• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jabatan Warisan

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Téng manuk téng anak merak kukuncungan. Hartina, ceuk Kamus Basa Sunda R. Danadibrata, kalakuan anak téh turunan ti kolotna, ti indung bapana. Di dinya mah, éta paribasa téh boga harti anu positip, larapana nujul kana hadéna kalakuan si éta budak. Dina basa séjén, sok disebut-sebut ‘buah ragrag tara jauh tina tangkalna’.

Najan, ayeuna lain baheula, loba kénéh nu muhit atawa percaya kana harti nu kawengku dina éta paribasa. Nya, sageuy élmu ajug. Sanggeus apal mah, kari prakna!

Pasipatan budak, dianggap ‘pasipatan’ turunan. Teu jauh bédana jeung warisan. Upama, kolotna boga pakaya, ilahar pisan mun éta pakaya téh ragragna ka anak. Terus turun-tumuruan ka anak incuna. Kitu deui, upama kolotna dihormat-hormat, anakna gé kabagéan atawa copélna ‘kakectrétan’. Atuh, warisan mah, teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Komo deui, warisan kakawasaan, saha nu teu rék ngabagéakeun!

Jaman baheula, kakawasaan kolot turun ka anakna. Mun kolotna jadi raja, anak incuna ogé bog hak narima warisan tahta raja. Rahayat gé panuju teu panuju, da geus kitu aturanana, jaman karajaan mah!

Ilahar jeung munasabah, mun kolot hayang ngawariskeun kamulyan ka turunanana. Apan, sagala rupa ihtiar kolot gé keur anak jeung pamajikan. Atuh, raja gé apan ‘manusa’ pasti nyaah pisan ka kulawarga.

Dina dongéng, remen kacatur, anak raja mah gareulis jeung karasép. Nu nyanggi carita gé ngagung-ngagung raja jeung turunanana. Matak, teu sing anéh, upama rupa-rupa  kapunjulan aya dina lingkungan karajaan. Da, sok kacatur deuih raja téh nalingakeun pisan kamekaran turunanana. Lahir batin putra-putri raja diasah sina nyumponan pasaratan pirajaeun jeung piratueun. Remen kacarita, anak-anak raja mah, ‘home schooling’, dialajar heula di lingkungan istana. Nu palinter, sabangsaning resi jeung pandita, sina ngelés barudak raja sangkan masagi dina rupa-rupa widang paélmuan. Saperti waktu  kurawa jeung pandawa laleutik kénéh, méméh lalunta jauh nyaliar élmu, diatik heula ku Resi Dorna di lingkungan karaton.

Rundayan raja, mémang baroga tikét keur ngahontal kapunjulan. Matak, teu sing anéh, upama ‘darah biru’ téh diriksa naker. Malah, sangkan puguh turunanana, pararaja katut kulawargana téh masing-masing ngabogaan catetan rundayanana.

Nepakeun kakawasaan bisa waé teu ngan ukur ka anak, tapi ogé ka garwa-garwana. Nu kawas kitu gé teu kurang-kurang. Contona, saperti Corazon Aquino, Imelda Marcos (Pilipina), pada-pada ngarasa boga hak jadi pamingpin.

Di urang mah, apan cenah ‘surti’.  Rumasaan, sok ngaragap haté batur. Matak, ku surti-surtina, najan teu diomongkeun gé bisa jadi kaisinan. Ngan, kétang, piraku dahareun jeung pakakas wungkul ngimpor ti batur téh, pasipatan deungeun gé, piraku teu leuwih gampang asup ka urang, da teu sing kudu ngaliwatan palabuhan, teu kudu mayar béa cuké!

Upama kakawasaan bisa diwariskeun, nya teu sing salah, upama diwariskeun ogé ka garwana. Ngan nu diwariskeun ka garwa mah, mémang teu sing loba, teu kawas nu diwariskeun ka putra-putrana. Kitu téa mah, bisa tumali jeung pasualan umur garwa-garwa pajabat téa. Apan, garwa jeung carogé téh dina umur mah, pakokolot supa.  Mangka, pajabat di urang apan sok ngaduakalian dina nyangking kakawasaanana téh. Hartina, mun engkéna ditépakeun ka garwana, meureun ‘pawaris’ tahta téh geus ngurangan katanginasan. Najan tacan kawas umumna, ema-ema janda pangsiunan nu tos sarepuh, bojo mantén pajabat gé manjing reureuh, satutas marengan pancén carogé ngabahu denda ngurus rahayat.

Ngawariskeun tahta ‘ka gigir’ atawa ka nu biasa ‘di gigireun’, teu sing salah. Komo deui nu hak milih mah rahayat. Apan, lir kekecapan padagang, kersa galeuh, teu kersa ulah geuleuh!

Upama parapajabat boga karep ngawariskeun jabatanana, tong ukur dihartikeun negatip. Bisa jadi, kitu téh, lantaran nyaah téa ka rahayat. Upama, pajabat milih bojo ‘anyar’ nu jauh leuwih ngora gé boa kaasup ‘strategi’ nyaah ka masarakat. Saha nu apal upama isuk jaganing pagéto, bojona nu pangoranna téh, jadi gagantina, miluan pilkada! ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: