• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Di gunung Haruman Aya Nagara
Rakeyan Layaran Wangi

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Nurutkeun Prof. Dr. Hj. Nina Herlina Lubis dina bukuna ”Kehidupan Kaum Menak Priangan”, Kabupaten Limbangan ngan tepi ka taun 1813 dicekel ku ménak Limbangan. Saterusna mah kungsi dicekel ku rundayan ménak Sumedang, terus taun 1836 nu jeneng bupati Limbangan rundayan ménak Cianjur. Minantuna kénéh ménak Sumedang, Ti Taun 1915 tepi ka 1944 nu jareneng bupati Limbangan kulawarga Suria Kartalegawa. Tapi lain rundayan ménak sacara langsung, tapi rundayan Kiyai Haji Raden Muhamad Musa Panghulu Limbangan, seniman sastrawan anu mashur dina jamana.

Kulantaran kitu pisan ti Garut henteu bisa nangtukeun salahsaurang ménak anu pinunjul tepi ka ahirna nyokot rundayan KH Raden Muhammad Musa anu putrana memang palinter, salahsaurang di antarana istri nyaéta Lasminingrat, panaratas pendidikan kaum wanoja di Tatar Sunda, pangpangna Garut. Mangsa harita jadi ménak téh cita-cita warga masarakat anu hayang boga anak maju. Di antarana udaganana téh liwat perkawinan. Lamun anak awéwé diharepkeun kudu boga salaki ka putra ménak sangkan turunanana kabeh jadi ménak. Budak lalaki nya kudu kawin jeung putra istri ménak, ku jalan kitu katarik jadi ménak, gampang ngahontal kalungguhan di pamaréntahan. Contona Kiyai Haji Raden Muhammad Musa anu kagungan cita-cita kagungan putra jareneng, pangpangna jeneng bupati. Kusabab kitu putrana narikah jeung putra ménak. Liwat perkawinan, ménak luhur bisa jadi ménak pangluhurna, saperti KH Raden Muhammad Musa, ditingal tina silsilahna anjeuna téh turunan kalima Bupati Bogor, istrina nyaéta Raden Ayu Perbata Mirah putri Dalem Sumedang Putrana nyaéta Raden Adipati Surianataningrat bisa jadi Bupati Lebak. Putu Kiyai ti putrana anu jadi Bupati Lebak nyaéta Daren Tumenggung Aria Suriadi Putra jadi Bupati Lebak. Putuna anu séjén nyaéta Radén Tumenggung Suriadiningrat jadi Dalem Cianjur. Haji Muhammad Musa ogé kagungan putra anu engkéna jeneng Panghulu saperti anjeuna nyaéta Radén Haji Zaenal Asikin. Putrana anu nikah jeung putri Dalem Garut nyaéta Radén Ayu Raja Retna anu kagungan putra jenengan Dalem Tumenggung Suria Kartalegawa nu engkéna jeneng Dalem Garut. Hal ieu ngabuktikeun yén kalungguhan Panghulu Garut bisa ningkatkeun harkat darajat sarta kalungguhan ménak luhur jadi ménak pangluhurna. Liwat perkawinan. Ari Radén Tumenggung Suria Angga Kartalegawa putuna Kiyai Radén Haji Muhammad Musa nu dibabarkeun taun 1874 ngawalan raina di kantor Asisten Residen Sumedang taun 1892. Saterusna jadi Mantri Ulu-ulu di Cikalong Cianjur terus di Ciheulang Sukabumi di Bandung jeung di Garut. Terus diangkat jadi Asisten Wadana kelas dua di Sodonghilir Sukapura, Saterusna jadi Wadana anyar di Singaparna nu saterusna dipindahkeun jadi Wadana Kota Bandung. Saterusna deui diangkat jadi Patih di Bandung, tanggal 1 Juli 1915 no 6 diangkat jadi Dalem Garut. Jero 2 taun Suria Rangga Kartalegawa bisa nété karir tina juru tulis tepi ka jadi Bupati. Tumenggung Kartalegawa ramana Patih Sukabumi, Eyangna ti rama, Panghulu, tiluhurna mah Dalem Bogor. Eyangna ti ibu mah Dalem Garut. Raden Tumenggung Suriajanagara Bisa jadi ieu anu diajenan leuwih, sajaba ti ijasah OSVIA téh.

Numatak jaman harita mah gélar Raden téh kacida diangen-angena, ceuk sawatara sumber dibélaan meuli mun perelu mah, Taun-taun ka dieunakeun loba kulawarga anu kaleungitan tutunggul di makam luluhurna atawa makam luluhur téh ngadadak digenah-genah dikulambuan, dibebenah jeung aya anu ngaku karuhun anjeuna. Mu boga karuhun ngan wasa ngusapan dada bari istigfar, teu bisa protes.

 

Dikirim Dua Joli

Sunan Ranggalawe mihatur: Nun Sunan Tétéh upami kitu mah atuh sumangga urang mulih baé ka nagara!” Tapi énggal Maharaja Inten Dewata ngawaler.

“Tétéh geus gilig hamo balik deui ka nagara, arék nuturkeun kahayang haté baé, ngajakna bumetah di dieu nya Tétéh arék terus di dieu”

 Sabada sasauran kitu Ratu Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih ngereles ngaleungit teuing ka mana, ngahiyang carek karuhun mah meureun. Ranggalawe kacida ngenes ngangsaresna dikantun ku raka anu heman, lami ngaheneng ngaraga meneng tepi ka ahirna nyah beunta. “Nya ayeuna awak kudu mulang ka nagara Korobokan neruskeun hanca mingpin rahayat!” gerentes manahna. Ras ka salira, ari mingpin téh mingpin saha, kapan somah geus ampir ludes kaurugan gunung bitu, sasatoan pon kitu deui taya nu ngari.Gunung Kutu dilandi jadi gunung Agung, loba ogé anu nyebut gunung Guntur. Ari anu tadina dicalikan ku Ratu Iinten Dewata disebutna gunung Putri. Lahan anu kaurugan taneuh jeung batu ditelahna Tegal Urug tug tepi ka ayeuna. Timbanganten dipindahkeun ka Tarogong nu engkéna jadi Distrik Tarogong, nagara pusaka warisan jaman baheula.

 

Kaprabuan Limbangan

Kaprabuan Limbangan nu dicaritakeun dina Babad Limbangan aya patalina jeung Karajaan Pakuan Raharja dina mangsa Prabu Layaran Wangi mangku kaprabon.

Caturkeun Aki Panyumpit ti isuk jedur moro teu pisan beubeunangan padahal ampir kabéh pasir kapapay leuweung kaaprak tapi weléh taya sato anu kabeunangan ku sumpitna. Tapi kersaning Gusti sabada nanjak Cipancar di puncakna hiliwir angin leutik mabuk awakna, bareng jeung datangna seuseungitan nyambuang di sakuliah pasir Cipancar. Aki kaliwat kaget na karah seungit naon? da taya nanaon anu katenjoeun ku Aki. Tapi ana rét ka lebah wahangan Cipancar katingal aya cahaya ngagebur, datangna wawangian ogé nya ti dinya asalna. Bréh katenjo ku Aki aya istri teuing ku geulis keur icikibung siram di Cipancar. Ku Aki ditaros maksakeun manéh. ”Saha nya tuang jenengan di mana nya lembur matuh, aki mah ku hemeng!”

Putri ngawaler “ Ngaran kuring Rambut Kasih, dupi bapa katelahna Sunan Rumenggong, lembur mah di Limbangan mamang!” Pangalaman patepang jeung putri diunjukeun ka Prabu Layaran Wangi. Dumasar kana pangalaman Aki Panyumpit tepang jeung putri, ngailhaman Sang Prabu anu saterusna méré ngaran ka gunung tempat Aki ngalalakon, Gunung Haruman tug tepi ka ayeuna. .

Ari Sang Prabu bet jadi kapentang panah asmara, kapincut ku putri geulis Rambut Kasih. Ahirna ngutus para gegedén nagara pikeun ngalamar putri Limbangan anu geulis Rambut Kasih. Mimitina mah putri nolak tapi sabada digelendut diwurukan ku ramana yén sabener na éta téh jodo Nyi Putri , Rambut Kasih nampi lamaran Sang Prabu. Heuleut sapuluh taun Prabu Layaran Wangi jeung Putri Rambut Kasih kagungan dua putra nyaéta Basudewa jeung Limansajaya.Tapi éta dua putra lami-lami dicandak ku eyangna nyaéta Sunan Rumengog anu saterusna diangkat jadi pamingpin. Basudewa jadi pangawasa di Limbangan gelarna Prabu Basudewa. Limansajaya diangkat jadi pangawasa di Dayeuhluhur gelarna Prabu limansajaya.

Lawas ti lawas sabada rumah tangga Prabu Limansanjaya muka babakan anyar anu lila-lila jadi hiji nagara gedé anu sugih mukti beurat beunghar disebutna Dayeuh Manggung. Nagara Dayeuh Manggung mashur ka mana-mendi boh di antara nagara-nagara tatangga boh jeung luar negri. Rajana anu mashur saperti Limansanjaya nyaéta Ranggalawe.

Nyutat pamendak Sulaeman Anggapraja disebutkeun yén ngeunaan Karajaan Galuh Pakuan di Limbangan ieu, ngan di puncak gunung Haruman aya nagara anu pantes disebut nagara, nu disebut Rakeyan Layaran Wangi nu dipingpin ku Prabu Wijaya Kusumah. Atawa Sunan Rumenggong. Sunan Wijaya Kusumah téh putra Prabu Geusan Ulun, putra Ratu Tembong Agung , ari Tembong Agung putra Prabu Taji Malela. ( Resi Cakrabuana). Prabu Wijaya Kusumah kagungan putri anu jenengana Rambut Kasih nu engkéna ditikah ku Pangeran Layakusumah putra Prabu Siliwangi ti Ratu Anten pangawasa Pakuan Raharja nu ayeuna mah kabawah ka Cicurug Sukabumi.

Prabu Layakusumah ti Rambut Kasih kagungan dua putra nyaéta Raden Lemansanjaya jeung Wastu Dewa. Sabada sawawa dicandak ku eyangna ka karaton Sekeyan . Layaran Wangi anu perenahna di puncak gunung Haruman. Pikeun dididik kana rupa-rupa elmu pangaweruh sabab duanana gadang raja.

Lemansanjaya diperenahkeun di Pasirhaur, nagarana disebut Galuh Pakuan. Wastu Dewa diperenahkeunana di Dayeuhluhur . Sabada putra geus cukup ku élmu panemu nya diunjukeun ka ramana yén putra geus cukup élmuna, tapi sarupa anu tacan matak reugreug manah téh nyaéta dua putra Raja teu acan kagungan mojang petingan. Mésem Prabu Layakusumah nampi piunjuk kitu téh. Heuleut sawatara lilana Sang Prabu ngintun dua joli kanggo putrana. Joli anu hiji mah dirarangkenan mani éndah, dieusi putri geulis. Nu hiji deui mah henteu dirarangkenan, biasa wé najan di jérona sarua aya putri anu geulis, malah leuwih geulis tinu aya dina joli kahiji. Dua joli dikintunkeun ka Galih Pakuan jeung ka Dayeuhluhur. Joli ku Mantri nu nganteur disimpen di buruan karaton Dayeuhluhur dua putra sina milih. Putra cikal tétéla milih joli anu alus anu dirarangkenan, eusina mémang istri geulis. Putra bungsu teu milih-milih sabab geus kabagian joli anu biasa teu dirarangkenan, tapi eusina tétéla putri anu leuwih geulis batan anu aya dina joli nu alus. Takdir ditampi ku duanana, dina poé éta henteu aya kajadian nanaon. Putra nganuhunkeun kana kawijakan ramana anu geus sakitu mulya méré putri pikeun jadi prameswari.

Tapi tétéla lila-lila Lemansanjaya uninga peresis yén praméswari ingkang rayi Wastu Dewa jauh leuwih geulis batan prameswari anjeuna. Putra cikal manahna diganggu ku rasa kaduhung sagedé gunung bet maké milih joli anu alus, da tétéla dina joli anu biasa putri geulis mah ayana. Jadi henteu tarima kana kadar salira. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: