• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nguatan Akar Budaya

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Ngabandungan paripolah kiwari, loba nu ngarasa hariwang. Pacéngkadan, lain ukur bruk-brak jeung nembrak, malah digegedékeun. Nu asalna teu sapira, bisa sakedét nétra jadi uru-ara nu ngabalukarkeun bancang pakéwuh.

Paripolah, lir kuda leupas kadali. Tunggul dirarud catang dirumpak. Papagon hirup nu mistina jadi pager jeung dadasar paripolah, teuing di mana ngancikna. Da, nu kungsi jadi kacapangan, majar bangsa urang téh lemes budi, nyatana mah loba nu ukur kari dongéngna.

Di mana ngancikna, silihasah silihasih silih asuh? Di mana pasipatan sabda pandhita ratu?  Ka mana  patekadan nyaah ka sarakan, saperti nu kagambar dina kekecapan  ‘di mana bumi dipijak di sana langit dijungjung’? Di mana ngancikna  kamanunggalan kaum adat, ulama, jeung elmuwan nu kagambar dina  ‘tungku tigo sajarangan’? Di mana ngancikna ‘ayat-ayat’ budaya nu ngagambarkeun luhungna ajén-inajén kamanusaan? Nu écés mah, kekecapan kawas kitu téh, kari réngkolna dina kamus atawa ukur jadi kaagulan dina mangsana nyoréang mangsa ka tukang.

Paripolah gupuy-gapay, lir nu lunta dina petengna peuting. Atuh, teu sing anéh, mun ahirna, nu enya dilain-lain, nu lain dienya-enya. Balitungan pragmatis, ngalap mangpaat dangka pondok, éstuning jadi pamuhitan.

Paripolah nu pasalia jeung aturan, nyampak  di saban tempat jeung waktu. Balukarna, lir nu gering teu ngarasa boga kasakit. Najan, tembongna walagri, awakna mah mingkin lila mingkin ropoh!

Paripolah jeung pasipatan kawas kitu, mémang matak hariwang.  Ngan, teu hadé, upama ukur rumahuh, ngusap dada. Ku lantaran kitu, saha waé nu boga karep jeung ketak geusan narékahan  kaayaan sangkan leuwih hadé,  sawadina meunang pangbagéa jeung pangrojong ti balaréa.

Mitra, kahariwang gé tembrés dina salah sahiji sawala pararaja, sultan, katut pamangku adat sa-Nusantara. Dina sawala nu lumangsung  Minggu, 9 Desember 2012 di Gedong Merdeka, Bandung, pamilon sawala samiuk, milu ngabebenah kaayaan kahirupan dumasar kana adat katut budaya masing-masing. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: