• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Perda Kudu Bisa Nyegah
Basa Sunda Tilem di Lemburna Sorangan

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook

Medal Perda (Peraturan Daérah) ngeunaan ngeunaan prak-prakan maké, miara, sarta ngamekarkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda mangrupa  salah sahiji  wangun tanggung jawab pulitik kana basa Sunda pikeun dilaksanakeun kawalan daria, keur ngajaga  basa Sunda sangkan ulah tilem atawa pareum di lemburna sorangan. Éta hal ditétélakeun ku anggota Pansus 3 DPRD Kota Bandung, Drs Tatang Suratis,  ka Manglé, sawatara waktu nu kaliwat di kantorna.

“Dugi ka danget ayeuna éta Perda téh ukur réngkolna wungkul, teu acan patos seueur dilaksanakeun. Masih kénéh seueur masarakat, utamana mah kaom inteléktual jeung  pulitisi, dina gunemcaturna nganggo basa deungeun anu teu kaharti ku rayat leutik. Sok sanaos seueur nu nyarios yén éta téh pangaruh tina globalisasi, tapi saéna mah ulah dugi ka jati kasilih ku junta. Margi basa téh cicireun bangsa, leungit basana leungit ogé bangsana. Ku margi kitu, dipiharep sakumna masarakat  ngiring aub ngamumulé sarta ngamekarkeun basa Sunda,” ceuk Tatang Suratis.

Dumasar kana Perda No. 08 taun 2007 ngeunaan urusan  Pamaréntah Kota Bandung jeung Perda No. 15 taun 2008  ngeunaan Penyelenggaraan Pendidikan, medalna Perda ngeunaan prak-prakan maké, ngamumulé, sarta ngamekarkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda téh, di antarana kacatet netepkeun basa Sunda minangka basa resmi salian ti basa Indonésia. Kukituna, ceuk Tatang, réngréngan  pamaréntah dina mancén tugas sapopoé kudu maké basa Sunda. Malah kiwari  dina kagiatan diajar  jeung ngajar sarta kagiatan pendidikan pormal jeung non pormal ogé remen maké basa Sunda.

“Pon kitu deui dina saban dinten rebo, kedah ngagunakeun basa sunda dina sagala kagiatan boh kagiatan pormal boh kagiatan non pormal. Ku hal sarupi kitu dipiharep basa Sunda dipikawanoh ku balaréa. Tapi dina prak-prakanana mah jarang pisan masarakat , pangpangna di lingkungan kantor, anu ngaanggo basa Sunda dina gunem caturna,” kitu ditandeskeun ku Tatang, nu jadi anggota déwan ti Fraksi Golkar.

Tatang ogé nétélakeun, butuh tarékah anu daria pikeun ningkatkeun kasadaran masarakat pikeun maké basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoé. Ulah nepi ka urang Sunda teu boga tanggung jawab kana  kamekaran basana sorangan, nu kadituna bakal ngabalukarkeun lunturna kanyaah ka lemah cai. Lamun basa nepi ka leungit, tangtu urang Sunda moal wawuh kana diri jeung jati dirina. Salian ti masarakat umum,  anu pangpentingna mah bsa Sunda téh diterapkeun kana kagiatan diajar jeung ngajar di saban tingkatan pendidikan sarta satuan pendidikan, boh pormal boh non pormal, luyu jeung kabutuhan kurikulér muatan lokal. Éta hal mangrupa  mata holang dina ngahirupkeun basa , sastra, jeung aksara Sunda,anu brasna masarakat Kota Bandung bisa maké basa sunda anu merenah.

Kamekaran kahirupan anu gancang pisan robahna mangaruhan kana aturan basa nu dipaké dina  genemcatur sapopoé , kualitas basa nu kiwari dipaké kacida pisan nyirorotna. Padahal basa téh boga  peran nu kacida pentingna, hususna pikeun prosés tranformasi cultural. Ku alatan kitu, tanpa basa manusa mustahil mampuh miara jeung ngamekarkeun kabudayaanana. Ngaliwatan  basa manusa kacida kompeténna pikeun neruskeun ajén inajén budaya pikeun generasi anubakal datang. Ku medalna éta Perda dipiharep mampuh numuwuhkeun jadi diri kasundaan anu boga ciri silih asih, silih asah, jeung silih asuh dina beungkeutan kahirupan  masarakat. Ogé mampuh ngaaktulisasikeun gagasan kréatip  sarta ngabina niléy-niléy tradisi dina lingkup kasundaan anu dipatalikeun jeung  kahirupan sapopoé.

Basa Sunda kaasup basa étnis anu pang gedéna di Indonésia ,tapi kanyataanana ayeuna  geus méh jadi  basa asing,  utamana mah di wewengkon pakotaan. Padahal  basa, sastra,  jeung aksara Sunda téh mibanda ajén anu kacida luhungna dina kahirupan sosial jeung  budaya  minangka warisan ti karuhun,sarta ngawangun jati diri. Ku kituna, Kudu aya tarékah jeung léngkah-léngkah anu strategis pikeun nyalametkeun—lain ngan ukur ku pamaréntah tapi ku saban pihak—ngaga tur ngamekarkeun basa Sunda.

Sok sanajan aturan anu ngatur kahirupan basa Suda geus aya réngkolna  dina Perda, ngawewegan prak-prakan ngalaksanakeunana mah horéng teu gampang. Éstu butuh kasadaran sakumna pihak, lantaran  pasualan basa ti waktu ka waktu terus robah luyu jeung kabutuhan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: