• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ékol nu Boga Balong
Akal Tukang Nguseup

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook
Mangle
Nu boga balong réa ékol, tukang nguseup réa akal [Potrét/Ilustasi: ]

Ku réana nu resep nguseup dina mangsa kiwari, salian ti dagang eupan jeung lauk useupeun téh nyéwakeun jeung ngaborongkeun balong pikeun diuseupan ogé jadi lahan usaha anu kawilang lumayan untungna. Pikeun nambahan kauntungan nu boga balong sok metakeun rupa-rupa ékol nu urusanana teu jauh ti prakték tipu menipu. Hal nu paling ilahar tina ékol nu boga balong téh nyaéta korupsi timbangan lauk. Misalna baé nu ngaruseup pesen lauk sapuluh kilo, dibeulikeunana mah ukur salapan kilo.

“Baku Si Uké mah ari geus ngawadul téh. Piraku lauk sapuluh kilo ukur aya tilu puluh tujuh,” kitu kukulutusna Mang Jai, waktu ngaruseup di balong Mang Uké.

Mimitina mah kuring gé ngarasa héran, naha Mang Jai bisa nyaho lauk anu dibeulikeun ku Mang Uké téh henteu saluyu jeung pesenan anu ngaruseup, tapi sabada diterangkeun ku Mang Jai kakara kuring ngarti. Cenah tukang nguseup nu geus pangalaman mah apal kana ukuran gedé leutikna lauk, naha lauk téh sakilo lila, sakilo opat, sakilo tilu, jeung sajabana. Mun gedéna lauk rata-rata sakilo lima, lamun meuli sapuluh kiloeun tangtu laukna kudu aya lima puluh. Dina kurangna ogé moal jauh teuing, paling ukur kurang hiji dua.

“Na da laukna ogé campu jeung nu garedé,” ceuk Mang Uké, waktu mireng Mang Jai kukulutus. Ngomong kituna téh bari tuluy kukulutus, da sieun pada ngdongdolék.

Dina sistem nguseup kilo gebrus mémang lauk téh saméméh diasupkeun kana balong sok diitung heula jumlahana. Pon kitu deui sabada nguseup geus aya kira-kira sajam lilana, atawa sanggutan geus karasa kurang, lauk nuaya dina unggal koja sok tuluy diaritung, dijumlahkeun, pikeun nangtukeun lauk nu aya di balong téh réa kénéh, saeutik deui, atawa geus béak. Lamun geu saeutik deui atawa béak, geuwat arudunan deui meuli lauk. Nambah istilahna téh.

Ari Mantri Uus mah béda deui ékolna. Manéhna mah sok ngeueum karung nu dieusi huut di tengah balong. Maksudna mah sangkan lauk teu pati nyanggut ka nu nguseup. Nyaho peta Mantri Uus kitu téh tina laporan Jang Onél, nu cenah waktu manéhna ngurek deukeut balong Mantri Uus, katémbong manéhna keur ngeueumkeun karung di tengah balong.

“Paingan atuh lauk di Si Mantri mah ngarumpul di tengah, jeung hésé nyanggutna, da nyocrokan huut di tengah,” ceuk Mang Jai, waktu meunag laporan ti Jang Onél.

Ku ékol nu sarupa kitu, Mantri Uus meunang kauntungan tina ngontrékeun balong. Lantaran lamun aya béja lauk dib along réa sésana, nu rék ngontrék téh sok rabul. Lamun taya nu ngontrék, Mantri Uus geuwat ngajingjing strum. Lauk nu nyésa dibalong diala ku cara diestrum, tuluy diiangkeun ka pasar.

Ékol nu dijalankeun ku Mang Uké jeung Mantri Uus mémang ngadatangkeun kauntungan anu kawilang gedé, tapi usahana heneu manjang. Lantaran nu ngaruseup téh jadi karapokeun. Nu nguseup mah leuwih betah lamun nu boga balongna jujur. Kajeung saeutik untungna, tapi nirilik.

Nguseup dib along sistim borongan mah leuwih réa intrikna. Nu boga balong leuwih gedé ngawadulna. Lain hartina nyakompétdaunkeun, karéréanana nu ngaborongkeun balong pikeun diusepkeun sok dibungbuan ku wadul.

“Baheula mah urang kampung téh jarujur, mun lauk sakitu bébéja sakitu. Tara dibungbuan ku wadul. Teu cara ayeuna, urang kampung nu pangsisina ogé hésé nu jujur,” ceuk Bah Uyun, nu karesepna nguseup di balong borongan.

Rata-rata ékol nu dijalankeun ku nu ngaborongkeun balong nyaéta ngawadul jumlah lauk nu dipelakkeun di balongna. Bébéjana melak sakitu cangkir geus sakitu bulan atawa sakitu taun, padahal kanyataanana mah henteu kitu.

Saméméh balongna diuseupan ku nu bogana sok pirajeunan diparaban heula. Biasana diparabanana ti peuting atawa subuh. Ngahaja diparabanana satambruan sangkan dina témpona diuseupan téh laukna teu pati nyanggut, da geus seubeuheun ku parab. Papadaning kitu, tukang nguseup ogé teu kakurangan akal. Maranéhna sok ngahaja marawa cuka jeung uyah. Lamun lauk teu pati nyanggut, balong téh geuwat diawuran cuka jeung uyah. Satengah nepi ka sajam ti harita, lauk bakal darolog kana eupan.

“Diawuran cuka jeung uyah mah lauk téh bakal maréncrét, bakal lapareun deui,” ceuk Mang Agus, patner nguseup Bah Uyun.

Ari kuring sabatur-batur mah kungsi katipo meleg-meleg waktu nguseup di lanceukna Mang Ano, tatangga kuring, cenah balongna téh geus mangtaun-taun tacan diuseupkeun. Tapi waktu diuseupan lauk téh teu nyaranggut. Alatan panasaran kuring nanya ka tukang warung nu teu jauh ti balong, naha bener balong téh tacan aya nu nguseupan. Jawaban ti nu boga warung wuwuh ngalantarankeun kuring ngahuleng salila-lila, lantaran cenah balong nu diuseupan ku kuring téh minggu kamari geus diuseupan ku rombongan tukang nguseup ti lembur séjén. Beu!

Transaksi antara nu boga balong jeung nu ngaruseup dimimitian heula ku rebut tawar harga. Pikeun ngayakinkeun calon kosuménna, nu boga balong sok nitah heula nyobaan atawa ngetés nguseup di balongna. Tah lebah dieu tukang nguseup gé kudu metakeun akal jeung ékol. Manéhna sok pura-pura newol eupan, padahal anu dipasangkeun kana eluk téh aslina mah taneuh, lain eupan. Tangtu baé lauk moal nyanggut. Ku lantaran dicobaan teu nyanggut téa, antukna balong borongan téh hargana jadi turun. Tangtu baé dina derna nguseup mah nu dipakéna eupan nyaan.

Jadi jaman ayeuna mah nu boga balong jeung tukang nguseup téh kudu ngadu akal jeung ékol.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

suhena nha

Sok waas waktos kapungkur nuju sd smp th 1978 resep nguseup keneh di walungan teu kedah mayar seueur laukna deuih. Ayeuna mah laukna tos jarang. Sok aya nu ngaruksak lingkungan kucara diracun.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: