• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Toto Iskandar;

Metakeun Jurus "Djitu" Nyegah Koperasi Kari Ngaran

Kintun kana Facebook
Mangle
SN1356403703.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Koperasi Unit Desa (KUD) kungsi jaya. Kungsi jadi gunung pananggeuhan rahayat geusan jadi cukang lantaran karaharjaan. Ngan, naha ayeuna loba nu ukur “papan nama’, ukur kari ngaran? H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit Desa (PUSKUD) Jawa Barat medar pamanggihna. ***

 

Koperasi Unit Desa kungsi jadi andelan. Masarakat, kaasup patani, boga gunung pananggeuhan geusan mekarkeun ékonomina. Rupa-rupa kabutuh masarakat, nyampak di éta koperasi. Nu butuh gemuk, bibit paré, modal usaha, kari datang ka Koperasi Unit Desa. Tapi, kajayaan koperasi kawas kitu, kari waasna di sawatara tempat mah. Mun ogé aya kénéh, kari plangna atawa ‘papan nama’ nu nyirikeun di dinya téh kungsi aya koperasi kawas kitu.

Upama KUD ilang dangiang, naon sababna? “Kawijakan pamaréntah teu mihak ka koperasi. Dugi ka usaha-usana nu maké nami koperasi gampang pisan ngajalankeun usahana. Balukarna, nu enya-enya koperasi lir jati kasilih junti,” ceuk H. Toto Iskandar, Ketua PUSKUD Jawa Barat. Ngobrol téh, pasosoré sabada acara sawala koperasi nu lumangsung di Kantor PUSKUD Jawa Barat Jalan Soekarno-Hatta Bandung.

H. Toto nu kakara sataun nyangking éta kalungguhan, ngarasa beuratna ku bangbaluh dina mekarkeun koperasi. “Koperasi butuh kapercantenan balaréa,” pokna tandes.

Ngan, kiwari, masarakat gé loba nu teu ngandelkeun koperasi. Contona waé, mun butuh duit, loba nu leuwih milih ‘réntenir’. Kitu téh, lantaran gampang narima duit injeuman. “Padahal, nginjeum duit ti réntenir mah, pamustunganana bakal leuwih ripuh,” ceuk ieu teureuh Bekasi nu lahir taun 1968 téh.

Najan kitu, H. Toto tetep gedé harepan, koperasi, utama Koperasi Unit Desa kudu jadi andelan ékonomi masarakat. Kitu téh, lantaran éta badan usaha mah pangcocogna keur masarakat. “Kantun, ngantosan kawijakan pamaréntah nu mihak ka koperasi,” pokna.

Nya tangtu, cenah, kamajuan koperasi mah teu ngan ukur ngandelkeun pamaréntah. Lantaran, koperasi téh boga kakuatan anu mandiri. Bukti, apanan loba kénéh koperasi, pangpangna KUD nu hirup jeung huripna. Contona, cenah, salah sahiji KUD di Cirebon, Jawa Barat gé aya nu omsétna nepi ka 15 milyar.

Geusan ngamajukeun koperasi unit desa, ieu pangusaha téh, mémang boga jurusna. Da, patékadanana waktu kaselir jadi ketua gé, hayang ngamangpaatkeun pangaweruh jeung pangalaman keur kamajuan koperasi. Ka dituna, cenah, milu mantuan masarakat dina ngahontal karaharjaanana. Naha bisa koperasi jadi cukang lantaran karaharjaan? Ieu campuran teureuh Garut (Cibatu) jeung Bekasi mah, yakineun kana bisana. Komo deui, da  ti baheula mula, KUD téh jadi andelan. “Ngan, upama ayeuna keur aya dina kaayaan nu teu nyugemakeun, kari narékahanana deui wé,” pokna sumanget naker.

Tarékahna, ieu ketua mah boga cara. Aya jurus DJITU nu jadi andelan

Dina ngalaksanakeun pancénna, Toto Iskandar gé lain ukur kakara lalambé. Dina mancén gawé nu kakara sataun, pihakna teu kendat ngalaksanakeun tarékah. Intina mah nyumangetan jeung ngagerakeun deui koperasi sangkan aya pupurieunana. Ku lantaran kitu, pihakna gé ngalaksanakeun rupa-rupa gawé bareng jeung mitra-mitra usahana. Di antarana, gawé bareng jeung Bank Bukopin, dina bidang swamitra. Atuh dina awal taun 2012, pihakna dipasilitasan ku  Dinas KUMKM Jabar ngayakeun  “Gebyar Puskud Bangkit” nu diiluan ku  400 KUD sa-Jawa Barat.

Kagiatan séjénna, gawé bareng jeung Malaysia, Puskud nyéwa lahan di IKOPIN nu legana  20 ha, dikokolakeun ku KUD, melak palawija. Atuh di Sukamandi Kabupaten Subang nyéwa lahan 5 ha nu digemuk ku ‘pupuk organik’. Lian ti kitu,  Puskud ogé  mekarkeun  waserba online jeung Galeri Puskud Jabar.

“KUD ogé gaduh lolongkrang ngawasa deui distribusi bahan-bahan dasar kabutuh balaréa, sapertos gemuk, paré, sareng sajabina. Sanaos kawijakan pamaréntah langkung neueul kana  persaingan, KUD gé bakal tiasa ngayonan persaingan,” pokna tandes naker.

Ketua PUSKUD Jawa Barat yakin, loba kénéh lolongkrang keur kamajuan koperasi. Ngan, tangtu butuh gawé bareng jeung pihak séjén. Nya ku lantaran kitu, waktu Rakor PUSKUD sawatara waktu ka tukang gé,  Dinas KUMKM Jawa Barat  ngondang  PT Pupuk Kujang, PT Sang Hyang Sri (SHS) Sukamandi, LPDB-KUKM jeung Kopanti nu mangrupa mitra KUD.

Dina mangsa jaya, ceuk H. Toto, koperasi hususna KUD (Koperasi Unit Desa) dibéré kakawasaan keur nyalurkeun rupa-rupa kabutuhan poko masarakat.

Mangsa harita, sakumna produk nu dipikabutuh balaréa, dikokolakeun ku koperasi. Hal kawas kitu téh, kiwari masih kénéh kasaksén di Malaysia, Vietnam jeung sajaban, nu saméméhna mémang nurutan ti urang.

Kamajuan KUD, ceuk H. Toto, ogé bakal gumantung ka pamaréntah daérah masing-masing. Kitu téh, bukti cenah, saperti di Majaléngka KUD téh kaasup maju. Kitu téh, lantaran Dinas Koperasi di éta daérah kacida engeuhna kana kaayaan koperasi di éta tempat. Tangtuna lain ukur nalingakeun, da jeung sokna mantuan kabutuh koperasi. “Dugi ka dina ngayakeun RAT, kénging bantosan waragad ti pamaréntah daérah,” pokna nétélakeun kareueusna ka Majaléngka.

Miang tina Tatapakan

Upama H. Toto Iskandar apal pisan kana jurus koperasi, da mémang di dinya icikibungna. Inyana téh pangusaha sukses nu ‘bisnisna’ terus mekar. Kamampuhan ngurus  usaha, ogé ditularkeun ka kulawargana. Matak, teu sing anéh, upama rupa-rupa usaha terus mekar di sababaraha tempat.

Usahana teu sing keur sadirieun. Apan, milu deuih ngokolakeun koperasi. Kungsi jadi Ketua KUD Kacamatan Setu, Kabupaten Bekasi.

Resep usaha, ieu carogé Zulfaedah Triana téh, deuih resep kana organisasi. Nya ku lantaran kitu, deuih jadi loba balad. Malum, organisasi nu diurusna ogé di Bekasi téh rupa-rupa naker, saperti KNPI, AMPI, FKPPI jeung sajabana. “Seueur luang sareng pangalaman dina organisasi nu tiasa dilarapkeun dina dunya wirausaha,” saur ieu rama Moch. Tidzy AM, Hadiratu Sholeha, sareng Robiatul Adawiyah téh.

Ku lantaran loba balad, waktu nyalonkeun jadi anggota DPRD Kabupaten Bekasi, meunang sora 4.000 leuwih. Ngan, nya kitu, nu dilantik mah, kalah nu jumlah sorana leuwih saeutik batan beubeunangan dirina. “Biasalah dina pulitik mah,” pokna. Ti harita,  H. Toto kaluar tina kaanggotaan partéy pulitik.

Adumanis usaha jeung koperasi, keur H. Toto mah, kudu mangppat keur balaréa. Ku lantaran kitu, najan boga modal jeung lolongkrang usaha saperti ngadegkeun ‘retail’ teu sing kabita. “Tantos, ngajalankeun usaha téh kedah sareng tinimbangan, ulah dugi ka ngarugelkeun pausahaan  masarakat leutik. Contona, seueurna mol sareng supermarket, apan ngarugelkeun toko-toko sareng warung-warung nu janten lahan usaha masarakat,” pokna tandes naker. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

a.sutardi

sae pisan kiwari wancina KUD hudang deui... bawiraos ieu nagri rahayatna,utamana rahayat di padesaan moal ngahontal karaharjaan lamun urang teu balik deui ka KUD, ibaratna back to basic diwuwuh ku political will pihak pmarentah... KUD kudu jadi deui soko guru perekonomian rahayat padesaan keur merangan ambisi para konglomerat nu kiwari nerekab ka unggal desa ngaliwatan bisnis waralaba, finance nu make bibita fasilitas tapi bungana nyekek,jeung rea-rea deui. Prung ah Pa Is geura padungdung !!!

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: