• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dosa nu Dianggap Biasa

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook

Dawuhan Alloh SWT : Inna tajtanibu kabairi  ma tunhauna anhu nukaffir ankum sayyiatikum wa nudhilukum mudkholan kariman (Q.s.an-Nisa: 31). Lamun aranjeun ngajauhan dosa-dosa badag, di antara dosa-dosa dilarang digawé ku aranjeun, tinangtu Kami baris mupus rupa-rupa kasalahan aranjeun, jeung Kami ngasupkeun aranjeun ka tempat nu mulya.   

Réa pagawéan nu  matak ngondang mamala, boh ka pribadi nu migawéna, boh ka balaraéa nu teu pipilueun. Tapi dianggap énténg. Dianggap biasa. Padahal dumasar kana aturan Islam, hukumanana beurat kacida. Kaasup dosa badag (kaba’ir), nu ngondang la’nat Alloh SWT, boh di ahérat jaga, boh di alam dunya kiwari.

Nu panglumrahna, mindeng katangén di mana-mana, nyaéta nginum inuman keras. Bangsa bir, arak, wiski, jsb.nu ngandung alkohol. Teu saeutik umat Islam pipilueun kana laku kitu, kalawan alesan asal ulah nepi ka mabok. 

Nginum “khamr” (alkohol), rék mabok, rék henteu – saukur ngicip-ngicip – sarua baé dosa. Nu ukur saregot jeung nu ngaleklek nepi ka ngajehjer, nurutkeun hukum fiqh, tetep dikeunaan “ta’jir”. Hukuman. Malah dina salah sahiji hadits riwayat Imam Tirmidzi, disebutkeun, sing saha nu nginum alkohol, kudu dirangkét. Mun nginum deui, rangkét deui. Mun nginum kaopat kalina (sanggeus tilu kali dirangkét), paéhan. Man syaribal khamra fajliduhu, fa insyaribaha fajdiluhu, fa in syaribahar robi’ata faqtuluhu.

Dina Alquran surat Al-Baqoroh: 219, ditétélakeun yén “khamr” jeung “maisir” (judi), duanana ngandung dosa badag. Dina Q.s. Al-Maidah: 92, nginum “khamr” kitu deui judi, korban keur berhala (anshabu) jeung neguh nasib ku jamparing (ayeuna mah ku kartu atawa ku parabot séjén), mangrupa pagawéan keji nu kaasup kalakuan sétan.

Inuman keras, dawuhan Kangjeng Nabi Saw, konci tina sagala rupa kajahatan (miftahu kullu syarri). Tong boro nu nginumna – nu kudu dihukum rangkét nepi ka wenang dipaéhan lamun pék deui pék deui nepi ka opat kali – nu nyieunna, nu nitah nyieunna, nu mawana, jeung nu dipangmawakeunana, nu ngajual jeung nu meulina, nu mere nginum jeung nu nginumna, dila’nat ku Alloh SWT (hadits sohéh riwayat Imam Bukhari).

Ayeuna balatak jalma nu sok nginum inuman keras. Teu dihukum da hukum syar’i nu ngameunangkeun tukang nginum alkohol dihukum, teu berlaku. Nu berlaku hukum formal (KUHP) nu teu ngalarang nginum inuman keras jeung mabok. Ngan lamun keur mabok, ngamuk ngaruksak imah batur upamana, karék dihukum. Lain dihukum pédah nginum alkohol jeung mabok, tapi dihukum lantaran ngaruksak imah batur.

Malah loba anu nepi ka tiwas. Nginum pél dekstro dicampur inuman keras. Atawa nginum inuman keras oplosan. Lain sakali dua kali kawartakeun dina koran dina tivi, jalma-jalma nu nemahan pati alatan inuman sarupa kitu. Hanjakal teu matak kapok. Malah beuki dieu beuki nerekab. Ti pakotaan tembus ka padésaan.       

Hartina, sacara hukum formal, nginum inuman keras, bébas. Meunang. Tapi mungguhing syariat Islam, saha baé nu nginum inuman keras, kudu dihukum. Malah dikeunaan hukuman pati, sakumaha hadits riwayat Imam Tirmidzi di luhur.

Logikana, di nagara urang, loba nu nginum inuman keras, bébas kénéh geugeuleuyeungan. Padahal kuduna mah geus paéh akibat hukuman. Jadi hakékatna mah éta téh ririwa. Jurig nyiliwuri. Lamun tina 200 juta pangeusi Indonesia, 0,001 persen tukang mabok, hatina aya 200 rebu pangeusi Indonesia nu mangrupa ririwa jeung jurig nyiliwuri, Pantes ngan reuweuh-reuweuh. Kucrut jeung kacow taya anggeusna. Da hirup pagaliwota jeung jalma-jalma “teu nyawaan” mungguhing hukum Islam.

Katambah-tambah ku nu sok ngadahar riba. Dawuhan Alloh SWT, jalma-jalma nu sok ngadahar riba, teu bisa nangtung ajeg. Dina nangtungna, teu béda jeung jalma nu kasurupan sétan lantaran dibangbaluhan panyakit gélo (Q.s. Al-Baqoroh: 275). Mangkaning apan riba téh di urang mah, sarua baé jeung alkohol. Pada harétop. Nu sabab jeung akibatna ogé sarua. Kasauran Kangjeng Nabi Saw, nétélakeun, yén jalma nu ngadahar riba, nu ngawakilanana, nu nuliskeunana bari jeung nyaho yén éta téh riba, dila’nat ngaliwatan lisan Muhammad Saw, dina poé Kiamat (hadits riwayat an Nasa’i).

Urang mah miharep safa’at ti Kangjeng Nabi téh, dina mangsa poéan engkak-engkakan pada mawa nasib séwang-séwangan (la wala wala nasiba). Ieu mah meunang pangla’nat. Cilaka kabina-bina. Na’udzubillahi.

Kalakuan séjénna nu dianggap biasa jeung teu dosa, nyaéta dudukun. Nanyakeun nasib ka tukang ramal, paranormal, juru nujum, astrolog, katut “jalma pinter” séjénna. Padahal taya hiji jalma ogé nu nyaho kana hal-hal gaib. Alloh SWT henteu maparinkeun élmu atawa katerangan nu patula-patali jeung rusiah kagaiban ka saha baé ogé, iwal ti ka Rosul nu dipikarido ku Anjeunna (Q.s.al Jin : 26-27).          

Atuh pamanggih nu dikedalkeun ku para ahli ramal, kaasup teteguhan, susuganan atawa “babalédogan”. Kabéh kaasup prasangka (donni). Ari prasangka éta dosa (Q.s.Al-Hujurot: 12).

Jalma nu ngadatangan tukang ramal, hég percaya pisan kana omonganana, sarua jeung kafir kana sagala rupa nu dilungsurkeun ka Kangjeng Nabi Saw (hadits Imam Abu Dawud). Kafir ka Kangjeng Nabi Saw, ngandung harti murtad. Ngencar tina iketan Islam. Pecat iman.

Kagaiban, nu patula-patali jeung kahirupan mangsa pikhareupeun, mangrupa perkara nu teu dipikanyaho ku saha ogé. Taya nu bisa nganjang ka pagéto, sok sanajan ngaku weruh sadurung winarah. Alloh SWT ngalarang umat Islam nuturkeun naon baé nu teu dipkanyaho (Q.s. Al-Isra: 36).

Hukuman keur jalma nu ngadatangan tukang ramal keur “noong pagéto”, bari jeung ngaheueuhan pamanggihna, teu ditarima salatna salaila 40 (opat puluh) poé (hadits sahih Muslim).

Ari salat téh apan nyegah kana karuksakan jeung kamungkaran (Q.s.al Ankabut : 43). Lamun tina 150 juta umat Islam, aya 0,001 persén (150 rebu) nu percaya ka dukun, meureun 150 rebu urang kali 40 poé teu ditarima salatna, sarua jeung 60 rébu poé. Dua puluh taun leuwih taya gerakan “tanha anil fahsya wal munkar”. Matak pantes lamun karuksakan jeung kamungkaran terus-terusan mahabu, gara-gara mistik, padukunan jeung paranormal nerekab di mana-mana, dipercaya ku balaréa nu kurang iman jeung taya kanyaho dina agama.

Korupsi deuih nu dianggap wajar téh. Pédah geus jadi kabiasan di mana-mana. Modél korupsi rupa-rupa. Ti mimiti suap sogok (risywah) nepi ka maling ku cara lantip, bulat-beulit administrasi nu ka ditu mah maok-maok kénéh.

Hadits riwayat Imam Muslim, nandeskeun : La yaqbalullohu sholatan bi ghoiri thururin wa la shodaqotun min ghululin. Alloh teu narima salat tanpa wudu, jeung lain sodakoh lamun hartana tina hasil korupsi.

Jadi kahadéan jalma korup alias koruptor, sarua jeung nu salat henteu wudlu. Batal, percumah, teu ngandung harti nanaon. Lain sodaqoh sok sanajan rarasananana sodakoh.

Upama tina 150 juta umat Islam, aya 0,001 persén (150 rebu) nu sok korupsi, bisa dibayangkeun akibatna. Paingan loba kahadéan  nu teu napak dina kanyataan. Da sumberna tina ladang korupsi téa. Ukur sérémonial wungkul. Teu saeutik-eutik acan mangpaat jeung barokah.

Muga-muga urang dijauhkeun tina laku kitu. Dijauhkeun tina nganggap énténg kana dosa perdosa nu sihoréng badag kacida. Malah muga-muga kaasup jalma anu disebut dina Alquran :

“Alladzina yajatanibu kabairol itsmi wal faahisya illal lamama inna Robbaka wasi’ul maghfiroh”. (QS. Najm: 32)       

“Nyaéta jalma nu ngajauhan dosa-dosa badag jeung pagawéan keji tina kasalahan-kasalahan leutik. Saéstuna Robb anjeun Maha Lega pangampurana.”

Ku kituna, dina raraga takwa ka Alloh, diusahakeun satékah polah, ngajauhan dosa perdosa. Urang sasarengan nambahan élmu pangaweuh ngeunaan amal-amal kahadéan, boh mangrupa ibadah mahdloh (ritual), boh ibadah ghoir mahdloh (sosial), sangkan urang apal mana pihadéeun, mana pidosaeun.

Mung ka Alloh SWT urang neda pangampura tina sagala dosa nu karasa sareng nu teu karasa. Innalloha ghofurur rohim.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (3)

ajat sudrajat

Leres Kang H Usep, ku kahirupan kiwari anu seueur gogoda, dodoja sareng robeda, ngareumpak hukum agama dianggap biasa. Kaleresan sim kuring di gawe dilingkungan "hospitality", keur sabagean babaturan anu muslim, nginum arak teh di anggap wajar keur kapentingan pergaulan jeung supaya di tarima kulingkungan internasional. Bahan da'wah di luhur kacida hadena mun ditepikeun ka balarea melalui tivi nasional, ngan tivi nu mana anu "wanieun" ? sabab musuh-musuh Alloh tangtu moal cicingeun, kecap-kecap "intoleransi", "pelanggaran HAM" jeung sajabana bakal diucapkeun ku maranehna. Wallahu'alam. Salam ti Tangerang.

HERRY MMS

Alhamdulillah, reueuslah geuning seueur keneh jalmi anu heman turnyaah kanu lian atanapi kanu nuju teu emut kana titincakan kabawa ku sakabakaba, saelah ngiring bingah. Apan wajib hukumna silih ingetan kana jalan anu lempeng teh? Mugia anu diemutan sing dipapararinan hidayah ku Gusti Alloh anu Murbeng Alam ieun amin!

lukman

hatur nuhun kana bahan dakwah nu aya dina munara cahayana, sarae pisan. bade nyungkeun widi kanggo diamalkeun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: