• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rayat Jawa Barat
Ulah Ukur Sina Lalajo

Kénging Ensa WiarnaAyie Sundana
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1355455771.JPG [Potrét/Ilustasi: Ayi Sundana]

Mindeng asruk-asrukan milemburan, tangtu loba papanggihan. Kitu deui waktu saba tempat ka suklakna ka siklukna di tatar Jawa Barat, loba nu kasakasén. “Nu pikabungaheun nu pikasediheun, pacampur. Ngan, mun ngimeutan kahirupan masarakat mah, loba nu pikarunyaeun. Horeng, rayat téh loba kénéh nu jajauheun kana bisa disebut raharja,” ceuk H. Dikdik, muka wangkongan. Ngobrol téh di bumi panganjrekanana di wewengkon Batununggal, Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Waktu mancén gawé di kapulisian, dalit jeung rahayat. Atuh, daék teu daék, ieu manten Kapolda Sumatra Selatan téh, remen katodél mamaras rasa. “Asa teu pantes upama loba masarakat Jawa Barat nu sangsara kénéh,” pokna.

Lantaran, mun nyoréang mangsa ka tukang, waktu awal ieu nagara ngadeg, apan propinsi Jawa Barat téh pangmajuna. Punjul lantaran lian ti sumber daya alam jeung sumber daya manusana, deuih sohor lantaran jadi puseurna perjuangan bangsa. “Tapi, kiwari mah, apan réngking kamajuan Jawa Barat téh, aya di sahandapeun wewengkon séjénna nu aya di luar pulo Jawa.

 

Kabeungharan Alam

H. Dikdik téh teureuh Limbangan Garut nu lahir di Bandung. Apaleun pisan kana kasuburan lahan di tatar Jawa Barat. Tanah harepan, lain ukur ninggang kana babasan, da bukti, ti mangsa ka mangsa, nu kasab ngandelkeun lahan bisa hirup jeung huripna. “Nu tuwuh disabudeureun padumukan ogé bisa jadi pangrojong kahirupan sapopoé,” pokna semu nineung.

Aya nu nyengcelak kénéh dina implengan H. Dikdik, cenah, kahirupan palemburan téh pikabetaheun.

Tanah Parahyangan subur mamur. Nya teu sing anéh, upama lalampahan ti kota ka kota jauh naker, ukuran 40 nepi ka genep puluh kilo meter. Dina jaman méméh merdeka, waktu nagri urang dijajah Walanda, patalimarga ti tempat ka tempat di Jawa Barat ngagunakeun pasukan kavaleri. Saban waktu, bisa disorang ku nunggang kuda. Kitu téh, lantaran jukut sadia saban waktu jeung di saban tempat kaasup di sapapanjang jalan nu disorang.

Kasuburan lahan ngalantarankeun padumukna teu susah ku dahareun. Mun nyangu heug teu boga dengeun sangu, kari liar ka sawah, da loba lauk boh dina kotakan, dina susukan, ogé wahangan. Urang lembur, hayang lauk mah, kari daék ngalana!

Kiwari, memang lain bihari. Pasawahan gé loba nu salin rupa. Tangtu wé, robahna lahan saperti sawah tegal, atawa keboh, jadi tempat wawangunan ogé kudu jinek balitunganana. Mémang, ngadegna pabrik, bisa jadi loba nu kabagéan mangpaatna, saperti lobana pagawé nu bisa meunang pangasilan ti éta pabrik. “Tapi. Pangaruh goréngna ogé kudu tetep jadi tinimbangan,” pokna.

Gambaran lembur Sunda subur mamur kawas kitu, kiwari kari waasna. Ngan, naon sababna? Memang, ceuk Dikdik parobahan mah teu bisa disingkahan, tapi ngeukeuhan nu geus hadé, miharep nu leuwih hadé, kudu jadi karep jeung kahayang sakumna urang Jawa Barat.

Mun Kang Dikdik (kitu katelahna) nyoréang mangsa ka tukang, lain hartina, tibelat ka nu kari waasna. Da, memang cenah, parobahan mah teu bisa disingkahan. “Tapi, naha ari batur mah, apan beuki punjul?” pokna semu nanya.

Pananya kitu ogé, keur H. Dikdik mah matak panasaran. Ngan, tangtuna, teu ngan saukur ngusap dada taya ketak jeung kahayang. Lantaran, ceuk pikirna, manusa mah boga pancén mulya kudu jadi cukang lantaran kahadéan keur sasama. “Samistina, jelema mah boga kahayang jeung kadaék nu dilarapkeun dina paripolahna,” pokna.

Masing-masing pribadi, ceuk Kang Haji Dikdik nu ngaréngsékeun program doktorna di Unpad Bandung téh boga pancén anu mandiri. Ngan, saban nu boga kampuhan gé kudu wani jeung daék ngalaksankeun garapan gawé luyu jeung kamampuhanana. “Malah, kalayan didadasaran ku kayakinan ka Nu Mahakawasa, masing-masing pribadi sakuduna milampah pagawéan keur masrakat saloba-lobana,” pokna.

Tumali jeung pamanggihna saperti kitu, ceuk H. Dikdik mah, upama aya nu daék ancrub kana hiji pagawéan nu meredih tanggung jawab, karepna si éta jalma kudu dihartikeun bagian tina ngalaksankeun pancénna salaku manusa téa. “Nu penting, karep mikul tanggung jawab téa, kudu dibarung ku kamampuhan,” ceuk ieu lulusan Weitere Kriminal Raushgeift Bekanfung Jerman téh nétélakeun.

Ngarobah kaayaan masarakat kana tingkatan leuwih hadé, butuh pisan anu nuyun. “Perelu aturan anu jinek, sarta ngalaksanakeun éta aturan téa,” pokna.

Nurutkeun H. Dikdik, urang tatar Jawa Barat samistina ngabogaan ajén SDM anu hadé. Hartina, pribadi-pribadi urang Jawa Barat, lian ti boga pangaweruh ogé boga kabisa atawa kaahlian. “Tah, adu-manis pangaweruh sareng kaahlian ogé kedah leres-leres ditataharkeun,” pokna.

Keur ngahudang kasadaran masarakat dina sagala widang butuh conto pamingpinna. Hartina, mun pamingpin nitah kitu nitah kieu, hartina ogé éta pamingpin kudu leuwih tiheula ngalaksanakeun pagawéan luyu jeung kekecapanana téa. “Cindekna, pamingpin mah ulah ukur pinter nepikeun pangajak jeung panyarék,” pokna.

H. Dikdik percya, dina ngahontal kamajuan, rahayat téh butuh kanyaah pamarentah. Dina ngalaksanakeun kagiatan ekonomi, ogé butuh kanyaah pamingpin téa. Wujud kadeudeuhna, aya aturan anu jinek nu mihak kana kahirupan masarakat. “Ulah ukur masarakat sina lalajo,” ceuk ieu calon gupernur Jawa Barat ti independen téh.

H. Dikdik milih pangsiun tacan waktuna, demi nembongkeun kanyaahna ka Jawa Barat. Kitu téh, lantaran inyana mah rumasa, digedékeun di tatar Sunda. Mun téa mah, aya kereteg mulangtarima ka sarakan, lantaran Jawa Barat téh tempat-tempat dulur sasélér, sakaruhun nu hirupna loba kénéh nu ripuh.

Dina prungna jadi kandidat gupernur Jawa Barat, H. Dikdik, sapamadegan jeung Drs. H. Cecep Nana SuryanaToyib, M.Si., Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Indramyu JawaBarat. Padahal, H. Cecep Toyib gé, masih kénéh panjang lalakon jenengna jadi sekda téh, da pangsiunna gé opat taun deui mun nurutkeun aturan normal mah. “Tapi, memang aya angen-agen nu hoyang kalaksanakeun, tiasa ngamangpaatkeun kamampuhan dina ngokolakeun pamarentahan kanggo masarakat anu langkung lega,” ceuk H. Cecep Toyib basa ngobrol marengan H. Dikdik.

Dikdik-Toyib, kitu katelahna ieu papasangan gupernur jeung wawakilna, pada-pada sapamadegan, ngalaksanakeun pancén hirup geusan jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat tatar Jawa Barat. Karep wagub jeung cawagub kitu, tétéla meunang pangrojong ti balaréa. Buktina, apan waktu kudu ngumpulkeun pasaratan dukungan nu dibuktikeun ku poto copy KTP, ieu papasangan kandidat téh nyuponan pasaratan. Padahal, butuh dukungan gé lain saeutik da kudu ngumpulkeun pangrojong nu jumlahna leuwih ti 3% tina jumlah warga Jabar nu sumebar di 50% kabupaten/kota nu aya di Jawa Barat. Tah, dina sual éta mah pasangan Dikdik-Toyib téh geus nyumponan pasaratan nu ditetepkeun ku KPU.

Miangna jadi kandidat keur pasangan independent kawas H. Dikdik jeung Cecep Toyib mah, hiji léngkah tina karepna téa, sangkan rahayat ulah sina ukur lalajo. Nangtukeun pamingpin gé, kudu karep arinyana, da warga masarakat apan nu nangtukeun pamingpinna téh. Saterusna, karep ngajak masarakat ilu-biung dina sagala rupa nu tumali jeung kahirupanana, jadi kereteg haté ieu kandidat. “Margi, kadaulatan téh gaduhna rahayat sakumna,” pokna.

 

Malikan Kajayaan

Jawa Barat kungsi punjul. Cindekna mah digjaya sagala rupana. Buktina, apan tatar Sunda téh, jadi pamungpungan, Nu ti mana-mana daratang ka tatar Jawa Barat. “Memang hak warga nagara milih tempat kasaba masing-masing,” ceuk H. CecepToyib. Ngan, tangtu wé, pamarentah gé misti ngawalatrakeun pangwangunan luyu jeung poténsi nu nyampak di saban daerah téa. “Kantun prakna, margi mémang kedahna kitu,” ceuk ieu manten pajabat pamarentah Indramayu téh.

Karep Dikdik jeung Cecep Toyib, tepung dina patékadan nu sarua hayang ngabdikeun diri di sarakan nu leuwih lega. Nya karep kitu deuih nu ahirna, masing-masing ngarasa silihlengkepan kamampuhan. Nu saurang wanoh dina sual kaamanan jeung kamasarakatan, nu saurang deui da puguh idek liher dina kapamarentahan, apal pisan ngurus ngatur pamarentahan téh. Atuh, dina kapamingpinnan, duanana gé unsur pingpinan nu biasa ngalaksanakeun pancén gawé kapamingpinan. “Dua kakuatan sapertos kitu, mudah-mudahan ageung mangpatana kanggo masarakat Jawa Barat,” pokna.

Angen-angen ieu kandidat, rayat Jawa Barat téh, “TAWADHU”, kecap basajan, nu boga harti kacida jembarna. Éta téh, wancahan, tina Tartib, Aman, Wibawa, Asri, Dinamis, Harmonis, tur Unggul. “Tatar Jawa Barat sareng masarakatna mudah-mudahan tiasa ngahontal kaayaan nu tawadhu,” ceuk Dikdik tandes naker.

Mimitina, cenah, saréréa gé kudu tartib. Katartiban kawas kitu kudu écés larapna dina kahirupan sapopoé, kaciri tina paripolah nu disiplin. Sanggeus tartib, ka dituna mah, aman teu sing loba barébédan. Hirup tingtrim, bisa jadi cukang lantaran ayana kawibawaan. Hirup masarakat Jawa Barat boga wibawa, diajénan pihak séjén lantaran mémang kaayaanana boga wibawa. Saterusna, tatar Sunda gé bakal mingkin pikabetaheun upama kayaanan asri, genah paningal, boh tumali jeung alamna, boh tumali jeung padumukan. Ngan, mémang teu cukup ku kitu, da misti dilengkepan ku ‘harmonis’, hirup sauyunan teu pakia-kia. Upama nu ditatan bieu kasorang, tangtu wé tatar Jawa Barat téh baris aya dina kapunjulan atawa kaunggulan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: