• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kasarung di Nagri Siluman

Kintun kana Facebook

Aya haji nu karesepna ngecrik. Bisa jadi karesepna téh ti bubudak, da nepikeun ka geus jadi haji gé tara leupas tina kalangenana, gawéna ngan nyukcruk-nyukcruk Walungan Batanghari. Ngaran lengkepna mah Haji Saéful Anwar. Urang sebut wéh Haji Anwar, da kitu katelahna téh.

Di hiji poé, poé Jumaah, Haji Anwar bébéja ka pamajikanana rék ngecrik saperti biasa. Teuing kumaha, pamajikanana téh kawas aya rasa teu mikeun, pangpangna mah ingeteun, yén poé éta téh poé Jumaah.

“Ulah atuh poé ieu mah, Uda Haji, pan poé Jumaah. Kumaha mun engké leuit teuing? Meureun kabeurangan,” cék pamajikana Haji Anwar.

“Ah, da moal lila, saelatna gé jam sabelasan geus balik,” tembal Haji Anwar keukeuh.

“Nya ari teu beunang dicarék mah, mangsabodo,” pamajikanana kuraweud.

“Moal, moal lila…” Haji Anwar terus ngoloyod indit.

Korangna nyoléndang na cangkéng, kecrikna nyampay na taktak. Samping sarung dibeulitkeun kana beuheung, kopéah bodasna nyéngclé na sirahna, minangka lambang kahajian. Pamajikanana mung ukur bisa mencrong ti lawang imahna.

Haji Anwar geus nepi ka sisi walungan Batang Hari, panonna mencrong kana beungeut walungan nu lega, manéhna geus ngarasa jadi manukna, teu ieuh ngarasa sieun ku gulidagna cai walungan. Henteu ari ancrub mah ngan ukur nebarkeun ti sisi.

Unggal kecrikna dirungkupkeun, karasa aya nu ngurunyud. Mun geus kitu manéhna bisa mastikeun, yén jeroeun kecrikna aya lauk nu karungkup. Kalawan ati-ati, kecrik ditarik lalaunan. Mun kecrik geus di enjat kabéh, kabungahna nambahan,  sabab borélakna sisit lauk nu ngarait kana kukuh kecrik, mangrupa hiji kanikmatan.

Kitu jeung kitu. Unggal kecrik  ditebarkeun, tara poos, pasti aya lauk nu karungkup. Atuh puguh wé sumangetna beuki nambahan. Beuki lila beuki resep, terus baé mapay-mapay walungan, nepi ka lebah Batanghari girang.

Sisi walungan beuki rengked, pinuh ku tatangkalan laleutik, paselang jeung rungkun-rungkun. Tapi Haji Anwar teu nolih, malah kapanasaranana beuki nambahan. Beuki resep, beuki resep, antukna kajongjonan. Pohoeun kana kawajibanana, pohoeun kana solat Jumaah.

Kira-kira srangéngé pas lempeng embun-embunanana, manéhna ngarasa bingung, sabab teu ku henteu kecrikna ngait. Ari dipaksa dibetot, sieuneun rangsak. Nya kapaksa ucul ucul rék diteuleuman.

Korang nu méh pinuh, kopéah haji, sarung katut papakéanana, clo di teundeun luhureun batu lempar. Manéhna ngan ukur maké calana kolor wungkiul. Sanggeus maca Bismillah, brus Haji Anwar ancrub, lep sirahna teuleum laput. Leungeunna nyasaran kecrikna, néangan lebah-lebahna ngait. Lila-lila kapanggih, kecrikna ngait kana batu.

Sanggeus bérés, geuwat Haji Anwar téh mucunghul ti beungeut cai. Tapi Haji Anwar jadi hemengeun, sabab wewengkon nu tadina leuweung téh jadi hiji lembur nu ramé. Haji Anwar hulang-huleng, nginget-nginget kaayaan. Tapi weleh teu apaleun.

Nu ngajadikeun dirina leuwih héran, di sisi walungan téh loba nu keur abdas. Gebeg Haji Anwar ngagebeg. Manéhna kakara inget deui, yén harita téh poé jumaah. Inget kana kawajibanana, geuwat manéhna hanjat muru papakéanana nu numpuk luhureun batu. Korang jeung kecrik teu ditolih deui, derengdeng balik deui ka sisi walungan. Terus wéh manéhna gé abdas, guyub jeung batur.

Sanggeus bérés abdas, kakarak manéhna saged dangdan. Tapi sajeroning dangdan, manéhna ngarasa bingung, bingung teu nyahoeun lebah lebahna Masjid.

Kabenaran aya lalaki ngaliwat ka hareupeunana, geuwat ku Haji Anwar ditanya kalawan sopan.

“Uda… upami Masjid di dieu palih mana?” cék Haji Anwar ka nu ngaliwat.

“Kabeneran kuring gé rék ka masjid, yu tuturkeun kuring,” tembal lalaki téh.

Sajajalan Haji Anwar hemengeun, pikiranana ngalayang inget kana dongéng-dongéng kolotna. Nu sering nyaritakeun kajayaan Minangkabau baheula. Imah adat nu disebut “Rumah Gadang” ting jungkiring ngajajar rapih. Pakéan adat rahayatna, atawa Datuk-datuk, masih kénéh kabaheulaan, teu kaselapan ku papakéan modern. Ieu nu jadi kehemeng dirina. Ngan baé sieun kumaonam, manéhna teu tunya tanya. Jongjon nuturkeun lalaki téa, nu geus ngagabung kana abringan séjénna. Kabéh nu kasebut lalaki, milu ngabring. Ngaleut nuju ka hiji tempat ibadah nu disebut Masjid.

Masjid nu dipaké solat Jumaahan téh kacida legana, leuwih lega ti Rumah Gadang. Atuh arsitekturna gé teu bau-bau Arab, istuning tradisiona. Saliwat mah teu ciga masjid. Tapi mun nempo jerona, kakara karasa masjid. Aksara-aksara Arab, harurung-harérang kawas emas, mapaésan tihang-tihang masjid.

Sanggeus solat Sunat, Haji Anwar diuk tartib nuturkeun saf nu geus ditangtukeun. Manéhna rarat-rérét ka unggal jelema, tapi saurang gé taya nu wawuh. Jelema nu tadi beurang indit, teuing lebah mana diukna.

Ngong sora adzan ngalanglaung minuhan rohangan masjid. Sanajan teu maké pangeras suara, sora nu adzan téh kadéngena kamana-mana.

Jurungkunung ti saf panghareupna hiji lalaki maké jubah bodas nangtung, kituna téh sanggeus reres adzan. Ceg kana tumbak nu nyarandé di juru paimbaran. Diuk sakeudeung, jung deui nangtung.

Galantang Khotib hotbah. Sorana pinuh ku wibawa. Lancar tur tatag. Khotbahna teu loba ceta, teu ngabahas pasualan nu aya patalina jeung pulitik. Éstuning ngeunaan bag-bagan Islam sagemblengna, teu dilarapkeun kana urusan ngomongkeun batur.

Caritana anggeusan wéh Jumaahan téh. Haji Anwar kaluar ti Masjid bareng jeung nu séjénna. Tapi sanggeus di luar manéhna bingungeun deui. Ka mana ari jalan balik? Tungtungna Haji Anwar ngahuleng salila-lila na golodog masjid.

“Héh Uda Haji, ku naon ngalamun? Yu urang balik,” cék hiji sora tukangeunana.

Haji Anwar ngalieuk, ari heg nu nanya téh khotib téa.

“Kuring bingung pibalikeun, Kiai,”  tembal Haji Anwardibarung ku nalangsa.

“Oh, jalan? Seug ku kuring dianteurkeun. Tangtu anjeun téh kasarung. Kuring nyaho lembur anjeun, yu tuturkeun…” cék Khotib téa bari miheulaan leumpang.

Awahing ku atoh pabaur nalangsa, haji Anwar teu réa tunya-tanya, ngiclik nuturkeun khotib téa.

Jog anjog ka sisi walungan lega, Haji Anwar ingeteun deui, yén lebah dinya téh tempat tadi manéhna abdas. Tempat manéhna neundeun kecrik jeung korang. Ogé tempat manéhna tadi teuleum.

“Ti dieu lin anjeun mimiti mangkat téh?” cék Khotib téa nanya ka Haji Anwar.

“Sumuhun… tapi…” teu kebat.

“Mun hayang apal deui, kudu teuleum deui di lebah tadi. Insya Allah anjeun bakal nyaho sarta apal ka jalan balik,” cék Khotib soranna teleb.

“Leres Kiai?” haji Anwar siga nu teu percayaeun.

“Insya Allah, geura jung atuh. Karunya pamajikan jeung anak-anak anjeun ngadaragoan di lembur. Jung geura mulang, kuring ngan ukur ngajajapkeun tepi ka dieu.” Kituna téh bari terus malik, ngaléngkah deui ninggalkeun Haji Anwar.

Teu réa pamolah, geuwat Haji Anwar ucul-uculan. Derengdeng muru sisi walungan, brus teuleum nepi ka laput. Barang pucunghul sirahna mucunghul luhureun beungeut cai. Gebeg manéhna ngagebeg, sabab wewengkon téh jadi leuweung geledegan kawas basa manéhna neuleuman kecrikna.

Korang, kopéah haji, kecrik, papakéanana. Angger numpuk luhureun batu lempar. Geuwat manéhna hanjat.

Basa manéhna rusuh dangdan, srangéngé geus ngagilek maju ka asar. Geus rérés, kencling manéhna leumpang satengah lumpat, maju ka hilirkeun.

Sajajalan manéhna teu weléh mikir kajadian nu bieu karandapan: Naha wewengkon naon atuh? Nagara jin islam kitu? Ah… lain! Piraku jin islam maké papakéan adat Minang. Urang Bunian téa meureun? Bisa jadi, sabab  lebah dinya téh cenah leuweung Siluman Bunian.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

kang medin

Duh mani ahengnya carita teh ... sok aya nu kajantenan kitu.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: