• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

A PHP Error was encountered

Severity: Notice

Message: Undefined index: aut_link

Filename: modpublic/v_seratan.php

Line Number: 119

A PHP Error was encountered

Severity: Notice

Message: Undefined index: aut_full_name

Filename: modpublic/v_seratan.php

Line Number: 119

A PHP Error was encountered

Severity: Notice

Message: Undefined index: aut_link

Filename: modpublic/v_seratan.php

Line Number: 119

A PHP Error was encountered

Severity: Notice

Message: Undefined index: aut_full_name

Filename: modpublic/v_seratan.php

Line Number: 119

Nu Ngajak Wawanohan

Kénging
Kintun kana Facebook

Peuting beuki jempling, najan hawar-hawar kadéngé sora mesin ti kajauhan, tapi angger teu bisa nyingkahkeun kakeueung kuring. Sora tuk tek jam nu ngadaplok dina témbok siga nu ngahaja hayang maturan, jarum pondokna nunjuk ka angka sapuluh, jarum panjangna ninggang kana angka tilu. Hmmm… lila kénéh ka subuh geuning?

Geus dua poé kuring gawé di pausahaan cai mineral di hiji lembur nu hara-hareun, najan kasebutna masih kénéh wewengkon Bandung, tapi ayana di sisi leuweung jauh kamana-mendi. Ngajugjug ka tempat pagawéan téh kudu nyorang jalan nu taringgul ku batu, ceuk nu bohong téa mah sagedé-gedé kalapa. Éta jalan sugan can kungsi ngambeu aspal-aspal acan nya? Taneuh beureum ngampar diselang ku tangkal eurih mani jarangkung, clu clo di ditu di dieu. Aya sababaraha gedong pabrik nu geus teu dipaké, tembokna loba nu garerewong, jeung kusénna geus areuweuhan, barala jaba paroék.

Meunang info aya lowongan gawé di éta pausahaan téh ti Awan, batur kuring basa keur kuliah. Manéhna mah gawé dibagéan marketingna, béda rohangan jeung kuring.

“A, tong janten baé lah damel di dinya téh…”, ceuk Ani kabogoh kuring, basa dibéjaan yén kuring geus meunang pagawéan anyar.

“Naha kitu Ni? Meungpeung nuju aya lowongan, heug aya nu haat ngalebetkeun. Piraku dikantunkeun? Pan urang téh kedah gaduh bekel kanggo engké nikah,”ceuk kuring teu ngarti. Jero haté mah medenghel, geus hésé capé néangan gawé kalahka dihulag, majarkeun téh jauh teuing ti imah kudu didugdag maké motor, hariwang bisi kumaha onam. Marukan ngeunah kitu ari nganggur? Matak éra panggih jeung batur, jaba kutud teu bisa jajan-jajan acan. Éra ari kudu méntaan waé ka kolot jeung lanceuk mah, da geus lain budak leutik deui. Keun baé ah, rék dikeureuyeuh keur saheulaeun mah, bari néangan deui gawé nu séjén, sugan meunang gawé nu rada meueusan.

Mani asa ku babari milik téh, ngan dua kali tés tulis jeung wawancara isukna langsung dititah digawé. Gajihna lumayan gedé jaba dibéré dahar beurang. Meunang fasilitas méss, teu kudu ngontrak. Alhamdulillah, kuring bungah pisan taya papadana, sabab geus tilu bulan leuwih nganggur. Saméméhna, kuring meunang sataun nyekel gawé di Bank Perkreditan Rakyat di Cianjur. Balik sotéh ka Bandung, melang ka indung jeung ka lanceuk euweuh batur pakukumaha.

Kuring dipernahkeun di bagéan administrasi produksi. Gawéna kaitung babari, nguriling ka rohangan produksi bari  ngaroris hasil gawé buruh, laju diinput dina komputer. Poé kahiji euweuh halangan harungan keur mah bagéan beurang, lancar. Poé kadua, kuring kabagéan gawé peuting. “Wayahna nya Jan, kudu gawé peuting. Ké gé dibaturan ku Bapa,”ceuk Pa Éman, kepala bagian produksi bari silih pelong jeung Awan.

Tapi naha geus jam sakieu Pa Éman can datang waé? Rét kana kertas laporan nu karék rengsé dipigawé, dibaca deui sugan aya nu kaliwat. Disaruakeun jeung nu aya dina layar monitor. Bérés, euweuh nu kaliwat kabéh geus diinput. Kuring muir-muir pulpén, bari bingung rék nyieun naon.  Keur kitu ujug-ujug aya sora krewuuuuk…! sihoréng beuteung kuring geus ménta dieusian. Misting nu dibawa ti imah langsung dibuka, eusina sangu, témpé, sambel jeung pingping hayam. Euh, nuhun Mamah tos mekelan kuring.

Karék gé rék ngégél pingping hayam, kadéngé aya nu geprak-gepruk tukangeun kuring. Dilieuk téh, bedul! Cak-cak ningan? Heuh, ngareureuwas waé! Ngégél pingping hayam dituluykeun deui, bari am ngahuapkeun sangu dituluykeun nyéndok oséng témpé, disambelan saeutik. Reeey… naha bulu punduk kuring ngadak-ngadak ting carengkat?

Brug! Brug! Brug! Kadéngé aya nu brag-brig-brug ti beulah kenca. Rét ka asalna sora. Astagfirulloh, Gusti! Katingali korsi nu dipojok siga nu keur dioyag-oyag tuluy muir ku sorangan! Pluk, teu karasa pingping hayam nu keur dicekel murag kanu misting. Sakedapan kuring ngan saukur bisa calangap, tuluy babacaan sabisa-bisa. Gap kana hp rék nga-SMS nu jadi lanceuk.

“Ceu, ieu geura aya nu ngajak wawanohan,” eusi SMS kuring. Teu lila ngurunyung SMS balesan ti lanceuk kuring,” Sok atuh rék wawanohan mah, heug ajakan kadieu, geulis teu?”. Lanceuk kuring kalahka ngaheureuyan, teu nyahoeun meureun yén nu ngajak wawanohan téh lain jelema. Pas dibéjaan ku kuring, manéhna langsung nelepon siga nu hariwangeun.

“Ménta tulung kanu di dinya atuh, tong cicing waé!” ceuk manéhna. Kuring teu bisa ngomong ukur molohok, sabab harita kénéh panto lomari keur nutup-muka kusorangan… kréééékkk….kréék….kréééékkk…krééék! Pet HP dipareuman. Buru-buru nu aya diluhureun méja dipérénan, misting, pulpén jeung papakas séjén nu dibawa ti imah langsung dibebeskeun kana kantong. Untung, teu poho mareuman komputer.

“Badé kamana Pak?! pan teu acan waktosna gentos shift!!” ceuk satpam nu bagéan jaga peuting.

“Badé wangsul, Pak! Ieu, konci rohanganana!” ceuk kuring rada tarik.

“Ké Pak teu tiasa kitu, kedah luyu sareng aturan!!” tembal satpam teu éléh géléng.

“Ah, kumaha aing wé!!!” ceuk kuring nyentak tuluy ngaléos bakat ku sieun jeung keuheul, muru ka paragi markir motor.

Kaayaan di jalan harita poék mongkléng, lumayan caang saeutik tina sorot lampu motor. Kahayang kuring mah ngajalankeun motor téh satarikna ambéh téréh nepi. Hanjakal, motor kapaksa dijalankeun lalaunan, da jalanna garékgok loba batu galédé. Teu jauh ti kebon eurih nu kaliwatan, aya sababaraha wangunan pabrik heubeul nu geus teu kapaké téa. Ujug-ujug reeey … bulu punduk maruringkak deui. Aduh Gusti, aya naon deui atuh ieu téh?

Kasebelan! Motor ujug-ujug pareum deuih! Hadeuh, mangkaningan jauh kénéh. Starter otomatis sababaraha kali dihurungkeun, mesin angger teu hurung. Kapaksa kudu diselah. Bremmm…breeemm… hadéna motor hurung deui. Karék gé tanggah, panon kuring ujug-ujug manco ka palebah gedong pabrik. Katingali aya nu ngajanggélék. Panon dikerejepkeun sababaraha kali, angger éta mangkeluk ngajanteng di lawang panto maké baju bodas semu kuleuheu, siga baju nu geus heubeul. Beungeutna teu pati jelas da katutupan ku rambutna nu panjang ngaringkiwik.

Teu antaparah motor digas satarikna… “Mamaaaaaaaaahhhh! Tuluuuuuunggg!!!” bakat ku soak teu karasa kuring ngageroan nu jadi indung. Aéh, naha motor jadi asa beurat kieu? Teu salah éta mangkeluk milu naék motor! Ya, Allah Gustiii…! mani asa lila-lila teuing nepi ka jalan gedé?! Kuring tipepereket nyekel setang bari babacaan sabisa-bisa. Hadéna motor nu biasana loba mogok harita mah bisa diajak ngebut najan bari acleng-aclengan ogé. Jol ka jalan gedé, kabeneran aya pom béngsin, kaayaan teu pati tiiseun teuing. Motor ujug-ujug ngahampangan, puguh wé kuring ampir tikusruk kana solokan da motor keur meujeuhna digas.

“Paingan kamari manéh papelong-pelong jeung Pa Éman basa kuring bagéan shitf peuting, sihoréng loba jurigan nya?!” ceuk kuring basa isukna ngahaja ka imah Awan, minangkana mah kuring téh amitan jeung mihapé omongan pangnepikeun ka Pa Éman yén kuring moal gawé deui di pausahaan éta.

“Hampura uing Jan, tadina rék dibéjakeun ka manéh yén di rohangan éta loba jurigan. Ngan, uing karunya ka manéh, siga nu butuh pisan ku pagawéan. Susuganan manéh bisa kuat gawé di dinya. Ari pék téh sarua baé jeung nu lian geuning? paling kuat ngan ukur saminggu,” ceuk Awan ménta hampura bari seuri konéng. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: