• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Paguyuban Urang Sunda di Bali
Lima Taun Makalangan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1358242690.jpg [Potrét/Ilustasi: Anggota PUSunda nyebar di sakuliah Bali]

Kayungyun puguh gé. Urang Sunda boga beungkeutan Paguyuban Urang Sunda (PUSunda) di Bali. Anggotana nepi ka 50 rébu urang, ti sababaraha kabupatén/kota, di antarana waé Singaraja, Negara, Tabanan, Kuta, Ubud, Klungkung, Bangli, Amalapara, Nusa Dua jeung Denpasar. Ari kayungyunna? Lantaran cenah anggota anu sakitu lobana téh hirup sauyunan, jauh tina pacogrégan. Éstuning silitulungan, siliajénan, jeung silibantuan. Malah cenah keur nyoba ngarobah paradigma. Anu pajar urang Sunda teu weléh mamandapan, handap asor, nyebutkeun “mangga ti payun”. Ari ayeuna ku urang Sunda nu di Bali téa kudu robah, jadi “punten kapayunan”.

Poé harita, awal taun 2013, di Rumah Makan/Cafe Jaka, Kuta, Bali, diayakeun gempungan milangkala PUSunda) anu kalima. Hartina geus lima taun ieu anggota téh paheuyeuk-heuyeuk leungeun, enggoning ngahirup-huripkeun paguyuban. Malah MC-na gé penyanyi lawas anu kakoncara dina taun 1970-an, Grace Simon. Da cenah keur budakna, Grace kungsi lila matuh di Cirebon. Teu wudu, aya meureun 300 urang mah nu hadir dina ieu gempungan téh.

 

Silibéjaan

Jaka Bandung, nu lahir di Bandung 20 Agustus 1961, ngadon ngumbara ka Bali. Sabada lulus ti sakolana, SMAN 7 Jalan Lengkong Kecil Bandung, Jaka terus waé néangan pagawéan ka Bali. Ieu putra bungsu ti dua sadulur téh, kungsi pundah-pindah pagawéan. Lain héjo tihang, tapi ngabaladah milih-milih mana nu kurup kana kamampuhna. Putra Pa Asép Sopandi (alm) jeung IbuRodiah téh mimitina pisan digawé di hji cafe, terus pindah kana pertanian, nepi ka jadi karyawan hotél. Ku tarékahna nu jejem, Jaka Bandung kiwari geus jadi pengusaha properti, rumah makan jeung ékspor-impor. Jaka kajodokeun ka mojang Bali, Fatimah, turunan kénéh Karajaan Kuta. Ayeuna geus kasinugrahaan putra opat, dua jodo. Malah aya nu geus kurenan.

Harita keur sumedeng ngora, Jaka resep kana motor badag. Nepi ka ku grupna diangkat jadi ketuana. Dina unggal aya acara ririungan nu hobi kana motor badag, Jaka remen patepung jeung papada urang Sunda. Harita Jaka keur jadi Sekjen  Forum Paguyan Etnis Nusantara nu dipingpin ku Agung Nugraha. Asa kainspirasian, Jaka aya niat hayang ngumpulkeun urang Sunda nu aya di Bali. Ku jalan silibéjaan, nya kakumpulkeun urang Sunda sa-Bali téh, aya kana 50.000 na. Dina taun 2008 diresmikeunana Paguyuban Urang Sunda (PUSunda) sa-Bali téh.

“Sim kuring kacida miharepna perhatosan ti Bapa-bapa pejabat ti Jawa Barat Malih ayeuna gé kacida peryogina ku mobil ambulance. Da kagiatanana gé nembé dugi ka silitulungan dina aya papait. Upami aya nu pupus atanapi teu damang wales, sok réréongan sili tulungan,” cék Jaka.

Nurutkeun Wakil Bupati Badung, urang Sunda anu maratuh di daérahna dina sapopoéna téh geus teu ngarasa di pangumbaraan deui. Milu aktif dina sagala rupa kagiatan, nepi ka program pamaréntah daérahna ogé jalan kalawan lancar.

Nu harita karumpul di réstoranana Kang Jaka téh mémang daratang ti mamana. Malah teu kurang-kurang anu geus harémpak jauh saméméh acara dimimitian. Kacipta meureun sono hayang lalajo wayang, da arang langka di Bali aya anu nanggap wayang golék. Komo deui ieu tepung jeung sasama urang Sunda. Ngobrolna gé hoghag dina basa Sunda wé.

Salasaurang urang Sunda anu ayeuna matuh di Bali téh aya urang Riung Bandung anu digawé di hotél, lantaran manéhna lulusan NHAI. Ti barang lulus gé langsung meunang gawé di Bali, cenah. Ayeuna geus tilu taun matuh di ditu. Salila éta can kungsi balik ka Bandung, cenah. Naha kulantaran betah matuh di Bali? Tapi ari nyatita basa Sundana mah masih kénéh lancar jeung bérés.

Gempungan teu wudu pada ngadeugdeug. Di antaran waé, aya Wakil Gubernur Bali, Kapolda Bali (pituin urang Sukabumi), Wakil Bupati Kuta anu hadir téh. Atuh ti Bandung, aya Drs Uu Rukmana MSi, Wakil Ketua DPRD Jawa Barat, aya Prof Dr Tumudzi, Ketua Paguyuban Pasundan katut réngrénganana. Malah ti Jakarta ogé aya Prof Dr Ginanjar Kartasasmita Wamtimpres (Dewan Pertimbangan Presiden).

 

Paguyuban Wargi Sunda Manglé

Saenyana lain kakara ayeuna aya pakumpulan urang Sunda di Bali téh. Dina taun 1970-1990-an, geus aya pakumpulan nu sarua. Kulawarga Made Sudjarna, ti Denpasar nu boga alpukahna téh. Harita mah pakumpulanana dingaranan Paguyuban Wargi Sunda Manglé (maksudna tiiran kembang). Ieu gagasan téh ku R. Ika Sartika Dewi (68 taun), disalabarkeun ka sakabéh kawawuhanana papada urang Sunda. Nya tungtungna mah jul-jol kumpul, terus ngadegkeun pakumpulan. Nu harita milu jadi perintis téh, di antarana, Firmansyah, Dedet Djohan, Prof Sudaryat, Yusupadi Salmun, Yassin Soeriadiradja, Kardana Hardjakusumah, H Dachlan katut garwana bidan kasohor, jeung réa-réa deui. Malah urang Sunda nu jaradi pejabat gé milu aktif, saperti Wakil Gubernur Bali R. Achim, Kapolda Bali Adang Ruchyana jeung Pangdam Udayana R. Gumilar.

Sabada sumebar ayana ieu paguyuban, loba nu lain urang Sunda tapi kungsi matuh di Bandung, harayangeun milu aktif, da cenah geus ngarasa jadi urang Sunda. Nya terusna mah paguyuban teh dibagi dua. Aya Paguyuban Wargi Sunda  Manglé Ageung (Manglé Siang) nya éta kumpulan urang Sunda pituin, jeung Manglé Badingkut (Manglé Wengi), kumpulan urang Sunda mukimin. Hartina lain pituin urang Sunda tapi lila matuh di jawa Barat. Ieu paguyuban téh ogé kungsi lila aktif. Nu matak disebut Badingkut téh, pédah anggotana rupa-rupa lain urang Sunda wungkul. Apan Badingkut teh simbut anu dijieunna tina tatambalan sesebitan lawon.

“Paguyuban kungsi dipaparin sasét Gamelan Degung ku Pa Otje Djundjunan, (harita Walikota Bandung) anu ditampina ku Pa Harris. Hanjakal dina taun 1990-an, Paguyuban téh lila-lila pareum, da para gegedénna nungtutan pangisun, marulang ka tanah Sunda,“ cék Ibu Ika Sartika Dewi ngajelaskeun. (aa) ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

didi

abdi hoyong ngempel sareung urang sunda dijakarta . upami aya tempat ngempelnya nuhunkeun diwartosan manawi tiasa silaturahmi dijakarta

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: