• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Aksi Budaya Sunda
Nolak Rarancang Kurikulum 2013

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook
Mangle
Aksi Budaya nolak kurikeuleum 2013 [Potrét/Ilustasi: rudi]

Nasib basa Sunda loba nu ngahariwangkeun. Kituna téh sabada pamaréntah, ngaliwatan tim pengembangan kurikeuleum 2013 Kementrian Pendidikan Nasional nu geus ngaleungitkeun palajaran muatan lokal. Beu! boa-boa pamaréntah geus teu maliré deui kana pentingna budaya daérah. “Jelas, upama barudak geus teu diajarkeun deui basa daérahna kaasup basa Sunda, ieu bahla! Lantaran pamaréntah sorangan geus sagawayah nyieun aturan. Keur urang Sunda, penting kacida ningalikeun ‘protes keras’,” ceuk Kang Tisna Sanjaya basa nepikeun kasapukanana nolak rarancang kurikeuleum 2013 di palataran Gedung Sate, Senen 31 Desember 2013. Kitu deui ceuk Teten Masduki nu harita milu hadir aksi démo, kamekaran basa Sunda kudu jadi prinsip kamekaran bangsa. Ku kituna, pamaréntah Jawa Barat ulah cicingeun. Malah mah kudu panghareupna merjuangkeun nasib basa Sunda ka hareupna.

Aksi démo nolak rarancang kurikeuleum 2013 digelar di palataran Gedong Sate, lantaran cek para inohong jeung masarakat Sunda, pamaréntah geus kateungteuingeuneun pisan. Pamarentah geus mahiwalkeun cara mikir dina ngokolakeun ieu bangsa. Peran budaya geus disapirakeun.

Aksi démo urang Sunda nolak kurikeuleum Sunda, mémang lain heuheureuyan. Nu harita milu aksi gé daratang ti saban daérah jeung organisasi, saperti HIMA Pensatrada UPI, PAMASS UNPAD, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), Pecinta Sastra UIN Sunan Gunung Djati, PATREM, Caraka Sundanologi, Grup Fiksimini Basa Sunda, Komunitas Iket Sunda, Acukuring, Gempungan Sunda Basajan Urang Galunggung, Jawara Sunda 669, Giri Tresna Wangi Sukabumi, DAMAS Puseur, Katumbiri Buku Sunda, Front Pemuda Sunda Tandang, Grup Seni Budaya Sunda, Jendela Seni Bandung, Paguyuban SundaWani Wirabuana, Komunitas Sunda Kréatif, MMC Outsiders Nation, jeung sajabana.

Aya tilu tuntutan urang Sunda nu harita ngajorag ka pamaréntah Jawa Barat, nyaéta: 1. Urang Sunda nolak rarancang Kurikulum 2013, anu ngaleungitkeun mata palajaran Basa Daérah. 2. Basa Daérah kudu jadi mata palajaran dina kurikulum di  tingkat SD, SMP, jeung SMA/ SMK. 3. Pamaréntah (Kemendiknas) kudu panceg dina nyusun kurikulum pendidikan dumasar kana UUD 1945 jeung UU Sisdiknas No. 20 Tahun 2003.

Aya Kénéh Luang

Sedengkeun nurutkeun wakil ti Balai Pengembangan Bahasa Daerah & Seni (BPBD di lingkungan Dinas pendidikan (Disdik) propinsi Jawa Barat, nasib basa Sunda diajarkeun di sakola masih kénéh aya luang, salila pamaréntah Jawa Barat teu mupus perda Jabar no. 5, 6, 7 ngeunaan ngamumulé basa jeung sastra Sunda. Ngan, nurutkeun Chye Retty Isnendes nu harita macakeun sajak: Mupusti Asih Ngarengga Rasa, masarakat Sunda jeung pamaréntahna ulah cicingeun teuing. Sanajan Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan harita hésé ditepungan, tapi katugenah urang Sunda ka pamaréntahna moal sirna.

Nurutkeun Dede Mariana, staf ahli gupernur Jawa Barat nu harita ditepungan dina sela-sela acara Bandung Spirit keur Palestina di gedong Museum Konferensi Asia Afrika, mémang dina waktu libur kantor, Ahmad Heryawan keur aya acara kaluar. Tapi ceuk Dede, sabenerna keur pamaréntah Jawa Barat mah bakal gumantung kana rumusan kerja ti dinas pendidikan Jawa Barat. “Ka sobat-sobat, sakedahna mah nu ditanya kumaha nasib basa Sunda engkéna dina kurikulum 2013 téh ka Dinas Pendidikan Jabar. Da ari gupernur mah gampang, tinggal néken,” ceuk Dede tembres.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

Agus Mulyana

Dina draf kurikulum 2013, pangajaran basa daérah (Sunda) euweuh réngkolna. Padahal cikénéh pamaréntah ngagumbar-gemborkeun pendidikan budaya jeung karakter bangsa, kalawan tujuan lembaga pendidikan jadi salasahiji tempat ngawangun karakter bangsa pikeun ngahontal kamajuan. Tuluy dina UU Sisdiknas No. 20 taun 2003, UU No. 14 taun 2005, jeung Permendiknas No. 18 taun 2007 dijelaskeun yén guru profesional nya eta guru anu ngampu pangajaran luyu jeung kasang tukang atikanna. Lebah dieu pamaréntah teu panceg alias inkonsisténsi!

Yana Mardiyana

Abdi kirang panuju, bahkan teu panuju saupami Basa Sunda dileungitkeun tina pangajaran di Sakola,, Emutan we geura,, bujeng-bujeng saupami teu diajarkeun ka barudak, sanaos diajarkeun ge ayeuna basa sunda tos dilalaworakeun ku generasi muda, the seuseueurna mah teu tatrerangeun basa sunda, Amuning meni kiris, Eleh ku bahasa-bahasa Alay (saurna teh)...

Hayu wang sadar sadaya kana bahasa pribumi.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: