• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Moh. Jumhur Hidayat

Demokrasi Pulitik
Kudu Jadi Alat Karaharjaan

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Moh. Jumhur Hidayat [Potrét/Ilustasi: Dok. Istimewa]

Wani ngiritik, ludeung nandangan résikona. Kituna téh dibiasakeun ti keur jadi mahasiswa kénéh. Balukarna, kungsi dipanjara méh tilu taun. Tapi, karepna mélaan nu katideresa teu kungsi sirna. Saha nu kawas kitu téh? Taya lian ti Mohammad Jumhur Hidayat nu ayeuna jadi Kepala Badan Nasional Penempatan dan Perlindungan Tenaga Kerja Indonesia (BNP2TKI).

***

Kamiskinan lir ‘lagu lawas’ nu teu gampang laas. Nyebar tur seselendep di saban tempat. Ngan, najan nembrak, puguh bungkeuleukanana, ngungkulanana mah teu gampang, malah hésé kacida. Balukarna, karaharjaan nu jadi impian balaréa, samar kahontal.

Naon nu jadi bibit-buitna mun rahayat teu raharja? “Nagri urang sugih mukti beurat beunghar. Subur lahanna, atuh basisirna gé kaasup nu pangpanjangna. Ngan, lantaran salah ngurusna, tetep loba kénéh masarakat nu balangsak,” ceuk Moh. Jumhur Hidayat, Kepala BNP2TKI bruk-brak naker.

Ngawangkong téh sawatara waktu ka tukang, di kantor BNP2TKI Jalan MT. Haryono, Pancoran Jakarta. Dina nepikeun kereteg haté, Jumhur bruk-brak naker, taya basa ‘heurin ku létah’, najan dirina téh pajabat pamaréntah. Enya, apan éta badan téh, langsung aya dina panalinga Presiden.

Mun dina nyarita, togmol. Da, mémang kitu adat jeung tabéatna. Pasipatan ‘aktivisna’ teu  robah, najan kungsi dipanjara méh tilu taun. Kétang, asupna ka jero rohangan sarigsig beusi gé lantaran karepna ngabélaan ‘si leutik’ atawa kaum miskin, nu ceuk pikirna balukar nu nyekel kakawasaan harita teu bener ngurus bangsana.”Rayat ulah aya nu sangsara,” ceuk ieu carogé Alia Febyani Prabandari nu nyangking Rekoris Kartini Modern 2012 kategori donor ASI panglobana.

Baréto keur jadi mahasiswa, nyaksian kateuadilan téh diébréhkeun ku cara unjuk rasa. Jumhur gé biasa ngokojoan paradémonstran. Tujuanana, sangkan rahayat meunang kaadilan “Teu téga upami nyaksian seueur kénéh nu katalangsara,” ceuk manten aktivis mahasiswa taun 1990-an téh.

Satutas mingpin unjuk rasa, ngeprak balad nolak kadatangan Mendagri ka Kampus ITB, 5 Agustus 1989, Jumhur ditangkep di bumi pamatuhanana di Babakan Jeruk, Bandung. Balukarna, ieu mahasiswa téh di-DO ti kampusna, sarta dipanjara 31 bulan.  Ampir tilu taun jadi pangeusi LP Kebonwaru (Bandung), Nusakambangan (Cilacap-Jawa Tengah) jeung Sukamiskin (Bandung).

 

Panceg Kayakinan

Nepikeun kereteg jeung angen-angen, komo deui ka nu keur nyekel kakawasaan mangsa harita, éstu teu gampang. Malah, bisa jadi mamala. Matak, teu sing anéh upama lolobana mah ukur ula-ilu kana kahayang nu boga kakawasaan. Loba nu kawas kalakay katebak angin atawa sarah kabawa palid.

Kumaha Jumhur? Ngaringkuk di panjara, taya kakapok. Teu sing jadi maung ompong, pédah narima rupa-rupa panéken salila di jero panjara. Da, ceuk pikirna, perjuangan mah ulah kateug najan kumaha waé résikona. Atuh, satutas nyeuseup hawa bébas ti LP, lain hartina ngarasa lugina, da karepna mélaan rahayat nu katideresa mah, tetep jadi niat jeung patékadanana.

Karepna kitu, lain ukur dina lalambé. Ketakna gé jinek, puguh pok jeung prak-prakanana. Malah, diébréhkeun ku cara ancrub kana rupa-rupa organisasi nu lolobana mah geusan ngabélaan masarakat. Di antarana, ieu alumni Universitas Nasional (UNAS) taun 1996 téh, ancrub dina rupa-rupa organisasi, saperti Pusat Peranserta Masyarakat (PPM), Center for Information and Development Studies (CIDES) Gabungan Serikat Pekerja Merdeka Indonesia (GASPERMINDO), Konfederasi Serikat Buruh Indonesia (KSBI), Yayasan Kesejahteraan Pekerja Indonesia (YKPI), jeung sajabana.

Lian ti ancrub ka rupa-rupa organisasi, Jumhur gé geus biasa jadi narasumber disababara tempat di nusantara, pangpangna dina nanjeurkeun martabat jeung jatidiri bangsa, kaasup remen ngalanglang mancanagara dina rupa-rupa kagiatan, di antarana neuleuman sistem katatanagaraan di Amerika Serikat, International Conference on Methodological Problems in The Study of Religions - Montreal Canada, Conference on Indonesia-South Africa; New Beginnings and Future Relations, Capetown, South-Africa jeung sajabana.

Nya ngaliwatan sababaraha organisasi jeung ancrub kana rupa-rupa kagiatan, Jumhur loba ngabélaan masarakat katideresa nu hak-hakna karampas ku pihak séjén.  Haté Jumhur teu tingtrim, upama nyaksian kaayaan nu méngpar tina kamistian, najan éta paripolah téh dilakukeun ku nu nyekel kakawasaan. Matak, najan ranggeuman kakawasan kacida kuatna, Jumhur tara ngarasa sungkan nepikeun kateupanujuanana. Dirina remen makalangan, ngaluluguan pihak-pihak nu boga karep ngaronjatkeun ajén jeung karaharjaan masarakat.

Naha karepna ngabélaan rahayat angger kénéh? “Karaharjaan masarakat téh kedah janten tujuan perjuangan,” pokna tandes. Hartina, tarékah kumaha waé gé, tujuanana mah misti keur kamaslahatan masarakat.

Upama karepna kacida kuatna, da mémang pangaruh lingkunganana. Ramana gé, Alm. Mohammad Sobari Sumartadinata geus ngawawadianan, mun wani ancrub jadi aktivis, kudu wani sagala rupana, malah najan nepi ka nemahan pati!

Panjara Sukamiskin jeung Nusakambangan, teu jadi panghalang. Sorot panonna waktu nyaksian kateuadilan tetep hurung. “Mun wani jadi rajawali, najan aya dina rohangan sarigsig beusi, atuh ulah jadi nuri,” pokna sumanget naker.

Nyanghareupan parobahan, loba nu teu kuat nandanganana. Atuh, Jumhur gé lebah dieu mah sadar pisan, najan loba nu lulus ‘ujian’ ti panjara, saperti tetep jadi rajawali, nyanghareupan kakawasan mah loba nu lémpés, manut ka ‘dunungan’. “Tah, ulah nepi ka kitu,” pokna.

 

Rajawali di Pamaréntahan

Upama ayeuna robah, tina ngiritik pamaréntah jadi aub di pamaréntahan, lain hartina Jumhur pindah pileumpangan. Da, tékadna gé angger, keur kapentingan balaréa. Jumhur lir méré jaminan. “Jabatan kedah janten alat ngahontal karaharjaan,” pokna.

Kiwari, ieu Kepala BNP2TKI téh, mémang jadi pajabat. Jadi pupuhu badan nu urusanana langsung jeung pasualan rahayat leutik. Apan, loba nu kapaksa lunta jauh ka mancanagara keur nyumponan pangabutuh sapopoé. Tangtu, ceuk Jumhur, warga nagara nu jati TKI téh butuh jaminan narima hak-hakna najan di nagri deungeun. “Jabatan téh alat perjuangan!” pokna nandeskeun.

Mémang, TKI téh masih kénéh nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Ngan, upama ditilik-tilik sabab-musababna, tetep ngamuara kana paripolah para oknum nu ngan ukur ngamangpaatkeun para TKI. “Seueur kénéh pasualan téh, lantaran dina miangna ka luar nagri teu luyu jeung aturan anu jinek,” pokna.

Keur Jumhur, pasualan kitu, tetep kudu diungkulan. Ku lantaran kitu, rupa-rupa tarékah gé dilaksanakeun. “Intina, ulah indit mun teu siap,” pokna. Maksudna, sagala rupana kudu bener-bener siap, kaasup sual pangabisa, basa, jeung kasiapan méntal di nagri nu ditujuna.

Pasualan TKI ngamuara ti mimiti mangsana tatahar. Di dieu gé loba nu méngpar tina aturan. Boh kamampuh calon TKI boh idéntitasna, loba nu teu luyu jeung kanyataan. Atuh, saterusna, teu meunang jaminan jinek ti pihak agén nu ngiangkeun TKI éta. Balukarna, di nagri tujuanana gé ngarumas, lantaran nu diangen-angen ti lembur téh jauh jeung kanyataan. “Ngabenehna kedah ti anggalna kénéh,” pokna. Carana, ngaliwatan palatihan-palatihan, boh katerampilanana, kamampuhan komunikasina, ogé méntalna,” pokna.

Dina ngurus TKI Jumhur gé remen ngalanglang mancanagara. Pihakna kalayan gawé bareng jeung pihak-pihak nu raket tumalina jeung TKI, teu weléh ngimeutan saban masalah jeung pasulan nu karandapan ku masing-masing TKI. “Kaasup nalingakeun kaayaanana di luar nagri,” pokna.

Atuh, nu nyanghareupan hukum, terus dibélaan nepi ka jucungna. Ngan, Jumhur gé ngaku, teu kabéh kasus hukum bisa diungkulan luyu jeung kahayang. Lantaran, pasulanana gé teu bisa digitik rata. “Pihak BNP2TKI tetep ngabélan para TKI di mana waé ayana sacara maksimal,” pokna tandes naker.

Nu mariang ka luar nagri, mémang hakna, sabab keur nyumponan pangabutuh sapopoé téh kudu aya tarékah. Tujuanana gé geusan ngahontal karaharjaan. “Karaharjaan para-TKI janten panalinga pihak BNP2TKI,” pokna.

Rupa-rupa tarékah jadi garapan gawé pihak BNP2TKI. Contona, ieu badan gé ngupayakeun sangkan gajih TKI terus naék. Najan, tarékah kitu téh teu gampang lantaran masing-masing nagara boga aturan anu jinek. “Tapi, intina upama urang wani ngadongsok kalayan puguh argumentasina, teu burung usulan téh disaluyuan,” pokna.

Contona, nu tumali jeung buruh TKI di Arab Saudi. Keur nu kuli di éta nagara, hayang ngaronjat buruhna gé teu gampang. Sababna, mémang di éta nagara mah haharegaanana ti taun ka taun matok, teu naék. Ku lantaran kitu, beubeulian gé angger, dianggap teu perelu naékkeun gajih pagawé. Najan kaayaanana kitu, keur Jumhur mah, teu cicingeun. Upaya naékkeun gajih TKI di éta nagara, éstu diupayakeun, kalayan ditéangan alesan-alesan nu biasa ngarojong dikabulna éta usulan. Misalna waé, najan haharegaan di éta nagara teu robah, tapi panghasilan perkapita mah ningkat pisan. Malah saban taun téh ningkat perkapitana nepi ka tilu kali lipet. Alesan naékna perkapita di Arab kawas kitu, ku Jumhur dipaké alesan keur naékkeun gajih. Hasilna? Nu digarawé di luar nagri di Arab mah, naékna gé 500 (lima ratus) réal sabulan tina gajih saméméhna.

 

Mangpaat Démokrasi

Kiwari, mémang mangsana démokrasi. Dina widang pulitik, pangaruh démokrasi écés naker. Munculna partéy-partéy pulitik gé gambaran démokrasi pulitik. Tapi, keur Jumhur mah, nyaksian kitu téh jauh tina kasugemaan. Lantaran, démokrasi kudu parat kana sagala widang, saperti demokrasi ékonomi jeung budaya.

Démokrasi lain tujuan, tapi alat. Ku lantaran kitu, sasaran ahir dina ngawujudan nagara démokrasi téh taya lian keur karaharjaan masarakatna. “Démokrasi nu teu ngaraharjakeun masarakat mah lain démokrasi nu sabenerna,” pokna.

Nanjeurkeun démokrasi, butuh kaludeung. Jumhur Hidayat, metakeun kaludeung geusan ngahontal impianana. “Butuh kamampuhan jeung kawani metakeun tarékah keur kapentingan masarakat,” ceuk ieu rama Ahmad Moqtav Hidayat sareng Naeva Hilya Athahira téh.

Alatan kitu, pamingpin dina mingpin bangsa nu penting bisa mampuh ngadidik masarakat jeung ngajurung rayat kana kamajuan bangsa.

Kaludeung Jumhur ngalarapkeun patékadan, loba nu teu nyangka upama dirina téh teureuh Sunda. Lantaran, nu séjén mah loba nu milih ‘mangga ti payun’, batan jadi lulugu. Tapi keur ieu putra pasangan Alm. Mohammad Sobari Sumartadinata sareng Hj. Ati Amiati, kasebutna lain urang Sunda lamun kudu éléhan. “Urang Sunda teu sing éléhan, da loba contona karuhun Sunda téh teuneung ludeung naker,” pokna bari nataan sababaraha tokoh Sunda mangsa lawas nu ceuk Jumhur mah, payus jadi tuladeun urang Sunda sapandeurieunana. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: