• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Silsilah Wiratanudatar
Dimimitian ti Mundingsari

Kénging Hana Rohana Suwanda
Kintun kana Facebook

Para raja/ ménak jeung para patinggi atawa pangagung jaman baheula geus biasa pada boga silsilah kulawarga, moal aya saurang ogé anu tanpa silsilah. Umumna para raja di Tatar Sunda, silsilahna diawalan ti jenengan Prabu Suiliwangi. Tapi najan sarua Tatar Sunda, Tasikmalaya mah béda ti nu séjén. Silsilahna diawalan ti Sultan Pajang (Jawa). Saperti anu diungkabkeun ku Prof.Dr.Hj.Nina Herlina Lubis dina bukuna (Kehidupan Kaum Menak Priangan ( 1800-1842).Nina ngamimitian pedaranana ti Cianjur. Asal- usul kulawarga Wiratanudatar ti Cianjur silsilahna diawalan ti Mundingsari ramana Prabu Siliwangi.

Sabada tujuh generasi kakara muncul tokoh Prabu Siliwangi , ti Prabu Siliwangi tepi ka Aria Wangsa Goparana dalem anu ngagem agama Islam, sarua kahalangan ku tujuh generasi. Putra Aria Wangsa Goparana nu jenengan Raden Jayasasana sabada jeneng Dalem, dipapancénan ku Cirebon pikeun ngajaga tapel wates jeung Banten. Kusabab kitu Radén Jayasasana ngalih ka Cikundul Cianjur, saterusna nganggo gelar “ Aria Wira Tanu”. Tapi saperti Sumedang, henteu kabéh bupati anu maréntah Cianjur maké gelar “Wiratanudatar” , malah aya bupati anu lain terah Wiratanudatar nyaéta Tumenggung Wiranatakusumah ( 1912-1820) rundayan ménak Bandung jeung Tumenggung Suriadiningrat ( 1929-1932), rundayan ménak Limbangan. Tapi éta dua bupati téh tetep henteu kaasup terahing ménak Cianjur. Aya dua ménak séjéna anu maké gelar Wiratanudatar nyaéta Tumenggung Jayaningrat anu katelah Wiratanudatar VII anu dijungjung lungguh jadi Bupati Limbangan (1836- 1871) . Pangna dijenengkeun Bupati Limbangan, kusabab Wiratanudatar nikah jeug putri bupati saméméhna. Saurang deui nyaéta Adipati Wiratanudatar VIII nu jadi bupati ngaganti ramana (1871-1815). Saterusna luluhur ménak Bandung diawalan ti tokoh Prabu Siliwangi. Jenengan Wiranatakusumah mah mimiti dipaké ku generasi kagenep. Luluhur anu jenengana mimiti dikenal dina catetan VOC dina abad ka 17 nyaéta Ngabehi Astamanggala ti Cihaurbeuti nu dilélér gelar Tumenggung Wiraangun-angun ku Sultan Agung Mataram, sabab dianggap gede jasana milu numpes Dipati Ukur anu dianggap wangkelang ka Mataram. Saterusna Wiraangun-angun digentos ku putrana nyaéta Tumenggung Nyili . Teu kungsi lila geus diganti deui ku sadérék iparna nyaéta Radén Ardisuta putra Demang Timbanganten Wiradipura turunan Sunan Gordah ti Timbanganten. Buyut Radén Ardisuta jeung rundayanana saterusna maké gelar Wiranatakusumah I tepi ka V , diselang ku bupati anu henteu maké Wiranatakusumah nyaéta Tumenggung Kusumadilaga raina Wiranatakusumah IV jeung R.A.A. Martanagara (1893-1918). Turunan ménak Sumedang. Saenyana dina pamaréntahanana Martanagara bisa disebutkeun nyongcolang loba ninggalkeun hasil gawé rancagé anu tepi ka ayeuna aya kénéh di kota Bandung kajeun ngan kari ngaran saperti Sasakgantung baheula diwangun jaman Bupati Martanagara bener-bener sasak gantung, luyu jueung kamekaran jaman jeung anu ngajamanana ayeuna ngan kari ngaran Jalan Sasakgantung.

 

Wiradadaha nu diawalan ti Sultan Pajang

Béda jeung nu séjén, puncak silsilah kulawarga Wiradadaha ti Tasikmalaya mah diawalan ti Sultan Pajang lain ti Siliwangi Pajajaran. Bupatina anu mungaran nyaéta Ngabehi Wirawangsa anu diangkat ku Mataram bareng jeung Bupati Bandung. Wirawangsa dilélér gelar Radén Tumenggung Wiradadaha Sawatara turunanana ogé maké Wiradadaha ditungtungan ku angka Romawi I-II-III jeung saterusna.

Ari kulawarga ménak Galuh Ciamis, narik garis turunana tepi ka awal abad munggaran Masehi ti Prabu Resi Wrehaspati Prabu Watu Gunung terus manjang tepi ka generasi ka 22 Maharaja Ratu Sanjaya anu jenengana diukir dina prasasti Canggal nu maké angka taun 732 Masehi. Ti Sanjaya anu maréntah di Karajaan Galuh nu mangsa harita perenahna di Banjar Patroman diteruskeun ku turunana tepi ka generasi ka 43 nyaéta Prabu Siliwangi. Ti Siliwangi tepi ka generasi ka 43 maju terus tepi ka generasi ka 51 mangsa pamaréntahan Adipati Panaékan nu dicatet dina sumber Walanda. Sabadana loba pisan anu nu teu bisa divertifikasikeun sacara historis. Rundayan ménak Ciamis henteu kabéh maké ngaran turunan saperti di opat kabupatén séjéna Kusabab kitu henteu disebut-sebut ngaran anu saperti dinasti atawa kulawarga. Ngan aya saurang Bupati Ciamis anu nyongcolang tur mashur nyaéta Radén Adipati Aria Kusumadiningrat Rundayan Bupati R,A,A Kusumadiningrat nu jumlahna 15 urang maké     sapotong jenengan luluhurna nyaéta “Kusumah” atawa “Kusuma” Kaasup Kusumasubrata anu ngagentos RAA Kusumadiningrat. Anu narik perhatian, putra putri katut putu Kusumasubrata lolobana ngarana dimimitian ku aksara “G”. Contona putra Kusumasubrata ti nomer dua tepi ka nomer 5, Gardea, Gani, Garnita, Gotawa, Gurtiwa. Aya deui rundayan Jayakusumah jeung Rd.Popi, Gotaya, Gotaka, jeung nu séjén-séjéna deui. Cenah mah maksudna téh keur leuwih nguatan kayakinan yén maranéhna bener-bener rundayan Prabu Galuh Ciamis. Satukangeun ngarana pasti ditapelan jenengan ramana upamana baé Gurbada Kusumasubrata, Gani Kusumasubrata jeung saterusna. Ti leuleutik umumna para Aom jeungn Juag (sesebutan putra ménak Galuh Ciamis) narima pendidikan Walanda.

Masih aya kulawarga-kulawarga ménak, di antarana Limbangan, Garut,Sukabumi . Garut ngan tepi ka taun 1813 diparéntah ku kulawarga Limbangan, saterusna mah diparéntah ku ménak Sumedang. Taun 1836 nu maréntahna ménak Cianjur (mantu ménak Sumedang). Ti taun 1915 tepi ka 1944 nu jeneng bupati téh kulawarga Suria Kartalegawa, lain ménak acining ménak tapi turunan Radén Haji Muhamad Musa Kepala Penghulu Limbangan/Garut. Kulantaran kitu pisan ti Garut henteu aya ménak pinunjul anu pantes dipicatur. Upama niténan daptar-daptar silsilah kulawarga para ménak Priangan saperti kitu, katingal pisan yén para luluhur para ménak téh henteu bisa dipertanggung jawabkeun sacara historis ngeunaan bener-bener kungsi gelar atawa henteu. Sanajan ngaran-ngarana memang aya dina sumber-sumber Walanda, tapi tampolana Walanda ogé nyutatna tina carita-carita masarakat, carita anu dicaritakeun deui. Arsiparisna ogé bahana nyutat tina karya Hageman, Hageman sorangan nyokotna tina sumber tradisi.. Dina silsilah kaum ménak Priangan Prabu Siliwangi salawasna jadi pangkal luluhur Sunda iwal ti Sukapura anu nyokot luluhurna ti Jawa. Dina sumber-sumber naskah nu kaasup karya sastra atawa karya sastra sajarah, henteu ngagambarkeun jadi tokoh sajarah tapi tokoh sastra atawa tokoh sastra sajarah. Tokoh Prabu Siliwangi ogé henteu kaunggel dina prasasti-prasasti nu tumali jeung Karajaan Sunda. Aya anu boga pamanggih yén jenengan Prabu Siliwangi téh jujuluk tokoh Raja Sunda Sri Baduga Maharaja anu jenengana ditulis dina prasasti Batutulis Bogor. Naha Prabu Siliwangi téh tokoh mitos atawa tokoh sajarah, pikeun urang Sunda mah Sang Prabu téh pangawasa Karajaan Sunda anu karismatik. Ku kituna urang sakabéh jadi paham kunaon para ménak Priangan ngaabadikeun tokoh Sang Prabu jadi luluhurna. Lian ti kitu, éta ogé mangrupa upaya para ménak pikeun nguatan setatus kolompok elit sakaligus ngalegimitasikeun kakuasaan maranéhna. upama dititénan daptar silsilah para ménak, masing-masing aya kaitan kakarabatan di antara para ménak boh di wilayah kabupaténa sorangan boh jeung ménak luareun wilayah kabupaténa. Malah mah jeung kulawarga inohong di tingkat karésidénan séjéna. Daptar silsilah bisa dititenan di stamboom, stambock (buku asal-usula) atawa sarupaning biografi tradisional séjéna. Lain kabeneran lamun tokoh-tokoh mistis dina éta silsilah ngarana sarua jeung aya hubungan kakarabatan boh deukeut boh jauh. Hubungan kakarabatan saperti kitu pangpangna ngangkat kulawarga bupati. Pangkal silsilah para bupati cukup tepi ka jenengan raja nu sohor tur karismatik di lingkungan kulturalna, upamana nya Prabu Siliwangi. Keur para ménak anu leuwih handap cukup tepi ka bupati di kabupaténa atawa di kabupatén séjén anu keur maréntah kénéh turta kalungguhana leuwih luhur batan dirina. Saperti saurang Wadana di Bandung nyaéta Radén Suriakantaprawira , ramana téh Radén Haji Zaenal Asikin, putra Panghulu Kepala Limbangan Panghulu Kepala Limbangan saméméhna. Ari ibun Radén ayu Rajaretna putri Bupati Limbangan Radén Adipati Surianatakusuma. Silsilahna dikaitkeun ka ditu ka dieu tepi ka ahirna ngait ka Prabu Geusan Ulun ti Sumedang. **

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Aan Hermawan

Simkuring nembe ngartos..Paingan mangsa jumeneng keneh pun bapa sareng ua,sok ngahaja jarah ka Nangkabeurit di Sagalaherang.Namung can kahartos naon maksadna....!!

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: