• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dra. Hj. Ine Hermina, M.Si;

Metakeun Cara Anyar
Mukakeun ‘Jandéla’ Tatar Jabar

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Hj. Ine Hermina, Kepala AJB TMII [Potrét/Ilustasi: ]

Upama Jawa Barat jadi pangjugjugan, mémang lantaran aya pupurieunana. Ngan, najan  geus sohor,  tarékah leuwih ngawanohkeun Tatar Jawa Barat mah kudu leuwih daria. Lantaran, temat-tempat séjén gé sarua pada-pada hayang jadi pangjugjugan.  Hartina. Saban daérah ‘balap’ hayang papunjul-punjul sangkan jadi daérah tujuan wisata, di antarana mah.  “Nya di antawisna ngalangkungan AJB, Propinsi Jawa Barat kedah langkung dipikawanoh pihak sanés boh ku wargi-wargi sa-Nusantara boh ku nu ti mancanagara, ” ceuk Hj. Ine Hermina muka wangkongan. Ngobrol téh di AJB TMII Jakarta sawatara waktu ka tukang, waktu di éta tempat aya pintonan kasenian Sunda mungkas ahir taun.

Anjungan Jawa Barat, ceuk kepala AJB, lir jandéla nu teu weléh muka. Saha waé nu ngalanglang ka Batawi heug nyimpang ka TMII, bisa nempo kaayaan Jawa Barat di kieuna. “Hartosna, sagala rupi kapunjulan nu nyampak di Propinsi Jawa Barat kedah leres-leres tembres kasawang  AJB Taman Mini,” pokna.

Upama Jawa Barat leuwih dipikawanoh sarta loba pihak sejen nu kairut, tangtuna gé bakal loba mangpaatna. “Sanés ukur kanggo kapentingan pariwisata, tapi ogé kanggo  kamekaran dunya usahai,” ceuk ieu tereuh Bandung nu lahir taun 1960 téh.

 

Cukang Karaharjaan

Dina ciciptan Hj. Ine Hermina, kapunjulan saban daérah atawa kabupaten/kota, ogé misti kagambar di AJB. Kitu téh penting pisan sangkan nu boga karep datang ka Jawa Barat ti anggalna kénéh boga ancer-ancer anu écés. Dipiharep, cenah, sanggeus écés wewengkon mana nu rék ditujuna, calon pangusaha atawa investor téh, kari datang ka tempat nu dimaksduna.

Jawa Barat nu euyeub ku rupa-rupa kapunjulan boh alamna, hasil karajinanan,  kulinerna, jeung sajabana,  payu jadi cukang lanataran karaharjaan masrakatna. Harepan Hj. Ine kawas kitu, lain pamohalan, da remen kasakasén, wisatawan mancanagara nu nyimpang  ka AJB téh sok tetelepék nananyakeun kaayaan nu kagambar di AJB. Hartina, keur semah mah, AJB teh ‘referensi’ sagala rupa potensi nu nyampak di saban daérah di Propinsi Jawa Barat.  Pamustunganana, apan teu jarang nu terus hayang ngayakeun hubungan dagang jeung ‘urang’ Jawa Barat. Sakadar conto, ceuk Hj. Ine dina hiji waktu rombongan ti Jepang daratang ka AJB TMII, nya galibna wisatawan tetelepék naker. Di antarana éta rombongan téh katajieun pisan ku angklung nu harita kabeneran keur dipintonkeun najan ukur latihan. Tina ngabandungan pintonan kawas kitu, ahirna mah, éta wisatawan téh hayang diajar nabeuh agklung, ogé mesen angklung keur oleh-oleb bawaeun ka lemburna. Teu ukur semet dinya, da saterusna mah, éta wisatawan téh ngondang seniman angklung  sina minton di Jepang. “Kajantenan nu sapertos kitu, ageung pisan  mangpaatna kalebet kango ningkatkeun ekonomi masarakat tatar Sunda,” ceuk ieu alumni Sastra Sunda Unversitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh.

Dina ngirut nu ngadongdon ka éta tempat, ceuk Hj. Ine mah butuh pisan ‘susuguh’.  Lain ukur pintonan jeung oléh-oléh nu boga ciri mandiri, tapi deuih  data-data nu aya di sakumna kabupatén/ kota di Jawa Barat. Upama di tatar Sunda aya 26 kabupaten/kota, kaasup nu panganyarna Pangandaran, mistina mah, masing-masing daérah téh, nyimpen data nu lengkep  di AJB. “Mung, dugi ka danget ieu, kahoyong sapertos kitu téh, tacan kahontal,” pokna bruk-brak. Hartina, tacan sakumna data kabupatén/kota nyampak di Anjungan Jawa Barat.

Dina danget ieu, AJB ge keur ngararancang stan eusianeun saban wewengkon téa. Maksudna, sagala potensi jeung kapunjulan nu aya di masing-masing daérah, kudu aya réngkolna jeung juntrungna di di AJB. “Tangtosna ogé nu dipamérkeun téh nu leres-leres nyampak di daérahna,” pokna.

Najan AJB téh aya dina papayung Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Propinsi Jawa Barat, kapentingan AJB mah lain ukur keur pariwisata wungkul. Lantran, teu jarang, nu datang ka dinya gé lain ukur tumali jeung pariwisata, tapi ogé keur kapentingan séjén, kaasup nu boga karep investasi! Kahontalna tujuan kawas kitu, mémang lain pamohalan, da Batawi mah kaseundeuhan ku sémah mancanagara.  Ku lantaran kitu, dina acara “Paket Husus”, AJB gé biasa ngondang wawakil sababara nagara. Dina acara kawas kitu, ‘susuguh’gé lain ukur kasenian jeung karajinan, tapi deuih potensi  alam nu nyampak di salah sahiji daérah.

Ngalap mangpaat tina potensi nu nyampak, mémang butuh promosi. AJB bisa keur tujuan kawas kitu. Memang loba pisan kapunjulan saperti kulinér nu sohor ti saban daérah, tapi upaya leuwih ngawanohkeun mah tetep penting. Lantaran, upama teu haben diwanohkeun bisa jadi pamorna ngurangan lantaran arang jadi bukur catur. Dina pikiran kepala AJB, promosi téh, lain ukur némbongkeun ayana éta barang, tapi oge misti ngagambarkeun kamekaran éta barang ti mangsa ka mangsa. Saperti dodol Garut, wajit Cililin, batik, jeung sajabana, ceuk Hj. Ine bisa dipromosikeun di AJB kalayan sakalian méré gambaran cara nyieunna jeung kamekaranana. “Mangga, AJB nyayogikeun tempatna, kantun kersa ngeusianan,” pokna umajak.

Karepna kitu ogé luyu jeung kapentingan wiasata, salah sahijina nyumponan sapta pesona, pangpangan nu tumali jeung ‘oleh-oleh’ has ti daérah nu kadatangan wisatawan. Ku ayana stan paméran saperti kuliner jeung karajinan di AJB, oléh-oléh nu aya di daérah gé bisa kagambar di Anjungan Jawa Barat.

Mekarkeun kapunjulan tatar Jawa Barat, ceuk Hi. Ine Hermina, memang butuh rempug jukung sayunan sakumna pihak. Nya tangtuna pangpangna mah butuh pangrojong  pihak-pihak nu boga kakutan atawa pangaruh boh di pamaréntahan boh di masarakat. Golongan masarakat nu kawas kitu, memang sawadina kudu ngarasa boga kawajiban  milu mekarkeun daerah. Saha nu dipiharep ngarojong mekarna daérah téh? Contona mah, ceuk Hj, Ine saperti para anggota déwan nu ngalantor di Senayan. Apan, arinyana miang ka Batawi téh dumasar kana sora-sora masarakat daérah. Najan wawakil partéy pulitik, tetep wé nu ngajenengkeun mah rahayat nu aya dina daérah pilihan (Dapil) masing-masing waktu pilihan umum. Komo deui ari Dewan Perwakilan Daerah (DPD) RI mah, apan saéstuna gé wawakil daérah, lain wawakil partéy pulitik. “Bawiraos AJB gé peryogi pisan kaengeuh sareng pangrojong aranjeunna,” pokna. Ngan, ceuk Hj. Ine, nepi ka danget ieu mah, pangrojong ti para anggota dewan nu ngantor di Senayan téh, tacan pati karasa.

Upama AJB TMII lir jandela, mémang kitu kanyataanana. Mangpatna gé keur nu tiluar Jawa Barat mah sangkan bisa ningali ka jero. Atuh, ‘urang jero’, ogé kudu mampuh nembongkeun ‘pamorna’ keur urang luar. Adu-manis dua kapentingan kawas kitu, nu keur dihangkeutkeun ku Kepala AJB nu kakarasa bubulanan mingpin éta anjungan téh. Panghiap jeung panggero teu weléh disoarakeun. Kaasup panggero ka wisatawan mancanagara. “Apan ayeuna sesebatanana gé Jabar ngagero wisata dunya,” pokna mésem. Aweuhan wisata tatar Sunda kudu parat ka madhab papat, kudu kapireng jeung kadenge ku nu dumuk di maman waé. Ku lantaran kitu, nataharkeun pariwisata Jawa Barat téh mingkin dieu kudu mingkin ngaronjat. Upama udaganana wisatawan mancanagara, sakur nu ditataharkeun ogé kudu luyu jeung standar paripolah katut kahirupan masarakat mancanagara. “Hartosna, nataharkeun wisata kanggo mancanagra tangtos bénten sareng kanggo konsumsi wisata lokal. Lantaran, standar hirup wisatawan teu weléh janten salah sahiji ukuran dina nataharkeun sarana oge prasarana wiata,” ceuk kepala AJB nu welasan taun icikibung di dunya wisata téh.

 

Pamatri Asih

Anjungan Jawa Barat ‘lembur Sunda’ di Batawi. Ku lantaran kitu, éta tempat téh bisa jadi pamangeuh tatali mimitran di antara warga Jawa Barat. Paguyuban-paguyuban urang Sunda atawa kawargian-kawargian urang Sunda nu dumuk di Jakarta jeung sabudeureunana, oge remen ngamangpaatkeun éta tempat. Dina kaayan kitu, dina waktu AJB dipaké  tempat riung mungpulung ku urang daérah, éta tempat téh lir palemburan  Sunda wé. Lantaran, masing-amsing daérah asalna, némbongkeun ciri has masing-masing lembur. Upama kawargian Garut ngayakeun acara di éta tempat, lian ti nu daratang ka dinya téh  warga  asal Garut,  kasenian nu dipintonkeunana gé nu asalna ti lemburna. Kitu deui susuguhna, ngagambarkeun ciri has daérahna.

Urang Sunda nu dumuk di Batawi jeung sabudeureunana, bisa ngamangpaatkeun éta tempat keur ngumpul jeung kulawarga. Teu jarang, masing-masing kulawarga ngajak baraya-barayana patepung lawung paamprok jonghok di AJB TMII. Kituna téh, deuih sakalian bari lalajo kasenian Sunda. Ku lantaran kitu, AJB gé ceuk ieu garwa Drs. Krishna Daswara, SH. CN mah,  bisa jadi sarana atikan geusan ngawewegan budaya masarakat Sunda.

Atuh, upama hayang lalajo pintonan kasenian asal Jawa Barat, memang kari datang ka AJB TMII. Dina sataun,  AJB mintonkeun tara kurang ti tilu puluh  pintonan kasenian daerah Jawa Barat. Saban acara teu jarang dibarengan ku pameran rupa-rup karajinan. Ngan, ku lantaran kasenian di Jawa Barat téh kacida lobana, tangtu wé sakur nu payus minton di AJB téh tacan kabéh  kapintonkeun. “Tangtos kedah bahilir,” saur ieu ibuna Kathi Swaputri Kancana, Dhama Setra, sareng Sadha Prakasa téh. Dina taun 2013 pintonan téh bisa nambahan, jadi kurang leuwih opat puluh kali dina sataun. Hartina, ti saban kabupaten/kota, aya nu kagiliran dua kali minton di AJB.

Nu teu eleh pentingna, AJB téh, memang keur kapentingan urang Jawa Barat sorangan. AJB keur nu dumuk di jauhna mah, lir imah balaréa. Nu sono ka lembur, apan upama taya waktu datang ka tempat asalna, bisa kaubaran upama datang ka AJB. Éta tempat gé bisa jadi sarana miara budaya kaasup basa. Apan, guk-gokna jeung batur salembur, biasa nu diparakéna gé  basa Sunda. “Saleresna, seueur cara kanggo ngalanggengkeun budaya sareng basa Sunda téh. Mung, tangtos nu pangpentingna  mah, sanés ukur lalambé, tapi kedah sareng prakna,” pokna.  ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: