• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mikanyaah Kulawarga
Ngajurung Ludeung Wanoja Sunda

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Warta-warta tunggara nu tumiba ka kaum wanoja teu weléh jul-jol. Can rerep hiji kapeurih geus jol deui kapeurih séjén.  Tong waka di nagri dengeun,  di lembur sorangan gé loba nu katideresa.  Saperti nu dijangjikeun rék diiangkeun ka luar nagri,  ahirna mah teu puguh nasibna. Ukur dikerem bari hak-hakna salaku manusa bébas teu diajénan.

Kabutuh hirup, ngalantarankeun indung ludeung lunta jauh. Kajeun  susulumputan ngaliwatan jalur nu teu resmi. Da,  pamaréntah mah  ngamoratorium miangna Tenaga Kerja Indonésia (TKI) ka Arab Saudi. Ngan, nya kitu,  nu boga karep nyiar pakaya mah, larangan pamaréntah téh teu jadi  panghalang. “Pasualan-pasualan  kawas kitu, tangtos matak prihatin,” ceuk  Hj. Sri Asmawati Kusumawardani, SH., M. Hum, Kepala Badan Pemberdayaan Perempuan dan Keluarga Berencana (BPPKB), Propinsi Jawa Barat.

Lunta jauh mémang lain lantung tambuh laku, da puguh aya udagan.  Karepna hayang boga waragad keur ngurus barudak. “Kajeun dirina  ripuh, demi anak, kaum ibu nu jadi indung réla nandangan tunggara,” ceuk Hj.Sri.

Upama ieu Kepala BPPKB nyarita kitu, mémang  apal  pisan kana pasualan-pasualan kaum wanoja. Urusan éta badan gé neueul kana pasualn-pasualan wanoja, kaasup cara atawa tarékah ngaronjatkeun ajén kaum wanoja.  Bu Dani (kitu katelahna ibu kepala BPPKB Jawa Barat)  remen ngalanglang tempat-tempat kagiatan wanoja, kaasup nyaba ka  ‘panampungan’ wanoja. Hiji waktu Hj. Sri Asmawati ngadongdon tempat awéwé-awéwé purah ‘ngahibur’  lalaki nu lain salakina. Mémang, cenah, di mana waé jeung iraha waé peta awéwé kawas kitu téh matak aéb, méngpar tina katangtuan agama jeung darigama, kaasup ngérakeun kulawarga. “Teu tiasa ditolelir ngarah pangupa jiwa ku cara ngajual diri mah,” pokna tandes naker.

Najan kitu, pihak séjén gé kudu paham kana kaayaan maranéhna. Kaum wanoja nu kapaksa ancrub kana dunya ‘hideung’, loba nu lantaran taya jalan séjén. “Kumaha deui atuh da teu aya jalan sanés,” kitu jawaban maranéhna.

Najan jauh ti lembur, horéng batinna  mah teu weléh tibelat ka kulawarga. Waktu ditanya pangna ‘tigebrus’ ka tempat kitu, jawabanana téh ku lantaran taya pagawéan séjén.

Kanyaah indung tetep natrat.  Tatali batin ka budak mah terus nganteng. Wanoja-wanoja nu nyorangan (single parent),  tetep némbongkeun rasa tibelat ka anakna.  Geura wé, ceuk Hj. Sri,  rata-rata éta indung téh, majangkeun poto-poto barudakna.  Poto barudak jadi pamatri kadeudeuh indung ka buah haténa.

Kanyaah indung kawas kitu,  lir nu  téga ka dirina sorangan. Kajeun diri bobolokot ku ‘kokotor’  asal barudakna bisa menyat.

 

Gedé Kawani

Wanoja ti tatar Sunda gé lampar. Jajauheun saperti nu kagambar dina paribasa heureut deuleu pondok léngkah. Da, nu sidik mah, wani lunta ka jauhna,meuntas lautan. Miang  mawa harepan.  Ngan, balukarna, loba nu katideresa, kawas nu kaalaman ku Royati urang Dépok nu palastra dihukum pancung di Arab Saudi, atawa saperti Darsem, urang Subang, Jawa  Barat nu méh-méhan ilang nyawa lantaran keuna ku hukuman.

Kajadian kawas kitu, lain saurang dua urang. Malah, ceuk catetan, BPPKB Propinsi Jawa Barat,  tina sajumlah kasus nu kaancam kukuman pati, lolobana  téh ti Jawa Barat. Naha?  Alesan maranéhna,  lantaran ngabéla diri.

Lunta jauh, rék buburuh. Rék néangan rejeki halal. Matak, dina mangsa diri ngarasa dihina deungeun, kajeun kumaha béhna, demi harega diri. Ngan, balukarna, teu arang nu diancam hukuman pati.

Kawani wanoja Sunda, témbong ti mangsa ka mangsa. Kituna téh, ti baheula mula. Aya conto, mun kaum wanoja teureuh  Sunda wani béla pati atawa wani ngalaman tungara. Kacatur dina  lalakon Perang Bubat gé. Citra Resemi, putri raja Sunda nu rék dikawinkeun ka hayam Wuruk, Raja Majapait,  nemahing pati di tegal Bubat. Alatanana, teu sudi dipaké seba, da miangna ka éta nagri  gé rék dikawinkeun. Citra Resmi milih nelasan diri sorangan batan daék dipaké seba nu matak ngaragragkeun darajat dirina.

Dina waktu  kaum wanoja lunta jauh, teu jarang ngondang kahariwang. Tapi,  kabutuh hirup. Mindeng jadi pangjurung leudeung. Waktu pamaréntah ngamoratorium nu arindit ka Arab, masarakat nu boga karep ka Saudi gé tetep loba, kawas nu narah dihalang-halang. “Tapi, da kumaha atuh da kabutuh mah teu tiasa dipersabenan,” ceuk Nyai (urang sebut wé kitu), urang Rancasari nu indit ka Arab. Ieu wanoja nu umurna 40 taunan téh maksa indit ka Arab, najan apaleun pamaréntah mah ngeureukeun pangiriman  TKI ka Arab Saudi.  “Kumaha atuh da  kaperyogian mah teu tiasa dihalang-halang.  Abdi gaduh  murang kalih uruseun sadua-dua,” pokna. Budakna, kapaksa  ditinggalkeun,  dititipkeun ka nini jeung dulur-dulurna.

Nurutkeun Hj. Sri, nu luntajauh umunan mah narima tawaran ti pihak séjén. Ngan, cenah, tangtu wé kudu ati-ati. “Bentengan diri ku kaimanan sareng katakwaan,” pokna.  Lian ti éta, ulah percaya kana omongan nu nawarkeun pagawéan hampang kalayan gajih gedé. “Kudu apal persis kana informasi nu asalna ti Dianas atawa instansi resmi,” pokna ngawawadian.

Cara kitu, mun mémang kapaksa teuing indit, kudu kana jalur nu resmi. Nu puguh jaminan kasalametanana. “Tapi,  leuwih hadé, mending usaha satékah polah di lembur sorangan,”  ceuk ieu  Kepala BPPKB nu keur tolab élmu di Pascasarjana (S-3) Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung téh. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: