• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

RH. Tarmidzi

Nyegah Dosa Papada Manusa

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Hirup jalma di alam dunya, aya diwewegan ku nu lima, aya oge nu nojal ti nu lima. Naon anu lima teh? Nyaeta rukun Islam, nekadkeun kalimah sahadat, solat, zakat, puasa, oge munggah haji. Tapi dina palebah dieu mah sanes bade nerangkeun rukun Islam. Tapi ngajadikeun rukun Islam minangka dasar urang beragama.

Rupa-rupa pasipatan jalma, beh dieu beuki ebreh. Henteu wae di jalma biasa, tapi oge nerap di jalma nu  loba hartana oge loba kalungguhanana. Malah, kiwari pisan loba jalma nu dedeg santri legeg lebe. Nu katingal, mung luarna wungkul. Padahal jentre pisan, Alloh Swt. henteu ningal ka eta jalma kana pangadegna, kana anggoanana, tapi ningal kana hate jeung amalanana. Innaloha layanduru ‘ala suwarikum walakin yanduru ‘ala qulubikum wa ‘amalikum.

Naon atuh nu jadi margalantaranana loba manusa nu tigebrus kana lampah saperti kitu? Dawuhan Alloh tembres pisan dina surat Al-‘araf ayat 96, ...walakin kaddabu faahodnahum bimaa kaanu yaksibun. Nya, lantaran maraneh teh sok ngabohongkeun (kana ayat-ayat Alloh). Nu kumaha nu ngabohongkeun teh? Istilah nu babari mah, disebutna urang sok babari ngalakukeun dosa, boh dosa nu sipatna habluminalloh, boh dosa nu sipatna habluminannas.

Geus puguh ari dosa ka Alloh mah loba, kayaning ninggalkeun solat, ninggalkeun puasa, ninggalkeun zakat, nu mampuh tara sodakoh jeung sajabana. Aya deui nu sok dipopohokeun, nyaeta nganyenyeri batur. Tah, palebah ieu oge, ayeuna mah loba jalma nu geus nyalenggorkeun hukum hak adami, nu cenah teu aya kaitanana jeung nerapkeun hukuman. Contona mah, henteu jauh. Dina waktu katukang, dina hiji media, katangger pisan, alatan hukum dunya, jalma nu ngenyenyerikeun papada jalma, sok sanajan teu diatur jelas ku hukum dunya (jieunan jalma), tapi edas, demi nulungan hiji jalma, wani teu mirosea hukum hak adami jadi hukum kaadilan. Ieu tangtu bahla lamun ngukur dosa mung saukur alesan pamikiran ‘normatif’. Ieu mah minangka conto di ayeuna keur mahabu dina pamahaman ngahukuman urusan hak adami.

Rek dosa nu matak urang ninggalkeun aturan Alloh boh nu matak nyanyenyerikeun papada jalma, eta disebutna dosa. Naon ari dosa teh? Dosa nurutkeun basa al-Qur'an mah disebutna itsmun, dzanbun, rijsun atanapi su'un. Saperti, rijsun min amalisy syaiton. Saur kangjeng Nabi, dosa teh naon-naon anu ngancik dina hate urang bari teu aya niat atawa embung kanyahoan ku nu sejen. Dina hartosna sagala paripolah kasalahan kalawan dirusiahkeun ku hate manusa. Aya deui, dosa nu bajuna munafik, nyaeta ngabohong, hasud, riya, adigung. Upami pagawean goreng nu diruhasiahkeun ku hate urang eta oge dosa. Komo pagawean goreng nu ditingalikeun, kayaning nganiaya, nipu, mateni, sombong kalebet kufur alias teu nganggem agama Islam, sarua dosa.

 

Lantaran Ngalanggar Jangji

Dosa nu dipilampah ku urang hakekatna mah ngalanggar jangji urang sorangan. Numutkeun al-Qur'an, manusa nalika aya di alam ruh saleresna geus ngayakeun perjangjian sareng Gusti Alloh. Ngan manusa lamun geus lahir sarta geus dewasa, mukallaf, apal kana hukum tos teu apaleun atawa mopohokeun kana wartos ti Gusti Alloh.  Dawuhan Alloh jentre pisan kaunggel dina surat Al-Araf : 172: Waid ahoda robbuka mim banii aadama min dhuhuurihim durriyyatahum wa ashhadahum 'alaa angfusihim,alastu birobbikum, qooluu balaa, syahidna, angtaquuluu yaomal qiyamah inna kunna 'an haadaa goofiliin. Nu hartosna : Jeung inget nalika Pangeran anjeun ngaluarkeun turunan anak incu Adam tina tulang tonggong maranehna nyaeta anak incu maranehna jeung ngajadikeun saksi keur maranehna. Naha lain Kami teh pangeran anjeun? Maranehna ngajawab leres abdi sadaya nyakseni. Ku kitu teh sangkan aranjeun teu nyarita dina poe kiyamah yen saenyana abdi lengle kana hal eta."

Ku ayana perjanjian sakumaha dawuhan Alloh di luhur, mangka manusa ngabogaan kawajiban pikeun ngaku ka Gusti Alloh jeung nyembah ibadah ngan ka Mantenna. Upami dina prakna henteu ngalakukeun sakumaha jangji tadi, tangtu maranehna geus milampah dosa. Alam a'had ilakum yaa banii aadama 'alla ta'budusy syaiton, innahu lakum 'aduwwum mubiin. Wa ani'buduunii, haada sirotol mustaqiim. "Naha kapan Kami teh geus meungkeutkeun jangji ka aranjeun hey anak Adam yen aranjeun teh moal rek nyembah ka setan sabab ari setan teh musuh anjeun nu nyata, jeung kapan aranjeun teh geus jangji rek nyembah teh ngan ka Kami, tah ieu jalan anu bener tur lempeng."

 

Dosa, Iman jadi Ruksak

Pidawuh Alloh dina surat Al-An'am ayat 111, ditetelakeun : Walao annana najjalna ilahimul malaaikata wakallamahumul maotaa wahasarna 'alaihim kulla saein qubulam maa kaanuu liyu'minuu illa ayyasaa allohu walaakin aksarohum yajhaluun. Nu hartosna : "Jeung saupama Kami nurunkeun Malaikat jeung nyararita jalma-jalma anu geus maraot ka maranehna sarta Kami ngumpulkeun di hareupeun maranehna sagala katerangan, maranehna tetep moal ariman kajaba upama Alloh mikahayang; tapi kalolobaanana maranehna teu ngalartieun."

Jadi, iman nu sakitu mahalna baris luntur lantaran manusa milampah dosa. Eta iman bakal ngipisan malahan lila-lila mah bakal sesep nepi ka teu aya deui kaleled ku lampah ma'siat.

Lantaran dosa, iman jadi ruksak, mangka hubungan manusa jeung Alloh Swt. oge bakal ruksak. Dosa nu dipilampah numutkeun Gusti, bakal dibewarakeun diwawarkeun engke di aherat. Teu aya dosa nu henteu diwawarkeun, malahan diwawarkeunana lain ku sasaha tapi ku raga urang. Urang ngomong bohong, engke letah saksina, urang korupsi, hianat, riya, engke oge anggaota oge bakal jadi saksi. Ku margi kitu, teu kurang ti tilu rupa hukuman Alloh pikeun manusa anu megatkeun manusa jeung Alloh, nyaeta maranehna baris meunang kahinaan dina hirupna, baris meunang bebendu ti Alloh sarta baris aya dina kamiskinan. Duribat 'alahim dillatu aemama sukifuu illa bihabli minallohi wahabli minannas wabaa'u bigodobim minallohi waduribat 'alahimul maskanatu, dzaalika biannahum kaanu yakfuruuna biaayaatilahi wayaktuluunal anbiyaa'a bigoeri haq, dzaalika bimaa 'asoow wakanaanuu ya'taduun. "Baris ditibankeun ka manusa kahinaan di mana wae maranehna araya kajaba upama maranehna daek ngahubungkeun dirina ka Alloh jeung ka papada manusa, maranehna baris ditibankeun bendu ka Alloh jeung kamiskinan. Eta teh lantaran maranehna kalufur kana ayat-ayat Alloh jeung geus maehan para nabi tanpa hak, eta teh lantaran maranehna doraka jeung ngaliwatan wates." (QS. Al-Imran : 112).

 

Dosa ngalagragkeun darajat

Manusa teh mahluk Alloh nu diciptakeun panghade-hadena, adeg pangadegna upama dibandingkeun jeung mahluk sejenna teu aya bandinganana. Laqod holaknal ingsana fii ahsani taqwim. Saenyana Kami geus nyiptakeun manusa dina adeg pangadeg anu kacida hadena.

Naha atuh dedeg pangadeg manusa teh sok diruksak ku lampah dosa? Ieu pisan, di antarana lantaran urang teu mampuh memeres lampah lahir batin. Lahirna ku Islam, ari batinna lain Islam. Mampub ngajak kasolehan, tapi dirina ninggalkeun kasolehan. Ieu nu kiwari keur narajang dina diri urang.

Ku margi kitu, mungpung urang masih dipaparinan ni’mat hirup, hayu urang kuatan diri ku cara nyegah dosa. Hayu urang neneda ka Gusti, Ya Alloh Nu Ngawasa! Neda pangrasa ngajaga rasa, rasa sajatining rasa, rasa terus jeung nyata, nyata ku purbawiesa, wisesa nampa pamaksa, maksa katampa ku rasa, rasa ku paksa pirusa. Karek enya kasampurnaning manusa lamun ditarima ku rasa, mugi Gusti jebar pangampuran ka dosa abdi sadaya. Allohuma robbana dolamna angfusana waillam tagfirlana watarhamna lanakunanna minal hoosiriin. Allahuma as'aluka saabatan fil amri wa as'aluka ajimatan firrusdi, wa as'aluka sukron ni'mati wahusna fi ibadati wa as'aluka lisanan sodiqo wa qolban salima. Amin. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: