• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Kicikibung Tengah Peuting

Kénging Iwan Komara
Kintun kana Facebook

Geus tilu bulan ieu kuring nempatan imah anyar téh. Ngontrak deui baé, saperti taun nu enggeus-enggeus. Sakitu kabedagna. Teu kacipta bakal boga imah sorangan, nilik harga tanah nu beuki apung-apungan, can waragad keur ngadegkeunana. Ieu ogé bisa ngontrak biasa wé, duitna meunang nginjeum ti dunungan, bari jeung seuseut-seuseut gé kaluarna.

Keun soal éta, da biasa manusa hirup euyeub ku susah, dpikiran mah kalah waé matak siwah!

Pamajikan rada teu betaheun nyicingan tempat anyar geus  sababaraha kali manéhna ngagegejeg ngajak pindah deui, néangan imah séjén. Tapi ku hayoh dipapatahan, diwayahnakeun, pira gé salapan bulan deui, manéhna nurut, maksakeun ngabetah-betah manéh. Tuda mun diuk mah karek gé gék geus rék jung deui. Leuheung mun duit kontrakan nu geus dibikeun, harita ménta pindah harita dipulangkeun deui séesana. Boa geus ledis ayeuna mah, kana duit téa atuh. Nya batan rugi, teu betah ogé ngawayahnakeun.

Ari ditanya, ku naon pangna teu betah, pamajikan ngajawabna téh, cenah pédah tempatna rada geueuman.

“Rada geueuman?” kuring kerung, teu ngarti di béh mana geueumanana.

“Tah di pengker, di sumur. Kitu-kitu gé ayaan Kang…”

“Aya wé cai mah…”

“Batur nyarios saleres-leres, diheureuykeun!” jetet manéhna baeud.

“Muhun tuda di sumur mah, aya ogé cai… sareng timba wé hiji.”

“Sanés Kang. Saur Ceu Ajah, leres di dinya téh geueuman, sareng… sareng…” titi ngarandeg heula nyaritana, diukna ngagéser ngadeukeutan. Ngomongna ditompokeun jaba ceuli kuring: “Aya nu ngageugeuhna…” ngaharéwos.

Kuring nyéréngéh.

“Teu percanten nya?” bangun nu keuheul nyarita, pédah sorangan rada teu percaya kana omonganana: “Kunti nu ngageugeuhna téh, Kang…”

“Ceuk saha?”

“Ceuk Ajah nu ngadongéngna?” Panasaran kuring ogé.

“Muhun ieu… carogéna Ceu Ajah kantos ningali kun… ti… di sumur urang. Ngaringkiwik wé, dina haur konéng. Pukul duawelas, cenah Kang, ngawénéhkeun téh malem Jumaah deuih…”

“Dikumahakeun tah, kuntina ku Kang Jajat?” ceuk kuring. Kang Jajat téh salakina Ceu Ajah. Imahna béh wétan, kahalangan ku kebon sampeu nu Mang Padi ti imah kuring mah.

“Ditelek-telek kuntina?”

“Ngabigbrig wé ka bumikeun! Boroboro hayang nelek-nelek. Sieun wé nu aya panginten. Mangkaning kunti ka pameget mah…”

“Sok ngarabut nya?” ceuk kuring.

“Ih, Engkang mah.”

“Muhun ngarabut naon, sampeu da ieu mah…”

“Duka ah…”

“Engkang mah sok resep, betah ari tos ningal haur konéng, heg tengah dinten, atanapi wengi bulan ngempray.”

“Aya nu kitu ogé. Batur mah tingsariak bulu punduk…” titi ngadelek.

“Tina naon wé pangabetah panon mah. Lain neuteup wé nu harerang di jalan.”

“Ih, kalah beuki ngaco!” bari léos Titi ka dapur.

Nu dicaritakeun ku Ceu Ajah ka Titi ngabukti, sanajan karék ngadéngé sorana wungkul. Satuluyna mah nénjo bungkeuleukanana, tapi ririwa séjén deui ieu mah.

Kabeneran malem Jumaah éta téh asa kareueung. Bulu punduk asa ngawidwid bakating ku tiris. Bulu leungeun carengkat, asa carucukan. Angin di luar sakapeung ngagelebug sakapeung ngahiliwir asup ngaliwatan érang-érang panto jeung jandéla.

Kuniang kuring hudang. Sora nu tingcikiki, di luar? Dédéngéan waé kitu? Ieu meureun nu diobrolkeun ku Ceu Ajah téh? kaciptana, kumaha upama nu ngariringkik asup ka imah. Pédah bangsa nu kararitu mah, bisa asup kana liang nu sakumaha leutikna gé. Rey bulu punduk ngadadak carengkat. Angin di luar ngahiliwir deui.

Jung cengkat, ngilikan érloji luhureun lomari. Karék pukul sawelas tapi. Rét ka Titi jeung budak nu ngagolér gigireun, saré tibra pisan.

Keur kitu kadéngé sora anak hayam ti tukang imah, ti lebah sumur. Anak hayam saha? Da tukangeun imah kuring mah, asa teu bogaeun hayam nu karék megar. Moal kitu éta téh…

Wer…rrr, angin ngagelebug ka lebah kamar kuring, nu teu pati jauh ti sumur. Ngontrak téh dua kamar, sakamar keur dapurna sakamar deui keur tempat saré, di kamar tengah jajalaneun ka sumur.

Tétéla lain angin samanéa ieu mah, kawas-kawas angin jijieuneun. Can béak kahéran, ari bréh téh reungit ngabreng asup ka kamar, ngaliwatan érang-érang panto. Kuring babacaan sabisa-bisa, maca ayat Kursi teu kaur anggeus, poho deui, ongkoh geus lila tara diwirid.

Késang tiis renung saawak-awak, jadi samar polah, kudu kumaha nya pilakueun. Dideukeutan waé kitu ka tukang bari mawa nyéré, jeung ditataranjang sakumaha papatah ceuk nu lian? Sieun dibongohan heg kuring dicekek, kawasna moal bisa hojah. Cenah tonggongna téh, gorowong? Iy… kuring ngabirigidig sorangan.

Golédag kana anggel, maksud téh rék saré deui. Tapi kadéngé sora ti tukang, blung… blung blung! Sora nu kicikibung. Biasana sora nu kitu téh sok di walungan, ulin barudak nu ngaradon kokojayan. Di sumur gé sang kun-kun mah teu burung bisaeun, sakitu lahan heureut.

Blung… blung blung! Kadéngé deui nu kicikibung téh. Bulu punduk mingkin muringkak waé.

“Kang...” sora pamajikan. Dirérét, singhoréng manéhna gé geus hudang.

Kuring neuteup beungeutna sakeudeung.

“Sora nu ngagendang nya Kang?” cék Titi bari ngabalieur, eraeun meureun.

“Muhun tah geura dangukeun…”

Blung… blung… blung!

“Muhun Kang, sieun abdi mah.” Titi nangkeun tipepereket.

“Tenang Ti, tenang. Piraku urang éléh ku bangsa nu kitu. Pan urang mah mahluk pangsampurna-sampurnana…”

“Tapi abdi sieun Kang…”

Blung… blung… blung! Éong… éong…

“Sora ucing nya Ti?” Kuring melong beungeut  pamajikan.

“Muhun. Boa ririwa ucing Kang?”

“Aya kitu, bangsa nu karita ngawujud ucing?”

“Seueur wartosna mah, Kang…” Titi giak nembalan.

“Tapi can kabéjakeun aya nu dikerekeb ku bangsa ririwa mah, nya Ti?” lain nembalan kalahka jeletot nyiwit. Asa dibawa heureuy meureun keur mah sieun, hayoh dibawa heureuy, boro-boro… cenah meureun.

Didédéngékeun deui nu kicikibung téh. Aya tilu kalina ditungtunan ku sora éong waé. Moal salah, cék pikir téh, bari turun tina ranjang.

“Badé ka mana Kang? Entong ka luar abdi keueung…” Titi beungeutna tambah pias wé: “Pukul sabaraha nya Kang?”

“Aya meureun pukul sawelas saparapat mah. Teu kabeneran téh, poék bulan, mun caang bulan mah, wani Engkang ka luar…”

“Ah, entong Kang. Abdi keueung. Anggur geura kulem deui wé…”

Karunya, ingetan téh bisi saeh di sumur. Da moal salah nu kicikibung téh… kop kana lampu témpél, tuluy ngaléngkah kana panto.

“Entong ka luar, Kang, entong, abdi keueung….” Titi memetot leungeun.

“Moal lami da, sakedap Ti… bisi rék ngiring atuh, Titi nu ngadamarana… nu kicikibung pajar cék Titi sora nu ngagendang téh, geura buktos ayeuna mah. Tos dihanjatkeun mah, moal kakuping deui nu ngagendang téh…” cék kuring.

“Hayu atuh, tapi tong lami. Karunya ka Si Ujang…” témbal Titi.

Kuring jeung Titi satengah rusuh leumpang ka tukang, bari haté mangsar-mingsir gé kuring ngawani-wani manéh jero sumur dicaangan.”

“Éong… éong!”

“Tuh geuning nya, Ti, aya nu kicikibung téh…” kuring melong beungeut pamajikan. Manéhna seuri. Beungeutna getihan deui.

“Ucing saha nya, Kang?”

“Duka nu saha-sahana mah, ayeuna urang akalan  hanjatkeun. Mun teu kitu Titi moal tibra kulem, da nguping waé nu ngagendang…”

“Muhun,” témbalna pondok.

Diakaln mah teu burung beunang ucing téh, dihanjatkeun ka luhur. Teu dileupaskeun, dibawa ka jero, buluna dielapan, karunya tiriseun. Geus rada garing ucing téh diparaban, kabeneran aya sésa asin.

Léos kuring mah ka kamar deui keun ucing mah, isuk  urang salabarkeun.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: