• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngadago Sinden Beken Anyar

Kénging Dian Hendrayana
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1355282309.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

 

Gedong YPK, tanggal 21 jeung 22 Nopember nu anyar kaliwat, katangen gegek ku nu ngadareugdeug. Di luar, mobil nu diparkir di sisi jalan meh ngantay ti kulon ka wetankeun, parat tepi ka Kantor Disnaker. Dua poe eta, di YPK teh keur aya Babak Penyisihan Pasanggiri Kawih Kapasindenan sa-Jawa Barat nu diayakeun ku Pangauban Kawih Sunda.

Tanggal 24-na, nu ngadareugdeug ka YPK beuki tembong leuwih gegek. Pangna kitu teh kapan poe eta mah poean Final Pasanggiri Kawih Kapasindenan. Sapuluh finalis pada-pada ngadu geulis nembongkeun wewesenna sewang-sewangan. Moal kerok ieuh nangtukeun saha nu kudu jadi juara, kawantu dipeunteunna ge ku rengrengan juri nu kapabel tur kredibel dina widangna: Yoyo Risyaman W, Cucu S Setiawati, Neni Hayati, Caca Sopandi, jeung Asep Mulyana. Eta juri nu limaan teh diluluguan ku Masyuning, seniwati nu oge dosen di STSI Bandung.

Nining Karningsih, finalis ti Kabupaten Garut midang teuing ku sieup dina lagu Langendria naek Cahya Sumirat. Tayohna katajieun pisan ku gaharna sora Nining jeung kewesna rindat Nining, rengrengan juri teh sapuk milih Nining jadi pinunjul kahiji, unggul ti salapan finalis sejenna.

Nu istimewa tina eta kagiatan pasanggiri teh taya lian ayana dominasi para nonoman. Nu pangseniorna iwal ti Mamah Onah ti Sumedang. Basa milu pasanggiri Kawih Kapasindenan kamari teh, umurna geus meh nincak 60 taun. Mamah Onah teh lanceukna pasinden Bungsu Bandung. Ari nu pangorana nyaeta Triyani, juru sinden ti Subang. Malah Triyani mah teu nyangkaeun sacongo buuk mun dirina baris kapilih jadi finalis.

“Leres, abdi mah teu nyangki. Ku ngiringan kana pasanggiri bari ngawih henteu ngagaleong ge tos pirang-pirang bingah,” pokna sanggeus nampa beja yen dirina jadi finalis, “Beu, mangkaning kanggo lagu final mah abdi the teu acan nataharkeun pisan.”

Enya bae, waktu final teh, Triyani kaasup finalis anu katangen tacan siap pisan. Babakuna mah, ceuk pangakuan Triyani, dumeh kudu ngapalkeun lagu kalawan dadak-dadakan tina henteu nyangka yen dirina rek asup final tea. Atuh dina derna final teh, lebah madakeun lagu jalan mah bet miheulaan sora goong. Sidik, eta mah sidik kasalahan nu kawilang fatal. Buktina, nu lalajo ge mani saheng. Milu manglebarkeun tayoohna mah.

Lian ti Triyani, anu kaasup ti entragan ngorateh nyaeta Cucu Sulastri. Cucu kakara semester tilu di Jurusan Karawitan STSI Bandung. Sarua jeung Triyani, Cucu ge kaasup kana rengrengan finalis. Ngan bae dina midangna Cucu mah teu manggihan harungan nanaon. Mulus banglus bae. Kawuwuh sora jeung gayana katimbang sieup tur kewes. Kaharti, mun rengrengan juri ngadaulat Cucu jadi Juara II.  

Kana patandang nu didominasi ku para nonoman, pupuhu Pangauban Kawih Sunda Eka Gandara WK ngedalkeun kareueusna, “Ieu teh ciciren yen para nonoman gede pisan perhatianana kana kawih pasindenan. Teu melang teu ringrang ningal kanyataan sapertos kieu mah.”

Kareueus jeung kareugreug Eka teh kaharti pisan, dumeh ditilik tina tehnik vokal mah lagu-lagu kawih kapasindenan teh mibutuh katapis jeung kamaher anu luara biasa, utamana lebah ngunikeun jeung metakeun improvisasi.

“Tah ieu nu teu aya dina seni vokal sejenna teh. Improvisasi, ti kawit anu basajan dugi ka nu pangsesahna, mung ukur tiasa kacangkem ku juru kawih nu mibanda tehnik katut katapisan anu nyongcolang. Alhamdulillah, juru kawih ti para nonoman teh seuseueurna mampuh metakeun katapisna.”

 

Ngeunaan Nining

Nining teh wedalan STSI Bandung. Lian ti tapi hahaleuangan, Nining ge maher metakeun ibing klasik jeung ibing jaipong. Kana sakur lagu Sunda tradisi mah Nining teh piraku teu tabah. Meh sagala genre seni sora dicangkem bari kawilang jucung jeung nyongcolang.

Memeh kapilih jadi Juara I dina Pasanggiri Kawih Kapasindenan kamari, Nining kungsi ngotretkeun prestasi dina seni Cianjuran. Nining kungsi jadi Juara I Pasanggiri Cianjuran nu diayakeun ku KORPRI Propinsi. Ti dinya, kapan Nining ge kungsi kacatet jadi Juara III dina Pasanggiri Tembang Cianjuran nu diayakeun ku Daya Mahasiswa Sunda di Garut taun 2006. Atuh dina sawatara pasanggiri Kawih Kacapian, Nining ge mindeng kacaturkeun jadi juara.

Ari dina sapopoena, Nining mah tara resep ngobral wangkongan. Carang takol. Ana pareng nu ngajak ngawangkong teh, ieu indung ti dua anak teh mimindengna mah ukur imut jeung imut. Bet padahal, sapopoena kapan Nining mah kudu papahreup jeung murid asuhanana di hiji SD di daerah Leles Garut.  

Sakumaha nu diumumkeun ku panitia, sing saha bae nu baris kapeto jadi Juara I dina Pasanggiri Kawih Kapasindenan 2012, inyana baris nampa penghormatan geusan ngiring midang dina acara Parade Bentang Sinden tanggal 27 Nopember 2012 di Gedung Lokantara Budaya RRI Bandung. Tangtu bae, dina etaacara teh Nining kacida bungaheunana. Sageuy teu kitu onaman, kawantu dina eta acara paradeu teh baris maridang bentang-bentang sinden nu geus bareken kayaning Hj. Ijah Hadijah ti Karawang, Mamah Neni Hayati, Mamah Cucu S Setiawati, Nunung Nurmalasari, Masyuning, Lili ti Cirebon, jeung pasinden ngora nu nyongcolang ku prestasi, Rita Tila.

“Kantenan bingahna mah. Nanging pacampur sareng isin. Isin teh dumeh abdi bade dihijikeun sareng bentang-bentangna sinden,” ceuk Nining dina sela-sela rineh satutas midang dina babak final Pasanggiri Kawih Kapasindenan.  

 

Parade Bentang Sinden

Salasa peuting, tanggal 27 Nopember 2012, di Gedung Lokantara Budaya diayakeun pagelaran Parade Bentang Sinden 2012. Ieu teh mangrupa garapan gawe rancage ti Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat, Bidang Kesenian dan Film. Najan enya hujan ngagebret ge, nu lalajo teh tangka merul. Buktina, tempat diuk di bagian balkon ge katangen pisan metetna. Geus puguh ari di rohangan utamana mah, nu lalajo teh tepi ka kolu dariuk dina ubin.

Dibuka ku Hj. Ijah Hadijah dina kawih Kidung. Nu lalajo lir nu kasimaeun. Dina padalisan-padalisan awal Kidung mah, nu lalajo teh bangun enya teu wasaeun nyoara nanaon, kaduyung ku ngahaleuang di luhur panggung. Aya tujuh pada, rumpaka Kidung nu dihaleuangkeun ku Ijah Hadijah teh. Barang rengse ngahaleuang, barak kapireng surak ti nu lalajo tangka ngaguruh. Sawareh mah aya nu luas susuitan sagala.

Ukur kaselang ku dua juru kawih, Hj. Ijah Hadijah unggah deui ka luhur panggung, ngahaleuang Serat Salira. Dina pidangan nu ieu ge, nu lalajo teh kasimana leuwih-leuwih ti basa nyaksian Ijah ngahaluangkeun lagu Kidung. Kawuwuh deuih kapan lagu Serat Salira sanggian Gugum Gumbira teh nyaritakeun kapeurih ati ti hiji wanoja nu dipegat asih ku lalaki. Lebah ngunikeun kalimah-kalimah nyeri jeung peurih teh bangun enya karasaeun pisan ku nu lalajo, semu ngagasruk kana mamarasna. Atuh salila soara Ijah ngagalindengkeun Serat Salira mah, nu lalajo teh kapireng jempling lir nu palid ku telebna galindeng halimpu ti juru sinden. Saban kecap lagu teh tumibana kana mamaras nu lalajo lir nu noelan sina jadi peurih sina jadi nyeri. Ana lagu geus tepi kana wekasanana, kakara nu lalajo the surak tangka ngaguruh. Sawarehna aya nu surak bari nangtung. Surak the mani siga nu teu eureun-eureun bae.

Basa Hj. Ijah Hadijah rek undur ninggalkeun panggung, goloyong ingkang carogena H. Cecep Surpiadi (dalang kamasur ti Karawang) ngagupay sangkan Ijah turunna henteu ka tukangeun panggung, tapi sina lungsur ka hareupeun panggung.

“Ka dieu ka palih dieu!” ceuk ingkang caroge bari antng gugupay.

Antukna mah Ijah Hadijah the lungsur ka lebah panggung hareup. Sihoreng simana horeng, pangna ingkang caroge mundut Ijah lungsur ka payun panggung the taya lian sangkan Ijah Hadijah ngadeuheusan Gugum Gumbira anu calikna pagedeng-gedeng pisam sareng Cecep. Enya, katangen Ijah teh munjungan semu deku ka Gugum anu nyanggi lagu Serat Salira nu kakara rengse dihaleuangkeun bieu di luhur panggung. Saharita, keprok ti nu lalajo ngaguruh ngahandaru.

Peuting harita mah, nu lalajo bangun nu enya anteng dibebenjo ku haleuang para bentang sinden petingan. Kadispabud Jawa Barat, Drs. Nunung Sobari MM, nu maparinan biantara dina eta pagelaran katangen pisan bangun nu sugemaeunana, “Ieu acara sapertos kieu teh kedah sering dipidangkeunana. Mangga urang wadahan sagala rupina ku Dinas. Ieu teh teu aya sanes kanggo miara sareng ngembangkeun potensi seni budaya kareueus urang sadaya.” Ceuk Nunung.

Peuting harita, basa pareng marulang, tayohna enya taya saurang ti nu lalajo anu henteu ngarasa sugemaeun. Sarerea bungah, yen seni Sunda langgeng nanjung.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

sarip hidayat

Aslmkm saepisan eta acarateh kang komo upami aya acara academi sinden sunda sapertos academi dangdut di indosiar tvri anu ngayakenana abdi ngadukung pisan nuhun

Itang D.S

Pami aya even-even sae model kitu, saena dibewarakeun ku Mangle ti anggalna keneh. Sanaos tebih oge ti Brebes, insya Allah dongkap lah, ... mani panasaran. Iraha aya deui even-even seni budaya samodel kitu teh, Kang?

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: