• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mimikri Karnadi

Kénging Atep Kurnia
Kintun kana Facebook

Dina kontéks kolonialismeu Walanda, atikan téh ngan dihususkeun keur kaom élit. Nya mun di urang mah nu kitu téh kaom ménak, kaom priyayi, nu mémang deuheus jeung dalit jeung Walanda. Ku naon dalit? Nya lantaran apan bisa disebutkeun jadi “tangan kanan” Walanda. Lantaran Walanda teu maréntah langsung rayat nu aya dina genggemanana, tapi ngaliwatan “kakawasaan” nu kungsi aya saméméhna di nagri nu dijajahna. Apan diparéntah ku pamingpinna mah rayat pribumi téh moal karasa nerag. Nya pokona Walanda ngajaga jarak ka rayat leutik. Deukeutna ka kaom ménak, minangka kaom nu dipercaya bisa maréntah rayat. 

            Nu matak basa aya gagasan ngayakeun atikan modéren dina abad ka-19, Walanda teu milih kumna rayat, tapi sababaraha “ésé”, nu jolna ti barudak terah kusumah. Bari éta gé, ditumpangan ku niat praktis Walanda: néangan tanaga murah pribumi, tinimbang ngadatangkeun para pagawé ti Walanda atawa nagri Éropah lianna. Soalna da mahal atuh ngadatangkeunna gé. Bari deuih gajihna gé tangtu béda jeung pribumi nu kaatik, nu bisa jadi “sadibéréna”.

            Di mana ari rayat leutik? Nya wayahna teu waka meunang bagéan bangku sakola. Dina sajarah, karak awal abad ka-20, rayat leutik nu aya di pasisian bisa diajar di sakola téh. Geura mangga aos buku Roesdi djeung Misnem karya Rd. Djajadiredja & AC. Deenik nu disusun kira taun 1910-an. Nya dina waktu harita karak bisa sakola urang kampung téh. Sakola rayat. Bari jeung sabenerna, apan Ujang “Gembru” Rusdi téh budak lurah. Budak ménak leutik di tingkat désa.

Geus kitu kumaha atuh, ari rayat leutik dina lapangan atikan saméméh bisa sakola? Lebah dieu mah urang maca Rasiah nu Goreng Patut alias Karnadi Anemer Bangkong karya Soekria jeung Joehana. Roman wedalan Dahlan Bekti taun 1928 téh apan nyaritakeun Karnadi nu saeutik gedéna aya pakuat-pakaitna jeung atikan nu harita aya, jaman atikan kolonial Walanda. Ti dinya katémbong sikep rayat leutik, nu diwakilan ku Karnadi, kana hadirna jeung panyurahna kana atikan Walanda.

Kumaha pakaitna Karnadi jeung atikan? Dina buku citakan Rahmat Cijulang taun 1986, pangpangna ti kaca 1 nepi ka 15, kagambar dedegan jeung kasang tukang Karnadi. Cenah Karnadi téh urang Kampung Cijawura, Désa Buah Batu (kc. 6), Bandung. Padahal asalna mah urang dayeuh nu:

“Tadina jadi tukang ngoréd di palataran sakola ménak. Ku lantaran saban poé ngadéngé barudak sakola cacarita, atuh teu wudu ogé Karnadi téh bisa basa lemes saeutik-eutikeun, bisa ngaréka carita, malah bisa nurutan lentong ménak sagala.” (kc. 7)

Tuh pan sidik ayeuna mah kakaitan Karnadi jeung atikan téh. Jadi purah ngoréd di sakola ménak. Tina cutatan di luhur gé kagambar, aya ajén inajén sakolaan nu “miraga sukma” kana diri Karnadi. Malah kagambar deuih, bari malibir, béda-bédana  antara nu sakola jeung nu teu sakola, atawa antara urang kampung jeung urang kota. Mun nuturkeun cutatan, kana tangtu urang bisa nyebutkeun urang kampung, samodél Karnadi saméméh digawé di sakola ménak téh teu bisaeun basa lemes, teu bisa ngaréka carita, jeung bisa lentong ménak, lir Ujang Rusdi saméméh ngalaman sakola désa. Nya ku alatan “gaul” jeung nu sakola, nu sarua hartina jeung diajar di sakola, Karnadi bisa nurutan laku nu sarakola.

Satuluyna aya gambaran dedegan Karnadi nu digambarkeun “goréng patut”. Geura digambarkeunana téh kieu: “Beungeutna garicu, panonna bolotot, cukang irungna demés, tungtung irungna nambru, halisna pitak sabeulah, sungutna rubak, biwirna karandel, huntuna baradag, tarangna rubak, leumpangna sok kepoh, rada déog deuih” (kc. 8). Tuh pan kacida goréng sopakna. Nu matak kaharti mun, dicindekkeun, “Pendekna hésé bangsana kagoréng-patunana di alam dunya mah” (kc. 8).

Di dieu gé bakal kagambar ayana béda nu disilisanghareupkeun, nyaéta ku hadirna tokoh Nawangsih nu digambarkeun geulis pisan. Cenah gé, “Nawangsih atawa nénéhna Eulis Awang urang Cigéréléng, putrana Mas Sura” (kc. 14). Rurupaanana: “Salirana lenjang, kulitna héjo carulang, rambut hideung galing muntang, lambey beureum semu galing, socana cureuleuk buleud, waos bodas teu digusar béntangna Cigéréléng” (kc. 14).

Tapi bati ti sakola angger nerap dina diri Karnadi. Apan bukti, dina kekecapan nu dipaké nalika geus jadi “anémer bangkong”. Kekecapan nu dalit jeung sakolaan marucunghul tina lisan Karnadi, saperti kantor, listrik, patlot, jeung tas. Geura mangga aya cutatanana: “Kantor aclog”; di mana-mana turun hujan kakara ngantor” (kc. 9) jeung “Listrik, patlot jeung tas, kadé poho euy” Maksud Karnadi mah: obor, iteuk paranti neunggeul, bisi manggih oray atawa belut, jeung karinjang paranti wadah bangkong (kc. 9).

Tapi lain tingkat kekecapan wungkul kawasna, nu ngarobah pipikiran balukar “gaul” di sakola téh. Sikep jeung sawangan hirup gé tayohna jadi “leuwih maju”. Cindekna aya sumanget modéren nu kagambar tina sikep hirup Karnadi, sanggeus meunang “pangajaran” ti sakola, nu sawangan hirupna ka hareup, kana kamajuan, teu narima nasib kitu waé. Sanajan ngarobah nasibna téh ku jalan “teu bener”: ku laku nipu batur. Geura nya sawatara cutatanana. Cék Karnadi ka Marjum, dina kaca 11-12:

“Wah, naha ari Nu Maha Suci sikuan cara urang? Ari jadi jelema, ulah sok tumarima ku hiji pagawéan nu hina baé, tapi kudu ihtiar néangan gantina nu henteu hina. Tah éta disebutna maju”.

Hiji deui cutatan téh dina kaca 19-20: “Inget nya! Ceuk Karnadi bari ngacungkeun curukna. “Ari nyarita téh teu meunang kaluar tina garis kasopanan. Bisi silaing hayang nyaho, manusa mah henteu tergantung tina rupana, tapi tergantung tina akalna, kahayangna, kacengenganana, kawanina, kalawan prak ngalampahkeunana. Lamun éta nu lima perkara téa di silaing aya, hayang naon ogé moal burung kasorang, asal nu munasabah. Tah saperti pangkat déwék, hayang nyandung ka nu geulis, sarta dibeuli-beuli, tokh munasabah. Ti mimiti poé ieu déwék rék ngamimitian néangan akalna, sangkan dikabul nya maksud, laksana kahayang.”

Padahal basa di sakola téh ngan tuturut munding (mimicry) barudak sakola. Tapi da cék Homi K. Bhabha mah dina saban nu tuturut munding téh salawasna sok kaselapan ku moyok (mockery). Sababna mah lantaran sakumaha kuatna nu nurutan moal bakal sarua jeung nu diturutanana. Pasti aya nu misleuk saeutik waé mah. Kitu deui Karnadi, nu tuturut munding laku ménak jeung Walanda, moyok nu diturutanana ku jalan ngaco-ngaco éta dua pihak nu dianggap pikiranana maju, lantaran geus kaatik. Nya cindekna mah ngaco-ngaco modérnitas nu disebarkeun ku Walanda, ngaliwatan atikan, ka kaom ménak téa.

Kana kabiasaan jeung budaya urang Walanda nurutan, nu sarua hartina jeung moyok sabenerna mah. Geura basa nyalukan délman basa nuturkeun Eulis Awang ka imahna, Karnadi nurutan Walanda nu di Hindia Walanda mah sok nyarita basa Malayu Pasar. Geura cék Karnadi, “Délmaan, coba turut itu délman, yang ditumpakan ku istri bagus nya! Bayaran bagus, salumbrahna én sapunyanyah” (kc. 21). Kitu deui kana kadaharan modéren, bangsa kuéh-kuéh, Karnadi gé moyok: “Bisi silaing hayang nyaho, nu kieu téh kuéh aspirin ngaranna, di dinya gé di toko sapekul, mani ngabégbrég dicarangkaan” (kc. 52).

Tapi nu pangparnana “dipoyokan” mah basa Walanda. Karnadi, nu cék tadi robah pamadegan hirupna, nu tangtu sadar kana naon anu dipigawéna, kana tangtu laku “ngaco-ngaco” basa jeung budaya Walanda téh didadasaran ku kasadar kana posisi dirina nu nurutan jeung bisa meunang kauntungan ti dinya. Ngarah kagambar, kumaha Karnadi moyokan basa Walanda, urang cutat, dina kaca 65-66, 69, 70, jeung 71.

Dina kaca 65-66: “Dupi dinset téh naon?” ceuk Eulis Awang.

“Ari dinset téh basa Walanda, anu Sundana dines?” ceuk Karnadi.

“Engkang manawi tiasa basa Walanda?”

“Eulleuh!” ceuk Marjum mani nambalang. “Gudangna basa di juragan anémer mah. Komo éta mah ana bacéo sareng Tuan Opsiter, mani teu mingé deui, luncat ka mana baé, teras dicecer “.

Eulis Awang gumujeng, Karnadi seuri konéng.

“Lah, ku hayang tiasa basa Walanda,” Ceuk Eulis Awang.

“Gampil,” ceuk Karnadi. “Asal paséhat baé, sareng ti payunna nganggo “de” di tungtungna nganggo “ceh”. Sapertos: lampu, Walandana “de lamceh”. Bangku “de bangceh”, kitu baé saterasna”.

Dina kaca 69 mah: “Waktos Tuan ménta kai picempédeun nu panjangna opat belas liter, sareng rubakna dua belas gram,” ceuk Raden Sumtama, semu nu pinter kana ukuran. “Putra téh kantos patorong-torong basa Walanda margi ari picempédeun mah ukuranana sanés kitu, tapi kedah opat belas kojan, sareng rubakna dua belas keret.”

Sedengkeun dina kaca 70, aya katerangan cara Karnadi “diajar” basa Walanda katut budaya modéren. Cenah gé, “… Lantaran manéhna mah bisa sotéh nyebutkeun keret, gram atawa liter, ngan ngadéngé ti barudak sakola ménak téa baé, basa baheula keur jadi tukang ngoréd téa, ari salang surupna mah teu nyahoeun…”.

Ari dina kaca 71 kagambar kaagul ménak mun deukeut jeung Walanda. Nu matak hasil budaya Walanda gé jadi bahan kareueus ménak. Geura:

“Cing, cing Adén, kumaha basa waktos patorong-torong basa Walanda sareng Tuan Sinyur téh?” ceuk rama Eulis Awang, semu nu lucu, lantaran saumur teu acan kagungan mantu ka nu bisa basa Walanda.

Ti dinya Karnadi …pokna, “De, de, de, dates cimped de salahhceh, de kujceh pirtin literceh. Hot, hot, she yey!” (Éta cempéd téh salah, kudu opat belas liter)”.

Kumaha Karnadi moyokan ménak, nu jadi “tangan kanan” Walanda, salian ti nu geus kagambar di luhur? Ku jalan nurutan basa lemes, bisa ngaréka carita, lentong ménak. Cindekna, dina runtuyan nurutan laku ménak ku jalan akon-akon jadi anémer Rd. Sumtama, nginjeum papakéan ménak, nyandung sarta sapatemon jeung Eulis Awang dina jatidiri kénéh Rd. Sumtama titiron.

Dina kaca 26, Karnadi nitah baturna, Marjum, nginjeum papakéan ménak. Cenah gé, “Silaing kudu datang ka Radén Sumtama anémer gedong jeung jambatan-jambatan, sarta kudu ngomong ... kumawantun nambut setélan, sapatu sareng bendo citak ….”.

“Mas Sumtama karunyaeun, sok nambutkeun sasetél kidril istrikeun, sapasang sapatu bodas beunang nyemir ku semir hideung, paranti anjeunna didamel jeung hiji bendo citak nu geus buruk” (38).

Dina adab-adaban ménak, Karnadi hasil ngayakinkeun Mas Sura katut Eulis Awang, ku identitas titiron Karnadi bari duanana “asa gampang” katipu ku réngkak paripolah Rd. Sumtama mamalihan. Dina kaca 42, aya gambaran kieu:

“Punten!” ceuk Karnadi.

“Linggih, linggih!” ceuk Mas Sura bari memendekan semu isin, lantaran ningali légégna kitu, turug-turug turun tina mobil, sarta bujangna adab pisan.

Légég jeung sorana gé ngayakinkeun Mas Sura deuih. Geura cenah da, “Ieu di dieu, eum, calik téh mama!” ceuk Karnadi, légég jeung sora téh nurutan ménak…(kc. 43)”.

Kitu deui kana kasenian nu hirup di kalangan ménak, Karnadi apal jeung bisa metakeunana. Enya, Karnadi nyahoeun ngaran-ngaran lagu tembang Sunda Cianjuran, bari bisa nembangkeunana deuih. Tah, ieu gé sabenerna mah cirining Karnadi mémang moyokan budaya ménak. Kumaha apal jeung alusna Karnadi tembang, ieu cutatanana: “Dengék Karnadi tembang, laguna sinom pangrawit, teu wudu sorana téh ngeunah, sora lalaki béar, eur-eur sora biantara…” (76) jeung “Urang gentos baé ku Bayubud Eulis” ceuk Karnadi….” (77).

Minangka émbohna. Dina ieu buku gé kagambar kumaha Walanda nyumebarkeun kasieun ka rayat nu aya di pasisian. Béda jeung ka kaom ménak, Walanda mah ka cacah kuricakan mah apilain. Malah jadi sumber kasieun urang kampung. Conto dina buku ieu mah, tokoh pamajikan Karnadi, Nyi Usni. Lebah dieu, Karnadi nu nyaho ka urang Walanda, nu sarua hartina geus ngajaga jarak ti urang kampung, maké kasieun pamajikanna ka urang Walanda jadi alesan nyandung.

Da cenah gé, “Marjum: kumaha lamun pamajikan silaing hayangeun néang ka rumah sakit”

“Karnadi: moal daékeun, sabab pamajikan déwék mah sok sieuneun ku tuan…” (27)

Basa Nyi Usni “dibohongan” Karnadi meunang kacilakaan sarta kudu dirawat di rumah sakit, manehna ngan bisa talatah: “Manéhna moal bisa néang ka rumah sakit, lantaran sieun ku Tuan cenah. Ngan rék ngadoakeun ti kaanggangan baé, masing hurip-hirup” (37). Atuh basa kadongsok alatan anakna gering Nyi Usni maksakeun indit ka kota. Lahlahan cenah, “… Sieun-sieun ogé ku Tuan, éma téh rek ngawayahnakeun manéh baé …” (82).

Satuluyna, urang pribumi gé ari geus deuheus ka Walanda mah nyingsieunan sasama pribumina ku ngasongkeun kecap “tuan”. Kitu nu kaalaman ku Nyi Usni basa manéhna anjog ka Rumah Sakit Rancabadak.

Cenah gé, “Geuwat nyingkah bisi aya Tuan!” ceuk éta jelema.

Nyi Usni ngadéngé kecap Tuan, teu kira-kira sieuneunana, tuluy manéhna maksakeun manéh indit…” (91).

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Deden

waas, kumaha carana hoyong maos carita karangan ahmad bakri, tjandrahayat atanapi ki umbara.... aya nu tiasa nulungan ???

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: