• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rasa Kamanusaan

Kénging Mang Lintrik
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1354935807.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

“Prihatin, Lo.”

“Saha, Mang?”

“Enya, urang saréréa. Prihatin ku réana musibah alam dina usum ngijih ayeuna.”

“Aéh enya, Mang.”

“Ogé milu béla sungkawa ka para korban jeung kulawargana, Lo.”

“Muga-muga aranjeunana dipaparin katabahan, Mang.”

“Amin.”

“Réana musibah dina usum ngijih ayeuna némbongkeun yén alam téh beuki ruksak.”

“Diruksak ku manusa-manusa kénéh nya, Mang?”

“Nya kitu téa, Lo.”

“Demi ngabélaan eusi beuteung alam jadi ruksak, Mang.”

“Saenyana lamun urangna wijak mah eusi beuteung bisa kaeusian alam ogé bisa kajaga.”

“Enya, hésé nu kitu téh, Mang.”

“Da kitu téa atuh Lo, urang téh kabiasaan ukur milampah anu babari wungkul sok sanajan balukarna ngarugikeun urang-urang kénéh.”

“Bener, Mang. Kapan kiwari caah jeung musibah urug kajadian di mana-mana. Ti mimiti di kota nepi ka pilemburan.”

“Tah, perkara musibah alam téa aya perkara nu matak ngenes, prihatin, jeung muringkak bulu punduk, Lo.”

“Musibah di mana, Mang?”

“Di Kabupatén Bandung.”

“Alatan ayana korban jiwa, Mang?”

“Saperkara kitu, perkara kaduana aya warta nu ngeunaan sikep masarakat di hiji wewengkon nu ngalantarankeun urang bakal kerung, Lo.”

“Kumaha caritana, Mang?”

“Waktu musibah caah jeung taneuh urug di Soréang Kabupatén Bandung nu ngalantarankeun aya korban jiwa nu kabawa caah, ceuk warta di salah sahiji média massa cenah layon korban kapanggih ku warga di girangeunana, teu pati lila sabada kajadian.”

“Alhamdulillah.”

“Is, lain alhamdulillah tapi kudu istigpar, Lo!”

 “Maksud kuring mah lain alhamdulillah alatan ayana korban jiwa, tapi alatan layon korban gancang kapanggih.”

“Tah justru éta nu ngalantaran urang kudu istigpar téh, Lo.”

“Har?”

“Ceuk warta dina éta média massa, layon nu kapanggih ku warga téh tuluy dipalidkeun deui.”

“Astagfirulloh.”

“Cenah alesanana téh alatan sieun dijadikeun saksi.”

“Tétélah rasa kamanusaan di urang téh geus kacida nyirorotna, Mang.”

“Ukur sabagian, Lo. Da réa kénéh anu kandel rasa kamanusaanana.”

“Nu jadi alesanana alatan sieun dijadikeun saksi nyah, Mang?”

“Enya.”

“Hartina masarakat masih kénéh réa nu teu paham kana hukum. Disangkana jadi saksi téh sarua jeung jadi tersangka atawa jadi sakitan.”

“Bisa ogé anggapanana lamun jadi saksi téh bakal papanjangan urusan jeung hukum. Antukna kalah jadi barabé pikeun manéhna.”

“Bisa jadi kitu, Mang.”

“Atawa….”

“Kumaha deui, Mang?”

“Éta kajadian téh mangrupa gambaran yén kapercayaan masarakat kana hukum di urang kacida pisan kurangna.”

“Emh.”

“Balukar teu percaya téa, Lo.”

“Kumaha, Mang?”

“Tibatan urusan jeung hukum nu teu bisa dipercaya ngalantarankeun sabagian jalma jadi leuwih milih nyingkahkeun rasa kamanusaan dina dirina.”

“Ambuing.”

“sok sanajan hukum geus teu bisa dipercaya, muga-muga baé rasa kamanusaan dina diri urang ulah nepi ka nyingkah, lo.”

“Enya. Mang. Lantaran tanpa rasa kamanusaan mah urang téh asa teu jadi manusa.”

“Amin.”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: