki jauh tina kanyataan. “Angen-angen masarakat mah hayang hirup jeung huripna,” ceuk H. Wans Ibrahim, nu leukeun niténan ékonomi rahayat.

Ku lantaran kahayang rahayat kawas kitu, pamingpin gé kudu jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat. “Cindekna, léngkah jeung paripolah pamingpin kudu nganteur rahayat nyorang karaharjaan,” pokna basa ngobrol di Dekopinwil Jalan Soekarno-Hatta, Bandung sawatara waktu ka tukang.

 

Ngukur Piliheun

Mun nu tarung mah, dina panggung Jawa Barat téh lir nu rék padungdung. Masing-masing calon piliheun masarakat keur tatan-tatan nyanghareupan lawan di pakalangan. Nya, tangtu wé, lantaran ‘jurina’ rahayat, masing-masing calon gé bakal satékah polah ngirut haté masarakat.

Mun calon ngumbar jangji, éta gé kaasup jurusna mikat haté masarakat. “Lebah milih, mémang perelu apal kana ciri-ciri kaunggulan masing-masing calon nu baris dipilih,” ceuk H. Wans Ibrahim.

Nya tangtu wé, Kang Haji (kitu katelahna) mah, tilikanana gé tina sisi ékonomi. Lantaran, nu jadi bukur catur angen-angen masarakat gé karaharjaan. “Basajan apan kahayang masarakat mah, kumaha bisa hirup raharja,” pokna.

Ku lantaran kitu, kaol (versi) Kang Haji milih pamingpin gé dumasar kana ékonomi téa. “Bisa dititénan pamingpin nu bisa ngaraharjakeun ékonomi téh upama nyumponan sakurang-kurangna tujuh sarat,” pokna.

Naon téa nu tujuh rupa téh? “Kahiji, nyaah kana ékonomi rahayat,” pokna. Ngaibaratkeunana gé, H. Wans mah basajan naker.  Kawas kolot nyaah ka budak, tangtu wé nu dipikanyaah téh dipiara didama-dama, ditalingakeun bisi aya nu ngaganggu. Cindekna, lahan kasab masarakat, sina bener-bener mekar aya dina kekecapan hirup jeung huripna.

Kadua, apal kana ékonomi rahayat, sarta apal nu keur dipilampah ku rahayat. Lir kolot nu keur niténan barudakna, pamingpin téh apaleun pisan ketak jeung paripolah masarakat dina ngajalankeun usahana. Tina wanoh téa, apal kana gangguan jeung bangbaluh nu keur disanghareupan ku masarakat dina enggoning ngalaksanakeun usahana.

Katilu, mihak kana ékonomi masarakat. Hartina, ceuk Haji Wans Ibrahim, dina ngabandungan kahirupan masarakat, pamingpin nu boga kakawasaan jeung wewenang ngurus ngatur roda pamaréntahan, kudu méré lolongkrang jeung panyalindungan kana sagala rupa usaha masarakat. “Aturan-aturan atawa régulasi nu dijieun ku législatif atawa ku éksékutif, kudu mihak kana kapentingan usaha masarakat,” pokna.

Kaopat, mélaan kapentingan rahayat nu tumali jeung kawalatraan nu arusaha. “Cindekna, nu usaha naon waé, kudu bisa hirup jeung huripna,” pokna. Maksudna, pamingpin kudu bisa ngajaga tur ngariksa sangkan lahan usaha masarakat nu rupa-rupa bisa mekar kalayan hadé. Ulah nepi ka majuna salah sahiji lahan usaha maéhkeun pausahaan masarakat séjénna.

Kalima, mihak kana ‘ajegna’ ékonomi pasar. Maksud, masarakat kudu percaya jeung ngarasa, pasar usahana tetep bisa ‘stabil’ sangkan jadi pangrojong dina nataharkeun usahana. “Ulah ari butuh binih mahal, ari waktuna panén murah pisan. Tah, hal-hal nu kawas kitu, tetep kudu jadi tanggung jawab pamaréntah, pangpangna mah parapamingpin masarakat téa,” pokna.

Kagenep, pamingpin kudu mampuh ngamankeun hasil usaha masarakatna. Lantaran, mémang, sakuduna hasil itikurih masarakat usaha téh kudu karasa hasil jeung kauntunganan ku nu migawéna. “Ulah ahirna nu untung téh bandarna atawa tangkulakna, ari patani nu bobolokotna angger rugi,” pokna.

Katujuh, mampuh ‘ngahirupkeun’ ékonomi padésaan. Hartina, leuwih mentingkeun usaha nu bisa ngamandirikeun masarakat. Tah, nu kawas kitu, keur Jawa Barat mah, masih kénéh tetep kudu neueul kana ékonomi padésaan atawa palemburan. Pentingna pilihan kawas kitu, lantaran H. Wans percaya, masing-masing daérah boga kaunggulan. “Nu hésékasilih ku batur téh apan hasil bumi atawa nu tumali jeung hasil alam téa, saperti tatanén, palawija, ingon-ingon, jeung sajabana,” pokna tandes naker.

Nu tujuh rupa ditataan tadi, tangtu butuh panalinga jeung ketak pamingpin. Lantaran, nu ngokolakeun waragad gé pamaréntah. Ku lantaran kitu, ceuk H. Wans, pagawépamaréntah gé kudu  jadi pangrojong mekarna usaha masarakat. “Upamana waé, jumlah pagawé gé teu kudu digitik rata, tapi kudu dumasar kana kapereluan,” pokna.

Hiji wewengkon, bisa jadi  butuh pagawé leuwih loba batan nu séjénna. Kitu téh, dumasar kana kaperluan di éta daérah. “Upama hiji daérah loba ngahasilkeun susu sapi lantaran mémang di dinya téh loba nu ngukut sapi, pagawé pamaréntah gé kudu luyu jeung kabutuhan di éta daérah. “Hartina, butuh para pagawé nu bener-bener ngarojong sacara langsung mekarna usaha rahayat di éta daérah,” pokna. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: