• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Nyuuh Dina Tutunggul

Kénging Hana Rohana Suwanda
Kintun kana Facebook

“Urang ayeuna wé ka kuburan téh meungpeung isuk kénéh” saur Abu Ebah. Gap kana payung, ngincig ti payun, dituturkeun ku kuring.

“Kana Angkot Bu?”

“Nya heueuh, kapan supir areuweuh” saurna. Megat angkot henteu lila, jeung panumpangna gé teu loba atuh nyalsé.

“Ayeuna téh meureun poé kasapuluh Rosita maotna nya Neng?”

“Muhun Bu, kasapuluh”

“Ari Gusti nya, bener kuma kapalayna, rencana urang saréréa hayang nyaksian walimahna, ari seug téh ngabring ka kuburan nganteurkeun layonna” saur Abu sedih. Rosita téh kadeudeuh Abu, murid di kolompok pangaosan Halimattu  Sadiah.Geulis, nyantri, pinter jeung sabar taya babandinganana. Pangpangna sabar nampi cocobi ti Gusti. Lima taun diganggayong ku kasakit kangker teu aral subaha.

Pokna gé; ”Abdi mah yakin Gusti bakal mintonkeun kakawasaanana ka abdi, kasakit bakal leungit, abdi bébas tinu disebut katunggaraan. Ari jolna ti Gusti mah piraku kudu ditampi jadi katunggaraan”.      

Saban poé ngantor, ngageuleuyeung dina sédan beureum nyetiran ku sorangan ka kantorna, di salahsahiji bank Swasta. Rosita boga kalungguhan penting. Anak buahna saurang lalaki ngora  Haikal ngaranna, lalaki ngora tur kasép, pinter deuih. Tara loba omong ari lain jeung Rosita mah. Ngan Haikal anu dipercaya nyupiran lamun Ropsita kapaksa teu nyupiran.

Hiji mangsa Rosita kapaksa dibarawa ka Rumah Sakit, sabab di kantor ngadadak ngalenggerek kapiuhan, kasakitna jadi. Nu pangributna tangtu baé Haikal. Rosita dipangku kana mobil geuleuyeung dibawa ka rumah sakit. Tétéla  kasakitna geus parna, geus stadieum opat pikaketireun. Haikal  teu ninggalkeun dununganana, satia ngadagoan di rumah sakit.Kulawargana anu nungguan ari lain ibuna tangtu lanceukna. Tapi da lanceukna loba anak meureun seseringna nitipkeun ka Haikal. Ray poé ray poé Haikal beuki bingung ngarawat dunungan anu dipicinta jeung dihormatna.  Kumaha carana supaya henteu ragab lantaran lain muhrim?

Nya kudu dimuhrim, saur Haji Soleh tatanggana. Haikal wakca ka Ibu Darmadi niat mileuleuheungkeun Rosita anu saenyana geus lila jadi mojang impianna.

“Tapi kapan Si nyai téh gering anu sakitu parnana?”

“Malah éta anu jadi marga lantaran abdi ayeuna ngalamar, malah hoyong ayeuna kénéh dirapalan. Abdi hoyong ngurus Rosita ti saméméhna, supados Ibu henteu répot sareng abdi henteu kagok”ceuk Haikal.  Ibu Darmadi ngaleketey manah ngadangu caritaan Haikal kitu. Deudeuh teuing! Gerentes manahna.

“Kasép, ari Ibu mah kumaha jinisna baé, kana karep anu mulya kitu nya panuju baé. Ké lamunna  Rosita geus bisa diajak nyarita urang badamikeun baé!” saur Ibu Darmadi. Haikal bangun teu sabar ménta supaya diputus ku Ibu baé, karepna mah poé éta nyaur panghulu ménta ditikahkeun.

Ngan hadéna Rosita bet jiga anu geus nyaho kana pamaksudan Haikal.

“Aik, Ceuceu gé sarua jeung Ibu, panuju kana paniatan hadé Aik, rék ayeuna rék pagéto prung baé atur kumaha hadéna!” Haikal olohok mata simeuteun, nu gering diteuteup mani asa beuki geulis, aurana mancur, belenyéh seuri.

“Aik kanyaah ditarima, Alhamdulillah ka Ceuceu anu sakieu ruksakna aya anu mitineung, nuhun Haikal!” sorana halon, tina juru socana  ngaberebey cai kabungah cai kasedih jeung nalangsa.

“Nuhun Aik!” harewosna. Ku Haikal ditangkeup pageuh digalentor diciuman, Ibu Darmadi nangis sumegruk.

Pagétona aya panghulu jeung sajumlah tamu ka rumah sakit, walimah lumangsung tartib aman, saksina pingpinan rumah sakit katut para dokter jeung perawat.

Nya ti harita Haikal geus tara ingkah deui ti sisi ranjang Rosita. Ti mimiti ngamandian meresihan ngahuapan jeung ngalalayanan sagala rupa kapereluan Rosita ti perawat dipenta ku Haikal ari anu luareun  pengobatan mah. Saban poé seungit ngadalingding, seungit malati ti lebah Rosita ngagolér, saban poé pamandangan lebah dinya éndah asri, teu weléh wareuteuh  bawa ti imah, geus tara ménta deui ti rumah sakit. Saban poé aya kembang boh anggrek boh sedepmalem dina méja pasen  istimewa téh. Nu ngalayad rabul, pangpangna kadang kulawarga, kanca mitra jeung  mitra-mitra gawé Rosita. Haikal sabar pisan ngurus Rosita, leuwih ti misti, lantaran niatna ogé hayang cacap ngurusna boh tepi ka cageur deui boh tepi ka ku kersana Gusti  ngan tepi ka dinya tepung asihna jeung Rosita. Tapi Haikal teu weléh neneda supaya buah haténa cageur deui.

“Aik, Ceuceu amanat poma ulah tepi ka leungiteun lamunna ceuceu disaur ku Gusti kudu mulang poé-poé ieu. Sabab karasana beuki lila beuki beurat nanggung kasakit téh. Didungakeun sing meunangkeun anu bageur, nu béla satia ka Aik.

“Ulah sasauran kitu, kapan urang bakal hirup tepi ka pakétrok iteuk. Masing yakin kana kakawasaan Gusti! Sing yakin, nu mustahil ceuk manusa, Gusti mah tiasa kun fayyakun!”

Haikal teu nyangka lamun poe éta poé panungtungan ngawangkong panjang jeung Rosita. Ditinggalkeun ka apotek ari di apotek mani ngantay. Balik ka kamar Rosita kasampak ranjangna kosong, perawat ngabéjaan yén Ros dibawa deui ka UGD. Gebeg….. atuh meureun kasakitna geus kacida parnana.

“Ros… aduh Ros….” Haikal ngagidig ka tempat anu dituduhkeun ku perawat bari nyusutan cipanon.

“Ulah ka mamana!” saur Dokter, Haikal nyangsaya dina korsi tunggu bari hujan cimata, geus nyampak Ibu Darmadi jeung rai katut rakana Rosita. Malah paman jeung uwana ti Cianjur ogé geus sarumping.

Méméh dokter kaluar ti ruang UGD, Ibu Darmadi geus ngartos naon anu bakal disaurkeun, atuh gubrag ibu Darmadi rubuh kana korsi… kapidara. Poé éta kénéh bada Lohor anu geulis Rosita  dianteurkeun ka kuburan…..

“Haikal, hayu bareng jeung Abu urang mulang!” Abu narik leungeun Haikal anu nyuuh na tutunggul, tapi Haikal beuki pageuh nangkeup tutunggul  jiga anu embung ngalésotkeun.  Kembang samoja murukpluk maruragan kana awakna. Manéhna nyuuh na tutunggul , diiuhan ku samoja, kembangna mangkak barodas.

Pokna: “Deudeuh teuing Rosita lamun kudu ditinggalkeun téh.”

Ari saur Abu: “Kasep,..  Rosita mah geus puguh, geus tepi ka alam padang poé panjang. Heug dungakeun masing nyandingkeun leueuteun ti talaga Al Kautsar. Yu ayeuna mah, urang mulang, kapan pancén urang mah panjang kénéh, puguh deui Ujang mah Haikal, kapan meureun kudu neruskeun hanca garapan Rosita  di pausahaanana!”. Haikal gogodeg.

“Hapunten Abu, abdi wangsul upami matapoé tos surup,  Insya Allah!” 

Abu istigfar “Astagfirullahaladzim, Haikal anaking, Abu moal maksa, heug ku Abu ditinggalkeun, tapi omat engké mulang!”

“Insya Allah Abu….!” Pokna dareuda.

Haikal kakara daékeun balik sabadana dipapagkeun ku ajengan Soléh, wanci sareupna.

 

(Selagangga 2011)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

yogi prasetia

cinta sajati..

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: