• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Istiqomah

Kénging Arif Nur Hakim
Kintun kana Facebook

Mangga urang niténan, pidawuh Rosulullah SAW nu kirang langkung kieu hartosna: "Baris datang ka umat kaula hiji jaman di mana maranéhna ngajauhan para ulama jeung ahli fiqih (hukum agama). Mangka Alloh nurunkeun cocoba ka maranéhna ku tilu cocoba, nyaéta : hiji, Alloh ngaleungitkeun berkah tina kasab (gawé) maranéhna. Dua, Alloh ngawasakeun ka maranéhna salah saurang pangusaha nu dolim. Tilu, maranéhna kaluar ti ieu dunya (maot) dina kaayaan teu aya iman".

Upama niténan kamekaran Islam Indonesia, mémang kacida reueusna. Organisasi kaagamaan, kagiatan-kagiatan kaagamaan, saperti zakat, munggah haji jeung sajabana, teu weléh jadi pamecut keur ningkatkeun karaharjaan umat. Ngan, nyakitu karasana mah henteu luyu jeung kanyaataan nu basajan. Ieu boa-boa nu ngalantarankeun umat Islam sorangan geus ngajauhan ahli élmu agama atanapi nu disebut para ulama.

Kitu kasauran Rosul, yén ulama, jalma nu ngagaduhan élmu, sok komo dina widang fiqih, boa-boa kiwari tos dijauhan ku urang sorangan. Sok padahal, éta téh hiji tanda, yén Alloh téh bakal nibankeun cocoba. Leungitna berekah, munculna pangusaha dolim, jeung leungitna khusnul khotimah. Maotna moal tinemu jeung khusnul khotimah (alus ahir maotna).

 

Balukar Ngajauhan Papagon Agama

Alloh Swt. ngadawuh : Yaa ayyuhal ladziina aamanuu laa tattabi'u  khutuwaatisy syaitoni, wamay yattabi khutuuwatisy syaiton, fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal mungkar. Walao laa fadlullohi 'alaikum warohmatuhuu maa jakaa mingkummin ahadin abadaw walaakinnalloha yuzakki mayyasyaa'u wallohu sami'un 'aliim. Nu hartosna : "Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranéh ulah nurut kana léngkah-léngkah sétan, karana sing saha anu nurut kana léngkahna sétan, nya saenyana manéhna geus nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung lamun seug teu aya kurnia ti Alloh katut rahmat-Na ka maranéh moal aya nu beresih saurang ogé. Tapi Alloh ngabersihkeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna, jeung Alloh Maha Ngadangu, Maha Uninga." (QS. An-Nur ayat 21)

Sakumaha nu dijéntrékeun di luhur, boa-boa paripolah urang ogé geus tibaralik. Geus teu engeuh deui kana hak. Nu aya kalah terus ngalobaan tur ngadeukeutan kaum nu disebutkeun ‘léngkah sétan’. Mangga urang bandungan waé. Di antara rupa-rupa ibadah, saperti ibadah solat, apanan geus sakitu disapirakeunna ku urang sorangan. Malah, jiga nu geus teu asa-asa deui, yén ninggalkeun solat téh, teu mantak sieun, teu mantak bakal ngalagragkeun martabatna sorangan. Padahal, solat téh bakal nyegah kamungkaran. Lain di batur, rupa-rupa kagiatan di urang loba nu teu ngajurunglaku umat sangkan ngadegkeun solat. Boa-boa, ieu salahsahijina balukar sétan jadi resep tur énténg ngagoda urang sangkan saeutik-eutik ngéléséd kana jurang kadurhakaan. Sok padahal, sacara élmu mah urang téh pada apal, yén kagiatan ibadah téh nu pangpentingna, tapi naha atuh urang sok wani ngabalieurkeun papagon agama? Mangga urang niténan deui dawuhan Alloh nu kaunggel dina surat As-Sajdah ayat 22, Waman adhlamu mimman dukkiro bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo 'anha, innaa minal mujrimiina mingtaqimuun. "Jeung naha lain taya anu leuwih dolim batan jalma-jalma anu diwawadian ku ayat-ayat Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat."

Dawuhan di luhur, sanés waé pikeun jalma nu iman, tapi jalma munafék tur pasék, maranéhna pasti bakal meunang wawales alatan jalma jarahat.

Seueur kajadian-kajadian nu ti saméméhna, saperti nu nimpa ka kaum Nabi Musa a.s., Alloh geus ngancurkeun kaumna nu dolim ka Alloh jeung Rosulna. Kaunggel dina surat Al-Araf ayat 95, "Tsuma baddalnaa makaanas sayyiatil hasanah hatta 'afao waqooluu qod massa aabaa 'a nadhdhorroo'u wassarro'u faahodnahum bagtataw wahum laa yasy'uruun." Nu hartosna : Tuluy Kami ngaganti kajahatan ku kahadéan nepi ka maranéhna jadi ngarekahan. Jeung maranéhna nyarita : "Saéstuna kamadaratan jeung kasenangan téh geus tumiba ka bapa-bapa urang". Tuluy Kami nibankeun siksaan ka maranéhna kalawan dadakdumadakan, sedengkeun maranéhna henteu saladar.

Ieu, rupina nu tiasa jadi pangriksa sakaligus pamiangan deui dina taun 1432 Hijriyah. Kumaha sangkan, kawijakan pamaréntah nu rupa-rupa kagiatan, tapi tetep ngajurung laku kana milampah kagiatan ibadah umat. Saperti, hiburan-hiburan di Indonésia, naha luyu jeung pasipatan kagiatan kaagamaan? Geuning buktina mah, sabalikna, loba kagiatan nu kalah ngajurung sangkan umat ninggalkeun ibadah, di antarana ngadegkeun solat.

Ku margi kitu, mangga dina ngeusian taun anyar 1432 H. urang lenyepan deui dawuhan Alloh : "Afaa min ahlal quuroo ayya tiyahum ba'sunaa bayaataw wahum naa'imuun. Awalam min ahlul quroo ayya tiayhum ba'sunaa dhuhaw wahum yal'abuun. Hartosna : Ku kituna naha pangeusi éta nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami ti peuting waktu maranéhna keur sararé? Atawa, naha éta pangeusi nagri téh ngarasa aman katibanan siksaan Kami isuk-isuk waktu maranéhna keur arulin? (QS. Al-Araf ayat 97-98)

 

Ngeunteung kana Sajarah

Upama urang ningal sajarah Islam, kantos Karajaan Umayyah Damaskus sareng Kerajaan Abbasiyyah Baghdad, duanana kungsi jadi kiblat élmu pangaweruh jeung kabudayaan di bebeulahan dunya wétan. Atawa Cordoba di Andalusia (Spanyol), nu kungsi jadi pusat kajayaan umat Islam di pakulonan (750-1030).

Malah dina Al-Qur'an, seueur riwayat ngeunaan nagara-nagara jeung bangsa-bangsa jaman béh ditu (atsatirunal awaalun). Ngeunaan kamajuan, kamunduran jeung kaancurnana. Nagara jeung bangsa 'Ad, Tsamud, Madyan, Saba, Sodom, Fir'aun, jsb., diungkab kahébatanana dina rupa-rupa widang-widang. Dina al-Quran surat Al Fajr, ayat 6-8, dicaritakeun kaayaan Kota Irom, puseur dayeuh kaum 'Ad, dihias munara-munara jangkung luhur ngalanglaung, nepi ka taya nu nandingan karongkahanana. Atawa kaum Tsamud nu ahli natah batu-batu gunung, direka-reka sangkan jadi patempatan éndah tur megah. Jeung Fir'aun nu pepek balad-baladna, gagah perkosa taya lawan.

Tapi sakabéhna ancur lebur sanggeus ngalakonan prosés "sunnatullah". Lantaran ingkar kana pangajak Nabi Hud As, kaum 'Ad  binasa ku angin ngagelebug tujuh poé dalapan peuting. Sakabéh paparabotan keur nahan tiis jeung tiris nu dipasang di munara-munara jugala, taya nu mampuh nyegah azab. Kitu deui  kaum Tsamud. Maranéhna nu resep curak-curak suka-suka masang rupa-rupa tatabeuhan keur ngahégar-hégar léngkob panonoban, binasa ku sora gelap patingbeledag. Fir'aun ngalaman nasib nu sarua. Dilelepkeun di laut, lantaran adigung kumalungkung, ngarasa pangdigjayana di jagat raya. Tapi teu manggapulia basa manéhna jeung pasukanana dirorod ombak tsnumani Bahrul Ahmar.

Nu dijentrekeun dia al-Quran ngeunaan bangsa jeung nagara jaman beh ditu, atawa nu dianalisa ku Ibnu Khaldun dina abad pertengahan, salawasna sinambung, jeung teu weléh kaalaman deui dina mangsa-mangsa sabadana. Mun dijinekkeun mah, prosés "sunnatullah" hiji bangsa jeung nagara dina ngajugjug kaancuran, balukarna mah ku tilu rupa.

Kahiji, para pamingpin teu ampuh nanjeurkeun bebeneran jeung ngamomorékeun ibadah. Para pamingpin nu boga wewenang gedé tur gembleng pikeun ngadalian situasi katut kondisi bangsa jeung nagara, teu ieuh matéahkeun kalungguhanana dina jalan hak. Kalah sabalikna, , bet maranéhna kalah milu tigebrus kana kasalahan nu sarua, kawas nu kungsi dipilampah ku rezim saméméhna. Allah Swt. Ngajelaskeun dina al-Quran, surat Isra ayat 16, nu kieu hartosna: "Mun Kami rek ngabinasakeun hiji nagri, nya Kami maréntahkeun ka kaom élit di éta nagri (sangkan taat ka Alloh), tapi maranéhna ngadon ngabangkang ku kamasiatan, atuh sapantesna pisan Kami nibankeun katangtuan nu geus lumrah (pikeun nu ngabantah kana paréntah), nya Kami ngancurkeun éta nagri kalawan saancur-ancurna."

Kadua, munculna jalma-jalma nu jalir janji. Tina sakitu réana bangsa jeung nagara nu geus dibinasakeun (QS. Al-A'raf: 101), salah sahiji alatanana nyaéta pamingpin katut rahayatna jalir jangji. Ngeunteung kana sajarah baheula, kiwari ogé méh teu béda.  Keur usum kampanyeu jangji taya nu codéka. Cenah rék ngabasmi  korupsi, rék nanjeurkeun hukum, rék ngaraharjakeun  rahayat, rék muka lowongan keur rébuan rayatna jeung sabangsana. Tapi ari geus hasil mah, nu aya ngahenen ngararasakeun diuk dina korsi empuk, ngajéngjéhé dina fasilitas nu sarwa istiméwa. Korupsi angger mahabu, hukum angger lesu, rahayat di mana-mana kalaparan, nyorang musibat, biaya sakola mahal, hahargaan patingjelepung jsb. Ieu salahsahijina baluar di urang loba jalma-jalma nu jalir jangji.

Katilu, jalma nu resep ngulinkeun hokum atawa istilah ayeuna mah "tebang pilih". Hukum bisa diatur ku suap, sogok, kolusi, népotisme, jeung sajabana deui. Enas-enasna hukum ngabéda-béda obyék hukum dumasar kana rupa-rupa kapentingan. Kangjeng Rosul Muhammad Saw kantos ngadawuh : "Innana ahlak Allohul ladzina min qablikum innahu idza saraqa fihimusy syarifu tarakuhu, wa idza saraqa fihimul dlaifu aqamu haddu". Ancurna  umat-umat saméméh aranjeun, lantaran lamun aya gegedén maling, diantep tara dihukum. Tapi mun nu malingna jalma biasa, gancang dihukuman ku hukum nu saenya-enyana (HR. Imam Bukhari). Dina hadits nu sarua, Kangjeng Nabi Saw nandeskeun, yén "lamun Fatimah (putra istri nu pangdipikanyaahna) maling, kami sorangan nu baris neukteuk leungeunna". Hartina moal pilih kasih sanajan ka anak pituin saha baé nu salah kudu dihukum.

Margi kitu deui, sangkan urang jauh tina panyiksa Allah alatan lampah urang sorangan, atuh umat Islam oge, kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket dina mekarkeun agama Islam. Ukhuwah Islamiyah nu dibarengan ku istiqomah, bakal ngarobah pasipatan umat, nu jauh tina agama jadi deukeut kana papagon agama. Mudah-mudahan, kanggo urang salawasna kenging panantayungan Allah Swt. Kitu deui dina ngeusian taun anyar Islam, salawasna Allah mamaprinan magrifoh Allah Swt. Amin.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: