• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tulang Taléng Démonstrasi

Kénging Ki Umbara
Kintun kana Facebook

Nu ngaralayad munggah abreg-abregan, boh sipil boh militer, istri pameget. Karangan-karangan bunga anu maréwah, tanda milu béla-sungkawa ti rékan-rékan jeung ti konéksi-konéksi almarhum —réréana WNI turunan Cina— geus pinuh di jero pinuh di luar. Pagawé-pagawé ti kantorna —awéwé-lalaki— pabaliut di dapur jeung di buruan, ngaruruskeun itu ngaruruskeun ieu. Kancar-kincir teu caricing-cicing. Petilayon nu dirurub ku Sang Saka Merah-Putih sarta dihapit ku karangan-karangan bunga sagedé-gedé tampir, di patengahan, kenca-katuhueunana dijaraga ku dua prajurit anu samakta. Hareupeun peti ngelun parupuyan. Rada anggang ka hareup, hempak nu sarila jeung arémok, tarungkul bari tingkarunyem babacaan.

Hiji Prawira anu dikaryakeun jeneng Direktur di salasahiji perusahaan Pemda satempat, tadi soré jam lima presis, geus ngadadak puput umur kalayan teu aya béja teu damangna. Putusan nu boga wewenang di tonggoh, Almarhum téh dianggap Pahlawan. Ku kituna, isukan jam dua belas beurang baris dikurebkeun di Taman Pahlawan, kalayan maké upacara militer.

Bada Magrib, nu ngaralayad nungtutan marulang, bari jarangji ka istri Almarhum, yén isukan rék marelukeun jarajap ka makam. Beuki peuting di nu kapapatenan téh beuki tiiseun. Nu tinggal ngan pribumi jeung kulawargana nu dareukeut, dibaturan ku prajurit-prajurit anu kapapancénan ku atasanana pikeun tutunggon layon.

Mang Sahri, pagawé kantor Almarhum jeung ngarangkep jadi dahuanana, caméot dina korsi réyod di pipir, ngareureuhkeun capé urutkuar-kier ka ditu ka dieu nguruskeun persiapan kaperluan pemakaman isuk.

 

Sepi jempling sakuriling-bungking.  Angin    peuting mawatiis munggah nyecep. Pelenyun Mang Sahri udud, haseupna diserebung-serebungkeun ka luhur, dituturkeun ku teuteupna. Bréh dina ciptaana na katingal kahirupan adi-beuteungna, Almarhum. "Allahu Akbar!" biwir Mang Sahri embut, "Inyana keur meujeuhna raweuy beuweungeun rambay alaeun,   sugih hartasugih  istri; keur meujeuhnabetah di dunya." Mang Sahri beuki uleng, mikiran naon sababna nu boga wewenang netepkeun Almarhum jadi Pahlawan, kreteria naon nu dipakéna. "Pamingpin anu hirupna ngan ngagugulung napsu sarakahna, Pamingpin anu nyelewengkeun perusahaan nagara pikeun kamakmuran dirina, tapi ari maot mah jadi... Pahlawan. Naon atuh hartina Pahlawan téh?"

Ciptaan Mang Sahri …jol kaTaman Pahlawan.

Cahya bulan mani ngebrak. Tangkal-tangkal samboja anu aroyag katebak angin peuting, kalang-kalangna tingrarigig arigel-igelan.Di luhur tangkal muncang, sora kukubeluk teu eureun-eureun. Ditembalan ku sora tuweuw ngaweuweuw di luhur tangkal caringin anu janggotan tinggulayun sagedé-gedé leungeun kolot.

Katingal ku panon batin Mang Sahri, tina makam-makam para Pahlawan… tingpelentung tingkurumuy; aya nu beleger kénéh, aya nu tinggal rorongkong-rorongkongna baé, aya nu tinggal tulang tonggong jeung tulang igana baé mani ragas kawas gambang, aya nu tinggal tangkorék-tangkorékna wungkul, malah aya nu tinggal tulang suku jeung leungeun pating ranggoas. Éta tulang-taléng téh laleumpang tingraringkang, kabéh muru ngumpul ka handapeun  tangkal caringin. Galécok récok jeg jogjog arék mondok.

Sanggeus pangeusi éta Taman Pahlawan kumpul kabéh, rorongkong nu geus taya sukuan hiji-hijiacan, maju ka hareup muka rapat. Pokna: "Dulur-dulur sakabéh. Ieu rapat urang buka!" Nu keur recok, jep jempe.

"Dulur-dulur!" ceuk pingpinanrapat  nuluykeun pidatona.   "Sampéan saréréa ogé tangtu geus pada terang, poé isuk lembur urang baris kadatangan pangeusi anyar nya éta Direktur Perusahaan Pemda, Prawira anu dikaryakeun.Kunu  baroga wewenang di tonggoh, inyana geus ditetepkeun jadi pahlawan. Éta sababna layonna rék dikurebkeun di dieu, kalayan Upacara-Militer. Kuring rék ka sampéan saréréa — babakuna ka nu kungsi wawuh ka inyana-naha enya inyana téh PahlawanParipurna, nu boga hak nyicingan perumahan-mahal di dieu?Sabab lamun inyana lain Pahlawan Paripurna nu saenyana, moal henteu baris mawa sangar ka lembur urang matak "panas" perbawana. Balaka baé, kuring curiga kana putusan nu harirup. Tapi, sing saha nu rékméré katerangan ngeunaan dirina, omat ulah kajurung ku rasa sirik-pidik;atawa kajurung ku rasa asih duméh baraya atawa sobat. Caritakeun anu sabener-bener ulah ditambahan ulah dikurangan!”

Nu haladir moyég bari récok teu puguh déngékeuneunana.

Salahsahiji tangkorék ngagulutuk ka hareup, ménta nyarita. Sanggeus ku Pingpinan rapat diidinan, pok inyana nyarita : "Bener caritaan pingpinan rapat téh! Urang ulah séntimén, atawa nganut sistim pamili-sobat atawa korp, cara nu harirup ayeuna. Kuring wawuh pisan ka inyana téh, lantaran kuringkungsi jadi anak-buahna. Malah waktu kuring kasambut di médan laga ogé, keur aya di bawah pingpinanana. Basa keur ngubur mayit kuring, bari dareuda inyana jangji rék neruskeun perjuangan kuring. Jangji rék barjuang tanpa pambrih, rék barjuang pikeun kamerdekaan jeung pikeun kasajahteraan sakumna rahayat Indonésia tercinta. Tapi, sanggeus perjuangan phisik réngsé, inyana mati-matian barjuang pikeun meunang kalungguhan. Sanggeus hasil ngadiukan korsi empuk, inyana poho sama sakali kana jangjina. Ulah bon ka sakumna rahayat Indonesia, ka urut anak-anak-buahna ogé tak mau liat sebelah mata. Nu dipentingkeun ngan diri jeung kulawargana baé. Naha inyana kaasup Pahlawan cara urang? Jawabna, kuring masrahkeun ka sampean kabéh!"

 

Nu haladir recok deui.

Pahlawan nu tinggal leungeun katuhuna wungkul, ngacung bari roroésan. Pok nyarita: "Ki Silah nyarita sabenerna ! Malah aya tambahna, Pamajikanana anu resmi wungkul boga tilu. Nu teu resmi, méh di unggal pengkolan. Tiluanana digedongan sigrong, disarédanan hérang. Sakitu geus reuay anak — ti tilu bibit téh aya puluhna — rucah na mah teu euih-euih. Malah mun teu kaburu kapegat ku patina mah, rencanana téh bulan hareup rék kawin deui. Naha, Direktur anu hirupna asal méwah sorangan, bari teu ambil pusing kana perusahaanana anu méh bangkrut; éta Pahlawan?"

"Jelas, lain Pahlawan!" ceuk kabéh tulang-taléng anu pasoléngkrah téh, méh bareng.

"Urang tolak inyana jadi pangeusi lembur urang!" ceuk nu tinggal tulang beuheungna wungkul, eueuleugeugan.

"Akuuur! Akuuur!" ceuk saréréa pating gorowok.

"Yah, urang tolak!" ceuk Ping pinan rapat tandes. "Isukan mayit protés sing rongkah!"

"Akuuur! Akuuur!" ceuk saréréa sakali deui pating gorowok, bari tinglaléos ngarampih deui kana kuburanana masing-masing.

Kacaritakeun poé isukna.       

Ti jam satengah duawelas kénéh, para démonstran geus ngajéngjréng baris di satukangeun lawang sakéténg, sapaneunggeulna sabaledogeunana. Sawaréh marawa poster-poster nu unina di antarana: INYANA PAHLAWAN? NO! INYANA PENGHIANAT? YES! jrrd.

Jam duawelas kurang saparapat, siréne sepeda-sepeda motor para voorrijder geus kadéngé pating haraong. Tuluy palarkir di tebeh sisi. Teu lila mobil-layon nu ditapuk ku karangan-karangan bunga, jeung rombongan mobil-mobil nu jarajap ogé geus palarkir.

Méméh asup ka pajaratan, aleutan diatur heula. Pangheulana numawa potrét Almarhum, ditemaku nu marawa karangan bunga,tuluy peti-layon nu dipanggul kuopat prajurit,tukangeunana ngasrek para kulawarga Almarhum,ditema ku para gegedén sipil militer jeung nu jarajap lianna. Geuskitu, aleutan mimiti gerak kalayanléngkah-léngkah anca tur hidmat,ngaliwatan barisan panghormatanprajurit.

Barang bus aleutan ka lawang sakéténg, gorowok pamingpin démonstrasi ngomando anak-buahna: "Siaaap!" Breng para démonstran nyerbu aleutan, maregatan bari tingcorowok: "Ulah dikubur di dieu! Inyana lain Pahlawan!" Batu pating belewer, paneunggeul bak-bik-bek, poster-poster nu aksarana pating jareblag dibelel-belelkeun kana panon-panon anu jarajap layon.  Tapi, aleutan noyod terus, bari tetep anca jeunghidmat, teu miroséa tingcorowokna
para démonstran anu protés, supaya éta mayit ulah dikubur di dinya.Lain teu miroséa, da puguh saurang ogé teu aya nu engeuhyén éta layon didémonstrasi. Munéta aleutan naringal bungkeuleukanana para demonstran, jeung ngadéngé pating corowok sorana, komojeung bari maledogan jeung neunggeulan mah; sanajan harita tengahpoééréng-éréngan, piraku teu birat kalabur katawuran, atawa ngarayekyek mapangan manéh.Moal boa peti-layon ogé dibeubeutkeun!

Diturunkeunana peti-layon ka­na jugang, dibarengan ku bregna sora salvo. Beres dikurebkeun, jugang geus disaeuran jeung dipuncugugkeun; cur-cur cai tina kendi, wur-wur kembang malati nepi ka ngabayak, ditutup ku karangan-karangan bunga. Sabada ditelekinkeun, jung inspektur Upacara ngadeg. Pegat-pegat anjeunna medar jasa-jasa almarhum, jeung nyebatan bintang-bintang anu geus katarima ku Almarhum. Dipungkas ku ngado'akeun, muga-muga Al­marhum kenging rakhmat kubur, dihapunten dosana.

Nu haladir kabéh ngahaminan. Anu panghusyu' jeung pangiklasna nyebutna 'Amien, Amien Ya Alloh'…  Mang Sahri!  *** (Nopember 1977)

(Kantos dimuat dina Manglé No. 607)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

odhie

Sae pisan,kanggo tafakur diri,saha nu pantes di sebut 'pahlawan' teh

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: