• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, Drs. SH., MS.;

Démokrasi
Henteu Hirup Dina Partéy

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Calon pamingpin piliheun rayat kudu ngukur ka kujur [Potrét/Ilustasi: Rudi]

Nu boga karep jadi gupernur tatahar. Kumaha ketak partéy pulitik? Tah, sual éta téh jadi paniténan Prof. Dr. Asep Kartiwa, Drs.SH., MS., Dekan Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu  Politik (FISIP) Universitas Padjadjaran. Lantaran, jenglengan jeung ketak partéy bakal mangaruhan kana léngkah jeung ketak pamingpin pikahareupeun.

***

 

Héabna pilihan gupernur Jawa Barat, mimiti karasa. Baligo, spanduk, jeung poto-poto bakal calon atawa nu boga karep jadi bakal calon gupernur paragpag di saban tempat. Nya, tangtu wé kitu téh, bagian tina ketak karep bakal calon geusan nété tarajé, ngantor di Gedong Saté.

Kumaha ketak rahayat? “Masarakat gaduh pangalaman dina milih pamingpinna,” ceuk Prof. Dr. Asep Kartiwa, teureuh Bandung nu lahir taun 1962. Maksudna, dina milih gé tangtu bakal asak-asak ngéjo, bisi tutung tambagana téa, ceuk kekecapan kolot mah. “Cindekna mah, moal  gampang kaolo ku jangji,” pokna teu weléh mésem.

Ngobrol jeung ieu pakar pulitik ti Unpad téh di kantorna di Jatinangor. Sumedang. Pa Dekan mémang paséhat naker nyaritakeun pulitik jeung kapamingpinan mah. Kituna téh, lantaran di dinya icikibungna. Sapopoéna idek-liher di kampus, ngulik jeung ngajarkeun ilmu pulitik. Hartina, dina widang éta mah, kaasup ‘manukna’, bisa nilik kaayaan pulitik, bihari, kiwari, jeung mangsa nu bakal datang.

 

Ngukur Jangji

Saha nu bisa jadi calon gupernur? Tangtu wé saha waé. Kitu apan ceuk undang-undangna gé. Nu penting mah nyumponan pasaratanana. Ngan, mun nilik kana kailaharan kiwari, calon téh torojolan ti partéy pulitik.

Upama partéy hirup di saban tahapan, cabang, daérah, wilayah jeung sajabana, ceuk ieu Dewan Pakar Pengurus Ikatan Cendekiawan Muslim Indonesia (ICMI) Propinsi Jawa Barat, tangtu wé bakal gedé gunana dina waktu ‘rebutan jurit’ nangtukeun pamingpin sacara démokratis. Keur nangtukeun calon pamingpin daérah, saperti walikota/bupati atawa gupernur nya kari nunjuk kader partéy di masing-masing daérahna. Milih kader nu panghadéna, nu saterusna diabenkeun sina dipilih ku rahayat.

Naha partéy pulitik di urang bisa ngalaksanakeun pancén kawas kitu? Kari ngabandungan wé. Ngan, upama ngabenkeun calon ti luar, hartina éta partéy tacan bisa ngalaksanakeun pungsina kalayan gembleng. Kitu, ceuk ieu pakar pulitik wedalan Universitas Padjadjaran mah.

Pungsi partéy, sakurang-kurangna tilu rupa. Kahiji, komunikasi pulitik boh ka jero boh ka luar; kadua, kaderisasi; katilu nataharkeun program. “Tapi, nu tilu bieu dina partéy di urang mah teu lumangsung kalayan hadé,” pokna.

Upama nu tilu rupa bieu bisa dilaksanakeun, keur milih pamingpin mah teu kudu nguyang ka batur. “Lantaran hartosna, SDM-na siap, programna jinek, ogé kahoyong partéy tiasa karampa ku parakaderna, kaasup ku masarakat sakaumna,” pokna.

Kumaha di urang? Mémang teu kitu, rajeun dina waktuna boga korsi cukup keur nyalonkeun pamingpin, dina émprona mah teu ludeung nyalonkeun. Antukna, néangan kader ti ‘luar pager’. “Tah, nu kitu mah, hartosna démokrasi henteu hirup dina partéy,” pokna tandes naker.

Kamandirian partéy, kacida pentingna. Sabab mun teu mandiri, éta partéy moal bisa nangtukeun nasibna di masing-masing tingkatan. Padahal, kamandirina partéy téh bakal jadi kakautan nu rohaka, batan ngandelkeun pigur pingpinan ti puseur. “Hartina, partéy mah kudu ngakar ka masarakat, lantaran konsituenna kuat,” pokna.

Kiwari, héabna pilihan gupernur karasa di mana-mana. Atuh, nu andon suka rék bebela ka rahayat gé ‘salonagar’ naker, teu asa-asa ngébréhkeun tangtungan jeung jenglengan diri masing-masing.

Nilik kana calon nu jul-jol, ceuk Asep kacida hadéan. Lantaran nu boga karep matéahkeun Jawa Barat téh loba kénéh. Daratangna ti saban golongan jeung profési. Atuh kaliberna gé rupa-rupa, kasup kaliber nasional. “Kantun milihna,” pokna.

Tah, lebah milih gé kudu bener-bener ngaliwatan mékanisme atawa cara nu hadé. Kituna téh malar hasil nu kapilih gé hadé.

Geusan nangtukeun hasil nu hadé, hartina, calon nu kapilih téh nu panghadéna, nu nataharkeun pilihan, nu dipilih, jeung nu milih, bener-bener ngalaksanakeun pungsi masing-masing.

Calon nu ngasongkeun diri jadi pamingpin, ceuk Asep mah kudu bener-bener ngukur ka kujur jeung boga kamampuhan. Lain lantaran mampuh nyalonkeun diri. Maksudna, boga kamampuhan ngurus ngatur pamaréntahan sabada engké kapilih.”Partéy gé kedah tanggel waler, yén nu dicalonkeun bener-bener nu panghadéna,” cek ieu pangarang buku Sistem Administrasi Pemerintahan Daerah, jinek naker.

Partéy kudu jujur sangkan piliheun rahayat mémang nu panghadéna, lain ukur demi partéyna. Hartina, dina seleksi bakal calon téa, partéy kudu bener-bener mampuh ngabenkeun calonna nu payus  jadi pamingpin di Jawa Barat.  “Di antarana calon kudu bener-bener wanoh ka daérah Jawa Barat,” pokna. Maksudna, lain ukur apal wilayah, tapi ogé apal kana sagala poténsi jeung karakter masarakat Jawa Barat.

Lian ti kitu, nangtukeun calon gé ulah kabangbaluhan ku kapentingan séjén. Calon kudu bener-bener keur kapentingan Jawa Barat. “Misalna waé, calon téh ulah dibeungbeuratan ku pasualan aspirasi misah daérah, misah propinsi, misah kabupaten, jeung sajabana,” pokna. Cindekna, ulah aya adu tawar antara rojongan ka hiji calon jeung upaya pamekaran wilayah!

 

Gumantung ka Rayat

Ajén pilihan gupernur, bakal gumantung ka sababaraha pihak. Di antarana, nu teu éléh pentingna téh léngkah jeung ketak Komisi Pemilihan Umum (KPU) Jabar ogé kabupatén/kota. Sual KPU mémang ceuk Asep aya aturan jinek. Gawéna luyu jeung aturan. Deuih, da pangpangna mah tumali jeung pasualan administratif. Mun sacara administrasi nyumponan sarat, saur ieu carogé Dra. Hj. Ati Dahniar, M.Si. téh, saha waé gé bisa jadi calon gupernur. “Ngan, nu penting keur rahayat mah sosialisasi KPU ka balaréa, sangkan hal-hal ‘tehnis’ teu ngurangan ajén pilihan,“ pokna.

 

Dina pilihan gupernur ayeuna, rahayat téh loba piliheun. Lantaran, panto calon ‘perseorangan’ muka pisan. Ngan, tangtu wé, pasaratanana gé teu gampang, apan kudu meunang pangrojong tilu persén ti jumlah penduduk. Éta téh kudu dibuktikeun ku KTP masing-maisng pihak nu nétélakeun pangrojong ka si éta calon téa.

Lobana piliheun, kari kumaha rahayat. “Lebah dieu, rahayat gé kedah milih sacara cerdas,” pokna.

Geusan milih bisa ningali track recordna. Atuh, hal séjénna, bisa ngimeutan jangji-jangjina. “Jangji nu baris kahontal mah ka ukur,” pokna. Maksud, kudu milih téh nu ngedalkeun jangji sarta pibakaleun éta jangji kahontal,” pokna.

Galibna, calon mah asal jangji. Da, tujuanana gé ngirut haté rahayat. Padahal, moal kabéh nu dijanggikeun kacumponan, upama sacara kanyataan susah dilaksanakeunana. Contona, sual ngurangan nu galigeuh, bakal kaukur, séktor mana waé nu bisa jadi lahan gawé nu engkéna ngirangan nu galigeuh.

Dina kapapingpinan lima taun ka hareup, ceuk paniténan H. Asep, loba nu misti digarap. Ngan, tangtu wé aya nu kudu diheulakeun atawa prioritas téa. Ceuk tilikanana, nu misti jadi garapan gawé pangheulana gupernur masa bakti 2013-2018 téh, tumali jeung infrastruktur, pendidikan, jeung pelayan publik. “Nu tilu bieu upama diadumaniskeun mah bakal ngaronjatkeun karaharjaan,” pokna.

Geusan nyerdaskeun rahayat milih pamingpinna, butuh pangaweruh pihak séjén. “Golongan kampus, LSM, organisasi kamasarakatan, sareng media masa kedah mampuh ngalaksanakeun peran masing-masing,” pokna.

Cindekna, saur Pa Professor, nu ditataan bieu téh bisa nungtun masarakat Jawa Barat milih pamingpin nu panghadéna. “Bawiraos, masarakat Jawa Barat, cerdas milih pamingpin,” pokna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: