• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rupa-rupa Téhnik Ngurek

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook
Mangle
1. Amparan sawah nu héjo ngémploh jadi lahan kalangenan ngurek anu stratégis [Potrét/Ilustasi: ]

Dina amparan sawah anu héjo lémbok, remen katingal jalma dodongkoan di sisi galeng, ngadon ngurek, ngala belut. Kuring jeung Enduy katut Dudus bisa disebut rada nyandu kana ngurek. Guru atawa “méntor” kuring saparakanca dina bag-bagan nguseup téh nyaéta Mang Dédi. Di lembur kuring mah mémang Mang Dédi kasebut pangjagona kana nguseup.

“Nu pangutamana dina ngurek mah nyéta ngabédakeun liang belut jeung liang keuyeup,” ceuk Mang Dédi, waktu mimiti mapatahan kuring ngeunaan élmuning ngurek.

Ngabédakeun liang belut jeung liang keuyeup étuning énténg bangga. Ciri nu pangumumna liang belut rupana buleud jeung leucir, sedengkeun liang keuyeup mah ngorowong tur langkana nu bener-bener buleud. Kawasna mah alatan struktrur awak belut mémang béda jeung struktur awak keuyeup.

“Liang belut mah lamun digéré ku urek téh jero, béda jeung liang keuyeup anu déét,” kitu ceuk papatah Mang Dédi.

Sok sanajan kaasup kana kalangenan nguseup, ngurek mah éstu béda jeung nguseup biasa. Lamun rék ngurek kudu nyieun heula pakakasna, nyaéta useup atawa eluk nu ditalian maké kenur meunang ngarara. Kenur anu dirara ilaharna dua rangkep atawa leuwih sangkan babari ngagarékeunana kana liang belut, sarta kuat teu babari pegat. Lantaran tanaga belut mah kawilang bedas, dua nepi ka opat tikeleun tanaga lauk. Eluk keur urek biasana dijieun tina kawat tina ban urut, nu diraut sarta tungtungna dipéncoskeun.

Salian ti di sawah, ngurek bisa ogé di sisi walungan, sisi balong, jeung di sisi ranca. Belut walungan, balong, jeung ranca biasana leuwih gedé ti belut sawah. Malah nepi ka aya nu sagedé indung leungeun sagala. Tapi nguseup di sisi walungan atawa di sisi balong jeung ranca mah leuwih bangga tinimbang nguseup di sawah, lantaran kudu nyuay-nyuaykeun galeng anu bala pikeun néangan liangan. Pikeun anu sieun ku oray mah ulah wani-wani ngurek di tempat kitu, lantaran aya kalana lamun keur nyuay-nyuaykeun rungkun téh manggihan oray. Belut sawah jarang aya anu gedé, rata-rata sagedé indung leungeun, tapi rasana leuwih énak tibatan belut balong jeung belut walungan. Ngurekna ogé henteu bangga, da puguh “lapak” beresih meunang ngurus patani atawa panyawah.

Sacara umum jenis urek aya tilu, nyaéta urek sisi atawa urek biasa (eluk anu ditalian ku kenur meunang ngarara/dipuril-puril kawas tambang atawa buuk budak awéwé nu diuntun), urek palang, jeung urek tengah. Urek palang mah useupna henteu dipelengkung jadi eluk, sarta dua tungtungna diseukeutan sarta tengahna ditalian ku kenur meunang ngarara, sangkan bisa niruk tur malang dina genggerong belut. Urek tengah mah méh sarua jeung urek sisi, ngan kenurna leuwih pondok sarta tungtungna ditalikeun kana régang awi. Baheula mah kuringsaparakanca sok ngahaja néangan kawat keur nyieun urek, tapi sabada nyaho di tukang euseup gé sok aya urek, antukna mah mending kénéh meuli.

Sabada apal pakakasna, tangtu kudu apal kana eupanna. Belut kaasup sato anu sagala beuki. Jadi eupanana ogé henteu bangga, asal hirup jeung hanyir baé. Eupan keur ngurek bisa maké bancét, impun, jeung cacing. Bancét ngalana babari, cuckup ngagebrigkeun sisi galeng sakadang bancét bakal racleng sarta kari néwak. Ari ngala impun mah tangtu baé kudu maké ayakan atawa lamit, disiukeun di sisi sawah atawa solokan nu réa impunna. Ngala cacing kudu di nu taneuh anu baseuh, tangtu baé saréréa gé geus pana nyaho kana hal éta mah.

“Cacing sawah mah kurang hadé dipké ngurek, lantaran regas, babari potong. Nu alus mah cacing galeng atawa cacing koot, lantaran salian ti liat téh ogé garedé,” ceuk Mang Dédi deui.

Nu duriatan dina kalangenan ngurek nyaéta lamun urang keur ngagéré liang belut ujug-ujug disaggut ku belut, karasana nepi ka ngajetut kana angen, reuwas pacampur jeung atoh. Ti dinya tuluy pakenyang-kenyang jeung sakadang belut. Ngadu tanaga.

Rata-rata liang belut aya dua, liang paranti kaluar asup anu biasana aya di sisi galeng jeung liang pungpurutan anu posisina rada katengah sawah. Ceuk Mang Dédi mah cenah liang pungpurutan téh paranti modol belut. Bener atawa henteuna éstuning wallohualam.

Lamun paré anyar ditandur, strategis pisan lamun ngurek maké urek tengah, lantaran belut réa ngaliang di sisi-sisi paré anu anyar dipelak. Urek tengah talina teu pati panjang, tungtungna dicangreudkeun kana tungtung régang awi. Ngahaja ngala régang awi téh anu leutik tapi liat, kawas jeujeur. Lamun urek disanggut sarta tuluy dikenyang ku belut, régang awi bakal melentung badis gondéwa. Tungtung régang nu dicekel ku urang teu kudu dikenyang ngalawan tanaga belut, cukup dipanteng wé, da lamun belutna geus leuleuseun mah bakal méréan sorangan sarta kaaclengkeun ka luhur, kabantu ku “gaya pegas” tina régang awi.

“Ari kuring kuring mah paling resep ningali belut nu keur ngudag eupan dina urek. Liangna katémbong ngaburial, kiruh. Kep urek disanggut, séot disedot ka jero liang. Nikmat ngayonanana ogé,” ceuk Dudus.

Ngurek maké urek sisi mah genahna lamun paré geus rada garedé. Cai sawah biasana ukur ngamalir di sisi galeng, teu nepi ka tengah sawah, hartina belut ogé bakal ngumpul di sisi sawah atawa di sisi galeng. Salian ti liang meunangna sorangan, belut ogé sok remen cicing dina liang cai, nyaéta liang alami tempat ngamalirna cai ti hiji kotakan kana kotakan lianna. Belut nu cicing dina liangcai biasana garedé, ngan ngegéréna kudu jero. Matak kenur urekna ogé kudu panjang.

Pangpelit-pelitna belut nyaéta belut anakan. Cirina belut anakan dina liangna sok aya budah nu warnan semu abu-abu. Lamun geus bisa meruhkeun belut anakan hartina geus hatam kana perkara ngurek. Belut anakan mah nyanggutan nyakalikeun, tapi lamun urek dikenyang saeutik ogé sok terus ngeplos, eupan nyaho-nyaho geus béak dihakan. Kuring sorangan kungsi ngalaman nepi ka béakkeun cacing alatan panasaran hayang meunang belut anakan.

“Ngurek belut anakan mah, Jang, kudu sabar. Lamun geus nyanggut ulah langsung dikenyang, tapi kudu rada dipanteng bari diulur lalaunan. Engké lamun geus karasa ngerekek dina urek, hartina eupanna geus bener-bener dihakan, tali urek geus bisa dikenyang. Tapi ngenyangna ogé kudu lalaunan, ulah disakalikeun. Tah lamun geus karasa pageuh pantengwé tali kenurna, da lamun belutna geus leuleuseun bakal méréan sorangan. Lamun dipaksa dikenyang mah arang langka beunang,” kitu pedaran Mang Dédi ngeunaan rusian nguseup belut anakan.

Éta tiori ti Mang Dédi ku kuring dipraktékkeun. Enya baé beunang tah belut anakan téh. Geus kaluar atawa kaangkat tina liangna geuwat dibabétkeun kana galeng sina leuleuseun, lantaran lamun teu kitu belut anakan mah sok leupas deui, mubus deui kana leutak. Ngan baé kuring sok teu sabar, babari cangkeul lamun lila pakenyang-kenyang jeung belut. Kenur urek téh laju didurudud dikenyang, antukna belutnaogé henteu beunang.

Kiwari tukang ngurek beuki kadéséh ku tukang nyetrum. Kawasna alatan kiwari belut boga niléy ékonomi, payu kana duit gedé, ngalantarankeun tukang nyetrum mahabu. Lamun baheula dina sakotakan minimal bisa meunang lima, kiwari mah meunang lima belut dina saamparan sawah gé geus kawilang réa. Enya, kapan belutna ogé sésa anu nyetrum.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Mang de

Meuni reueus, emut waktos alit ameung sareung lanceuk kasawah talang ari ngabuburit na teh bari ngureuk

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: